• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Leuit Paré Tatar Sunda
Kari Dongéngna

Kénging Dede&Nunk
Kintun kana Facebook
Mangle
Produksi paré terus kadéséh ku industri [Potrét/Ilustasi: dok. istimewa]

Urang Sunda baheula boga kabiasaan neundeun paré di leuit, minangka sasadian dina nyanghareupan usum paceklik jeung keur kaperluan séjénna. Taneuh anu subur ogé ngalantarankeun Jabar jadi leuit paré nasional. Tapi kiwari leuit téh ukur kari dongéng nini. Leuit geus laleungit alatan hasil panén ti taun ka taun terus nyirorot. Posisisi Jabar minangka leuit paré nasional éstu hésé dipertahankeun balukar maweuhan alih pungsi lahan. Padahal sawatara waktu ka tukang, Presidn Joko Widodo méré intruksi ka sakabéh kapala daérah, sangkan ngahangkeutkeun deui swasembada pangan, anu ku pamaréntah baheula dijadikeun udagan dina Rencana Pembangunan Lima Tahun (Repelita).

Nyirorotna hasil panén panggedéna mah balukar tina alih pungsi lahan atawa robahna tataruang. Lahan anu tadina diprioritaskeun keur tatanén kiwari geus robah jadi bangunan pabrik, padumukan, toko, pasar, jeung jalan aspal. Cilakana, robahna tataruang tina pasawahan jadi industri téh teu dibarengan ku nyitak sawah anyar. Salian ti kitu, nguranganana lahan tatanén teu dibarengan ku téhnologi pikeun “pengadaan” swasembada pangan boh di kabuapatén boh di provinsi.

“Tapi téhnologi dina tatanén ogé gumantung ka patanina. Upami SDM-na diantep teu dironjatkeun téhnologi téh janten percuma, margi upami élmuna kawates mah patani moal tiasa ngajalankeun téhnologi nu anyar,” ceuk Dekan Fakultas Pertanian Universitas Bale Bandung (Unibba),  Yudi Yusdian SP. MP, waktu ditepungan ku Manglé di Balééndah Kabupatén Bandung sababaraha waktu nu kaliwat.

Yudi ogé nétélakeun, patani di Indonésia, hususna di Jawa Barat, kaayaanana masih kénéh matak prihatin, salian ti lahanna heureut sarta modal leutik, SDM-na ogé kawatesan kénéh. Réa patani anu ukur lulusan SD jeung SMP. Antukna, alatan lahanna saeutik sarta teu boga modal, sawah titinggal kolotna téh dijual,  laju salin rupa tina paré jadi bangunan.

Pasualan séjénna, patani di urang geus dibiasakeun maké gemuk kimia. Résidu atawa hampas gemuk kimia anu namper dina taneuh ngalantarankeun kualitas taneuh beuki dieu beuki ngurangan baé. Pikeun mulangkeun deui kaayaan taneuh kana asalna, ceuk Yudi, patani kudu dibiasakeun deui maké gemuk organik anu alami. Tapi éta hal éstu hésé dilaksanakeunana, lantaran hasilna henteu langsung katingali. Dina awal-awal mah sawah nu maké gemuk organik hasilna jauh sahandapeun nu maké gemuk kimia, sanggeus aya kana sababaraha kali prosés kakara kaala hasilna. Mangkaning réa patani anu hasilna geus ditungguan ku tangkulak, nu leuwih ngutamakeun kuantitas tibatan kualitas.

Salian ti téhnologi modéren, patani ogé kudu ngagali deui tatacara tatanén baheula anu gedé mangpaatna sarta masih kénéh bisa dipaké dina jaman ayeuna. Misalna baé baheula mah di aréal pasawahan téh sok réa balong jeung émpang, nu pungsina pikeun nampung cai dina usum ngijih sangkan ulah limpas ka sawah, sarta tempat sasadiaan cai dina mangsana datang halodo.

“Kiwari seueur patani nu teu nganggap penting kana ayana balong, émpang, sareng situ di lahan pasawahan. Sadaya lahan nu aya dibabad dianggo kotakan. Malah kalan-kalan solokan ogé digecruk, dipacul sangkan kotakan sawahna langkung lega. Balukarna, saban datang usum ngijih cai janten limpas sadaya ka sawah, sarta dina usum halodo sawah garing kakirangan cai,” pokna.

Ku kituna peran pamaréntah, akademisi jeung masarakat, husuna patani, kudu bener-bener ngahiji pikeun ngaronjatkeun deui hasil panén, sangkan swasembada pangan anu salila ieu dicita-citakeun kabéh pihak bisa kahontal. Contona, pamaréntah ngaliwatan kawijakan tataruang, nangtukeun ngeunaan pembagian wilayah keur padamukan  atawa “zona kuning”, pasawahan “zona hijau”, sarta “zona merah” atawa daérah keur industri polutif. Sedengkeun  pikah akademisi mah tina hal ngaronjatkeun kaélmuan patani, utamana dina nerapkeun téhnologi tatanén.

Yudi ngémbohan, sabenerna aya opat cara pikeun ngaronjatkeun hasil tatanén, nyaéta  inténsifikasi, éksténsifikasi, divérsifikasi lahan, jeung  réhabilitasi. Dina hal inténsifikasi  salila ieu mémang sok aya béda hasil antara poténsi  jeung kanyataanana.  Contona, tina data mah poténsi sahéktar bisa ngahasilkeun 10 -12 ton, tapi dina kanyataanana ukur ngahasilkeun 5 ton. Hal sarupa kitu ngagambarkeun ayana masalah dina pertanian di urang.

Ku kituna, kudu dibebenah deui antara poténsi jeung aktualna. Pikeun tatanén aya tilu paktor anu mangaruhan, nyaéta paktor lingkungan nu ngawengku iklim jeung kaayaan taneuh,  hama panyakit (OPT) jeung gulma, sarta paktor manusana.

Hal séjén nu ngalantarankeun nyirorotna hasil tatanén téh alatan ti pamaréntah anu loba teuing program. Antukna tujuan utama hayang swasembada pangan jadi kabolér. Contona baé, kakara ogé ngaluarkeun program pengembangan agrobisinia padésaan geus torojol deui SRI, terus peningkatan mutu intensifikasi (PMI), jeung Pengelelolaan Tanaman Terpadu (PTT.). Lamun kawijakan saperti kitu teu robah, teu mokus kana salah sahiji program nepi ka jucung sarta kurang aya pangarojong ti masarakat, utamana patani, lain ukur ngabalukarkeun produksi nyirorot, tapi lila-lila mah béas bakal leungit.

Sabenerna, pikeun ngaronjatkeun hasil tatanén, boh paré boh sayuran, pamaréntah geus nyieun pemetaan wilayah. Salian ti Karawang jeung Subang, Kabupatén Cianjur ogé ditetepkeun jadi lahan pasawahan. Sedengkeun di wilayah Kabupatén Bandung, utamana Pangaléngan, Arjasari, Ciwidéy, diancokeun keur ngebon atawa tatanén “lahan garing”. Ngan nu jelas, kasuburan jeung sipat taneuh antara sawah jeung daratan luhur tangtu aya bédana.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: