• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sunda jeung Jusuf Kalla

Kénging H. Uu Rukmana
Kintun kana Facebook

Nyaritakeun  Sunda ti tingkat nasional tétéla matak prihatin. Atuda mingkin dieu peranna mingkin nyororot, upama dibandingkeun jeung mangsa ka tukang-tukang. Harita mah, urang Sunda boga Umar Wirahadikusumah nu kungsi jadi wakil Presiden RI, aya Amirmacmud nu jadi Menteri Dalam Negeri. Éta nu duaan némbongkeun peran urang di tingkat nasional aya pupurieunanana.

Di tingkat gubernur, urang Sunda gé bisa nepak dada, harita mah. Boga Ali Sadikin, teureuh Sumedang, nu jadi gupernur DKI. Peran éta gubernur lain ukur gedé pangaruhna keur Jakarta, tapi deuih keur tingkat nasional.

Ari ayeuna, peran Sunda di tingkat nasional héngkér pisan. Mun aya téa mah, peranna téh kaasup kana paribasa ukur puraga tamba kadengda!

Dina widang séjénna sacara nasional ogé kaciri héngkérna téh. Geura wé, tina sajumlah partéy pulitik, taya saurang ogé nu jadi ketua umumna. Kitu deui mun nyaritakeun peran Sunda dina organisasi kamasarakatan (ormas) di tingkat nasional, angger héngkér kénéh pisan, da mana atuh urang Sunda nu boga ketua umum sarta boga peran anu nyata.

Kétang, nu rada iwal ti nu ditatataan di luhur téh, Paguyuban Pasundan. Meureun di dinya mah, peran urang Sunda téh tembong aya leuheungna. Paguyuban Pasundan masih keneh boga lengkah jeung garapan gawe nu jinek nu karasa jeung katembong ku balaréa.

Kanyataan peran urang Sunda kawas kitu, bawirasa,  raket tumalina jeung pasipatan urang Sunda nu kurang hadé. Apan,  urang Sunda mah mun geus beunghar sok ngadak-ngadak jadi medit, najan ka dulur sasélérna.  Kitu deui urang Sunda mah, mun geus manggung di Batawi,  poho ka dulur nu di lembur, poho ka  sarakanana sorangan. Balukarna, urang Sunda jeung dulur sasélérna téh henteu ngahiji, henteu daék silih rojong, lantaran nu jeneng ngarasa teu meunang pangrojong masarakatna, kitu deui masarakat teu nganggap yén si nu jeneng di pamaréntah pusat gé teu méré mangpaat keur rahayat Tatar Sunda.

Mun urang Sunda ngarasa katulungan, ku tokoh nasional, horéng  lain ku sélér Sunda, tapi ku Wapres Jusuf Kalla. Inyana mah,  gedé katineungna ka urang Sunda téh. Atensina atawa perhatianana cukup hadé kana kagiatan-kagiatan kasundaan. Atuh, kana  Kongrés Paguyuban Pasundan anu lumangsung ahir bulan Agustus 2015, ieu wapres téh  datang ngaluuhan acara, sarta muka acara. Padahal, mun anjeunna teu ngajénan urang Sunda,  meureun bisa waé muka kongrés éta paguyuban téh ukur nitah salasaurang menterina.

Kumaha waé kaayaan urang Sunda di tingkat nasional,  urang kudu yakin, poténsi urang Sunda téh teu kurang. Payus tur pantes boga peran nu jinek di tingkat nasional. Atuda, nilik kana jumlah padumukna gé kadua panglobana  di Nusantara, sanggeus urang Jawa.

Nilik kana jumlah padumukna nu réa kacida, sakuduna urang  Sunda boga peran nu milu nangtukeun  kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan di tingkat nasional. Ku lantaran kitu, urang Sunda téh kudu ngahijikeun kakuatan keur ngahontal udagan babarengan.

Keur ngahontal tujuan kawas kitu, léngkah jeung ketak urang Sunda kudu jinek. Léngkahna kudu dirarancang gemet tur daria. Masing-masng nu boga poténsi keur ngararancang léngkah Sunda ka hareup kudu samiuk nataharkeunana.

Kadua, kudu aya dukungan atawa pangdeudeul ti urang Sunda kana sagala rupa  léngkah nu geus dirarancang. Ku cara kitu, karep jeung kahayang urang Sunda téh bakal leuwih kuat.

Katilu, nu geus dirarancang, ogé nu geus meunang pangdeudeul, kudu disaluyuan ku sakaumna urang Sunda. Mun léngkah-léngkah kitu bisa diwujudkeun teu mustahil sakur karep jeung angen-angen urang Sunda sangkan bisa icikibung di tingkat nasiona kalayan peranna hadé, bakal tinekanan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: