• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

BPBDK
Ngokolakeun Daérah

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Kagiatan BPBDK keur para guru basa daérah [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Mun dicokot gancangna, urang sebut balé basa. Pangna kitu téh lantaran ngeunaan basa Sunda anu katangen jadi garapan utamana téh; basa Sunda patalina jeung atikan formal di sakola. Padahal, noménklatur lengkepna mah Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian, disingget BPBDK. Ieu lembaga téh ayana di Dinas Pendidikan (Disdik) Provinsi Jawa Barat, mimiti ngadegna taun 2003, pikeun ngawewegan Perda Jawa Barat No. 5 jeung 6 taun 2003 anu eusina perkara miara jeung mekarkeun basa, sastra, aksara, jeung kasenian daérah.

“Di Disparbud Jawa Barat aya nu disebat Dinas Kebudayaan, ari di Disdik aya BPBDK,” ceuk Husen R. Hasan, M.Pd. anu kiwari nyangking kalungguhan Kepala BPBDK. Husen téh pajabat kalima anu mingpin éta lembaga, ti mimiti taun 2011; tepi ka ayeuna mah kaasup anu panglilana nyekel éta jabatan.

Bédana, garapan Dinas Kebduayaan di Disparbud mah ngokolakeun basa, sastra, aksara, jeung kasenian daérah anu hirup di masarakat, ari BPBDK dihususkeun di lingkungan pendidikan, ti mimiti tingkat dasar tepi ka tingkat menengah.

Anu kaasup kana kolom daérah dina garapan BPBDK téh henteu ngan sawates Sunda wungkul, tapi deuih Cirebon jeung Melayu Betawi. Najan tangtu waé ari dina urusan panglobana garapan mah nya anu patali jeung basa katut kasenian Sunda, sabab masarakatna leuwih loba batan penduduk Jawa Barat anu ngagunakeun kultur Cirebon jeung Melayu Betawi.

Anu jadi kasang tukang diadegkeunana BPBDK aya tilu isu masalah. Kahiji, dina kabuktian kiwari, basa jeung kasenian daérah téh teu disatatakeun jeung anu maké label nasional, malah asing, boh dina kagiatan pendidikan boh anu hirup di masarakat umum. Kadua, lamun éta kanyataan diantep, tangtu balukarna bakal goréng; kabudayaan daérah bakal tumpur, tur dina ahirna bakal ngarémbét kana kabudayaan nasional. Heueuh, apan ari budaya nasional Indonésia téh diwangun ku puncak-puncak budaya daérah. Katilu, patalina jeung pangajaran di sakola, basa jeung kasenian daérah anu kaasup mutana lokal téh masih kénéh loba kakuranganana, boh patali jeung guruna boh dina urusan sarana.

 

Lagu Heubeul

“Husus ngeunaan guru basa Sunda, mémang dugi ka ayeuna teu acan aya data anu lengkep, persisna sabaraha puluh atanapi ratus kirangna guru basa Sunda di Jawa Barat téh, margi kondisi robihna di lapangan dina saban taun kaétang dinamis. Mung anu karaos pisan mah mémang guru basa Sunda téh kirang kénéh; guru anu ngawulang di SD, SMP, sareng SMA katut SMK,” ceuk Husen. Hal ieu tumiba deuih kana kondisi pangajaran basa Cirebon jeung Melayu Betawi.

Mémang da ti baréto ogé kitu. Kurangna guru basa Sunda téh geus jadi lagu heubeul. Kurang leuwih ti taun 1970-an gé geus kitu. Tug tepi ka ayeuna ogé tacan réngsé-réngsé.

Anu paling katara téh dina lebah walatrana. Umumna guru téh numpuk di kota, ari di pasisian karasa pisan kurangna. Kitu ceuk pamanggih Husen. Ngan waé lamun niténan hasil panungtikan UPI, guru basa daérah anu nyumpunan kualifikasi téh karék ngahontal angka 25 persén. Cindekna, masih kénéh loba guru basa daérah anu tacan saluyu jeung kasang tukang profési akademikna. Sakola di Jawa Barat téh kurang leuwih aya 37 rébu. Lamun digitik rata di saban sakola aya hiji guru basa daérah, hartina anu nyumponan kualifikasi mah karék salapan rébuan.

Lebah numpukna guru di kota, éta gé rada kaharti, da meureun patali jeung sarana katut fasilitas kahirupan. Ari di kota mah dianggap genah, teu matak ripuh kawas jadi guru di pasisian. Dina urusan transportasi, upamana, apan di kota mah babari.

Ku sabab guru numpukna di kota, remen kabéjakeun yén kualitas pendidikan ogé teu walatra. Anu matak préstasi diajar muridna ogé ganjor.

Ku Manglé dipapaykeun, padahal di sisi séjén, asa kurang kumaha lobana lulusan UPI jeung lembaga pendidikan kaguruan lianna anu sacara formal akademik geus jaradi sarjana pendidikan basa Sunda.

“Leres éta téh,” témbalna. Tapi ari patalina jeung guru anu diangkat jadi PNS mah gumantung kana jatah anu aya di saban pamaréntah kabupatén atawa kota. Bisa waé ari kabutuh mah loba, tapi formasi anu aya ngan saeutik, tepi ka ahirna diparebutkeun. Ari anu disebut formasi, apan éta téh dipatalikeun ujeng pangabutuh guru mata pelajaran lianna.

Sajaba ti masih kénéh kakurangan guru, pasualan séjénna anu nyampak di masarakat Sunda kiwari téh nyaéta kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda terus ngurangan. Hal ieu gedé pangaruhna kana kalumangsungan pangajaran basa Sunda di sakola. “Nya kanggo BPBDK mah janten hiji tangtangan,” omong Husen.

Taun 2013, pangajaran basa daérah di sakola téh kungsi jadi ramé, lantaran teu dibéré hancengan dina kurikulum. Tepi ka aya démontrasi sagala apan; lain waé di hareupeun Gedong Saté, tapi deuih tingalabring ka Senayan, sangkan para wakil rayat merhatikeun nasib pangajaran basa daérah.

“Di Jawa barat alhamdulillah tos tiasa kaungkulan. Bapa Gubernur positif ngaréspon ku ngaluarkeun SK No. 69/2013, anu eusina ngatur pangajaran basa Sunda di sakola,” ceuk Husen.

Ku ayana éta SK, pangajaran basa daérah di Jawa Barat, sacara yuridis formal dianggap geus aman, da geus jinek payung hukumna. Basa daerah kudu asup kana stuktur kurikulum, per mingguna dua jam pelajaran. Éta téh wajib.

Husen nyebutkeun, mémang tacan sakabéh sakola geus bisa sagemblengna nyumponan katangtuan dina éta SK Gubernur. Anu masih rajeun jadi masalah téh pangajaran basa Sunda di SMK. Ari sababna, mata pelajaran di SMK téh katambahan ku anu sipatna fokasional, anu sakapeung mah nyokot hancengan tina pangajaran basa daérah. Jadi di SMK mah aya anu jatah pangajaran basa daérahna dikurangan.

“Tapi, da teu sadaya SMK kitu. Seueur anu gugon nyadiakeun dua jam pelajaran dina samingguna gé,” pokna deui.

Tepi ka ayeuna, di Dinas Pendidikan anu aya di lingkungan pamaréntah kabupatén jeung kota mah tacan dibentuk lembaga anu kira-kira sarua jeung BPBDK. Jadi, karék di tingkat provinsi wungkul.

Éta pangna, ceuk Husén, kagiatan BPBDK mah mimindengna ngamitra jeung Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Bahasa Daerah anu aya di saban kabupatén jeung kota.

Ngokolakeun pangajaran basa daérah bakal leuwih énténg prak-prakanana, mun di tingkat kabupatén atawa kota dibentuk lembaga kawas BPBDK.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: