• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Soekarno & KAA

Kénging Abdullah Mustappa
Kintun kana Facebook

Sanggeus 60 taun, rada dienyakeun sigana mah miéling Konférénsi Asia Afrika taun ieu téh. Lumangsungna di Jakarta jeung di Bandung. Di Jakarta konférénsina di Bandung mah mulangkeun panineunganana. Nu matak Bandung gé dibebenah, babakuna mah di sabudeureun Gedung Merdéka.

Nya di dinya, 60 taun ka tukang, para pamingpin ti nagara-nagara di Asia jeung di Afrika ngahaja jauh-jauh daratang ka Bandung pikeun baradami. Nagara-nagara anu alanyar merdéka téh ngarasa sanasib, nya babarengan ngabadamikeun pikahareupeunana. Dasasila Bandung, minangka kasapukan KAA, ayeuna mah geus jadi dokumén anu ngan perlu dibaca deui sakali-kalieun.

Sedengkeun harita, 60 taun ka tukang téa, Soekarno diajénan ku saréréa. Moal daratang para pamingpin ti nagara-nagara Asia jeung Afrika anu alanyar merdéka téh, lamun maranéhna henteu sapuk yén kudu sapamadegan. Mungguh harita, Perang Dunya nu kadua kakara anggeus. Tapi Uni Soviet (katut balad-baladna papada nagara komunis) jeung Amérika Serikat (jeung sekutuna anu anti komunis) langsung adu hareupan. Maranéhna anu nyekel kakuatan, boh ékonomi, boh pulitik kitu deui militér. Hayangna mah saalam dunya téh ngan dibagi dua ku maranéhna.

Nu ngaranna Republik Indonésia harita, umurna kakara 10 taun. Nagara nu salila-lila dijajah ku Walanda jeung ku Jepang téh keur mimiti bebenah. Mun dibandingkeung jeung Uni Soviet atawa AS, RI téh jauh tangéh. Kitu deui nagara-nagara séjén, boh di Asia boh di Afrika, anu kakara merdéka. Bari jeung apan terus dihihileudan ku urut penjajahna.

Ari Soekarno, Nehru, Nasser, Zhou Enlai, kitu deui umumna para pamingpin nagara anu séjénna, digedékeunana téh dina alam perjoangan. Merjoangkeun kamerdékaan bangsana. Ari anu jadi modal utamana, sumanget, anu euweuh eureunna terus ditépakeun ka bangsana.

Lamun dibabandingkeun jeung ayeuna, sanggeus liwat 60 taun lilana, sigana nya sumangetna téa anu geus dipopohokeun téh. Bandingkeun wé sumanget para pamingpin dina taun 1955 jeung para pamingpin ayeuna, taun 2015. KAA 1955 téh pilar suksésna diplomasi RI, anu tacan aya babandinganana, nepi ka ayeuna. Harita aya kasadaran nempatkeun posisi RI dina hirup kumbuh internasional sangkan bisa diajénan malah dipikasérab.

India jeung RRT, meureun bisa dipaké babandingan. Harita, Nehru jeung Zhou Enlai téh daratang ka Bandung, milu ngarumuskeun Dasasila Bandung. Ayeuna, sanggeus 60 taun téa, boh RRT boh India, ayana geus di ditu, di hareup. Malah, urang, Republik Indonésia, tinggaleunana rada jauh. Ayeuna mah apan mun nyaritakeun naon baé anu aya patalina jeung kamajuan jaman, urang téh sakecap kadua cina. Sagala rupa kaperluan sapopoé, urang téh gumantung pisan ka Tiongkok.

India, sanajan henteu ngabelesat saperti RRT, tapi sarua, ayana di hareupeun urang. Taya salahna, lamun dina kasempetan miéling KAA anu ka-60 ayeuna, soal éta téh dipikiran, babakuna ku para pamingpin anu ayeuna keur boga kasempetan pikeun ngurus nagara jeung bangsa. Naon sababna urang tinggaleun?

Waktu Soekarno diruntagkeun tina kakawasaan, nu jadi alesanana téh lantaran geus mawa bangsa jeung nagara kana jalan anu salah. Minangka tarékah pikeun memenerna, nya setir téh dipéngkolkeun. Tapi naha geuning Suharto téh ahir-ahirna mah diruntagkeun ogé? Naha Suharto gé geus mawa bangsa kana jalan anu salah deuih? Sabada Suharto, kumaha?

Aya anu ngaranna otokritik. Ngiritik diri sorangan. Salasahiji anu harita ditabeuh, waktu Soekarno dirurud tina kakawasaanana, nyaéta hutang luar negri anu gedé. Basa kakawasaan Suharto runtag, hutang bangsa Indonésia téh kalah leuwih gedé. Malah aya tambahna, korupsi mahabu di mana-mana. Ayeuna, sanggeus ganti pamaréntahan sababaraha kali, hutang téh tambah gedé deui. Ari korupsi, beuki mahabu deuih. Malah aya émbohna, nurutkeun Wakil Presidén Jusuf Kalla, sumber minyak di urang bakal béak dina waktu 30 taun.

Ngan nyésa 30 tauneun deui nya? Atuh éta mah moal lila deui. Mangkaning hutang sakitu gedéna. Mangkaning korupsi sakitu meuweuhna.

Pikeun urang ayeuna, KAA téh geus jadi sajarah. Kitu deui Soekarno. Kitu deui Suharto. Naha éta sajarah téh aya kénéh hargana, atawa pulungeunana? Atawa mending kénéh dipopohokeun lantaran dianggap teu penting?

Di batur gé, boh Nehru boh Zhou Enlai, sarua, geus jadi sajarah pikeun bangsana masing-masing. Naha maranéhna geus dipopohokeun ku bangsana sorangan? ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: