• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Keuyeup Bodas
Satukangeun Carita Jati Gede

Kénging Ayie Sundana
Kintun kana Facebook

Upama Jatigedé dikeueum bakal ngahudangkeun keuyeup bodas nu engkéna bakal ngabobol bendungan. Sual keuyeup bodas, kungsi diramalkeun ku Resi Aji Putih, nu ceuk sakaol tumali jeung  Jatigedé. Keuyeup bodas ceuk  paélmuan (sains) mah, Sesar Baribis, Lembang jeung Cimandiri anu nyambung sarta melengkung siga keuyeup. Keuyeup bodas atawa Sesar Aktif Baribis kungsi diguar ku DPKLTS (Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda) nu nétélakeun yén Jatigedé bakal gampang bedah sabab éta daérah teu stabil lantaran Sesar Aktif  Baribis anu sawaktu-waktu bisa ambrol.

Lian ti ceuk uga Resi Aji Putih, sual bendungan téh diramalkeun  dina Wangsit Siliwangi, “Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!”

Waduk Jatigedé di Kabupaten Sumedang Jawa Barat téh, ngeueum 12 desa di 4 kacamatan sakaligus puluhan situs sajarah. Kiwari ngan lima situs anu bisa dipindahkeun tur diperenahkeun. Sésana kaancam bakal dikeueum dina bendungan.

Diantara sababaraha situs titinggal karuhun aya ogé situs makam Raja Tembong Agung nyaéta Prabu Gagah Agung. Raja anu maréntah di Sumedang dina abad ka-15. Situs Cipeeut nyaéta makam punden berundak nu pernahna di Desa Cipaku, Kacamatan Darmaraja. Tina hasil pendataan teknis Dinas Budaya dan Pariwisata Jawa Barat, kacatet aya 42 lokasi situs. 32 situs aya di aréa bendungan, sedengkeun 10 situs séjénna kakeueum ku cai.

Kabuyutan dina Kosmologi Masarakat Sunda baheula mangrupa tempat atikan moral jeung spiritual anu alami (ngahiji jeung alam). Kabuyutan dina kontéks modern sarua jeung Sekolah Alam atawa Pasantren Alam. Kabuyutan aya patalina jeung Tri Tangtu Masarakat Sunda (Tiga Penentu Kebijakan Dunia) anu urutanna nyaéta Resi (Guru Pendidik), Ratu (Pamimpin Pamarentahan), jeung Rama (kolot, Tokoh Masarakat).

Sababaraha katerangan nyebutkeun yén luluhur urang Sunda ngajénan pisan kana amanat Kabuyutan, hal ieu bisa ditingali tina Amanat Galunggung beunangna Prabu Resi Guru Darmasiksa, Raja Sunda Galuh (mangsa pamarentahan 1175 – 1297 M, naék tahta 16 tahun pasca Prabu Jayabaya 1135 – 1159 M) dina Amanat Galunggung tarjamahanana saperti kieu:

“Leuwih mahal kulit lasun nu aya di jarian tinimbang raja putra anu teu bisa ngajaga jeung ngariksa kabuyutan.” Ancaman ti Raja Sri Jayabupati (Raja Sunda, marentah taun 1030 M) dina Prasasti Sanghyang Tapak (Prasasti Jayabupati / Prasasti Cicatih).

Karuhun Sunda geus loba ngawangun situs- situs Kabuyutan di sababaraha daerah di sakuliah Tatar Sunda biasana ditempatkeun di lokasi saperti di gunung jeung leuweung. Karuhun Sunda cerdas dina nangtukeun lokasi- lokasi tempat Kabuyutan diwangun nepi ka sabadana diwangun dibarengan ku “wasiat”: gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang dirusak, amanat kabuyutan teu meunang dirempak.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: