• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Padungdung Di Jero Leuweung

Kénging Andang S Argayuda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1440129610.jpg [Potrét/Ilustasi: agus m]

Boga jangji ti anggalna yen poe eta rek datang nepungan manehna, anu rek di jugjug teh pakampungan, tapi ngaran-ngaran di pileuweungan Sumatra anu di sebut kampung teh jauh lain meumeueusan, jalanan anu rek di sorang kudu ngaliwatan leuweung geledegan. Teu sing aneh ku leuweungna mah da puguh geus lila hirup leuleuweungan, ngan eta ku jauhna, jeung ceuk anu ngabejaan cenah dina jalan anu ka kampung eta sok aya begal, tapi hate teu bisa disupa dulang, keukeuh asa hayang tepung jeung manehna.

Rebun-rebun keneh geus ngeureuyeuh nikreuh mapay leuweung, bari ngararasakeunsumilir angin dumalingding,alam nu keur di sorang sepi jempling, turaes nyengsreng patembalan dina dahan kai ngahudang ka keueung, handapeun cukang cai susukan herang ngagenclang, keusikna barodas beresih pacampur emas ting kolenyay herang, manuk murey baleger bari moyan dina dahan kai garing, mapaes endahna ka aslian leuwueng.

Keur jongjon ngararasakeun endahna alam anu kasorang, palebah pengkolan nu harieum caneom ku tangkal kai jarangkung, ujug-ujug aya anu jlung-jleng megat jajalaneun,tilu uranglalaki marake baju pangsi hideung, sirahna di bengker ikeut barangbang semplak, marawa pakarang bedog koplak.Moal salah deui pasti begal ano sok matuh di ieu leuweung, najan kacida kagetna tapi teu ieuh nempokeun ka keueung, teuneung ludeung taya karingrang, hirup keur ngalalana top badak kop maung, najan kudu paeh ngabale bangke ngajampanang bugang, ihlas teu sumoreang.

Saurang jadugnangajega ngaberegegeh nulak cangkeng, awak ngaharelung jangkung, dada jibang, kumis baplang sangga dulang, halis ngajedig kandel ngajapapang, beungeut bareugeud garang, matana moncorong burahay hurung.

"Mun hayang salamet, kadieukeun eta bungkusan, mun henteu, maneh bakal ngababatang ayeuna keneh, ku aing di cacag diwalang-walang". Eta gegedugna haok polotot menta bungkusan, padahal teu pira eusi bungkusan teh papan catur, disangka tas ngajual geutah karet meureun.

"Kuring lain owel ku bungkusan, da eusina ukur barang teu sapira, tapi hayang nyaho kumaha rasana di cacag ku aranjeun". Ngomong teu eleh galak.

"Hah,ning jiga anu enya, budak bau jaringao, bau cikur, montong jajagoannan, mending kadieukeun eta bungkusan, supaya maneh salamet nepi ka tujuan, tapi mun teu diserahkeun berarti bener maneh teh hayang paeh di cacag ku bedog aing". Eta si begal nepi ka tetenjrag bari molotot burahay beureum.

"Embung paeh ku aranjeun mah, da urusan paeh mah lain hak aranjeun, tapi kuasana Gusti Alloh, babawaan moal di bikeun, lengkahan heula bugang kuring". Teuneung ludeng, naon anu dipikasieun, harta teu boga, kulawarga teu boga, cukleuk leuweung cukleuk lamping, teu aya anu di pimelang.

"Bener anjeun moal mikeun eta babawaan, tega kana pati ?". Sanggeus ngomong kitu langsung mere isarat ka baladna nitah narajang.

"Ke heula anan lur, kuring lain urang dieu, teu boga harta teu naon, kuring sieun keneh nyanghareupan hirup tibatan nyanghareupan pipaeheun, ku kituna aranjeun mending ulah ganggu bisi kaduhung". Memeh dirogahala mere heula pepeling ka eta begal.

"Montong ngabacot kanu lain-lain, aing sabalad-balad jadugna begal di ieu leuweung, rasakeun yeuh bedog aing". Teu bisa di elingan, geus kalimpudan napsu nu ngaberung.

“Nya ari aranjeun keukeuh peuteukeuh rek ngarogahala,  sok teh teuing moal burung diayonan, kula moal jejerih kupati”. Buleud tekad rek ngalawan bebeakan.

Bungkusan di golerkeun dina taneuh anu rada garing, set pasang kuda-kuda dina jurus cikalongan, napas ditahan sakeudeung bari ngagerencemkeun ayat Al-Qur'an, ngeusian diri bisi kabongohan.

Kolebat salah saurang begal ngagajleng bari ngaheumbatkeun bedog kana sirah, memeh nepi dipiheulaan ku jurus waliwis nyusup, set suku kenca di kahareupkeun, leungeun kenca sakilat mapag leungeun anu narajang, kep pigeulang leungeunna nu narajang ka tewak, sakilat suku katuhu dilengkah keun malipir ka gigireun musuh, leungeunna dupurilitkeun bari sukuna dikael ku suku katuhu, leungeun katuhu meta ngababuk peupeuteuyan, blug, begal teh nangkarak bengkang, antukna humaregung nahan kanyeri, bedogna mencleng kana pipir suku.

Kareret aya deui nu rek nyamber beuheung ku bedog, sakilat bedog begal anu ngagoler di samber, terus ngareundeuk  dina jurus tarate katiup angin, plos, bedog musuh ukur ngolebat luhureun sirah, ngan habek, bedog di heumbatkeun tarik naker, bres bedog anu ngabelesat keuna pisan kana suku begal, goak si begal anu kadua ngagoak, sukuna boloboran ku getih.

Nempo baturna anu duaan namru bari humaregung,begal anu saurang deuinyuruntul rek nubles beuteung, awak ngagilek ka kenca sa eutik, plos, bedog begal ngageblos ngaliwat beuteung, teu di engkekeun deui, bedog disabetkeun ka hareup, bres, goak begal anu katilu ngagoak tarik, tina dadana merebey getih, ulaweran masehan baju na.

Karek oge ngajurungkunung rek ngabebener tangtungan, beletuk kana tonggong aya anu ngababuk tarik pisan, gajleng jingkrak make jurus hok mo jin tina kung fu, breh begal anu tadi dibantingkeun keur undur-unduran nyenyekel bedog. Jadi tadi anu ngabeletuk kana tonggong teh horeng bedog, siap-siap deui, asa panggih jeung jalan pikeun mecak pangabisa.

“Sok kadieu maju deui, hayang nyaho nepi kamana hojahna aranjeun anu cenah jadugna begal”.  Susumbar nangtang begal, kagok asong.

“Ampun jang kula tiluan nyerah, moal kumawani ganggu deui ka anjeun, hampura kula sarerea”. Begal anu tadi ngaku jadug,  ngarumpuyuk menta ampun.

“Nya pikeun kuring mah teu boga masalah, di hampura pisan, ngan mun bisa mah ganti kahirupan teh kanu bener, ulah ngarogahala batur”. Di elingan saeutik sugan ngadenge.

“Lain teu hayang pindah pileumpangan, ngajalankeun kahirupan normal siga batur, tapi pan hirup di kampung saumur-umur balangsak taya kaboga, pangabisa ukur gelut, nya antukna jadi begal di ieu leuweung”. Si jadugna begal cumarita bari rumahuh pinuh kabeungbeurat.

“Kuring oge sarua balangsak, hirup pinuh ku kanyeri kapeurih, tapi dina diri tetep pageuh rasa eling ka Gusti, eling ka purwa daksi, nu matak kuring ngalalana seja nuturkeun elmu pangabisa, sugan bisa di pake nanjeurkeun bebeneran”.

“Kaharti Ujang, najan ngora keneh tapi tekad anjeun kacida mulyana, pangabisa Anjeun lain beja, tadi nyebutkeun lain urang dieu, sabenerna ti mana asal anjeun ?”. Si Jadugna begal bari mamandapan nanyakeun asal muasal.

“Yeuh bisi hayang apal,asal kula ti tatar Galuh, urang Sunda”. Tandes di bejakeun.

“Aduh paingan teuing, ku guru dicaram ngalawan urang galuh, cenah matak cilaka”. Begal teh ngajenghok ngadenge galuh.

“Naha ari kitu aranjeun asalna urang mana ?”. Beda rindatna ti tadi keneh jiga urang sunda.

“Hampura kuring sarerea, kuring oge jeung babaturan aslina urang sunda, ngan geus puluhan taun ngalalana di ieu patempatan”.

“Teu jauh tina sangkaan, cara aranjeun tarung, najan aya di tanah melayu, tapi jurus anu dipake ku aranjeun jurus-jurus silat tatar sunda”. Geus kataruh tina gerakan-gerakan silatna.

“Duh hampura  teu nyangka yen anjeun teh urang Galuh, kalayan rancingeus dina ulin jurus”. Geus pok deui sasadu menta dihampura.

“Jadi bener anjeuntaluk moal ganggu deui ka diri kula ?”.

“Duh leres pisan kitu, cadu moal gangu deui”. Susumpahan jangji saurang jawara.

“Kadieukeun atuh tah raheut anu gudawang urang ubaran, supaya getihna eureun”. Anu duaan di gupayan sina ngadeukeutan.

Duaan anu tatu nyampeurkeun bari kokompodan, terus anu raheutna di usap lalaunan, teu sakara-kara getihna saat saharita, raheutna rapet deui, ukur kulit luarna anu masih keneh aya tapak siga urut di cepret pecut. Tilu begal anu tadi haok polotot, anu bebentak kusora matak soak, ngagabrug kana suku eleh wowotan.

Sanggeus para begal baralik ka tempat nganjrekna, inget kana waktu tadi dikadek tonggong, terus di rampa, bajuna soek tapak ngadek, tapi awak mah teu cecel teu bocel, ngan bruk wae sujud dina taneuh, manjatkeun syukurr ka Dzat anu Maha Murba Wissesa. Ku Kersana, bisa leupas tina pibahayaeun.

Saterusna ngeureuyeuh deui neruskeun lengkah,nyuay-nyuaykeun rembetna rurungkunan nu ting runggunuk ngahalangan lampah, sagala lalangse anu kandel moekan jajalaneun di singraykeun ku tekad anu kukuh pengkuh,  muru hiji tempat anu susuganan bisa dipake iuh-iuh.*** Patakaharja, Rancah – Ciamis.

                                                                                     

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

vicky armando

Makasih udah ngebantu nyelesaikan tugas bahasa sunda

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: