• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Aweuhan Tatar Pantura
Nguatan Tatapakan Sunda

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Gotong-royong budaya karuhun rahayat Jawa Barat [Potrét/Ilustasi: ]

Gupernur jeung para pajabat séjénna téh bras-brus ka walungan.  Diturutan ku wargana. Kitu nu kasaksén sawatara waktu ka tukang di Pagadén, Subang Jawa Barat. Ngan, naon maksudna? 

Teu  jéjérégéd, Gupernur Jawa Barat jeung para pajabat daérah séjénna, bras-brus ka walungan. Bebelesekan, meresihan lulumpur jeung runtah di saluran cai irigasi. Paripolah ieu pamingpin Jawa Barat téh diturutan ku warga séjénna.

Dina panineungan gupernur,  nganteng pasipatan  urang Sunda jaman baheula. Da, cenah, migawé naon waé gé sauyunan, silih bantuan. Mun ngaruag jeung ngadegkeun imah, para tatangga téh teu kudu dibéjaan, da harideng sorangan mantuan! Panineungan éndah paripolah urang Jawa Barat mangsa ka tukang, di sawatara tempat mah, kari dongéngna. “Ayeuna ogé témbong kénéh guyubna gotong-royong mah, mung teu sapertos kapungkur, ” ceuk gupernur dibarung mesem.

Dina ngabebenah saraha umum, saperti jalan, susukan, pamandian, ogé ka tukang-tukang mah, cukup dipigawé babarengan (kerja bakti).  Cara ngeprak warga gé gampang naker, cukup diumumkeun tina toa atawa sapiker di masjid atawa warga téh dibere ‘girik’, ondangan kerja bakti ti RT atawa ti RW.  Ku cara daék migawé sarana umum babarengan, di antara warga jeung warga téh tumuwuh rasa silih pikabutuh.

Ayeuna, mémang lain kamari. Paripolah gé bisa robah. Dina mangsa sagala rupana diukur ku ‘duit’ ngorbankeun tanaga keur pihak séjén téh, jadi hal anu ‘langka’. Apan, uma-omé sarana keur kapentingan umum gé, geus loba nu dikulikeun!

Tarékah pamarentah dina ngajaga budaya gotong royong, terus dikeureuyeuh. Malah, aya waktuna anu jinek saban taun. Teu eun-eun, dilakukeun dina sabulan campleng, saperti dina bulan Mei. Kagiatan kitu, lumangsung sacara nasional. Kagitan kitu, katelahna téh Bulan Bakti Gotong-Royong Masyarakat (BBGRM).

 

Nguatan Budaya

Bulan Bakti Gotong Royong Masyarakat  ka-12 Sa-Jawa Barat taun 2015, dipeuseurkeun di Alun-alun Pagaden, Subang. Éta kagaitan gé sakalian jeung  Hari Kesatuan Gerak PKK ke 43, nu acarana lumangsung di  Alun-alun Kecamatan Pagaden Kabupaten Subang.

Daék gotong-royong jeung tulung-tinulungan téh, ceuk gupernur mah, pitrah manusa. Da, memang kitu kanyataanana, masing-masing jalma téh teu bisa sosorangana. Naon waé bubutuh hirup jeung kapereluanana, butuh bantuan pihak séjén.

Pasipatan tulung-tinulungan, mimiti ‘teu usum’ kapalidkeun ku modernisasi nu  mentingkeun hasilna batan prosesna. Ku lantaran kitu, loba ajen-inajen  kabangsaan nu asal-muasalna tina ciri mandiri ‘kaaripan’ lokal ieu nagri, saperti karep masarakat gotong royong mimiti luntur.

"Baheula, saban aya kagiatan, kaasup ngawangun imah, warga téh ubyag ilu-biung marantuan. Ayeuna, gotong royong  memang aya kénéh, tapi  geus kacida kurangna upama dibandingkeun jeung mangsa ka tukang,” ceuk gupernur daria naker.

Urang Jawa Barat umumna, urang Sunda hususna, payus reueus lantaran boga tuturus hirup dina sual gotong royong. Écés, dina kekecapan silih asah silih asih silih asuh. Di dinya mah, di anatara urang jeung urang téh ngancik silih bantu, silih jungjungkeun, lain sabalikna!

 “Hayun kaaripan lokal sapertos gotong royong téh ulah nepi ka dikantunkeun,” ceuk H. Ahmad Heryawan.

Gupernur gé miharep, ngaliawatan  BBGRM  sumanget warga  gotong-royong ngorejat deui, kubra deui di masarakat. Ku lantaran kitu, inyana gé miharep, acara BBGRM téh, lain ukur ‘seremonial’, tapi  sawadina jadi tuturus paripolah dina ngalakonan hirup babarengan jeung sasama di masarakat.

“Nagara  sareng  pamarentah, moal mungkin ngaréngsékeun  sakumna  masalah anu aya di masarakat. Ku margi kitu, peryogi pisan karep barang gawé sasarengan,” pokna.

Hal-hal nu langsung tumali jeung kabutuh masarakat, sawadina dipigawé babarengan jeung sasama. Saperti meresihan susukan, ngabebenah jalan sisi lembur,  teu perlu ngandelkeun pamarentah, cukup ku cara gotong royong masing-masing warga.

Ngaliwatan éta kagiatan,  Gubernur gé meredih  para kepala daérah, bupati ogé walikota sa-Jabar bisa ngahirupkeun jeung ngoréjatkeun deui sumangat gotong royong di  daerah masing-masing.

Bupati Subang Ojang Sohandi, nu jadi pribumi éta kagiatan gé nandeskeun, kasadaran masarakat kana sual gotong-royong kacida pentingna. Malah, cenah, leuwih penting batan waragad nu biasa dipaké keur ngawangun. Ceuk inyana mah, najan  anggaran disadiakeun sacukupna, bisa moal gedé mangpaatna upama teu meunang pangrojong  masarakat. "Sim kuring miharep  rasa gotong-royong téh tuwuh  di masarakat kalayan kasadaran nu leres-leres timbul tina ati sanubari  masing-masing,” pokna.

Aweuhan ti Pagaden, Tatar Pantura, sawadina nyebar ka sakumna wewengkon Jawa Barat. Apan, acara nu lumangsung di Pagaden mah, ‘ukur’ mitembeyanana, da prak-prakanana mah kudu parat ka saban tempat.

Saperti ceuk  Ahmad Hadadi Asisten Kesejahteraan Rakyat Sekda Pemrov Jabar, eta kagiatan téh sawadina jadi tatapakan tumuwuhna  gotong-royong  di masyarakat. Lian ti kitu, deuih sakalian geusan ngaronjatkeun karep jeung ilu-biungna masarakat dina ngawangun masing-masing daerahna. “Bulan bakti ieu lumangsung dugi ka ahir sasih ieu,  31 Mei. Sakumna  desa nu  di Jabar ngalaksanakeun ieu kagaiatan. Dipiharep,  kagiatan  gotong royong tiasa mekar janten  bagian paripolah masarakat sadidinden,” pokna pinuh ku pangaharepan.  *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: