• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sunda-Bali
Ngahiji dina Perang Bubat

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Nu ngalalakonkeun perang Bubat [Potrét/Ilustasi: Gun Gun]

Perang Bubat, keur urang Sunda mah boga harti mandiri. Matak, teu anéh mun éta lalakon téh teu weléh matak panasaran.  Ari harita, eta carita téh dipinonkeun ku urang Gianyar-Bali, kalayan babarengan jeung seniman Purwakarta.

Enya, soré éta mah hawa téh tiris da girimis kerep naker. Nu boga karep lunta malem  Minggu,  14 Maret 2015, harita mah, loba nu kateug, ngadagoan hujang raat. Tapi, di sabudeureun Bale Maya Datar, Alun-alun Purwakarta  rebuan jalma noyek nyanghareupan panggung pintonan.

Daya pangirut seni Bali ditambah ku lalakon Perang Bubat, jadi pangbibita warga Purwakarta. Matak, teu anéh upama éta pintonan téh jadi pangdeugdeugan balaréa. Kolot budak tumplek ka éta tempat.

Nang-neng-nongna gamelan Bali lir mépéndé haté, ngajak pipikiran nyoréang mangsa ka tukang. Komo deui waktu nu mawakeun acara nyebut-nyebut éta pintonan téh ngalalakonkeun Perang Bubat, pipikiran nu lalajo kabetot ka mangsa abad ka 14, ka waktu kajadian Perang Bubat téa.

Ceuk ujaring carita nu kaunggel dina Kidung Sundayana nu kapanggih di Bali,  eta carita téh ngalalakonkeun Hayam Wuruk nu ngalamar  Citraresmi, Putri Raja Sunda. Panglamarna ditarima, sarta rombongan ti karajaan Sunda téh ngabring ka Majapait seja ngawinkeun éta putri ka raja Majapahit téa. Tapi, karepna kitu téh teu laksana  lantaran kahayang Patih Gajah Mada mah, Citraresmi téh kudu jadi  upeti tandaning Sunda serah bongkokan ka Majapahit. Tangtu wé, karep patih kitu téh ditolak sapajodogan ku pihak Sunda.  Antukna, der perang campuh, raja Sunda gugur di éta tempat, di palagan Bubat. Kitu deui Citraresmi, leuwih milih nelasan pati  melaan harega diri.

Eta carita  remen jadi inspirasi para seniman. Aya nu nyanggi éta lalakaon dina kidung, dina puisis, dina novel, kaasup oge dina sendratari. Lakaon Perang Bubat, teu weléh jadi daya pangirut ti mangsa ka mangsa keur urang tatar Sunda.

 

Silaturahmi Budaya

Keur urang Purwakarta, hayang lalajo pintoonan kasenian daérah sejenna teu kudu jauh-jauh, cukup wé di lemburna. Kitu téh, lantaran Bupati Purwakarta, H. Dedi Mulyadi, gedé katineungna kana budaya téh, kaasup kana kasenian dulur-dulur di Nusantara.

Ari seniman, tangtu wé, mintonkeun kasenian téh luyu jeung ‘konteksna’ atawa dipiwanoh ku nu lalajona. Matak, lalakon nu dipagelarkeun gé nyokot babon tina Kidung Sundayana téa. Ku cara kitu, lelembutan nu lalajo téh, kabetot kana pintonan nu dihadirkeun ku para seniman Bali.

Pagelaran nu mangrupa Tari kolosal ‘Prabu Siliwangi’  dilalakonkeun ku 113 seniman ti  Sanggar Tari Paripurna Bona Gianyar Bali. Cundukna ka Purwakarta gé dijejeran ku bupati Gianyar,  Anak Agung Gede Agung Bharata. LIan ti seniman Bali, panari Purwakarta gé ilu-biung jadi bagian éta pintonan.

Hiburan téh, enya tongtonan, tapi deui tungtunan. Kitu téh, saperti ditetelakeun ku salah saurang nu lalajo eta pagelaran. Enung Tuti, urang Jatiluhur Purwakarta, ngakuna mah biasa hadir mun aya pintonan nu aya di Purwakarta téh. Ceuk ieu indung nu budakna dua téh, pintonan-pintonan kitu, lain ukur hiburan, tapi deui jadi pangaweruh nu ajen-inajenna bisa jadi tuladeun.

“Bawirasa, pintonan kawas kieu téh saé pisan. Enya, sanés mung ukur kanggo hiburan, tapi deuih tungtunan. Sae pisan,  tiasa ngahudang sareng nambihan optimisme kanggo urang Sunda,” ceuk ieu manten aktivis téh.

Pangbagéa séjénna, ditétélakeun ku  Mr. L.A.N Fiddes,  urang  Australia nu ngahaja  datang kana pintonan sakalian nitenan  kabudayaan nu aya di Indonesia. Inyana  nu matuh di Bali ti taun 1999 téh ngaku kataji jeung ngaapresiasi  budaya Sunda nu ceuk dirina mah ngagambarkeun kabasajanan jeung kasoméahan.

“Pintonan kasenianana, sae pisan!  Urang dieu mah saroméah deuih, nu sapertos kitu téh, jarang kapendak di Australia mah,” pokna dina basa Indonésia anu lancer.

Pintonan seniman Sunda-Bali, meunang pangabagéa ti balaréa. Loba nu hadir kana éta acara téh. Lian ti para seniman, ogé nu sejenna, saperti Farhat Abbas (Pangcara), Iwan Pilliang, Muspida, jeung pajabat Pemkab Purwakarta.

Saperti kasenian umumna, pintonan harita gé boga ciri mandiri nu béda jeung seni-seni séjénna. Ku lantaran kitu, éta kasenian téh boga daya pangirut anu mandiri. Matak, teu anéh, mun nu lalajo gé bangun baretah. Geuning, najan girimis kerep  nepi ka peuting,  tetep pogot,  teu ingkah tina tempatna.

Lalakon peuting éta, keuna kana mamaras rasa. Saperti nu ditetelakeun ku salah saurang nu lalajo, lain ukur tarian-tarianan nu matak narik ati téh, tapi deuii satukangeun guluburna pintonan tea.  Nu dilalakonkeun, ngahudang sumanget, ningkatkeun ajén diri, lantaran aya tuladeun ti karuhun Sunda mangsa baheula. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: