• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Asep Warlan Yusuf, SH. MH.

Ngariksa Lembur Sunda
Butuh Ketak Inohong

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Asep Warlan Yusuf [Potrét/Ilustasi: rudi]

Jawa Barat nu katelah Tatar Sunda téh sugih jeung pikabetaheun. Balukarna, nu ngadondon ka Jawa Barat ogé terus merul. Tapi, hanjakalna kaayaan tata ruang di tatar Parahiyangan, nepi ka ayeuna tacan matak nyugemakeun. Naha bet kitu? Prof. Dr. Asep Warlan Yusuf, SH. MH. Guru Besar Universitas Parahiyangan bruk-brak ka Manglé. ***

Kaunggulan sumber daya alam daérah-daérah di ieu nagri, bisa ngeunteung ka Jawa Barat. Ngan, singhoréng keur pribumina lain taya mamala. Lantaran, bisa jadi, tatar Sunda téh mung saukur jadi pangjugjugan batur. Tatar Sunda teu weléh ‘gugupay’. Adumanis alam jeung lobana paguron luhur, jadi pangirut ti jauhna.  Ti mangsa ka mangsa sémah ogé daratang. Teu arang, ahirna bubuara, bumetah di Tatar Parahiyangan.  Sémah-sémah téh, teu sungkan pagiling-gisik jeung pribumi nu soméah hadé ka sémah. “Upami hoyong ningal kumaha tumuwuhna ékonomi di lemah cai urang, gambaranana aya di Jawa Barat,” ceuk Prof. Dr. Asep Warlan Yusuf, SH. MH., Guru Besar Universitas Parahiyangan témbrés.

Ngan hanjakalna, tina sababaraha kapunjulan Jawa Barat, tetep masih nyésakeun kahengkeran keur pribumi mah, utamana dina sual kriris ‘pemanfaatan tata ruang’ nu kurang bérés. Lantaran kitu, ceuk Prof. Asep Warlan, keur ngungkulanana, lian ti butuh ketak ti pamaréntahna, ogé aya ketak ti para inohong daérahna.

Upama ieu Direktur Eksekutif Lembaga Penelitian Hukum Administrasi & Lingkungan Hidup, boga panitén kitu, lantaran nu kabandungan, pamaréntah Jawa Barat jeung para inohongna téh, masing-masing cecelengcengan, kalayan ‘betah’ dina tempatna. “Kedahna mah katingal, samiuk barengan ngahijikeun kakuatan dina ngawangun nu dicita-citakeun babarengan. Najan bisa jadi mémang bagerak dina masing-masing widang, tapi tetep kudu samiuk boga tujuan anu sarua, ngamajukeun kaayaan tatar Sunda téa,” pokna.

Upama tokoh daérah jeung pamaréntahna boga ketak daria geusan ngabebenah lembur, mémang lain perkara anéh, lantaran ningal di lembur séjén di Nusantara mah, nu karitu téh geus dilarapkeun. Sapertina waé di Balikpapan. Keur nyalametkeun kanyaan basisir Batanghari nu kiwari jadi pangirutan, para inohong daérah téh saméméhna madungdengkeun heula éta ‘proyek’. Nu intina, naon mangpaatna keur

masarakat jeung naon madorotna. “Andilna inohong daérahna témbong pisan. Ari di urang, tacan témbong nu saperti kitu. Balukarna, seueur kénéh sumber daya alam nu saukur ngudag proyék bari teu merhatikeun niléy mangpaat keur masarakatna. Padahal ceuk Prof. Asep mah, ngabebenah pemanfaatan tata ruang kudu puguh alesanana, boh dumasar kana tilikan élmu pangaweruhna boh dumasar kana budaya masarakatna.

Nu kawas kitu, kaalaman pisan ku Prof. Asep waktu méré tinimbangan ka pihak-pihak di luar Tatar Sunda waktu nyanghareupan pasualan adu-hareupan boh jeung pamaréntah pusat boh jeung pangusaha jugala. “Intina mah, perjoangan para inohong daérah kedah karaos ku masarakatna,” pokna.

 

Lima Pasualan

Tatar Jawa Barat lir pangauban. Kaseundeuhan jalma-jalma nu datang ti jauhna. Ngan, pribumi mah loba nu kaburak, lantaran kasilih deungeun. Naha bisa kitu? Ceuk Prof. Asep Warlan, lantaran masalah ‘pemanfaatan’ tata ruang jeung sumber daya alam, ninggang kana lima pasualan, nu ti waktu ka waktu teu bisa bérés waé. Naon nu lima téh?

Kahiji, pasualan aturan atawa régulasi nu tacan adumanis antar séktor. Mémang dina éta  aturan geus jinek tur prinsipna geus nyoko kana lima nu diperlukeun. Aya nu ngatur pisikna, aya nu ngatur kegiatanana, aya nu ngatur sumber daya ékonomina jeung sosialna, aya nu ngatur hak-hak masarakatna, ogé  aya nu ngatur kawenangan pamaréntahna. Ngan ceuk ieu Guru Besar Universitas Parahiyangan, dina buktina mah, teu ieuh bisa adumanis, lantaran masing-masing séktor téa. “Pasualan undang-undang masih munculkeun dis-harmoni, nu ahirna kalah ningalikeun égo séktoral. Jeungna deuih, pasualan kitu, geus meunang pembenaran undang-undang,” pokna. 

Upama régulasi nu ahirna bisa munculkeun égo séktoral téa, ceuk ieu teureuh Sunda kacida rugina. Lantaran, dina larapna ogé lain keur kapentingan umum, tapi keur nyumponan kapentingan pribadi. Padahal, naon waé aturan nu aya, prinsipna kudu silihbantu, lain kalah kudu aduhareupan. Sapertina waé, anu ngatur masalah pisik jeung anu ngatur masalah hak masarakat, kudu bisa adumanis. Hartina, pangwangunan lain saukur jadi, tapi bisa méré tinimbangan keur dangka panjang nu leuwih mangpaat.

Kadua, pasualan kelembagaan sacara nasional nu tacan dijadikeun rujukan para kepala daérah. Padahal, ceuk Prof. Asep pasualan kelembagaan nu bisa dijadikeun rujukan babarengan, kacida pentingna. Contona waé di urang, apan keur Jawa Barat gé teu bisa nanaon, margi ijinna aya di kabupatén atawa pamaréntah kota. “Pasualan kalembagaan sangkan tiasa dijadikeun rujukan babarengan kedah teras dibebenah. Henteu sapertos di nagara batur saperti di Belanda. Di batur mah kuat, margi lingkungan, tata ruang sareng perumahan ngahiji sakamantrian,” pokna.

Katilu, teu aya udagan anu jelas. Pasualan pangwangunan, saperti ngawangun jalan, pabrik, tumuwuhna ékonomi, dina larapna mah, lain keur nyumponan hak-hak masarakatna, tapi nu bukti kalah ngorbankeun hak-hak masarakat. “Sering kabandungan, nu penting bisa keur nyumponan lapangan gawé, kajeun lingkungan jadi ruksak ogé. Hartosna, kacindekan kitu ulah diantep teuing,” ceuk ieu Kepala Program Doktor & Magister Ilmu Hukum Pascasarjana Unpar jinek.

Upama sumber daya alam nu sarwa kawatesanan ieu, ahirna beuki ruksak, jinek ceuk Prof. Asep mah, lantaran, nagara, pamaréntah, mentri ogé pihak nu méré ijinna teu boga rasa tanggung jawab jeung ngalurjeunkeun teuing prinsip pangwangunan ‘berkelanjutan’, nu di antarana kasadaran sumber daya nu kawatesanan, kasadaran kaadilan antar generasi, kasadaran sikep ati-ati, ogé kasadaran dina sual tanggung jawabna.

Kaopat, sistem ijin pangwangunan atawa proyék tacan bérés jeung teu bisa ditalingakeun. Ceuk Prof. Asep, kiwari, sual ijin lain digunakan keur instrumen ngadalikeun kaayaan, tapi keur ngudag sumber devisa.

Kalima, pasualan nanjeurkeun hukum nu lemah. Alatan lemahna sual nanjeurkeun hukum, nya ahirna loba pihak-pihak nu ngamangpaatkeun keur kapentingan pribadina. Contona waé, ceuk ieu Kepala Program Doktor & Magister Ilmu Hukum Pascasarjana Unpar, nepi ka ayeuna, upama aya palanggaran tata ruang, tara ieu dipidana. Padahal payung hukum mah geus jinek réngkolna sakumaha dina undang-undang No. 32 taun 2009 ngeunaan Perlindungan & Pengelolaan Lingkungan Hidup. “Hanjakal, nepi ka ayeuna, upama aya nu ngalanggar tata ruang, tara ieuh nepi ka dihukum. Hartina nanjeurkeun hukum di urang lemah kacida,” pokna.

 

Rupa-rupa pasualan-pasualan di luhur, tangtu karandapan ogé di Jawa Barat. Pangna kitu, Prof. Asep ogé méré jurus sangkan bisa ngungkualanan. Naon baé?

Kahiji, Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat Nomor 11 Taun 2011 ngeunaan Transparansi, Partisipasi jeung Akuntabilitas Penyelenggaraan Pemerintahan Daerah kudu bener-bener dipungsikeun, boh ku para inohong daérah atawa ku lembaga masarakat lianna. “Kanggo nalingakeun ketak pamaréntah Jawa Barat, para inohong Sunda kedah tiasa ngamangpaatkeun éta perda. Hartosna ulah tibra teuing!” pokna.

Kadua, kudu aya forum antar kampus. Jawa Barat téh gudangna paguron luhur. Atuh nu tolab élmu ogé jul-jol ka Jawa Barat. Ngan hanjakalna, ceuk Prof. Asep Warlan, nepi ka ayeuna, paguron luhur tacan bener-bener dipungsikeun keur ngungkulan masalah di Tatar Jawa Barat. Contona waé, sual macét, sual caah, sual urug, PKL, ngabebenah jalan, trotoar, sabenerna bisa diungkulan. Lantaran, masalah-masalah saperti kitu, sabenerna geus loba panalungtikan. Atuh cara ngungkulanan ogé kari ngalarapkeunana.  “Kanggo ngungkulan pasualan, saleresna di urang tos seueur panalungtikan. Atuh masalah jeung cara ngungkulanana gé tos aya. Ayeuna mah, kantun kumaha carana pamaréntah tiasa ngamangpaatkeunana,” pokna.

Katilu, kudu muguhkeun deui daya tawar pamaréntah Jawa Barat jeung pamaréntah pusat. Kaopat, gerakan masarakat, boh ti paguyuban atawa ormas, kudu leuwih sistematis. Hartina, ceuk Prof. Asep mah, paguyuban atawa ormas ulah saukur resep nyawalakeun pasualan nu ahirna mung saukur ngabuntut bangkong.

Ayana gerakan masarakat nu leuwih sistimatis kacida pentingna. Malah, nu ngamimitianana ogé bisa ti para inohong Sunda. Lantaran, keur ngungkulan pasualan-pasualan di daérah, nu dibutuhkeun téh, lian ti aturanana kudu bener, ogé perlu pihak kudu gedé kanyaahna. Saha téa? Jinek, para inohong bakal leuwih gedé kanyaahna. “Kantenan di urang ogé, para inohong Sunda téh kedah wantun ngiring ngarumuskeun pemetaan tata ruang nu langkung mangpaat kanggo masarakatna,” ceuk Prof. Asep Warlan neundeun harepan.

 

Hormat Waktu, Beresih jeung Ihlas

Bandung pamiangan, Bandung tempat mulang. Ieu dayeuh Sangkuriang téh, keur Asep mah, nyidem katineung. Lembur pangancikan rasa teu weléh ngotrétkeun lalakon nu ngendat teu kungsi pegat. Cenah, sok ras inget ka jaman keur budak, wewengkon Jalan Maleer Bandung harita (taun 1960-an), éstu tingtrim. Patalimarga gé lancar kénéh, lantaran arang kénéh kandaraan. Keu SD, keur SMP, kitu deui keur SMA, ka sakola téh lolobana mah leumpang.

Hawa harita, tiris naker, da loba kénéh tatangkalan. Remen leumpang kareumpeukan ibun subuh. Harita, sarengsena lulus SMA, kalayan pangjurung kulawarga, guru-guru, jeung babaturanana, ahirna Asep milih kuliah di Fakultas Hukum UNPAR. Sarengsena S1 neruskeun deui ka Magister Hukum (S-2) di Universitas Padjadjaran, sarta Doktor Ilmu Hukum (S-3) ti Universitas Indonesia.

Adumanis pangalaman ka saban daérah jeung élmu pangaweruh, ahirna Dr. Asep Warlan ogé dipercaya nyekel sababaraha pancén, boh di kampusna boh di luar kampus. Di antarana taun 1993 - 1996 nyangking Pembantu Dekan I Bidang Akademik FH Unpar, taun 1990 - 1993 nyangking Koordinator Bagian Hukum Administrasi Negara FH Unpar. Taun 1987-1990 nyangking sekretaris Jurusan Hukum Tata Negara FH Unpar. Taun 1995 nepi ka kiwari tetep ngadosénan di Program Pascasarjana UNPAR, ITB, UNPAD, ogé di UNPAS Bandung.

Anapon di luar kampus, nyaéta dina kagiatan profesi, saperti taun 1996 – 1997, member of Legal Team Mandate, Enforcement, and Compliance, Bappedal – KLH. Taun 1993 - 1996 jadi anggota Tim Konsultan Ditjen Bangda Departemen Dalam Negeri. Taun 1993 Dosen Diklatpim Departemen Dalam Negeri. Taun 2001 Dosen Luar Biasa FH Unpas, STIKOM Bandung. Taun 1999 dipercaya Tim Ahli Hukum Kementerian Lingkungan Hidup Republik Indonesia. Taun 1998 jadi Research Team in INSELA (Indonesia - Netherlands for Environmental Law and Administration). Taun 2006 mancén wakil Ketua Asosiasi Pengajar HTN/HAN sa-Jawa Barat. Taun 2001 nyangking Tim Konsultan Hukum, Kelembagaan & Aparatur – Bappenas, ogé nyangking Direktur Eksekutif Lembaga Penelitian Hukum Administrasi & Lingkungan Hidup jeung pancén-pancén séjénna.

Ieu teureuh Sunda nu lahir di Bandung, 9 Juli 1960 téh, kiwari lian ti ngadosenan di pascasarjana sababaraha paguron luhur di Jawa Barat, ogé sibuk jadi nara sumber di saban daérah di Nusantara. “Mudah-mudahan élmu nu parantos ditampi, tiasa mangpaat kanggo sadayana. Sok émut kana papatah sepuh kapungkur. Saurna, kadé kedah merhatikeun waktu, kedah beresih ogé kedah ihlas,” ceuk Prof. Asep nirukeun papatah sepuhna. Papatah ti nu janten sepuhna, keur Prof. Asep, nepi kiwari tetep jadi pamatri keur mangsa hirup jaga. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: