• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mancegkeun Hirup
dina Papagon Islam

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Geus kamalum ku urang saréréa yén kumelip di alam lahir kumelendang di alam dunya téh sakadar bubuara, isuk jaganing géto bakal mulang ka pangkonan Nu Kawasa. Naon maksudna urang ngumbara? Tétéla lain lantung tambuh laku lain rentang tanpa nu diseja, anging mancén gawé ngemban paréntah ibadah ti Nu Kagungan. Jadi, lain ukur hirup kitu baé, angot keur sukan-sukan bari teu inget ka pangbalikan mah.
Geusan ngalaksanakeun éta pancén, ku Alloh SWT dibekelan papagon, aturan nu mangrupa agama, dien, nu disebut Islam nu diturunkeun ka para nabi/rasul, ti kawit Nabi Adam a.s. dugi ka Nabi Muhammad saw.
Islam nu mangrupa agama hak ditepikeun ku para nabi/rasul mangrupa pangbeberah ogé pangwawadi. Alloh ngadawuh dina Al Quran nu hartosna:
"Saéstuna Kami geus ngutus anjeun (Muhammad) kalawan bener, anu mawa béja pikabungaheun jeung méré pépéling. Jeung anjeun moal dipénta tanggung jawab ngeunaan pangeusi-pangeusi naraka." (QS Al Baqarah: 119)


Erém kahirupan
Tina ieu ayat aya kacindekan yén urang hirup di dunya dibekelan papagon agama nu eusina pangbeberah jeung pépéling sangkan salamet. Nya kitu deui di ahérat. Mun téa mah di ahérat tigebrus kana seuneu naraka, ulah rék nganaha-naha da apan iber pikagumbiraeun jeung picilakaeun geus ditepikeun. Éta mah tamaha sorangan, naha teu gugon kana papagon.
Siga kandaraan boh mobil, motor, karéta api,  jst. nu di sagédéngeun bisa maju laluasa sakahayang nu makéna, ogé aya paragi ngeureunkeunana nyaéta erém. Hayang maju satakerna, aya paragina. Ngan lamun diantep karep bakal cilaka sabab bisa nabrak naon baé atawa tiguling ka jungkrang. Cindekna, mun tumpak kandaraan hayang salamet nya gunakeun alat nu nyampak keur nyinglar kacilakaan nyatana erém téa.
Nya kitu deui jelema ku Gusti dibekelan akal, haté, jeung napsu. Ku akalna jelema bisa nganteur pangajak haté jeung napsu. Geura, mun barangdahar hayang sarwa ngeunah, harta banda hayang panglobana, embung baranggawé hayang nyalsé, hawek, sarakah, jeung sajabana. Teu béda wé jeung sato.
Mun téa mah hawa napsu nu diguguna, nya bakal cilaka. Ku kituna keur jalma nu ngaku muslim mah dibekelan erém kahirupan nyatana papagon Islam. Hal éta baris kalakonan lamun akalna walagri atawa digunakeun sakumaha pituduh Alloh sareng RosulNa. Alloh ngadawuh nu hartosna : "Mantenna maparin hikmah ka singsaha baé nu ku Mantenna dikersakeun. Jeung singsaha nu dipaparin hikmah, saéstuna manéhna geus dipaparin kahadéan anu loba. Jeung henteu aya anu bisa ngajadikeun pelajaran kajaba jalma-jalma anu ngabogaan akal séhat." (QS Al Baqarah: 269) 
Lindeuk jeung bageurna uteuk gumantung kana élmu nu dijadikeun pituduh hirupna hiji jalma. Tangtu baé nu dimaksud élmu di dieu mah nu sumberna tina hidayah Alloh sareng RosulNa téa. Nya ku elmu urang bisa ngabédakeun mana nu bener mana nu salah, mana hak mana batal, mana halal mana haram, jst.
Nilik kitu kacida pereluna urang hirup dijejeran élmu geusan ngahontal kasalametan. Nu matak nungtut élmu, nyuprih pangarti, nyiar luang pangabisa téh keur sakumna muslim/muslimah mah hukumna wajib. Kitu pan dawuhan Nabi saw. gé. Kaharti tuda, rék kumahana salamet lamun teu apal kana jalan tincakeun yén éta jalan téh saenyana jungkrang.
 

Papagon utama
Ku kituna, kaom mumin mah kedah waspada, sing telik kana naon nu rék ditincak, naon nu rék disorang, ulah sagawayah. Sumuhun, supados salamet. Geura urang lenyepan deui pangwawadi Gusti Alloh SWT, nu hartosna : "Jeung poma maranéh nuturkeun hiji perkara anu maranéh henteu nyaho. Ku sabab pangdéngé, panénjo, jeung haté téh sakabéhna bakal dipénta tanggung jawabna." (QS Al Isra': 36)
Tina ieu ayat jéntré kauninga yén urang sadayana kedah mibanda cecepengan, aturan, papagon hirup anu sakirana bisa ngadalikeun napsu goréng nu sok nyaliara mangaruhan soca, cepil, jeung haté. Tegesna, cepil, soca, sareng kalbu kedah diaping ku hidayah Alloh sareng RosulNa sangkan henteu cilaka. 
Anapon papagon hirup utama keur sakumna muslim nyatana Islam nu dilungsurkeun ku Alloh keur kasalametan. Islam téh ngandung hartos salamet, raharja lahir tumekaning batin keur sing saha baé nu sumerah pasrah ngajalankeun éta ageman. Lain sakadar ngagem atawa ngaku. Da konci kasalametan hirup keur muslim mah ngawengku tilu perkara: ngaku dina haté, aya nu nyakséni kedal lisan, jeung prak ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh katut RosulNa tur nebihan sagala rupi cegahanana.
Lamun anu tilu perkara geus gumulung aya dina diri urang, baris nyanding jeung jujuluk kamulyaan di antarana baé sabagé muttaqin, jalma anu takwa, anu sagala lakuning hirupna ngadatangkeun kahadéan. Alloh ngadawuh nu hartosna:
"Jeung prak paréntah kulawarga anjeun ngadegkeun solat sarta sing sobar dina migawéna. Kami teu meredih rejeki ka manéh, tapi Kami anu maparin rejeki ka manéh. Jeung ari balukar (anu hadé téh) pikeun jalma anu takwa." (QS Thaha: 132)
Ngalenyepan ayat di luhur urang boga kacindekan yén Islam téh diturunkeun ku Alloh sabagé papagon hirup taya kajaba anging mangrupa welas asih Mantenna. Cindekna sangkan ulah cilaka. Jadi, urang solat, zakat, saum, jeung ibadah-ibadah séjénna éta téh éstuning sanés kanggo Alloh, tapi mutlak keur urang sorangan. Atuh kacida sombongna, teu boga rasa rumasa, mun téa mah urang nu geus direjekian ku Alloh tur éta rejeki nu minangka nimat téh hamo kaitung , heug mumul ibadah malah kalah mantangul. 
Ulah ngantep kamungkaran
Siga kandaraan keur maju téa, lain ukur matak genah ditumpakan atawa téréh tepi ka nu dituju, tapi nyanghareupan pirang-pirang bahaya. Mobil, motor, bisa tabrakan jeung papadana, nyorang jalan nanjak, mudun, pungkal- pégkol, jst. Kapal laut, tilem kalebuh ombak, kapal ngapung ragrag, jst.
Nya kitu deui hirup urang ogé teu sakadar mirasa barangdahar, saré tibra, senang ngahenang-ngahening, tapi loba halangan harungan nu baris kasorang nu matak mawa cilaka. Siga mobil ngagunakeun erém keur nyinglar pibahlaeun, nya kitu deui urang ogé kudu ngagunakeun erém papagon agama sangkan salamet. Lamun henteu, nya cilaka téa.
Dina kahirupan jaman ayeuna, loba kacilakaan hirup alatan erém papagon agama teu dipaké. Kamasiatan, kadorakaan pada ngantep atuh akibatna ogé tumiba ka saréréa. Dina hal ieu Rosululloh saw. ngémutan urang sadayana sakumaha  nu kaunggel dina hadis nu hartosna:
"Sahabat Abi Sa'id Al Hudri r.a. tos sasauran, simkuring nguping Rosululloh ngadawuh: sing saha anu ningali kamungkaran sok cegah ku kakuatan leungeun (kakawasaan). Lamun teu mampuh, ku lisanna. Lamun teu bisa kénéh nya cegah ku haténa. Nu kitu téh sahéngkér-héngkérna iman." (HR Muslim)
Ngalangkungan hadis ieu Nabi saw. maparin pangwawadi ka urang sadayana yén umat Islam satékah polah kudu ngudag kasalametan hirup dina harti ulah ngantep perkara leutik atawa teu pira siga bibit buit kamungkaran da sidik matak cilaka.
Nu boga kakawasaan, pamaréntah, pamingpin, para tokoh, sawadina ngagunakeun kakawasaanana keur nyegah kamungkaran, ulah mirucaan. Sabab lamun aranjeunna tigebrus kana kamungkaran akibatna bakal leuwih pohara, rahayat nu dipingpinna bakal kaleungitan kapercayaan. Nu leuwih bahaya bakal narurutan bari boga sangkaan kamungkaran téh bener.
Nu teu boga kakawasaan bisa nyegah kamungkaran ku naséhat siga para ulama, mubalég, guru, kolot, jst. Apan silinaséhatan téh bagan tina ciri jalma iman jeung ciri kasoléhan.
Di sagédéngeun dua hal éta, nya karep napsi-napsi ku cara mancegkeun kasadaran yén urang mah ulah nepi ka tigebrus kana kamungkaran. Sok sanajan kagolongkeun kana iman anu héngkér, sahenteuna ari mikaceuceub mah piraku teu kaduga da apan pagawéan haté téa. Da ari teu ceuceub-ceuceub acan mah teu mustahil bakal kapangaruhan da sidik dina dirina taya kaimanan.
Lamun jalma tanpa iman, teu boga papagon hirup anu bener, hartina manéhna kufur, hirupna teu jauh ti sato héwan. Alloh nguningakeun:
"...jeung jalma-jalma kafir mah (hirupna) sarukan-sukan jeung maranéhna dalahar siga nyatuna sasatoan. Jeung naraka tempat padumukan maranéhna." (QS Muhammad ayat 12)
Tada teuing rugina lamun urang sabagé manusa anu mibanda jujuluk mahluk pangmulyana, tapi paripolah nurutan sato nu ngandung harti haté geus paéh.
Nulad dunga Rosululloh
Ku kituna, ngarumat haté téh kacida pentingna malah mandar panceg dina toat ka Alloh jeung nebihan sagala rupa kamungkaran. Dina hal ieu urang tulad dunga Rosululloh saw. sangkan urang mibanda kalbu anu panceg dina toat ka Alloh SWT.
"Allahumma musharifal quluub sharrif quluubanaa 'alaa thaa'atika: Nun Gusti nu ngoyagkeun kalbu, oyagkeun haté abdi sadaya pikeun salawasna toat ibadah ka Salira." (HR Muslim)
Ku pancegna hirup dina paagon agama nu ngandung harti haté panceg dina pituduh Alloh, harepan urang sangkan salamet boh di dunya boh di ahéat, tangtos baris tinekanan.
Sok sanajan pirang-pirang gogoda jeung pangrobéda disanghareupan, moal gimir moal sieun sabab haté nu mangrupa galeuh-galeuh jiwa nu wening geus kuat, rembet ku akar-akar kaimanan jeung akidah nu liat, lir hiji tangkal nu ngajungkiring jangkung najan katebak angin gedé henteu rungkad da akarna panceg nanceb ka jero lemah.
Haté nu panceg dina papagon agama, tangtos baé lain haté nu diantep kitu baé, tapi haté anu salawasna dicébor ku baseuhna cai kaimanan, kaislaman, jeung ihsan, bari dirumat sangkan ulah tepi ka hapa atawa paéh pisan alatan diganggu ku sawarnaning hama, kayaning syirik, munapék, takhayul, jst..
Pamungkas pedaran, manawi bahan katampi aya sakedik implik-implik: 
"Mayar pajeg anu ema, 
teu inget jadina telat. 
Panceg hirup na agama, 
salamet dunya ahérat."
Mugia urang sadayana aya dina kaayaan sapertos kitu. Aamiin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Ipung Ranawiria

Mugia urang sadaya kalebet jalmi toat. Nu hirup tur huripna teu ngalajur nafsu sareng ngumbar amarah. Aamiin

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: