• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Giliran Urang Jawa Barat
Mémérés Bangsa

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
KH. Haedar Nashir (tengah) sareng Prof. Dadang Kahmad [Potrét/Ilustasi: ]

Urang Jawa Barat gé jadi pamingpin nasional. Ketua Umum PB NU ti Cirebon,  Ketua Umum PP Muhammadiyah ti Ciparay, Bandung. Ngan, kumaha ketakna dina mingpin masing-masing organisasi?

Mana pamingpin Sunda di tingkat nasional? Patalékan nu ‘ngagugat’ kawas kitu remen kabandungan dina tepung lawungna urang Sunda. Aya nu miharep urang Sunda icikibung di tingkat nasional, aya ogé nu milih teu pipilueun upama réjimna teu amanah.  Ngan, kumaha ari dina widang agama?

Upama dipatalikeun jeung kapamingpinan Sunda di tingkat nasional, kapilihna Haedar Nashir jadi Ketua Umum PP Muhammadiyah téh, ngandelan kayakinan, urang Sunda gé bisa! Hartina deuih, meunang kapercayaan ti balaréa.

Lian ti Hadear Nashir aya deui K.H. Said Aqil Siroj, teureuh Cirebon Jawa Barat. Ari di NU mah, kungsi aya nu jadi Rois Am PBNU, K.H. Ilyas Ruhiyat, teureuh Pasantrén Cipasung. Nilik ka dinya, urang Sunda gé bisa makalangan di tingkat nasional kalayan pada ngajénan ku sélér-sélér bangsa séjénna.

Karep Haedar, mingpin éta organisasi téh, geusan nguatan gerakan  sosial Muhammadiyah, nguatan jaringan jeung komunikasi Muhammadiyah boh ka jero boh ka luar, nguatan ékonomi Muhammadiyah kalayan nuwuhkeun jiwa wirausaha demi kama’muran rahayat, sarta neruskeun jihad konstitusi. Ari agénda NU, museurkeun garapan gawéna kana kapamudaan, pendidikan, kaséhatan, jeung ékonomi karakyatan. Ngajaga para nonoman NU tina pangaruh-pangaruh jeung paham radikal. Ngawewegan unit-unit garapan NU ti puseur nepi ka daérah, ngawal ahlusunnah waljamaah, sarta ngajadikeun Islam nu modéren jeung  toléran, sarta teu ngagunakeun NU jadi kakuatan pulitik.

Haedar Nashir sabada kapilih, nétélakeun, inyana boga karep mawa Muhammadiyah sangkan mampuh ngajawab pasualan-pasualan nu tumali jeung masalah umat, bangsa, jeung kamanusan universal.

Peran Jabar

 

Upama urang Sunda boga karep icikibung dina urusan nagara, mémang nantrat lalampahanana.  Apan, urang Sunda téh teu weléh milu bajuang keur ieu bangsa. Atuh kitu deuih atmosfir Sunda, saperti Bandung gedé pangaruhan keur gerakan nasional, kaasup waktu ieu bangsa ngusir pihak-pihak nu ngajajah.

Dina jaman perjuangan, Bung Karno gé remen ngayakeun sawala di Bandung, atawa pasna mah di bumi Inggit Garnasih. Di dinya madungdengkeun rupa-rupa konsép jeung pipikiran keur ngahontal  Indonésia merdéka. Pipikiran jeung gagasan para pajuang téh ngawujud jadi  PNI 4 Juli 1927, Sumpah Pemuda 28 Oktober 1928 jeung robahna PNI jadi  PARTINDO 29 April 1931. Nu  karumpul di Bandung téh, para lulugu gerakan kemerdékaan seperti Suyudi, Agus Salim, Ki Hajar Dewantoro, HOS Tjokroaminoto, Kyai Haji Mas Mansur, Sartono, Hatta, Moh. Yamin, Ali Sastro, Asmara Hadi, Ibu Trimurti, Otto Iskandardinata, Dr. Soetomo, M.H. Thamrin, Abdoel Muis, Sosro Kartono (raka Ibu Kartini), jeung sajabana. Dina nyongkabna hawa panas perjuangan, arinyana betah di lingkungan dayeuh Bandung nu hawana seger.

Kitu deui, Wapres Jusuf Kalla dina waktu muka kongrés Paguyuban Pasundan di Gedong Merdéka sawatara waktu ka tukang nétélakeun, peran Jawa Barat teu bisa dilalaworakeun. Lantaran, cenah, boh sandang boh pangan gé, Nusantara téh kahutangan budi ku Tatar Sunda. “Tanpa Jawa Barat, Indonesia kalaparan,” pokna tandes naker.

Tapi rupa-rupa kapunjulan Jawa Barat, dina kapamingpinan nasional kiwari mah, loba nu manghariwangkeun. Saperti nu kagambar dina sajak nu ditétélakeun ku Ketua Paguyuban Pasundan Prof.  Didi Turmuzi, “Geus meujeuhna dina wanci kudu nyaring, lain wayah léah, mandeurikeun manéh!” Éta padalisan téh, lir harepan nu dikukuntit kahariwang.

Gupernur Jawa Barat, H. Ahmad Heryawan ogé, nételakeun, Paguyuban Pasundan ngabogaan poténsi nu kacida gedéna geusan leuwih maju. Ketak jeung peranna, écés ngawarnaan kahirupan di Jawa Barat. “Mémang geus waktuna urang Sunda ngahiji jeung ngahijikeun kakuatan,” pokna.

Saban organisasi, tangtu wé boga pasipatan masing-masing. Kitu téh tumali jeung udaganana. Ari dina kapaminginan organisasi kaagamaan, tujuanana téh leuwih neueul kana amar ma’ruf nahyi munkar. Ku lantaran kitu, dina mangsana pilihan pamingpin gé henteu tipoporosé kawas dina partéy pulitik atawa organsiasi séjénna.

“Tangtos lian ti tinimbangan kamampuhan, nu kapilih janten pamingpin di organsiasi kaagamaan mah, nu teu némbongkeun ambisi hoyong janten pamingpin,” ceuk Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., Direktur Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, Bandung, Jawa Barat.

Pasipatan nu teu nonjolkeun diri, ceuk Prof. Dadang mah, saperti umumna pasipatan urang Sunda. Ku lantaran kitu, cenah, dina kapamingpinan organisasi kaagamaan, pasiptan urang Sunda gampang ditarima.

 

Nguatan Kapamimpinan Sunda

Dalitna Islam jeung Sunda, teu weléh mangaruhan kana kuatna jati diri urang Sunda. Pangna kitu, urang Sunda nu jadi pamingpin, moal leupas tina peran agamana. “Urang Sunda mah kuat pisan agamana. Badé jadi pamingpin naon ogé, mémang teu weléh dipageran ku agama,” ceuk Prof. Dr. H. Asep Saeful Muhtadi, MA pakar Komunikasi UIN SGD Bandung.

Hartina, cék ieu pakar nu sok ditelah Prof. Samuh téh, munculna dua pucuk pingpinan NU jeung Muhammadiyah teureuh Tatar Sunda Jawa Barat, lain hasil badami, tapi mémang alatan kapunjulan dirina masing-masing. “Yakin, sanés hasil badami, tapi bisa disebut kabeneran sajarah,” pokna deui.

Tapi sanajan kitu, dua kakuatan pamingpin NU jeung Muhammadiyah kiwari, pangaruhna jeung peranna kudu jadi kareueus urang Jawa Barat. Pangpangna, dina mageuhan peran urang Sunda di kancah nasional. “Saleresna, saparoh pasualan bangsa, aya dina peran ormas Islam. Lantaran kitu, ayeuna waktuna dua pamingpin teureuh Jabar, bisa babarengan ngaréngsékeun pasualan bangsa,” pokna témbrés.

Prof. Samuh

Urang Sunda nu jadi pamingpin, boh di ormas kaagamaan atawa di pamaréntahan, mémang lantaran kapunjulan ajénna. Ceuk Prof. Samuh, kitu téh geus lumrah. Lantaran, urang Sunda mah, boga pasipatan henteu pati neugtreug.

Tapi sanajan kitu, upama geus jadi pamingpin, sakumaha téori Maslow, unggal jalma, rék asal budaya naon baé, tetep butuh pangajén ti pihak séjénna. Lantaran kitu, ceuk Prof. Samuh mah, penting kacida upama urang Jawa Barat ogé, bisa ngahijikeun pamadegan dua pucuk pamingpin NU jeung Muhammadiyah. “Ayeuna mah, naha para tokoh Jawa Barat wantun ngahijikeun poténsi dua pamingpin Ormas NU jeung Muhammadiyah nu lain sasaha?” pokna.

Dalitna Islam jeung Sunda, geus ngahiji kana jatidirina. Lantaran kitu, upama dua kakuatan pamingpin teureuh Tatar Sunda ogé, lain hartina keur numuwuhkeun primordialisme, tapi keur ningalikeun ajén urang Sunda di kancah nasional.  Malahan, waktuna dua kakuatan pamingpin NU jeung Muhammadiyah nu teureuh Sunda bisa  mémérés pasualan bangsa. “Insya Alloh, ku dua pamingpin ormas Islam teureuh Jawa Barat, saparoh pasualan bangsa tiasa diréngsékeun,” pokna deui.

Panitén Prof. Samuh kitu, mémang dumasar kana pasipatan urang Sunda nu ti baheula kénéh resep akur jeung gampang diakurkeun, salila dasarna kaagamaan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: