• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. E. Deddy Saiful Hadi;

Jadi Dubes Qatar
Teu Poho ka Tatar Sunda

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
H.E. Deddy Saiful Hadi, Dubes RI Qatar teureuh Sunda [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Tina ngadéngékeun radio, jadi cukang lantaran ngamancanagara. Malah, ahirna mah, kapapancénan pamaréntah, jadi duta besar. Tapi, najan ngalanglang buana, teu weléh ti belat ka sarakan. Kitu, ceuk Deddy Saiful Hadi, Duta Besar (Dubes) RI di Qatar. 

Matuh di Qatar, wewengkon Timur Tengah, Deddy remen tibelat ka bali geusan ngajadi. Atuh, mun balik ka lembur, sok ngahaja lalangkarakan di saung pasawahan, ngararasakeun hiliwirna angin, ngadédéngékeun kérélékna cai nu ngocor dina galengan.

Ayeuna, Deddy téh mancén gawé, jadi Dubes RI di Qatar. Jadi wawakil pamaréntah di éta nagri. Loba luang jeung pangalamana nu tumali jeung pancén gawéna. Inyana kudu ngayakinkeun yén Indonésia téh pantes jadi nagri nu dipisobat, lantaran mawa mangpaat.

Naon waé pancén gawéna? Ieu cutatan obrolan Manglé jeung Dubes RI di Qatar, Deddy Saiful Hadi, teureuh Tatar Sunda.

Janten Dubes téh cita-cita ti aalit?

Kapungkur mah nuju alit, teu kaémut hoyong janten duta besar. Teu apal kana jabatan sapertos kitu mah! Apan, lingkungan di rorompok gé, kulawarga basajan.

Upami ti kapungkur gaduh ‘wawasan’ tumali sareng dunya luar, di antawaisna téh tina radio. Resep ngadangukeun radio luar nagri,  sapertos BBC (Inggris) Voice of  Amerika, sareng ABC (Australia). Tah, upami ngabandungan radio luar nagri, sok ngalamun  hoyong nyaba ka luar negeri. Tapi, teu waktos harita mah, teu acan aya karep hoyong janten  pagawé di Menlu.

Kumaha lalakon waktos ngawitan janten Dubes?

Ari padamel nagri mah, diperenahkeun mancén di mana waé gé da kawajiban! Waktos badé diangkat janten dubes,  ngalangkungan sababaraha tahapan dugi ka ahirna fit and proper test di DPR. Lajeng, lulus sarta diistrénan.

Iraha éta téh?

Waktos harita téh, ping 24 Desember 2011, dilantik di Istana Negara, Jakarta ku Presiden Susilo Bambang Yudhoyono (SBY). Nu dilantik waktos harita, aya 27urang.  Abdi kénging tugas di Qatar. Heuleut sababaraha dinten, mios ka Qatar. Dongkap ka nu dituju,  24 Januari 2012 tabuh lima subuh, dugi di Doha, Qatar. Nuju usum tiris, lima darajat célsieus suhuna ogé. Teu nyana di Qatar kawas di Walanda, tiris pisan. Atuh, ngahod-hod, katirisan.

Sawatara poé ti tos dugi ka Qatar, nembé masrahkeun ‘copykredensial letter/surat kepercayaan ka Menlu Qatar. Da, aslina mah badé dipasrahkeun ka Emir atanapi Kepala Negara Qatar. Waktos harita His Highness Sheikh Hamad bin Khalifa Al-Thani, Emir Qatar téa.  Ditampi ku Emir tanggal 07 Pebruari 2012. Énjing-énjing dijemput ku protokol Dewan Emir, nganggé mobil anjeunna. Dikawal ku patugas kaamanan.

 

Naon waé nu ditataharkeun kanggo mayunan Emir téa?

Tos aya nu ngawadian, saurna téh, teu kedah seueur cacarios, pasrahkeun wé surat kredensialn-na. Éh, ari tos tepang, Emir téh langsung miwarang calik. Ngajak ngobrol ngalér-ngidul. Wanoheun pisan sareng resepeun ka Indonésia téh. Teu nyangka badé diajar ngobrol papanjangan. Sheikh Hamad téh soméah naker. Emir nitip salam ka presiden sareng rayat Indonésia. Saterasna, wangsul. Bendéra Indonésia dipasangkeun di mobil nu dianggo ku abdi. Hartosna, sah wé janten Dubes di Qatar.

Naon program ngawitan kanggo nguatan hubungan Indonésia-Qatar?

Waktos nampi mandat téh, tumali sareng diplomasi ékonomi. Waktu harita,  Menlu sareng Presiden ngawanti-wanti kanggo ningkatkeun hubungan ékonomi Indonésia - Qatar. Lian ti éta, aya garapan sanés, ningkatkeun upaya nalingakeun Warga Negara Indonésia (WNI) sangkan gaduh panyalindungan anu kiat, tangtos pangpangna mah para TKW.

Kumaha saleresna hubungan Indonésia–Qatar téh?

Alhamdulillah hubungan politik antara Indonésia sareng Qatar saé pisan. Teu aya masalah! Rupina platform dua nagara ieu sanaos sanés nagara Islam tapi mayoritas ngagem agama Islam. Janten, seueur nu samina antara dua nagara ieu mah.

Tangtos aya bangbaluhna ogé panginten?

Hubungan politik saé. Mung mémang tumali sareng panangtayungan WNI utamana  TKW/tanaga kerja informal janten hal nu utama. Diajar tina rupi-rupi pangalaman, pasualan TKI moal janten bangbaluh nu matak ngaganggu hubungan antar nagara. Qatar ngagaduhan poténsi anu saé dina widang ékonomi kanggo kamekaran ékonomi Indonésia.

 

Salaku Dubes, papatah naon waé kanggo ningkatkeun karaharjaan urang Indonésia di Qatar hususna ka urang Sunda?

Waktos lebet ka Qatar itu, nyobi milarian stratégi nu kedah dilarapkeun. Tangtos pangpayunna mah ngawangun citra heula. Margi kitu, saatos éta teras narékahan kanggo masihan informasi ngalangkungan média, yén Indonésia téh nagara badag sareng seueur poténsina. Margi, salami ieu sanés teu mungkin aya waé anggapan, yén Indonésia téh mung saukur nagara pengirim TKW wungkul, nepi ka poténsi bangsa nu saenyana mah seueur henteu pati dipikawanoh di Qatar. Margi kitu, ieu teras-terasan diinformasikeun.

Kaleresan ogé aya wargi-wargi diaspora Indonésia nu mémang profesional, kalebet diantarana Kang Asep nu sapamadegan. Sadayana gaduh pamadegan anu sami, gaduh kahoyong ningalikeun kaunggulan Indonésia ka masarakat Qatar. Alhamdulillah lami beuki lami, sering kaliput ku média Qatar sareng urang Qatar jadi apaleun kana poténsi urang Indonésia nu saleresna. Mémang penting kacida Image Building téh.

Kumaha ari perhatian Qatar ka urang Indonésia?

Saatos masihan informasi, yén Indonésia téh cocog jadi tempat invéstasi di Asia Tenggara, alhamdulillah seueur nu minat. Mung hanjakal perhatian ti bangsa urangna nu kirang.  Ieu nu janten émutan. Margi kitu, sakuat tanaga teras narékahan sangkan nu penting kesan Qatar sareng ka Indonésia. Di antaran, ngupayakeun kanggo ningkatkeun pengiriman tanaga kerja formal tina luang nu aya. Teras didugikeun ka pusat, sanaos mungkin waé seueur nu milarian tina internét, utamana patali sareng pausahaan-pausahaan nu nawiskeun padamelan profesional di mancanagara.

Naon nu kudu dijantenkeun palajaran keur Indonésia tina kaunggulan Qatar?

Papatah nu teu weléh, ningkatkeun jati diri. Hartosna, mémang kedah gaduh kaahlian. Kudu palinter. Ajén gawéna kedah saé kedah serieus. Sagemlengna jadi profesional éta nu kedah gaduh sangkan ‘direkognise’ atanapi di aku kaahlian urang. Upama salami ieu urang Sunda kasebatna sok loba heureuy, nya ari keur damelna mah kedah serieus. Ku cara damel serieus, atuh jati diri ogé bakal ningkat. Atuh ‘benefit reward’ di tempat damel ogé moal sesah.

Pangalaman naon nu sesah dihilapkeun dina mancén Dubes Qatar?

Tangtos kedah ngawakilan bangsa. Aya kareueus numpak mobil dikelebetan bandéra Indonésia. Tapi ogé tanggung jawabna kacida ageungna. Seperti waé waktos mupus anggapan kaliru, pajarkeun Indonésia téh nagara pengirim TKW. Sanaos TKW ogé teu kedah dimomorékeun, tapi tetep kedah dijadi. Nu penting, urang kedah ningalikeun yén bangsa urang téh gaduh martabat harkat darajat. Urang téh palinter sapertos Kang Asep sareng réréncangan diaspora sanésna. Aranjeunna parantos damel nu profesional kalawan ngabuktoskeun ajen damelna tiasa bersaing sareng nagara-nagara sanesna.

Di Qatar aya kumpulan Baraya Sunda Qatar, kumaha perhatosan Bapa?

Tangtos atuh abdi mah reueus pisan. Geuningan di pangumbaraan téh loba urang Sunda di Qatar. Bingah kacida. Sauyunan kanggo nguatan tali kawargian. Atuh ku Kang Ade garapanana ogé jinek, hoyong silih ngabantos. Insya Alloh nu daramel profesional di luar negri, hiji waktu mah tiasa jadi Walikota, Bupati, atanapi Gubernur. ’Wherever you are, whoever you are, whatever you are, you are is who you are.’ Mung,  minangka Dubes, ulah aya gogontokan kasukuan. Sadayana urang Indonésia kedah dipayungan, kedah dibantos. Hartosna upama kumpulan warga sanesna saperti Jawa, Aceh, Padang, mangga waé.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Sanaos tebih, naha sok nalingakeun kajantenan-kajantenan di Jabar?

Kantenan tangtos atuh. Kumaha-kumaha ogé sok nalingakeun kana kamekaran Jawa Barat. Komo deui aya komunikasi sareng para alumni SMP atanapi SMA Ciamis. Upami aya alumni nu nuju Umroh, kantenan sok nyimpang heula. Nyaah pisan ka Jawa Barat mah, komo deui apan pun Aki mancén di Ciamis. Kitu deui ka Kang Ahmad Heryawan atanapi ka Ridwan Kamil. Malihan mah kantos aya nu ngarojong sangkan kedah janten Bupati Ciamis. Diwaler, Insya Alloh hoyong ngabdi ka lemah cai mancén Bupati Ciamis.

Kagiatan Bapa, upama dina waktos nyalsé?

Margi ti keur ngora kénéh ogé resep gerak, janten kana naon waé. Saperti kana golf atanapi kana ténes jeung sajabana. Ari kana golf mah di IGAQA (Indonésian Golf Association in Qatar). Nu penting mah siap datang. Kana bowling resep, ningali maén Taek Wondo hadé. Kana Pencak Silat kang Asep resep pisan. Olahraga Motor gedé, sasapédahan. Nu penting seneng gerak. *** (RH/Ki Dalang)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Resep Ngadéngékeun Radio

Deddy Saiful Hadi téh putra Bapa Soetisna Hadisastra teureuh Garut. Pami Ibuna mah Ibu Tati Soemiati teureuh Ciamis. Namung ti aalit tos sareng Aki. “Margi Pun Aki hoyong gaduh putra alit. Aki téh Raden Goenawi Wiryaamiardja sareng nini Ganarsih. Pun Aki kapungkur orang katilu di Jabar. Gupernur langsung Sekwilda teras ka Administratur Pamaréntahan. Aki téh mancén administrasi pamaréntah. Pangsiunna taun 1966 di Ciamis,” saur Deddy Saiful Hadi nineung ka mangsa baheula.

Ti leuleutik kénéh Deddy Saiful Hadi mah resep diajar. Sanggeus sakola di SMP SMA di Ciamis, sepuhna teras ngalih damel ka Jawa di dines Perhutani. Pancénna ti mimiti  jadi Mandor, Sinder nepi ka jeneng Kepala Kantor Perhutani di sababaraha tempat, saperti di Pekalongan, Jogyakarta, Salatiga, ogé di Rembang. Malahan, di Rembang mah ngéngingkeun  istri, putra Bupati Rembang, Pa Suratman.

Deddy Saiful Hadi kiwari nu jeneng Duta Besar Ri keur Qatar, singhoréng keur leutik mah teu ngimpleng-ngimpleng acan. Ngan, ti keur leutik mah, Deddy Saiful Hadi mah sok resep ngadédéngékeun radio BBC Amerika jeung Australia. “Sok ngalamun hoyong ka luar negeri. Komo deui upami ngadangukeun Ebet Kadarusman di Australia. Rupina ieu nu saalit janten dorongan. Tapi teu gaduh implengan pami janten pagawé di Menlu mah,” pokna deui.

Mancén nepi ka dipercaya jadi Duta Besar, ceuk ieu teureuh Sunda, teu weléh inget kana papatah sepuhna. ‘Kedah jujur, sederhana. Hirup kedah jujur,” ceuk Deddy Saiful Hadi nirukeun papatah sepuh nu weléh marengan lampahna.

Sanajan lunta jauh ngamancanagara, tapi keur ieu Duta Besar Qatar mah, teu weléh tibelat waé ka lembur sarakanana, boh ka Ciamis, boh ka tempat panganjrekanana kiwari di Bogor.” Ayeuna mah janten urang Bogor. Nyawah di Bogor di Gunung Picung caket Gunung Salak. Pami wangsul sok resep tuang di saung, ngabeberah haté bari ningal kaéndahan lembur,” pokna.  *** (RH/Ki Dalang)

 

Biodata H. E. Deddy Saiful Hadi

Tempat Tanggal Lahir: Bandung, 1 Désémber 1953
Garwa : Dra. Endang Ratiningsih

Putra-Putra : 1. Cendy Hadiputranto, 2.  Rendy Hadiputra Hadi
Alamat di Indonésia: Bogor Baru Blok D V/3 Bogor

Pendidikan:
- 1996: Caraka Utama - Advanced Course Diplomat, Jakarta
- 1996: Caraka Madya - Diplomat Sekunder Course, Jakarta
- 1984: Kursus Bahasa Inggris Intensif, Carleton University Ottawa, Kanada
- 1983: Sekdilu - Dasar Diplomat Course, Jakarta
- 1980: Fakultas Ekonomi, Universitas Diponegoro, Semarang
- 1973: Akademi Bank Indonésia, Yogyakarta
- 1972: Sekolah Menengah di Ciamis, Jawa Barat
- 1969: Sekolah Menengah di Ciamis, Jawa Barat
- 1966: Sekolah Dasar di Bandung, Jawa Barat

Pengalaman Damel:
- 2011: Duta Besar RI keur Qatar

- 2008 : Asisten Deputi Urusan Luar Negeri (Asia, Pasifik dan Afrika Daerah)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Yuni

meni kayungyun ku kameumeut sareng kaheman pa dubes kana sunda. atos mah jalmi pinter berpendidikan tinggi tapi tetep someah sareng teu hilap kana sarakan. abdi mah nembe terang, singhoreng di Qatar oge seueur urang sunda,nya....duh meni hoyong pisan jalan-jalan ka Qatar teh. mugia padamelan sareng tugas pa dubes barokah tur digampilkeun dilancarkeun ku Allah SWT. aamiin...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: