• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Didi Suryadi, M. Ed.;

Dunya Atikan
Ulah Dikiruhan Politik

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Numuwuhkeun kaunggulan kolektif [Potrét/Ilustasi: dok. istimewa]

Lembaga atikan mah teu kurang-kurang. Nyampak di mana-mana. Tapi, hanjakal can bisa keur ngahijikeun kamandirian bangsa. Naon sababna? Kudu kumaha ngubaranana? Prof. Dr. H. Didi Suryadi, M. Ed. Medar pamanggihna ka Manglé.

Upama ngabandungan kahirupan kiwari, bisa jadi loba nu rumahuh. Kitu téh, balukar sumpegna haté ngabandungan kahirupan sapopoé nu jauh tina harepan. Anggang tina kadaék babarengan, da nu écés mah, masing-masing resep mentingkeun diri pribadi. Ahirna, paripolah loba nu patojaiah gé, kubra di mana-mana. Naon sababna? “Dina larapna, mémang, bangsa urang masih kénéh mekarkeun kamampuh nu sipatna imitatif atanapi budaya niru, kalebet dina widang atikan. Balukarna, ulah héran upama ahirna bangsa urang sesah némbongkeun poténsi diri,” ceuk Prof. Dr. H. Didi Suryadi, M. Ed., Direktur Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia mimiti muka wangkongan di Kampusna, UPI Jalan Setiabudhi Bandung, Jawa Barat.

Upama bangsa geus katerapan méntal niru, balukarna ogé bakal rupa-rupa. Malahan dina dangka panjang mah, bakal jadi bangbaluh tumuwuhna jiwa babarengan keur ngawangun budaya koléktif. Hartina, ceuk ieu Prof. Didi nu pernah meunang atikan di Gunma University Jepang téh, bangsa urang, mémang kakara mampuh némbongkeun kréatifitas niru. “Upama kréatifitas niru diantep, atuh ka dituna ogé bakal sesah ngahijikeun budaya koléktif. Padahal nu dibutuhkeun bangsa ayeuna téh budaya babarengan,” pokna deui.

Upama panitén ieu Profesor dina widang matématika kitu, mémang luyu jeung sababaraha panalungtikanana di Nusantara. Malah, nu jadi balukarna mah aya dina  dunya atikan. Cék tilikanana, jinek, pendidikan téh kudu mampuh ngajamin kaunggulan koléktif.  Lantaran kitu, dina larapna, ulah aya nu ‘ngiruhan’ kana tujuan pendidikan. Hartina, ceuk ieu lulusan La Trobe University Melbourne Australia, boh para politisi, boh pihak pamaréntah, kudu sadar geusan mekarkeun dunya atikan keur ngahijikeun poténsi bangsa jeung némbongkeun kaunggulan koléktif téa. ”Ngamajukeun bangsa teu tiasa sosoranganan, tapi perlu babarengan. Margi kitu, nu tiasa ngahijikeun kaunggulan kolektif bangsa, nya kedah ngalangkungan widang atikan téa,” ceuk ieu teureuh Tasikmalaya témbrés.

Dunya atikan téh tuturus keur kamajuan bangsa. Lantaran kitu, dunya atikan gé kudu jadi lawang keur ngahijikeun poténsi bangsa. Upama kiwari kaayaan bangsa sering dipapandékeun nasibna kana politik, atuh para politisi ogé sarua kudu sadar kana perluna ngawangun kaunggulan koléktif.

Politik téh penting. Tugasna ogé keur ngawal jeung niténan pamaréntah. Margi kitu, dina larapna kedah jadi instrumen atanapi alat keur ngahijikeun kaunggulanana. “Ngan, hanjakalna dunya politik kiwari, teu acan ningalikeun kasadaran koléktifna. Ieu nu jadi pasualan kiwari,” pokna.

Upama kabandungan dunya politik kiwari saperti nu miheulakeun kapentingan-kapentingan pribadi jeung golongan, tangtu éta ogé bakal mangaruhan kana metakeun dasar-dasar bangsa, nu koncina aya dina dunya atikan. Hartina, ceuk ieu pakar pendidikan, kacida rugina upama politik geus ‘ngiruhan’ dunya atikan.

 

Ngawujudkeun Kamandirian

Ngobrol jeung nu icikibung dina widang atikan, obrolan gé neueul tur pakuat-pakait jeung widang atikan. Da, mémang kitu kanyataanana. Robahna pasipatan, paripolah, jeung kultur nu kabandungan sapopoé téh, apan teu weléh dipageran ku dunya atikan. Lantaran kitu, ceuk ieu carogé Ibu Nunung Nursyamsiah, mekarkeun pendidikan ogé kudu mampuh ngawujudkeun pola pikir nu mandiri.

Nu kabandungan dina panitén Prof. Didi, dunya atikan di urang, loba kénéh nu perlu dibebenah, sapertina waé sual budaya niru téa. Budaya niru kacida gedé mamalana kana ngawujudkeun karakter bangsa. Lian ti bakal ngahudangkeun sikep leutik haté, ogé bakal munculkeun sikep aing-aingan. Contona waé, upama guru atawa dosen ngajarkeun ka muridna saukur nu paham tina buku, mangka dina dangka panjang mah, murid atawa mahasiswa téh moal tumuwuh rasa percaya diri.

Lantaran kitu, ceuk ieu alumni Sarjana Pendidikan Matematika IKIP Bandung taun 1983 mah, kacida perluna ngawangun komunitas keur numuwuhkeun kamandirian.

Upama Prof. Didi boga kacindekan kitu, mémang luyu jeung hasil pangalamanana ngawujudkeun komunitas cara mikir mandiri nu ngaranna, Didactical Design Research (DDR). “Tina komunitas DDR, sacara sadar parantos némbongkeun cara berpikir mandiri keur ngawujudkeun parobahan,” pokna.

Numuwuhkeun cara mikir mandiri mémang kacida perluna. Lian ti keur nyegah budaya niru, ogé keur numuwuhkeun budaya silih rojong. “Upama kamandirian teu aya, tangtu bakal rugi. Lantaran, poténsi nu aya teu jadi kaunggulan,” pokna.

Ngarojong kamandirian, mémang lain keur dunya atikan wungkul, tapi ogé bisa dilarapkeun di pamaréntah keur ngaluarkeun kawijakanana.

Gambaran kitu, ceuk Prof. Didi nu pernah jadi narasumber “Critical Issues on Mathematical Communication: Lesson Learned from Lesson Study Activities in Indonesia” di Thailand, sapertina waé nu kajadian di Jawa Barat, nu mana kaunggulan nu aya, teu acan dikuatan ku pola pikir kamandirian. Contona waé sual kaunggulan budaya Sunda. Cék ieu Guru Besar Matematika UPI mah, sawadina kudu jadi kaunggulan koléktif. Carana? tangtu pola pikir kamandirianana kudu dikuatan deui.

Poténsi sumber daya manusa bangsa urang, nu teu éléh jeung bangsa deungeun, mémang tacan jadi kaunggulan. Padahal, ceuk Prof. Didi nu loba tolab élmu di Jepang, bangsa urang lain bangsa nu lemah. “Nu perlu dibebenah téh kantun mis-oriéntasi atanapi arahna nu kirang jelas,” pokna. Contona dina widang Matématika, SDM bangsa urang sabenerna loba nu dipikasérab bangsa deungeun. Hartina, urang ulah leutik haté kana karya sorangan. Hasil-hasil panalungtikan gé, kudu numuwuhkeun kayakinan, nepi ka munculkeun teori sorangan ogé metode sorangan.

Keur numuwuhkeun kaunggulan, mémang sok kapiheulaan ku anggapan nu loba susahna. Padahal, cék Prof. Didi mah, datangna kaunggulan, lain lantaran hébat, tapi leuwih karana boga katekunan. Contona waé, waktu Prof. Didi ngarojong dosen muda sangkan konsisten jeung tekun, ahirna ayeuna jadi calon profésor nu langka, nyaéta calon profesor Aljabar Operator. Lantaran leukeun téa, kiwari éta dosen muda jadi narasumber utama di sababaraha Jurnal di Amerika. Kitu deui, sanggeus mampuh munculkeun tiori, lain hartina anggeus semet dinya. Lantaran, aya nu paling pentingna deui, nyaéta kudu bukti larapkan éta teori keur parobahan di masarakat.

 

Diajar Mandiri ti Leuleutik

H. Didi Suryadi, nu lahir 1 Pebruari 1959 téh, pituin Rajapolah Tasikmalaya. Upama ayeuna nanjung nyangking Profesor di Bandung, H. Didi gé teu poho ka bali geusan ngajadi. Sok reueus mun nyebutkeun dirina urang kampung téh, da mémang kaayaan pakampungan deuih nu ngalantarankeun dirina gede sumanget jeung boga kaludeung gé. 

Prof. Didi, keur budak mah teu kungsi ngimpi-ngimpi acan bakal jadi Profesor di paguron luhur saperti UPI. Da puguh, sapopoéna gé harita mah, saperti umumna barudak lembur, purah ulin ka kebon atawa ka sawah mantuan sepuhna nu jadi patani.

Tamat SD di Rajapolah Tasikmalaya, neruskeun ka SMP.  Ngabandungan kahirupan kulawarga nu saukur tani, Didi nu cikal, kapaksa kudu mantu-mantu indung. Milu ngahampangkeun bangbaluh rumah tangga, najan ku cara nu teu sapira. “Ti aalit mémang tos hoyong mandiri, alim ngarépotkeun sepuh,” ceuk Prof. Didi nineung ka mangsa baheula. Lantaran kitu, nyeuseuh atawa bunta-bantu nu séjénna teu matak beurat ieuh.

Bray beurang mawa harepan. Kitu deui urang Rajapolah, dina mapag beurang téh ku rupa-rupa kagiatan, ka sawah ka kebon, jeung ka tempat pagawéan séjénna. Ari barudak sakola, saperti Didi, rebun-rebun kénéh gé geus tatahar, seja miang ka sakola. Kituna téh, keur Didi mah sanggeusna bunta-bantu nyeuseuh, gégéroh, bébérés di imah sakadugana.

Ngan dina saban rék miang ka sakola, implenganana mah, teu weléh kabita ka carita tatangga nu harita geus bisa sakola ka Eropa. Pangna kitu, Didi gé teu weléh nyumangetan diri. Dina haténa, kabita temenan upama bisa sakola luhur, sok padahal sepuhna nu kagolongkeun patani, mung saukur mampuh méré papatah. “Moal ngawariskeun nanaon, mun bisa mah sakola wé, sok sanajan biaya sakola téh duka teuing aya atawa henteu. Tapi Insya Alloh, ari élmu mah moal ngurangan, malah bakal nambahan,” ceuk  Prof. Didi nirukeun papatah ibu ramana Bapa Syahrudin sareng Ibu Maemunah mangsa keur leutik.

Tapi papatah ibu ramana baheula, keur Prof. Didi mah teu matak sirna peurahna nepi ka ayeuna. Pangna kitu, pangjurung doa ti sepuhna teu weléh jadi cecekelan keur kahirupan mangsa jaga. Atuh keur Didi ogé nu kiwari nyangking Profesor dina widang Matematika, éstuning ti keur diajar waktu leutik mah, kana matematika mah saukur resep. “Kana matematika téh, ngan saukur resep, pédah tiasa ngahudangkeun pola pikir nu béda jeung jelas. Nya, peunteun mah rata-rata unggal mata pelajaran sami waé,” pokna deui.

Ngan nu natrat nepi ka ayeuna sual diajar mandiri. Prof. Didi gé inget kacida waktu SMA kudu indekos. Atuh ka rorompok oge jauh pisan. Lantaran resep mandiri téh geus ngahiji dina pribadi téa, hiji waktu mah, mulih ka rorompok ti tempat indekost téh ngahaja leumpang. “Jalan ti indekos ka rorompok aya kana 17 kiloan. Sabada dugi ka rorompok, teu ieu jadi pasualan. Malahan sieun terangeun sepuh. Margi dasarna alim ngarépotkeun sepuh téa,” saur ieu rama Linda Hania Fasha nineung ka mangsa waktu rumaja.

Lantaran Didi mah keyeng tur pinter téa, atuh béa siswa ogé meunang.  Nya saterusna mah,  sanggeus lulus SMA, daftar ka UPI (harita mah IKIP) gé teu aya halangan harunganana. Malah upama ahirna tolab élmu di jurusan Matematika, mémang aya alatanana, nyaéta lantaran aya matematika mah aya pola pikirna nu jelas.

Saréngséna lulus sarjana ti IKIP taun 1983, tolab élmuna diteruskeun di Pendidikan Matematika La Trobe University taun 1996 di Melbourne Australia nyangking gelar master (S2), ogé Program Doktor (S3) di Sekolah Pascasarjana Universitas Indonesia taun 2005.

Loba makalangan di dunya kampus jeung panalungtikan ka saban daérah di Nusantara, ahirna dipercaya nyangking Guru Besar Pendidikan Matematika taun 2007. Atuh lian ti nyangking di pendidikan formal, Prof. Didi ogé teu weléh meunang pendidikan lianna, di antarana  palatihan Matematika Diskrit di ITB taun 1987 jeung Pendidikan Matematika di Gunma University Jepang taun 2000.

Beuki loba pangalaman jeung panalungtikan, atuh buku jeung karya ilmiahna sering dijadikeun rujukan. Di antarana waé, buku Kemandirian Pendidikan; Kisah Pendidik Reflektif dan Profesional Pembelajaran. Karya ilmiahna, 1. Mathematical Problem Solving and Primary School Children: Some Essencial Issues. GUNMA University Journal: Vol. 18 h.47-62, 2001. 2. Classroom-Based Studies on Teaching Mathematical Thinking and Problem-Solving in Japan and Possible Implementations in Indonesian School Mathematics. 3. A Review of Process Variable Studies in the Area of Mathematical Problem Solving nu dimedalkeun ku Japan Society of Mathematical Education Juni 2003.

Pancén di sabaraha widang, pangpangna sanggeus nyangking Direktur Sekolah Pascasarjana UPI, keur Prof. Didi mah éstuning amanah. Lantaran kitu, dina ngokolakeun éta amanah, nu dipupujuhkeun téh gawé babarengan jeung numuwuhkeun kamandirian keur modal kapentingan balaréa. ”Mémang pami hoyong majeng, nya sadayana kedah tiasa damel sasarengan sareng kedah silih ajénan,” pokna.

Lantaran kitu, ka hareupna, Prof. Didi miharep sangkan UPI nu jinek, geus boga tempat di tingkat nasional jeung internasional, geusan jadi alat keur ngahijikeun poténsi bangsa. “Masarakat seueur neundeun harepan ka UPI. Margi kitu, pola pikir keur ngawujudkeun kaunggulan koléktif, tiasa dimitembeyanan ti UPI,” pokna nutup obrolan. ***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: