• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pribumi nu Ngadunungan

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Mémang kitu galibna, saha waé gé bisa cicing di mana waé. Bisa dumuk di lembur batur, teu kudu ngotok ngowo di lembur sorangan.

Nya kitu deuih, urang Sunda gé, nyebar di mana-mana, di sakulian Nusantara, kaasup di mancanagara deuih. Najan sarua, loba nu ngumbara, tetep aya bédana. Urang di batur, teu sing jadi bangbaluh keur pituin urang ditu. Lantaran, umumna urang Sunda, ngumbara téh, harayang baralik deui ka lemah cai. Mun téa mah, bubuara, ahirna mah, tetep micangcam lembur sorangan.

Bédana pasipatan antara batur nu ngumbara di urang jeung urang nu ngumbara di batur, pangpangna mah lebah pangaruhna ka lingkungan sabudeureunana. Ku lantaran ngarasa tetep nyemah, urang urang Sunda gé moal boga karep ngahésékeun nu boga imah. Atuh, di mana waé ayana, urang Sunda tetep ngajénan pribumi!

Ka tukang-tukang, pribmi téh identik jeung dunungan. Arinyana, apan ngawasa lahan hak milikna. Sabalik na, nu nyémah, mun ogé bumetah kapaksa numpang atawa nyicingan lahan pribumi. Dina kaayaan kitu, sémah téh daék teu daék ‘ngadunungan’ ka pribumi.

Hubungan pribimumi jeung sémah di tatar Sunda, ayeuna mah robah. Pribumi jeung sémah, bisa satata, da ahirna mah, sémah gé mareulian lahan pribumi. Geus kitu mah, nu asalna ngadunungan, jadi mandiri, bisa hirup dina lahan sorangan. Ka dieunakeun, pribumi gé bisa jadi sabalikna, ngadunungan. Kitu téh, lantaran sémah téa ngawasa aset-asét pribumi saperti meulian lahan. Ku cara kitu, nu asalna sémah téh ngadunungan, ahirna mah jadi dunungan. Sabalikna, pribumi gé teu kurang-kurang nu ngadunungan ka batur, lantaran cicingna gé numpang di tempat, milikna sémah téa. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: