• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jelema nu Musrik
Sétan nu Surak

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Kiwari di urang keur ubyag nu daragang batu ali dina rupa-rupa wanda jeung kelir. Di Bandung upamana, méh di unggal tempat nu dianggap merenah keur ngampar aya nu dagang. Nya kitu nu adu rega gé teu kurang-kurang.
Ditilik tina jihat kasab, tangtu baé matak ngagumbirakeun sabab rahayat nu ngaligeuh jadi boga pacabakan. Ngandung harti kahirupan ékonomi nu salila ieu jadi bangbaluh sabagéan gedé rahayat geus kaungkulan. Angot apan haregana ogé nitih onjoy ti nu ukur puluhan rébu nepi ka jutaan rupia.
Orokaya aya sisi goréngna. Siga kabéjakeun dina koran cenah di wewengkon pangalian batu akik, nu ngaralaan éta batu teu maké aturan alias padadaék nu témahna bisa ngaruksak lingkungan. Malah kaiberkeun aya nu tiwas kaurugan batu.
Aya deui nu leuwih bahaya, nyaéta kasang tukang nu mareuli ali teu sakadar resep mibanda atawa sakadar keur papaés kaéndahan ramo, tapi cenah pangna meuli éta ali téh boga maunat anu bisa nulungan dirina tina bangbaluh hirup.
Siga lamun gering bisa cageur ku batu ali nu boga maunat keur nyageurkeun pirang-pirang kasakit. Nu séjén deui aya batu ali nu boga maunat keur ngalancarkeun dagang sangkan payu bari mucekil batina, nu lianna bisa narik asihan ngadeukeutkeun jodo, jeung sajabana. 
Nurutkeun papagon Islam nu mangrupa agama taohid, percaya kana kakuatan salian ti Alloh boh nu hirup boh nu paéh kaasup pagawéan sirik atawa nyaruakeun Alloh jeung mahlukNa (na'udzubillaahimindzalik, maha suci Alloh tina pagawéan kitu)
Demi sirik (syirkun) kaasup dosa gedé anu moal dihampura ku Alloh sakumaha pangandika Mantenna dina Al Quran:
Nu hartosna: "Satemenna Alloh hamo ngahampura dosa sirik jeung Mantenna ngahampura sagala dosa salian ti (sirik) keur sing saha baé anu dikersakeunaNa. Sing saha anu nyarékatkeun Alloh, satemenna manéhanana geus milampah dosa gedé." (Surat An Nisaa ayat 48)

Kitu pidawuh Alloh ngeunaan dosa sirik nu kaasup dosa badag tur moal dihampura. Teu rék kitu kumaha tuda midua haté sesembahan téh baris ngababuk jeung ngaruntagkeun adeg-adeg ageman. Cindekna baris ngancurkeun akidah jeung kaimanan nu minangka galeuh adegan sakumna jalma Islam. Mun nu poko geus ancur atuh komo sabangsaning ahlak geus moal boa bakal ruksak.

Sing Hatam Élmu Taohid
Alatan percaya kana jimat, barang anu dianggap karamat, terus dipupusti dipigusti, apanan sagala rupa dipercaya, ulah kitu kudu kieu bisi kawalat. Demi Alloh anu nyiptakeun éta barang sakumaha kersaNa teu dipaliré. Ngandung harti, piwarang jeung cegahanaNa teu dipiroséa alatan haté jalma musrik geus leuwih percaya kana kakuatan salian ti Alloh. 
Mun adeg-adeg kaimanan urang panceg dina tatapakan akidah luyu jeung hidayah ti Alloh, saeutik ogé moal percaya kana kakuatan anu disaruakeun jeung Mantenna. Upamana sagala nu tumiba ka diri urang apan éta téh éstuning dumasar kana kersaNa tur moal aya nu bisa ngahalangan. Geura urang lenyepan deui pidawuhNa:
"Lamun Alloh nibankeun hiji balai ka anjeun, nya moal aya anu bisa ngaleungitkeun anging Mantenna. Jeung lamun Alloh ngersakeun maparin kahadéan ka anjeun, nya moal aya anu bisa ngahalangan karunia Mantenna. Mantenna maparin kahadéan téh keur sing saha anu dikersakeun di antara abdi-abdiNa. Jeung Mantenna Mahajembar Pangampura tur Mahaasih." (QS Yunus: 107)
Ku kituna, sangkan muslim teu tigebrus kana pagawéan sirik siga percaya kana barang naon baé anu dianggap mibanda kakuatan nu disandingkeun sareng Alloh, kudu enya-enya hatam ngaji élmuning taohid.
Dina ayat di luhur apan sakitu jéntréna yén hadé jeung goréng teh éta kersaning Alloh dina harti lain karena kakuatan mahluk luyu jeung rukun iman nu wajib dipercaya yén dina lakuning hirup téh urang baris nyorang papastén hadé jeung goréng.
Jadi, mun téa mah urang keur kasab heug teu laju, teu perelu malengos tina adeg-adeg iman jeung kayakinan ku cara percaya kana jimat nu dianggap bisa ngungkulan kandegna usaha. Percayakeun ka Alloh ku cara ihtiar ngagunakeun akal walagri, tawakal, sobar, jeung ngadunga mumuntang mung ka Mantenna. Ku cara kitu, batin bakal tingtrim, lain alatan jimat nu sakadar barang paéh. 

Gampang Diténdok
Dina hadis kapiwarti nu hartosna: "Sahabat Uqbah bin Amir ra sasauran, sim kuring parantos nguping Rosululloh saw. ngadawuh: sing saha nu maké 'tanimah' (sabangsaning jimat), nya Alloh moal nyampurnakeun dirina. Jeung sing saha anu ngagunakeun hiji perkara anu dipercaya bisa méré katengtreman, nya Alloh hamo maparin katengtreman ka manéhna." (HR Ahmad jeung Abu Ya'la kalayan sanad anu alus. Imam Hakim nyarios yén ieu hadis sanadna sohéh)
Kitu pidawuh Rosulululloh saw. ngeunaan jalma nu sok percaya kana jumut-jimat. Sidik kitu peta téh pidorakaeun sabab kaasup pagawéan sirik anu enya-enya alias dosa gedé.
Samangsa-mangsa jelema tigebrus kana dosa gedé siga sirik, bakal aya nu surak tanda sugema. Saha tah? Nya saha deui ari lain sétan laknatullah mah. Naon sababna sétan surak? Sabab lamun jelema geus ruksak tatapakan agamana nyatana akidah jeung kaimanan bakal gampang ngaruntuhkeun ajén inajén agama nu sejénna alias gampang diténdokna kana jalan kasasaran nu lianna. Bakal gampang meruhkeun kakuatan-kakuatan dirina sabagé manusa nu mulya.
Salasahiji contona, enya keur solat mah maca Fatihah tur dina bacaanana kaunggel, "Iyyaaka na'budu waiyyaaka nasta'in: Mung ka Gusti abdi nyembah sareng mung ka Gusti abdi neda pitulung". Tapi, alatan tigebrus kana kamusrikan jadi robah pamadegan, ngan kana napsu sumembah jeung ka sétan ménta tulung anu dina prak-prakanana percaya kana jimat, batu ali, jsb. Piraku sétan teu rék surak dipigusti ku jelema siga kitu. 
Ana kitu sidik sirik téh ngaruksak kahadéan. Kasoléhan bisa kasilih nu engkéna bakal jadi suluh naraka. Iman robah jadi kufur, taohid jadi pamusrikan, jeung sajabana nu témahna baris tinemu jeung karugian nu matak hanjelu saumur-umur, hanjakal salalawasna. Pidawuh Alloh SWT dina Al Quran nu hartosna:
"Jeung satemenna geus diwahyukeun ka hidep jeung ka (nabi-nabi) saméméh hidep, mun mah hidep migawé sirik, tanwandé amal hidep bakal leungit jeung hidep kagolongkeun jalma-jalma anu rugi." (Surat Az Zumar: 65)

Mupus Pagawéan Hasanah
Ngalenyepan ayat di luhur kalayan tandes Alloh mépélingan urang sadayana yén sirik téh bisa mupus pagawéan hasanah nu témahna bakal ngarugikeun lain nguntungkeun sok sanajan tujuan migawé sirik téh keur ngalap kauntungan.
Teu kurang-kurang jalma nu kabelejog, siga aya dukun cenah manéhna sakti mandraguna, dina leungeunna reuteum batu ali. Terus susumbar bisa nambahan duit mangtikel-tikel. Jelema bodo jeung lemah imanna mah percaya baé. Ari hég dina kanyataanana nipu malulu da duit nu dijangjikeun bakal nikel téh kalah digerejud, diganti ku duit palsu guntingan keretas koran. Mindeng kabéjakeun kajadian kitu téh. Sidik pagawéan sétan lain pagawean jalma iman.
Sirik kaasup pagawéan kotor da enas-enasna mah datangna tina godaan sétan. Alatan kitu, ahlak jalma musrik bakal ruksak. Mun ahlak geus ruksak, kahadéan-kahadéan nu mangrupa hidayah ti Alloh sareng RosulNa moal asup. Malah lamun diantep aya dina lingkungan kahadéan, laun-laun mah mangaruhan pangpangna pikeun jalma anu imanna héngkér.
Munasabah mun jalma musrik kaasup "najasun" (najis) nu teu payus asup ka masjid atawa ngahiji jeung majlis hidayah Ilahi.
"Hé jalma-jalma nu ariman, satemenna jalma-jalma musrik téh najis (kotor), ku kituna poma maranéhna ngadeukeutan Masjidilharam sabada taun ieu." (QS At Taubah: 28)
Kitu pidawuh Alloh ngeunaan jalma musrik anu ngadeukeutan masjid baé dipahing, atuh angot lamun idek liher itikaf di masjid. Ieu ngandung harti, naon rupa kahadéan anu aya di masjid, hirup kumbuh kaom muslim, ulah nepi kakotoran ku najis sirik. Siga solat, lamun awak atawa pakean urang kakeunaan najis, apan teu sah solatna. Nya kitu deui amal-amal hasanah urang mun kanajisan sirik nya moal sah alias teu ditampi ku Alloh SWT.
Cindekna, hak ulah pacampur jeung batal. Cepeng deleg hak, singkahan batal. Jauhkeun sirik tina diri sabab lamun diantep bakal ngaruksak kahadéan. Jarum haté nu tadina panceg dina hidayah Alloh ku ayana sirik bisa maléngos kana ajakan sétan nu siga lempeng tapi saenyana tarahal loba pibahlaeun tur matak cilaka. 
Ku kituna, hayu urang tebihan sagala rupi pamusrikan, boh sirik leutik (sabangsaning ria) angot sirik ageung. Pancegkeun jarum kalbu dina kaimanan nu diwewegan ku kaihlasan, ulah gampil kabongroy ku tapak lacak godaan sétan. Da apan si éta mah salawasna sok ngagebruskeun kana pagawéan jahat jeung mungkar. Pidawuh Alloh:
"Hé jalma-jalma nu ariman, poma maranéh ulah nuturkeun léngkah-léngkah sétan. Sing saha anu nuturkeun léngkah-léngkah sétan, nya sabenerna sétan téh nitah migawé pagawéan jahat jeung mungkar." (QS An Nuur: 21)
Dina ayat sanésna Alloh SWT ngawawadian ka sakumna manusa:
"Hé sakabéh jalma, prak dahar anu halal jeung alus tina naon-naon anu aya di bumi, jeung poma maranéh ulah nurutan pagawéan-pagawéan sétan lantaran saenyana sétan téh musuh anu nyata pikeun maranéh sakabéh. Saéstuna sétan téh ngan ukur nitah maranéh migawé kajahatan jeung kagoréngan..." (QS Al Baqarah: 168 - 169)
Tina ieu ayat mingkin nyata yén sirik téh malulu uar pangajak sétan sangkan manusa cilaka. Nya sawadina ku urang ditebihan. Saur ki juru pantun téa mah:
"Kikirik diparab ketan,
dina nyiru diwadahan.
Sirik téh pangajak sétan,
hayu urang tarebihan."
Mugia urang sadayana teu tigebrus kana godaan-godaan sétan, utamina pagawéan sirik anu sidik matak nyilakakeun. Pageuhan panto akidah jeung kaimanan ku konci amal soléh nu teras dirumat supados teu gampil kabongroy ku panggoda si éta. Aamiin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: