• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Karim Suryadi;

Napsirkeun KAA
Napakkeun Kakuatan Bangsa

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Karim Suryadi; KAA, ngukur ketak kapamimpinan kiwari [Potrét/Ilustasi: rudi]

Waktu harita, genep puluh taun ka tukang, Konferensi Asia Afrika (KAA) matak geunjleung. Kagét!  Indonésia nu ngokojoanana, ludeung jadi kakuatan nu mangaruhan nagara-nagara di Asia Afrika. Kumaha ketak Indonesia ayeuna? ***

Upama nyukcruk galur niténan lalampahan ieu bangsa, genep puluh taun ka tukang (1955), jinek. Harita, bangsa urang kakara merdéka sapuluh taun! Upama diukur ku umur mah, sarua jeung umur budak nu masih léléngkah halu kénéh. Tapi, najan umur bangsa kakara sakitu, kawani jeung kaludeung mah bisa ngéléhkeun nagara-nagara nu geus lila merdéka. Harita, ieu bangsa gagah jeung gedé wawanén, lir Jabang Tutuka upama dina carita pewayangan mah nu bisa ngéléhkeun raksasa Naga Percona nu sakitu gagahna. “Mémang, Konferensi Asia-Afrika (KAA) mung tiasa dilakukeun ku jalma-jalma nu hébat, nu boga kayakinan diri jeung gedé harepan,” ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., Guru Besar Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung, Jawa Barat.

Ari kamampuhan nu ngaradegkeun ieu nagara dina naratas jeung ngalaksanakeun kagiatan nu sakitu ahéngna, ceuk Prof. Karim, jinek, kudu jadi dadasar dina ngamajukeun Indonésia saterusna. Ngan hanjakal, dasar-dasar nu sakitu kuatna, dina saterusna mingkin dieu mingkin tilelep. “Ayeuna, kaayaan bangsa urang, matak pikahariwangeun,” pokna deui.

Kamiskinan nu karandapan ku masarakat, teu weléh jadi bangbaluh. Kitu deui, dina sababaraha widang mah, urang téh tinggaleun ti nagara-nagara séjénna nu dina mangsa ka tukang mah aya ‘di sahandapeun’ Indonésia. Ébréh, kaayaan kitu téh patojaiyah jeung harepan nu dipeupeujeuhkeun dina KAA taun 1955. ”Tangtos, urang kedah wantun nafsirkeun deui pangaruh KAA bihari keur kapentingan kiwari,” pokna jinek.

 

Nguatan Jati Diri

Kamampuhan Indonesia ngayakeun Konferensi Asia Afrika (KAA) genep puluh taun ka tukang, nurutkeun Prof. Karim, hiji bukti kapamimpinan bangsa dina jaman harita sakitu kuatna. Ku cara gedé harepan jeung boga jati diri anu kuat, para pamingpin ieu bangsa teu gimireun ku pihak séjén. Sikep jeung pasipatan saperti kitu, jelas, nurutkeun ieu Dékan Fakultas Ilmu Pengetahuan Sosial (FIPS) UPI Bandung,  sakuduna jadi tatapakan sakumna pamingpin ieu bangsa ti waktu ka waktu.

Ngahudangkeun sumanget dina ngawangun bangsa nu dilakukeun ku Presiden Soekarno, dumasar kana kakuatan bangsa sorangan. Cara kapamimpinanana deuih, lain saukur nunutur tapi tuturkeuneun.  “Intina mah, parantos ningalikeun kamampuhan bangsa jeung sakaligus nawarkeun gagasan kanggo kapentingan pihak séjén,” pokna.

Kumaha ayeuna?  Bihari mémang lain kiwari!  Lalampahan para pamimpin ayeuna, loba nu patukang-tonggong jeung harepan balaréa. Upamana waé, para pajabat urang ayeuna, kacida resepna meunang bantuan pihak séjén, kalayan teu nimbang-nimbang mamalana. Kitu deui, bangsa urang saperti nu atoh upama urang meunang invéstor pihak asing. Ku lobana bantuan jeung investor, pangaruh goréngna, saperti nu dimomorékeun pisan! “Ahirna mah, seueur masarakat urang nu kasisihkeun, jadi kuli di lemah cai sorangan,” ceuk ieu Doktor Ilmu Komuniskasi Lulusan Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

Hajat Konferensi Asia Afrika ayeuna, jinek boga harti anu penting. Mangpaatna, keur bangsa sakumna, pangpangna  bangsa-bangsa Asia Afrika. Atuh, saterusna, bangsa urang gé kudu mampuh némbongkeun deui silihbantu silih nguatan, saperti kasapukan waktu genep puluh taun ka tukang. “Ayeuna, bangsa urang miéling ka-60 KAA. Nya, ayeuna urang kudu yakin, loba  bangsa deungeun nu butuheun ku Indonésia, lain sakadar urang butuh ku deungeun-deungeun,” pokna tandes naker. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: