• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ilang Lahan
Butuh Panyalindungan

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dadan Ramdan, Direktur Eksekutif WALHI Jawa Barat [Potrét/Ilustasi: rudi]

Ngarobah lahan, rayat mah teu butuh saukur keur mépéndé haté, tapi butuh langgengna alam nu pisalameteun. Pangna kitu, WALHI Jawa Barat dipiharep sangkan pamaréntah ulah salah urus dina ngalarapkeun kawijakanana.

Suburna alam Jawa Barat, mémang mawa barokah. Kari prak ngokolakeunana. Kawas, ceuk kekecapan kolot, mun butuh supana, kudu daék miara catangna. Supana, hasil lahan ogé kaéndahanana. Pagunungan, sumber cai, walungan, sawah, salawasna jadi pangirut keur nu boga karep nyenangkeun pikir atawa ngabeberah haté. Pangna kitu, miara jeung ngamumulé lingkungan, kudu jadi patékadan sakumna pihak. “Hanjakalna, balukar handapna kasadaran kana lingkungan, alam di Jawa Barat ogé, ti waktu ka waktu beuki teu saimbang,” ceuk Dadan Ramdan Direktur Eksekutif WALHI Jawa Barat waktu tepung di kantor Intensip Jalan Suryalaya Buah Batu Bandung waktu ka tukang.

Warta-warta sungkawa balukar ruksakna alam, lumangsung di mana-mana. Urug jeung caah kajadian di saban tempat. Usum katiga gé loba nu ngalaman tigerat ku cai. Kaayaan kitu, ceuk Dadan, kiwari mah teu bisa kukumaha deui. Bentangan kaayaan Jawa Barat nu kabagi tilu, aya kalér, tengah jeung wétan, sabenerna gambaran sangkan ngokolakeun alam henteu asal-asalan. “Namung, nyakitu buktosna mah, bentangan alam nu kudu tetep saimbang, ayeuna mah seueur nu diruksak,” ceuk Dadan nu ogé pangarang buku ‘Praksis Partisipasi Komunitas dalam Pengelolaan Lingkungan Hidup DAS Citarum.’

Upama panitén ieu Direktur WALHI kawas kitu, lantaran mémang, kiwari loba alam nu geus alihpungsi.  Palataran handap, disayagikeun keur tatanén robah jadi lahan wawangunan. Sumber-sumber cai geus katutup. Tatangkalan di pagunungan dibukbak. Ngalirna cai walungan dipendetan ku runtah. “Alam mémang parantos diganggu ku polah manusa nu teu tanggung jawab,” pokna tandes.

Alam Nusantara, lemah cai urang, kaasup Jawa Barat, éstu anugrah nu taya wates wangenna. Tapi deui-deui upama ditingal tina urutan ruksakna lingkungan, Jawa Barat nincak dina urutan 27 tina 30 provinsi di Indonésia. “Upama dibandingkeun jeung provinsi séjén, alam Jawa Barat kacida kritisna,” pokna. Jlug-jlegna wangunan keur nyumponan pangabutuh ékonomi di Jawa Barat, jinek salahsahiji nu ngalantarankeun parobahan alih pungsi lahan. Dina catetan WALHI, sahenteuna alih pungsi lahan di Jawa Barat saban taun aya kana 20.000 héktaran. Pangna kitu, ceuk Dadan upama pamaréntah salah ngurus wilayah, mangka dina dangka panjang mah bakal jadi pihablaeun.


Sual Bandung Téknopolis

Kareueus ka lembur pamatuhan banjar karang pamidangan, lantaran rupa-rupa alesan, kaasup lantaran suburna jeung éndahna. Nya, dua rupa kitu, di antarana nu jadi pamatri asih urang lembur nu biasa sok tatanén di pasawahan Gedébagé Kota Bandung.  Nurutkeun panalungtikan WALHI, wilayah pasawahan Gedébagé nu rék alihpungsi jadi kawasan Bandung Teknopolis, tangtu ulah gurung gusuh teuing. Kituna téh, ceuk Dadan,  lantaran éta tempat jinek ayana dihandap, tempat nyerepna cai. “Keur mah sumber cai di luhurna geus dipepetan ku wangunan, kari-kari ayeuna resapan cai dihandap bakal dirobah jadi teknopolis! Jinek, WALHI protés ka pamaréntah. Ieu bakal ngaganggu kaunggulan alam keur dangka panjang,” pokna tandes.

WALHI, ceuk Dadan lain anti pangwangunan, salila pangwangunan teu ngaganggu bentangan jeung pungsina éta lahan alam. Pangna kitu, sikep WALHI bakal terus-terusan nolak pangwangunan Bandung Teknopolis di Gedebagé. “Naha kudu di tempat resapan cai Gedebagé? naha teu aya deui tempat séjén?” ceuk ieu Direktur WALHI Jawa Barat témbrés.

Gambaran kaayaan Bandung, jelas di lingkung gunung, liliwatan cai nu ngalir di Citarum. Gunung, cikal bakal kasuburan. Lahanna luhur-handapan. Aya tongggoh aya lebak, aya girang aya hilir, aya mumunggang aya legok. Ngan, ceuk Dadan, kaayaan alam Bandung kawas kitu saukur aya dina peta. Buktina mah henteu jadi rujukan keur ngokolakeun pangwangunan Bandung.  Mémang Bandung jadi pangirutan nu rék arusaha, tapi lain hartina pamaréntah kudu sieun ku para pangusaha nu rék ngorbankeun alam subur.

 

Rayat Butuh Panyalindungan

Alam tatar Sunda, butuh kasadaran pamaréntah jeung masarakatna. Kituna téh, sangkan lembur tetep pikabetaheun. Hartina, miara jeung ngamumulé lingkungan, kudu jadi patékadan sakumna pihak, kaasup para wakil rayatna. Dina panitén Dadan teureuh Majalaya, mémang alam, rayat jeung pamaréntah kudu adumanis. Sapertina waé, dina kawijakan alihpungsi lahan, jelas, masarakat kudu dilibatkeun, kudu diajak konsultasi. Dina panalungtikan WALHI, loba alihpungsi lahan nu teu ngajak masarakatna. Ieu penting, sangkan rayat boga panyalindungan. Nu kabandungan, ceuk Dadan, mémang dina kawijakan alihpungsi lahan, masarakat saperti nu teu boga panyalindungan. “Atuh, wakil rayat keur ngalarapkeun pungsi pangawasanana ogé kirang jalan. Pangna kitu, upama masalah lingkungan diantep, ulah anéh upama urang deukeut jeung musibat,” pokna.

Kitu deui, ngokolakeun jeung miara lingkungan kudu jeung élmuna. Upama élmu pangaweruh lolobana di paguron luhur, apan di urang mah geus nyampak naker!. Aya ITB, UNPAD, IPB jeung sajabana. “Élmu keur ngungkulan pasualan naon ogé, aya élmuna di paguron luhur. Ayeuna pamaréntah kantun tiasa ngamangpaatkeunana,” pokna deui. Ngan upama ahirna paguron luhur teu digugu, tapi kalah ngagugu ka nu baroga modal, jinek bakal jadi bahla keur generasi nu bakal datang. Lantaran, ceuk Dadan, generasi nu bakal datang mah kacida butuhna cara-cara ngokolakeun alam nu sipatna dangka panjang. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: