• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nanjeurkeun Ukhuwah Islamiyah

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Manusa téh hamba Alloh. Ku kituna hirup kumelendang di dunya téh mibanda amanah. Ngalaksanakan amanah ti Gusti Nu Mahasuci téh tangtuna ogé teu gampil. Komo deui apanan dina diri manusa téh tumerap dua sipat, boh sipat hadé boh sipat goréng.

Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd. 

“Tapi kitu, manusa tetep kudu tiasa ngaoptimalkeun sipat hadé nu aya dina dirina sangkan bisa jadi manusa nu adipikaasih tur dipikaayah ku Alloh SWT., jadi manusa anu mulya mungguh Alloh,” saur Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd. ketua Dewan Pertimbangan PUI Jawa Barat, basa tepung di Hotél Geulis Dago - Bandung.  

Nguatan kaimanan jeung milampah katakwaan, salawasna jadi bekel hirup keur sakumna umat Islam. Pangna kitu, papagon agama salawasna kudu ditanjeurkeun. Henteu waé jadi kawajiban keur pribadi-pribadina tapi ogé kaasup keur lembaga-lembaga kaislaman. Carana? Tangtu ceuk ieu dosen UIN SGD Bandung, nu pangpentingna pola dakwah kudu bener-bener jeung ulah pegat ukhuwah islamiyah di antara umat Islam. Lantaran, sagala upaya keur nanjeurkeun Islam nu rohmatal lil’alamin, koncina mah aya dina ukhuwah Islamiyah. Contona waé, ceuk ieu pangurus Darul Hikam Bandung, kiwari aya Persatuan Umat Islam (PUI). Ieu organisasi éstuning keur nanjeurkeun kapentingan umat Islam. Misina ogé lain keur ngagegedékeun hiji madhab, tapi keur nanjeurkeun ukhuwah Islamiyah umat sok sanajan béda-béda madhab. “Sapertos PUI, jinek, misina kanggo nanjeurkeun ukhuwah. Sipatna ummatan washato, sineger tengah téa,” pokna.

Keur nepikeun bebeneran, nyegah kamungkaran, ceuk H. Jaja ogé butuh ukhuwah. Lantaran, ngajak 'amar ma'ruf nahyi mungkar', teu bisa sorangan-sorangan, tapi butuh babarengan. Kitu kituna, husus di Jawa Barat, pola dasar ukhuwah Islamiyah tetep kudu di jaga.

“Islam nu rohmatal lil’alamin, atanapi pribadi-pribadina nu jadi pinunjul di urang, nya dasarna mah kedah tiasa ngalarapkeun ihsan téa. Atanapi upama basa urang mah, kedah mampuh nanjeurkeun silih asah silih asih jeung silih asuh,” pokna deui.

Ngan nyakitu, ceuk tilikan ieu pangurus Badan Koordinasi Ummat Islam (BKUIJabar, ukhuwah Islamiyah di Jawa Barat moal bisa nanjeur, upama teu maliré kaayaan jeung pasipatan jalmi-jalmi nu aya disabudeureunana. Hartina, nanjeurna Islam di Jawa Barat, sawadina kudu adumanis antara nanjeurkeun kaislaman jeung nanjeurkeun kaarifan lokal. “Da urang mah Islam nu dumuk di tatar Sunda, atuh ukhuwah Islamiyah ogé kudu dibarung ku pasipatan Sunda. Hartosna, nyebarkeun Islam, boh ku cara da’wah lisan atanapi dawah conto, nya kudu ku cara-cara pasipatan Sunda,” pokna.

Islam téh agung jeung mulya. Lantaran kitu, nyebarkeun Islam ogé kudu karaos jeung kahartos. Karaos, ceuk H. Jaja, hartina Islam kudu raharja. Anapon ‘kahartos’, hartina nyebarkeun Islam téh kudu salawasna pikabitaeun. “Da’wah nyebarkeun Islam, kedah karaos jeung kahartos,” pokna.

Nganti Duta Ukhuwah Sabada Haji

Ibadah Haji, lian ti ibadah nu sipatna habluminalloh, tapi ogé kaasup ibadah habluminannas. Palebah ibadah nu sipatna hablu minannas, para jamaah haji salawasna dipiharep mampuh jadi duta ukhuwah Islamiyah. Kitu, di antara nu jadi udagan ibadah haji téh. Ngan, ceuk H. Jaja ogé, mémang, teu meungpeung carang, masih loba kénéh para jamaah haji sabada balik deui ka lemah caina, paripolahna masih jauh tina harepan.

Tapi, dina palebah kitu, lain hartina program ibadah haji teu aya gunana. Lain hartina urang ulah miharep ka para jamaah jadi duta kasoléhan sosial. Lain hartina ulah miharep jadi seuseungit lembur.  Tetep, ceuk H. Jaja, umat Islam kudu gedé harepan ka para jamaah haji, mudah-mudahan tiasa jadi duta ukhuwah Islamiyah nu bakal nyeungitan lemburna. “Tujuan Ibadah haji sangkan jadi jalmi pinunjul, jadi picontoeun, jadi soléh, jadi ahli ibadah. Anapon, sabagéan aya nu teu luyu jeung harepan, lain hartosna kudu ngalepatkeun ibadah haji. Apan dina kaidah fikih ogé, ma la yudraku kulluhu la yutraku kulluhu. Upama aya kénéh nu teu dipiharep ti sadayana, ulah ditinggalkeun sadayana,” ceuk H. Jaja nu ogé pangurus MUI jeung ICMI Jawa Barat.

Margi kitu, sangkan ka para jamaah haji ahirna jadi duta ukhuwah, sahenteuna ti anggalna mula kudu disiapkeun. Dina panintén H. Jaja, aya sababaraha nu kedah ditataharkeun. Kahiji sual bekelna. Bekelna téh kudu nu halal tur henteu matak jadi bangbaluh keur dirina.  Kadua, kudu bener-bener niat ibadah, lain keur ngungudag gelar hajina wungkul. Katilu, ibadah haji kudu didasaran ku kaimanan jeung katakwaan. Lantaran kitu dina larapna, boh saméméh ibadah haji, boh dina prak-prakanana ibadah haji atawa sabada haji, kudu istiqomah, kudu sieun ku Alloh Swt. “Margi dasarna iman jeung takwa, Insya Alloh janten haji mabrur, nyatana ihlas ibadah jeung teu weléh resep nanjeurkeun ukhuwah Islamiyah,” pokna témbrés.

Panutan keur Nanjeurkeun Ukhuwah

Aya sababaraha nu jadi cukang lantaran pentingna ukhuwah Islamiyah. Di antarana waé, dumasar kana ‘tanawwu' al-ibadah’. Geus papada maphum dina palebah 'keragaman' dina prakték ibadah, teu weléh aya béda pamadegan antargolongan atanapi antar organisasi kaagamaan, nyaéta nu disebut ikhtilaf. Lantaran kitu, Kangjeng Rosul, ngadawuhkeun, yén ihtilaf téh kudu jadi rohmat. Hartina, béda pamadegan téh ahirna kudu jadi wasilah keur ningkatkeun ukhuwah Islamiyah.

Kitu deui, dumasar kana ‘al-mukhti'u fi al-ijtihad lahu ajr’. Ganjaran nu salah dina ijtihad ogé bakal meunang ganjaran. Nu nangtukeun salah jeung benerna, mung Alloh SWT. Aya deui dasar ‘la hukma lillah qabla ijtihad al-mujtahid’.  Alloh moal netepkeun hukuman sateuacan ayana ijtihad kana éta masalah. Ieu hartosna, hasil ijtihad téh jadi hukum Alloh, sanajan hasilna tiasa béda-béda.

Ukhuwah téh nikmat nu sakitu agungna nu ku Alloh dipaparinkeun jalma-jalma mu’min. Sakumaha dawuhan Alloh dina surat Al-Imron ayat 103:

“…Jeung sing inget kana ni’mat Alloh nalika anjeun baheula (jaman jahiliyah) mumusuhan, mangka Alloh ngahijikeun haté anjeun, terus jadi ngahiji lantaran ni’mat Alloh.”

Tina ayana béda pamadegan kitu, singhoréng tujuan ahirna kudu jadi rohmat, nu saterusna keur nguatan ukhuwah Islamiyah. Lantaran kitu, ceuk H. Jaja, tina béda-béda pamadegan  dina hiji perkara, boh dina masalah agama, boh dina masalah sosial kamasarakatan, ahirna mah butuh pamingpin nu ngarti, jujur jeung mampuh sineger tengah.

“Alhamdulillah, sapertos ukhuwah Islamiyah di Jawa Barat tiasa jadi conto keur ukhuwah di nusantara. Ieu teu tiasa diicalkeun, lantaran pangaruh pamingpinna, nu jadi panutan jeung mampuh  ngadumaniskeun élmu kaagamaan jeung élmu kadunyaan,” ceuk H. Jaja Jahiri nutup obrolan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: