• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Obsatar Sinaga, S.IP., M.Si.;

Sunda
Kudu Wani Balap

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Obi; Poténsi Jabar teu bisa dilalaworakeun [Potrét/Ilustasi: rudi]

Ukur ngadagoan wanci nu mustari, bisa jadi tinggaleun manten. Kawas nu remen kasaksian ayeuna, balukar teu daék ngarebut kasempetan, balukarna dina pacaturan pulitik nasional, urang Sunda tinggaleun. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Prof. Dr. H. Obsatar Sinaga, S.IP., M.Si., Guru Besar Fisip Universiats Padjadjaran (Unpad) Bandung.

Nyaritakeun peran Sunda di tingkat nasional, loba nu kuciwa, pangpangna mah mun ngukur kana jumlah nu milu icikibung di tingkat pusat. Geus puguh jadi pingpinan nagara, dalah ukur jadi wapres gé, ngan sakali-kalina, kitu téh jaman Orde Baru. Atuh, ka dieunakeun, satutas jaman réformasi, peran Sunda di tingkat nasional, pangpangna nu milu dina réngréngan kabinét, apan ceuk paribasa mah ukur puraga tamba kadengda.

Peran Sunda kawas kitu, loba nu manghanjakalkeun. Atuda, ditilik tina lalampahan sajarah ogé jumlah padumukna, asa teu pantes upama sélér kadua panglobana, teu boga peran anu milu nangtukeun di ieu nagri. Naon sababna pangna peran Sunda téh hengker pisan? Ieu Sekretaris Program Pasca Sarjana (Master & Doktoral) Studi Hubungan Internasional FISIP Universitas Padjadjaran, ngimeutan sababaraha kahengkeran urang Sunda. “Urang Sunda mah aya kesan alim ngarebut kasempetan, ukur nungguan,” pokna.

Pasipatan kitu, bisa jadi alus mun kabéh pasipatan ieu bangsa kawas urang Sunda. Meureun, moal parebut ngahalalkeun sagala rupa cara hayang nempatan kalungguhan téh. “Tapi, da ku lantaran pasipatan ieu sélér gé teu sarua, ukur ngadagoan waktu mustari mah, moal kabagéan,” ceuk ieu pangurus widang Kajian Politik Internasional ICMI jinek.

Mun jadi pamingpin ukur ngandelkeun ‘réstu’ pihak séjén, atawa ngandelkeun kapercayaan ti batur, dina alam démokrasi mah, bisa jadi kahengkeran. Apan, batur mah, kumaha waé carana, ngarebut kakawasan ku cara ménta dukungan ti pihak séjén. Tapi, sabalikna, mun urang Sunda, ngarasa ‘teu percaya’ diri némbongkeun kamampuhanana, moal meunang pangrojong pihak séjén. 

Mun pasipatan urang Sunda kawas kitu, bisa jadi ceuk Prof. Obsatar (nu biasa sok di sebut Prof. Obi), lantaran urang Sunda mah ‘ferfectionis’, sagala rupana kudu ‘sampurna’. “Apan jadi pamingpin téh kudu masagi! Padahal, lian ti kitu ogé, urang Sunda téh kudu wani balap!” pokna bari mésem.

Anggapan pamingpin kudu luhung élmu jembar pangabisa, mémang alus. Ngan, cenah, kitu ogé gambaran urang Sunda téh kurang kaludeung. Padahal, dina ngalaksanakeun hiji pagawéan, ceuk ieu pangarang buku Otonomi Daerah & Kebijakan Publik: Implementasi Kerja Sama Internasional mah, teu kudu ngadagoan kauntup sagala rupana, da bisa dikeureuyeuh bari diajar. “Kudu daék learning by doing,” pokna témbrés.

Ari kahengkeran séjénna, ceuk Prof. Obi, urang Sunda téh ‘ogoan’. Teu pati daék tipoporosé ngudag kahayangna. Ku lantaran kitu deuih, ébréhna, dina paripolah mun waktuna kudu persaingan, urang Sunda mah, sok ‘ngaragap haté sorangan’ nu balukarna, embung ngéléhkeun batur!

Sacara pribadi-pribadi, ceuk tilikan Prof. Obi nu ogé jadi Asesor Nasional Badan Akreditasi Nasional (BAN) Perguruan Tinggi, ajén urang Sunda moal éléh ku sélér séjén. Ngan, cenah, dina waktuna ngahijikeun kakuatan, kacida hengkerna. Kitu téh, balukar urang Sunda nu tara ngajakan dulurna mun inyana geus jeneng. Atuh, upama geus jeneng ogé sok cecelengcengan sorangan, teu meunang pangrojong ti dulur-dulur sasélérna.

Pasipatan nu tara ngajakan dulur ogé, ahirna mah kawas nu teu nyaah ka lemburna. Mun téa mah, boga kakawasaan di tingkat nasional, ngawangun lemburna gé tara totomlokan, biasa-biasa wé. “Ku lantaran kitu, mun jadi pajabat ogé, teu pati témbong mangpaatna keur urang Sunda,” pokna tandes naker.

Kaayaan urang Sunda nu ditétélakuen di luhur, sabenerna mah bisa jadi kakuatan nu rohaka, da pasipatan kitu téh bisa positif. Geura wé, ceuk ieu Guru Besar Fisip Unpad, mun boga sipat teu hayang nganyerikeun batur, embung ngéléhkeun batur, moal jadi pacéngkadan. “Pasiaptan urang Sunda kitu, sabenerna mah kudu jadi pasipatan urang Indonésia umumna,” pokna.

Hanjakal, cenah, pasipatan urang Sunda nu méré kasempetan ka pihak séjén téh, keur urang Sunda mah jadi mamala. Balukarna, urang Sunda tinggaleun atawa teu kabagéan!

Pasipatan-pasipatan hadé, bisa jadi teu ngungtungkeun upama salah larap. Saperti pasipatan urang Sunda nu tara ngajakan dulurna, lantaran dianggap nepotisme nu kaasup paripolah teu hadé. Tapi, mun urang Sunda teu ngajak dulurna najan boga kasempetan, ahirna mah bisa ngurangan kakuatan, da kurang balad jeung pangrojong téa. Kitu ceuk ieu Dosen non-Organik Sekolah Staf Komando Angkatan Darat (SESKOAD) & SESKOAU.

Sual embung nganyerikeun batur atawa embung ngéléhkeun batur, ogé pasipatan hadé, lantaran ku cara kitu, moal nganyerikeun haté batur. Tapi, sabalikna, kitu téh bakal malindes ka diri sorangan, da can tangtu cara mikir batur mah, sarua jeung urang Sunda. “Hal-hal sapertos kitu, kedah janten tinimbangan,” pokna.

 

Jabar Ngahiji

Poténsi Jawa Barat, ceuk Prof. Obi, teu bisa dilalaworakeun. Nilik kana kanyataan, tetep bakal kacida mangaruhanana keur nasional. Geus puguh poténsi pendidikan mah, apan Bandung téh, ibu kota Jawa Barat nu jadi puseurna pendidikan. Sakur pamingpin nasional, umumna kungsi meunang pangalaman di Bandung.

Kitu deui sual padumukna, apan Jawa Barat téh jadi provinsi nu jumlah padumukna panglobana. Hartina, dina waktuna nyaritakeun kakuatan Provinsi di tingkat nasional, Jawa Barat téh bakal kacida dibalitungkeunana. “Dina pilihan légisatif atawa éksékutif, dukungan Jawa Barat pasti dibalitungkeun di tingkat nasional,” pokna.

Tumali jeung jumlah penduduk, saterusna gé, mangaruhan kana jumlah anggota législatif atawa wawakil rayat di DPR. Anggota DPR RI dapil Jawa Barat, saratus urang. Jumlah sakitu bakal jadi kakuatan rohaka dina nangtukeun nasib jeung lalampahan ieu bangsa. “Saleresna, kari ngamangpaatkeunana, sangkan poténsi urang Jawa Barat ngahiji,” pokna.

Geura wé, cenah, upama aya calon-calon nu baris jadi pamingpin lembaga atawa instansi, nu kuduna meunang rékomendasi ti DPR RI, sora ti Jawa Barat bakal gedé pangaruhna. “Mun nyaritakeun kapentingan Jawa Barat, leupaskeun jékét partéy, perhatikeun ogé kapentingan Jawa Barat, da mariangna ka Senayan jadi wawakil rahayat téh, apan meunang pangrojong warga Jawa Barat,” pokna.

Ku lantaran kitu, cenah, keur ngabebenah Jawa Barat, organisasi kasundaan, saperti Paguyuban Pasundan, sawadina mampuh matéahkeun poténsi SDM Jawa Barat, kaasup nu engkéna bakal makalangan di tingkat nasional, kaasup para wawakil rahayat. “Pantes, sakur nu engkéna mawa sora Jawa Barat, ku Paguyuban Pasundan téh, ditalék heula kanyaahna ka Jawa Barat,” ceuk ieu Dosen Teladan Fisip Unpad Taun 2005.

 

Diajar Nyunda

Ngaranna Obsatar Sinaga, katelahna Obi. Teu sing ngaharib-harib kana ngaran Sunda. Matak, pantes dina waktuna tarung marebutkeun pingpinan organisasi, éta ngaran téh jadi bangbaluh. Saperti dina hiji waktu, basa inyana ré nyalonkeun diri jadi pingpinan organiassi di Kota Bandung, apan isuna téh lain urang Sunda, ogé agamana gé lain Islam!

Panyangka kitu, mémang tina ngaranna téa. Nu sesebutanana kitu mah tangtuna ogé urang lain urang Sunda. Keur Obi, teu disebut urang Sunda mah, teu ieuh hayang ngabuktikeun, da puguh inyana mah, ngarasa yén dirina téh teu kudu ngabuktikeun nanaon, da sidik akina ogé apan urang Sunda.

Sual agama, perlu ‘diklarifikasi’. Waktu boga kasempetan nepikeun angen-nagen ka balaréa, inyana ngajak pamilon sawala, solat babarengan (berjamaah). Ajakan kitu dibuktikeun dina waktu solat magrib. Harita Obi maju ka hareup jadi imam. Maca susuratanana oge anu panjang, saperti dina rokaat kahiji maca surat Al-Waqiah, rokaat kadua surat Al-Bayyinah.

Ari sual, tudingan Obi lain urang Sunda, nya kari medar lalakonna wé, bari sakalian maké basa Sunda. Ku cara kitu, kakara batur téh percayaeun yén Obi téh Islam jeung nyunda.

Obi mémang teureuh Sunda. Mun dicukcruk ka karuhunna, écés kokocoran Sundana téh. Apan, akina téh Suadma, urang Bandung, nu keur bélékesenteng mah, milu bajuang ngalawan Belanda. Waktu katangkep, dibuang ka Sumatera. Saterusna, akina téh ganti ngaran jadi Suadi, lantaran supaya teu kapaluruh asal-usulna ku pihak musuh. Ti harita teu balik deui, malah ahirna mah, bubuara meunangkeun urang Sumatra. Saterusna, akina téh ngadegkeun padépokan penca silat!

Anak Pa Suadi nu awéwé meunangkeun urang Batak, nya lahir wé budak lalaki, Obsatar Sinaga nu katelah Obi téa. “Tapi, atikan di bumi mah, nuju di Sumatra gé angger wé nganggo adat Sunda,” pokna.

Waktu akina ngadegkeun padepokan téa, kaseundeuhan ku nu ti mana-mana. Urang Sunda gé loba nu ka dinya, dialajar menca. Ari akina, ceuk Obi, sapopoéna téh nyarita basa Sunda. Kawasna,rék batur ngartieun rék henteu, angger ka sémah gé sok nyarita basa Sunda. Mun teu ngartieun sok aya nu narjamahkeun kana basa ki sémah sangkan basa Sunda pribumi kahartieun ku sémahna.

Ti leuleutik nepi ka SMP, Obi matuh di Sumatra. Ngan waktu SMP, kulawargana pindah ka Kalimantan. Waktu hayang neruskeun sakola, Obi milih Bandung, da kasengsrem ku dongéng akina ngeunanan lemburna. Jeung deuih, geus apal Bandung téh sohor naker, jadi pangimpungan nu boga karep tolab élmu.

Kaludeung Obi kacida kapangaruhan ku akina. Apan, cenah, jalma mah kudu gedé kawani jeung salila sarua jalma mah, ulah sieun.

Kahayang Obi, méh-méhan bolay, lantaran indungna mah nyarék. Melang, cenah! Di Bandung mah euweuh dulur, lantaran dulur ti aki gé geus parindah ka Lebak, Banten. Kitu ceuk dongéng indung Obi harita.

Najan indungna keukeuh nyarék, bapana mah béda deui, malah ngajurung Obi sina gedé kaludeung. Antukna Obi pindah ka Bandung, asup ka SMA Negeri 8 Buah Batu Bandung. Inyana ngadon kos di tempat nu teu jauh ti sakola. Indung Obi, angger wé melangeun. Najan geus rumaja, geus kelas dua SMA, bangun nu teu percaya, mun anakna betaheun di lembur batur. Mun isuk-isuk geus kring nelepon, bisi can tuang, kitu deui mun peuting, geus nelepon deui bisi teu betah.

Obi nu dipikanyaah indung, saterusna mah beuki nanjung di Bandung. Apan, ti mimiti kuliah S1, S2, S3 nepi ka nyangking Profesor ogé nanjung di Bandung. Lian ti kuliah, ogé aktif disababaraha organisasi, saperti pernah mancén ketua KNPI Kota Bandung, pangurus Pemuda Panca Marga Jawa Barat, MKGR Jabar, KONI Jabar, ICMI, jeung organisasi séjénna.

Kanyaah indung, ceuk Obi karasa pisan. Inyana ngarasa ku ditalingakeun ku indung, najan ti kajauhan, jadi pameungkeut rasa asih ka indung. Malah, inyana mah percaya, mun kanyaah indung saperti indung Sunda, bangsa Indonésia bakal maju! *** 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: