• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Panggupay Jabar
ka Wisatawan Mancanagara

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Galibna tempat nu kajojo, bakal loba mangpaatna. Apan, nu jadi pangjugjugan mah, hartina loba pupurieunana. Kitu deui Kota Bandung, tempat lumangsungna ka-60 Konferensi Asia-Afrika (KAA), tangtu loba nu migandrung. Jadi pangirutan, ieu kota Tatar Sunda téh. 

Lobana nu daratang, loba piuntungeun, asal bisa ngamangpaatkeunana. Da, nu daratang téh loba kabutuhna. Panganna, panginepanana, jeung sajabana, kudu kacumponan salila arinyana aya di panyabaan.

Ayeuna, Jawa Barat téh pada moconghok. Kitu téh, lantaran kadatangan semah ti jauhna. Wawakil nagara Asia-Afrika, ngumpul di Bandung, di Gedong Merdeka, Jalan Asia Afrika. Urang Jawa Barat nu jadi pribumi, tangtuna gé hayang nyenangkeun semah. “Tangtos wé, salaku pribumi anu saé urang téh kedah nyadiakeun  kaperyogian para tamu sangkan ngaraos betah sareng tumaninah,” ceuk Drs. Nunung Sobari, MM., Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud), Jawa Barat.

Keur kamekaran dunya wisata Jawa Barat, kagiatan-kagiatan badag saperti KAA téh bakal kacida gedé mangpaatna. Atuda, nu daratang ka Tatar Jawa Barat téh, sabadana anjog ka Jakarta, bakal mariang ka Bandung. Mun geus nepi ka Bandung, bakal loba titingalieunana. “Sakur nu kasaksen ku tatamu dina waktosna di jalan sareng di tempat-tempat sanesna bakal jantén pangirutan,” pokna.

Matak Tibelat

Di Jawa Barat mah, loba jugjugeun. Atuh, ceuk  Kadis Parbud Jawa Barat, mun ngajakan tamu lolongok ka sabudeureun Bandung gé moal susah mawana, da loba piliheun téa. Saperti panitia KAA nu rék mawa tamuna ka Tangkuban Parahu, merenah pisan. Lantaran, sabudeureun Gunung Tangkuban Parahu gé alamna asri matak betah nu arulin.

Jawa Barat, ceuk Kadis, mémang loba kapunjulanana. Pangpangna  cenah, tumali jeung alamna. Saperti gunung, rimba, laut, air,  pantai, jeung sungai (gurilaps) téa, jadi andelan keur dunya pariwisata Jawa Barat mah. Atuda, mungguhing alam, apan boga kapunjulan mandiri nu béda ti tempat-tempat séjénna.

Kitu deui senina, ceuk Kadis mah, moal hésé néangan nu payus disuguhkeun ka tatamu petingan. Di Jawa Barat gé loba pisan seni téh. “Pintonan-pintonan téa,dina ngareuah-reuah KAA gé, tangtosna ogé petingan,” pokna.

Upama Bandung jadi pangjugjugan, mémang pikabetaheun. Nu kungsi nyaba ka Bandung, dina séjén waktu gé harayang deui nyaba ka Bandung. Dina mangsa ieu kota  jadi tempat miéling KAA, tangtuna ogé bakal jadi panineungan keur nu kungsi nyaba ka Bandung téh. Urang deungeun téh, baris wanoh ka Bandung jeung Jabar ti deukeutna. “Intinana mah, upami urang hoyong ngirut wisatawan, hartosna ogé nu disuguhkeun sareng tempat panjugjuganana, kedah  pikabetaheun, matak tibelat,” pokna.

Seni Tradisi Kudu Midang dina KAA

Dina bulan April ayeuna perhatian masarakat di ieu dunya éstu tamplok ka dayeuh Bandung, ku ayana kagiatan miéling 60 taun Konferénsi Asia-Afrika (KAA). Salian ti hal-hal anu sipatna pulitis, kegiatan miéling KAA anu ke-60 téh mangrupa momen pikeun némbongkeun sarta promosi sagala poténsi jeung kabeungharan Jawa Barat, kaaasup seni budayanya.

Réktor Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, Dr. Hj. Een Herdiani S.Sen., miharep kasenian anu dipintonkeun dina KAA téh henteu ukur ngawakilan nagara-nagara pamilon konferénsi wungkul, tapi ogé mangrupa adu manis antara kasenian modéren jeung tradisional anu aya di Jawa Barat.

“Tangtu baé KAA téh mangrupa salasahiji momen pikeun ngawanohkeun kasenian urang ka dunya internasional. Sim kuring miharep, seni kréasi anu engké dipidangkeun henteu leupas tina tradisi,” pokna, waktu ditepungan ku Manglé di kampus ISBI Jl. Buahbatu Bandung, sawatara waktu nu kaliwat.

Een ogé nyaritakeun pangalamanana waktu milu aub dina kagiatan miéling KAA taun1990-an, basa Joop Ave jadi Mentri Pariwisata, Pos, dan Telekomunikasi. Harita, nagara-nagara pamilon téh kawakilan ku kasenian anu dipintonkeun.

Réktor ISBI anu mangrupa réktor wanoja pangorana di Indonésia téh, nétélakeun, yén poténsi seni budaya di Jabar éstu ngaleuya. Een ngarasa optimis, kesenian Jabar anu dipidangkeun téh bakal meunang pangbagéa ti masarakat internasional, hususna nagara-nagara Asia jeung Afrika. Éta hal dumasar kana pangalamanna dina waktu ngalaksanakeun pagelaran, seminar, jeung paméran pariwisata ka rupaning nagara di dunia, kesenian Sunda anu dipintonkeun ku timna teu weléh meunang pangbagéa anu luar biasa.

“Urang luar negri mah aprésiasina kana seni téh daria pisan. Lamun lalajo hiji pagelaran kabéhanana jempé, taya nu ribut atawa huruwas-haréwos. Sabada réngsé pagelaran, kakara maranéhna cengkat nangtung bari keprok. Alhamdulillah, saban sim kuring saparakanca réngsé mintonkeun kesenian Jawa Barat, nu lalajo téh keprokna ramé pisan,” kitu dijéntrékeun ku Een, anu ti bubudak geus dideukeutkeun kana dunya seni ku kolotna. Ti bubudak, Nénét—nénéhna tina Een, sok diajak ku nu jadi indungna pikeun midang dina panggung sandiwara tradisional.

Malah kungsi dina hiji kagiatan “West Java Minifest”, Een ngémbohan, tim nu dipingpin ku dirina ngajak warga Washington D.C pikeun ngawarnaan wayang golék. Een ngahaja mawa wayang golék anu tacan dipulas, pikeun babarengan diwarnaan ku kulawarga warga Washington D.C anu milu kana éta kagiatan. Éta kagiatan meunang pangbagéa anu kacida gedéna. Kacatet aya 150 kulawarga di Washington D.C. anu milu aub kana kagiatan ngawarnaan wayang golék.*** 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: