• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongeng Sawah Kari Waasna

Kintun kana Facebook

Kungsi Jawa Barat téh jadi leuit paré. Ngan, éta mah, baheula, waktu pasawahan di tatar Sunda lega kénéh. Ari ayeuna, apan geus loba robahna, nu asalna lahan tatanén téh loba nu salin rupa dipaké keur kapereluan séjén, imah, kantor, toko, jeung sajabana.

Lir anu patukang-tonggong, puguh gé. Di sisi séjén, kabutuh pangan beuki loba da padumuk di mana-mana nambahan, ari lahan tatanén mingkin ngaheureutan. Ku lantaran kitu,  teu sing anéh, mun beuki deui beuki loba daérah nu geus teu mampuh nyumponan pangan keur wargana. Hartina, éta daérah téh ditilik tina sisi pangan mah teu mandiri.

Kamandirian pangan, jadi bagian nu kacida pentingna. Lantaran, sual pangan mah, teu bisa diengké-engké jeung kudu mayeng. Ku lantaran kitu, dina ngungkulan pasualan pangan mah teu bisa saharitaeun, ogé kudu meunang pangrjong ti sakumna pihak.

Jlug-jlegna wawangunan di mana-mana, mémang ogé kabutuhan. Ngan, teu jarang, éta kabutuhan téh ngan ukur keur sapihak, saperti keur kapentingan pangusaha jugala. Balukarna, lahan tatanén gé terus ‘digerus’ demi kauntungan pangusaha téa.

Nilik pasualan kitu, butuh kajujuran pihak-pihak nu boga wewenang nangtukeun lalampahan pamaréntahanana. Lantaran, mun aturan teu peurahan, gampang éléh ku pangdongsok pangusaha jugala, balukar mamalana mah keur masarakat leutik.

Mémang, taya nu leuir keur mémérés pasualan mah. Asal, leuwih ti heula tumuwuh kasadaran,  matéahkeun lahan tatanén téh loba kénéh pasulan nu kudu dibébérés. Sual aturanana mah, jinek naker, kari prak ngalarapkeunana.  ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: