• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Napak Tilas KAA
Manggungkeun Dangiang Bandung

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Sumanget Konferensi Asia Afrika, Ngahudangkeun Kakuatan Bangsa [Potrét/Ilustasi: dok.istimewa]

Sumanget Bandung, peurah Dasa Sila Bandung, parat ka satungkebing jagat! Kitu téh, genep puluh taun ka tukang, waktu kamerdekaan Indonesia kakara léléngkah halu. Kumaha ayeuna? 

Dina implengan Ruslan Abdulgani, Sékjén KAA 1955, sumanget Bandung téh teu kungsi pareum. Malah, remen ngabebela deui dina mangsa mangsa ieu bangsa nyanghareupan bangbaluh. Pertélaan ieu palaku sajarah téh, ditembrakkeun dina bukuna, The Bandung Connection, nu medal waktu miéling saabad KAA sapuluh taun ka tukang.

Ruslan Abdulgani, lir nu teu mikeun, mun aya nu nyebutkeun sumanget Bandung pareum! Ceuk inyana, sumanget Bandung nu digedurkeun taun 1955 téh, tetep natrat némbongkeun tapak. Kitu téh, lantaran loba pihak nu ngaku kana peurahna Bandung dina nanjeurkeun  kamerdékaan bangsa-bangsa di ieu dunya.

Bandung, dina batin Ruslan, lir Kawah Candradimuka, nu ngagedurkeun karep merdéka bangsa-bangsa Asia-Afrika harita. Bandung, téh kota panyambung, puseurna sambungan, “center of connection” Negara Bangsa Asia-Afrika. Bangsa jeung rahayat dua benua téh, nyusun barisan duduluran. Malah, Bandung harita lain ukur puseurna panyambung pamarentah, tapi deuih para pajuangna. Utusan-utusan nu ngaloloskeun diri tina kungkungan nu ngajahna, buronan-buronan pulik ti pihak nu ngajajahna, ti Afrika Kidul, Afrika Tengah, Al-Zajair, Maroko,Tunisia, jeung sajabana ngumpul di Bandung. Ieu kota, jadi  ‘dalangna’ nu ngahudangkeun sumanget jeung kaludeung bangsa-bangsa nu masih kénéh dijajah.

KAA 1955, mémang ditaratas ku Bung Karno, peupeujeuh ka Perdana Mentri Ali Sostro Amidjojo, sangkan dina gempungan di Kolombo (Sri Langka) ngajak urang Asia-Afrika gempungan di Indonesia. Kalayan ngaliwatan lalakon panjang jeung hésé béléké, ahirna mah, pihak Indonésia, nu rombongan di ka Kolombo téa, Ir. Juanda, Achmad Subarjo, jeung Max Maramis, ahirna loba nu sapuk, ngayakeun Konferensi Asia Afrika di Indonésia.

Gagsan kitu, ceuk Ruslan, mémang lain anyar. Da, gempungan Asia-Afrika téh, angen-angen, tilu puluh taun saméméhna. Kasaksén ku Ruslan gé, waktu di istana, ti taun 1930-an kénéh, Bung Karno, mikahayang sangkan Asia-Afrika ngahiji ngarah teu dikungkung ku pangaruh Barat (Eropa). Apan, pok-pokan presiden RI munggaran téh, méméh anjeunna sareng Bu Inggit, dibuang Walanda ku Ende (Flores) nandeskeun, “Mun Barong Liong Sai ti Tiongkok babarengan jeung Lembu Nandi ti India, jeung Spinx ti Mersir, jeung Manuk Merak ti Birma, jeung Gajah Putih ti Siam, jeung Oray Hidra ti Vietnam, jeung Maung ti Pilipina, ogé jeung Banten ti Indonésia, pasti kolonialisme internasional téh hancur-lebur…”

Ari Bandung, apan keur Bung Karno mah, teu asing deui. Nyumprih élmuna, bajuangna, ogé dumukna sareng garwana Inggit Garnasih, apan di ieu tempat. Atuh, saperti ceuk Ruslan Abdulgani, Bandung téh puseurna panyambung, tempatna para pajuang nu hayang ngabébaskeun diri jeung bangsana ti pihak-pihak nu ngajajah.

Bukti peurahna KAA Bandung, ceuk Ruslan, waktu integrasina Irian Barat ka Indonésia dicatet dina sidang PPB, 19 Nopémber taun 1969, apan teu gampang. Ngan, sanggeus sababaraha nagara ngayakinkeun peran Indonesia di Irian Barat, harita, hasil voting téh mihak ka Indonésia. Tina sajumlah nu hadir dina Sidang PBB, nyaluyuan Irian Barat ngahiji jeung Indonésia kalayan sora, 84 satuju, euweuh hiji nagara ogé nu teu satuju, sarta 30 sora abstain! Dasa Sila Bandung, némbongkeun jajatén! *** 

 

Jajatén Bandung, Jati Diri Sunda

 

Bandung, némbongkeun jajatén. Ieu kota nu deukeut kana kecap ngabandungan, téh lir nu teu weléh hayang dibandungan balaréa. ***

Genep puluh taun miéling KAA, Bandung téh bebenah. Bandera jeung umbul-umbul paragpag sapaparat jalan, pangpangna mah sabudeureun Asia-Afrika. Aweuhan KAA parat ka saban tempat. Apan, saban kantor kacamatan jeung kalurahan di Bandung mah, ti anggalna kénéh marasang spanduk 60 taun miéling KAA.

Keur warga Bandung, KAA téh, jadi kareueus. Lantaran, lir nu némbongkeun jajatén. Bandung, puluhan taun ka tukang, sidik aya pupurieunana. “Reueus, Bandung jadi pangimpungan para kepala nagara ti puluhan nagara,” ceuk H. Uu Rukmana, Inohong Sunda nu dumuk di Bandung.

Kang Uu (kitu katelahna), boga pangalaman tumali jeung KAA genep puluh taun ka tukang téh. Inyana, waktu harita mah, apan keur SD kénéh. Ku guruna, diabringkeun ka Jalan Asia-Afrika, bari ngélébétkeun bandéra mérah putih tina keretas.

Upama Bandung, jadi tempat gempungan tingkat dunya, ceuk Kang Uu mah, merenah pisan. Da, dina mangsa bajoang ngusir nu ngajajah gé, inohong-inohong pergerakan kamerdékaan téh ngumpul di Bandung. Malah, apan Bung Karno mah, matuhna gé di Bandung.

Sumanget Bandung, sumanget némbongkeun jajatén. Bukti séjén, saperti Bandung Lautan Api. Ceuk ieu inohong mah, tandaning warga Bandung téh, teu sudi dijajah deungeun. Kajeun pakaya leungit batan jadi harega diri dilélécé deungeun.

Bung Karno nu apal kana kaayaan Bandung jeung apal kana pasipatan urang Bandung (Sunda), teu hangham, ngayakeun kagiatan badag nu ngadatangkeun kepala-kepala nagara ti Asia jeung Afrika. “Hiji bukti warga Bandung, warga Jawa Barat harita, kacida ngarojongna kana perjuangan bangsa,” pokna.

Ngahadirkeun puluhan kepala nagara, ceuk H. Uu Rukmana mah, lain pagawéan énténg-énténg. Komo deui nu tumali jeung kaamanan. Tapi, ku lantaran pamaréntah, apal kana kaayaan Bandung jeung sabudeureunana, sarta percayaeun kana guyubna masarakat Bandung, éta acara badag téh lumangsung kalayan lungsur-langsar.

Dina miéling ka-60 KAA, ceuk ieu inohong Sunda téh, sawadina warga Bandung jeung Jawa Barat gé babarengan milu nyukséskeun KAA. Lantaran, urang Sunda mah, katelah soméah hadé ka sémah. Wujudna, cenah, némbongkeun pasipatan hadé sakumaha ilaharna warga pribumi kadatangan sémah.

Dina ngabagéakeun KAA, ceuk Kang Uu, Walikota Bandung mah, da biasa bebenah. Apan, cenah, jalan jeung taman-taman gé terus dibébérés.

Pasilitas di Bandung, teu kurang-kurang. Hotél jeung fasilitasna nyampak. “Kaasup masjid gé nyampak. Keur iman jeung hotib solat Jumaah gé, Akang mah ngusulkeun, Pa H. Ahmad Héryawan, gupernur urang,” pokna daria naker.

Upama Bandung kaceluk ka awun-awun, ceuk R. Otong Toyibin Wiranatakusumah, teu anéh. Da, mémang, geus kitu ‘ugana’. “Bandung mah, moal weléh pada ngabandungan,” pokna,

Ceuk ieu putra R.A.A.M. Wiranakusumah V téh, nu ngokolakuen Bandung, kari ngamangpaatkeun éta kapunjulan, sangkan jadi kareueus wargana. Lantaran, cenah, modal dadasarna mah, geus sakitu gedéna.

Ayeuna, Kota Bandung téh, lain ukur Ibu Kota Propinsi Jawa Barat, tapi  Ibu Kota Asia-Afrika.  Keur ngantengkeun duduran Asia-Afrika téa, ceuk inyana mah, merenah pisan mun Bandung téh jadi tempat pangéling-ngéling saban nagara nu harita milu konferensi Asia- Afrika. Saban nagara biasa miéling poé kamerdékaanana. “Salah sahiji carana sok atuh sina miéling poé kamerdékaanana téh di antarana di Bandung,” pokna. ***

               

Ngibarkeun Kamerdékaan Paléstina

Dina miéling ka-60 Konferensi Asia-Afrika (KAA), Bandung  bebenah ngabagéakeun para  tamu. Konferensi lumangsung ti 19 April nepi ka 25 April 2015, Bandung jadi perhatian  dunya.

Sakurang-kurangna,  aya  25 kapala nagara nu bakal hadir dina KAA, di antaranya Perdana  Menteri  Jepang, Shinzo Abe, Presiden Republik Rakyat Tiongkok (RRT) Xi Jinping, Mesir diwakilan ku  utusan husus presidenna, Qatar dihadiran ku  perdana menteri. Lian ti éta,  presiden Korea Utara, Kim Jong – Un ogé rencanana hadir dina KAA téh.

Dina miéling konferensi, ceuk Kepala Museum KAA, Thomas Siregar pamaréntah RI rék ngadorong  nagara-nagara pamilon konferensi pikeun ngadéklarasikeun kamerdékaan Paléstina sarta jadi anggota PBB.  “Ti taun 1955 dugi ka kiwari negara di Asia – Afrika nu teu acan merdéka téh mung Paléstina. Janten ngalangkungan KAA Indonésia nyorakeun deui sual perdamaian dunya sareng  kamerdékaan Paléstina,” pokna waktu ditepungan di Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Teu béda jeung nu saméméhna, dina KAA ayeuna ogé salian ti némbongkeun kateupanuju ka pihak nu ngajajah sarta nyorakeun hak-hak kamerdékaan, Hak Asasi Manusia (HAM) jeung sual ketahanan pangan. Tapi harepan ayana konferensi téh, bisa ngangkat citra Indonésia di mata dunya, hususna di nagara Asia-Afrika.

Harepan urang saréréa, Indonesia kaceluk téh nagara anu aman sarta ‘cinta damai,  ari salila ieu ‘image’ nagara nu padumukna 237.641.326 jiwa (sénsus 2010) téh, remen kénéh ririweuhan.

Ngaliwatan KAA, ceuk Thomas, Indonésia kudu bisa ngabebenah citra dirina salila ieu. Tapi  ulah leutik teuing haté, sabab aya ogé masarakat dunya anu ngaaprésiasi Indonesia dina hal ngungkulan pasualan térorisme.

Percayana deui, nagara asing ka Indonesia, kaasup Bandung, éta ogé nguntungkeun pisan, utamana keur séktor pariwisata. Sabab lobana jalma nu ngarasa nyaman jeung yakin aman, bakal terus datang, malah kahareupna bisa muka luang pikeun narik investasi asing saluyu jeung judul konferensi “ Advancing  South–South Corporation”, KAA  aya tujuan pikeun nguatan jaringan gawé bareng  di antara nagara Asia-Afrika, di antarana gawé bareng bidang  politik, ékonomi , atikan jeung téknik.  Tantanganana, kumaha carana Indonésia jeung nagara Asia-Afrika séjénna bisa ningali poténsi tur hal naon anu bisa digawébarengkeun.

Hubungan bilateral atawa mutilateral dina sagala séktor, wajib dilaksanakeun, sabab  Indonésia teu bisa barang gawé sosorangan. Salian ti kitu konferensi ogé  bisa keur luang  para pangusaha Indonesia, hususna Bandung pikeun dagang ka nagara Afrika.  Salila ieu gawé bareng dina sual dagang ukur jeung nagara Eropa katut Amerika. “Tah ngalangkungan KAA pan, para pangusaha pribumi, hususna nu aya di Bandung tiasa ngajagi kanggo gawé bareng widang perdagangan sareng nagara Asia utamina Afrika,“ ceuk Thomas bari ngémbohan, utamana dina nyanghareupan pasar bébas jeung MEA nu bakal kasorang.

KAA mémang bakal leuwih madungdengkeun sual hubungan nagara jeung nagara, HAM  sarta ngeunaan katahanan pangan. Lian ti éta, dina konferensi ogé bakal dilaksanakeun pertemuan tingkat tinggi kalangan bisnis. Para pangusaha tingkat internasional bakal ngalaksanakeun sidang, ngabahas pasualan naon nu bisa gawé babarengan utamana séktor ékonomi. Persoalanana,  kumaha para pangusaha Indonésia bisa ngamangpaatkeunana? “Éta lolongkrang bisnis, tur urang teu kedah tebih-tebih ka Afrika kango ngical produk, margi jalmi aya di Bandung sumping ka dieu, janten urang kantun nguningakeun soal produk ka tamu KAA,” pokna deui. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: