• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Suaban Mawa Mamala

Kénging Yusuf Yuhendi
Kintun kana Facebook

Ti soré kénéh geus saged, pakakakas lintar disiapkeun sapuratina. Tadi beurang meunang uter jéngkol paméré mang Aép. Deuh moal teu kena upama dipaké nyenggal peuting engké. Teu poho kang Ojak diharéwosan, bada Isa diajak nyungsi saban leuwi.

            “Jung...! sing betah di leuwi téh, sakantenan nyandak bantal supados tibra,” ceuk indung budak nyungkun, nalika kuring jeung kang Ojak rék bral miang.

            “Réncang kulemna candak tong?” Témbal kuring, orokaya ditampa ku paroman cua, baketut haseum.

            “Keukeupan we jurig leuwi!” Kituna téh bari ngajengkat. Kang Ojak teu wani mairan, dalah di imahna ogé remen kabandungan kajadian sarupa kitu.

            Mimiti turun di Leuwipari, senggal can aya nyorang. Sajam ti harita pindah ka Leuwikopo, eupan can kénéh aya nu ngambeuan. Lauk suwung lodan teu aya, kateuing kamarana.

            “Pindah ka Leuwibedul Jang, sugan wé bedulna nyangut.” Kadéngé kang Ojak ti béh ditu, handapeun tangkal waru. Lantran poék nu katara ukur sora jeung meletengna tungtung udud.

            “Ulah sok suaban atuh Kang pan ieu téh peuting.” Najan enya haté mah mentegeg, tapi ngucap aral mah kuring mikir heula.

            “Bongan tuda meni jempling, di Leuwipari tiis bé ku kiciwis, di Leuwikopo kosong, dihakan jurig waru sigana mah!” pokna rada bedas.

            “Is... karah beuki angot Akang mah, hayu ah pindah.”

            Di Lewibedul suwung kénéh baé, padahal eupan mah kurang kumaha hadé. Caina lumayan kiruh sésa caah, da mangsana usum ngijih. Kapan biasana mah kaayaan sarupa kitu téh ngajurung pisan liarna senggal. Kuring jeung kang Ojak nagog pagigir-gigir, manco nyanghareupan leuwi, miharep jedudna jeujeur aya nu nyorang.

            “Cing... ménta lodan pang badagna, mun beunang rék dibawa ka alun-alun!” Sora kang Ojak handaruan. Ngeuleuweuh ngungkulan séahna cai wahangan meupeuskeun simpéna peuting.

            “Eeeeh... ari akang ku keukeuh ngumbar kakeuheul téh. Emut kang!” Kuring ngelingan.

            “Nyaan aing mah! Sok nyangut nu pangbadagna, digusur ku aing ka alun-alun. Puguh dijieun tontonan, dikarcis sakalian malar aing téréh beunghar.”

            Kérésééék... kérésééék... Rungkun eurih luhureun gawir oyag. Gorobas... gobras... Teu kapireng aya nanaon, tuluy simpé deui.

            “Lain hayang bedulna, aing mah hayang laukna...! Sok nu pangbadagna.” Kang Ojak susumbar deui.

            Séooot... Karasa jeujeur melengkung aya nu narik, tapi kuring yakin lain disanggut lauk. Béda, ieu mah euweuh jedudan, sigana kang Ojak gé ngarasakeun hal anu sarupa. Méh bareng ngenyedkeun jeujeur, ngagulung kenur.

            Dina kaayaan remeng-remeng tetempoan teu pati sidik. Tapi bisa dirasakeun tina sora jeung kelemengna beungeut cai wahangan. Nalika leungeun masih pakupis ngagulung kenur. Sora cai anu tadina séah sakuma ilaharna, bet robah ting saléor. Karasa cai leuwi jadi motah. Teu sirikna panon dibelél-belél hayang sidik, sanajan remeng-remeng yakin cai leuwi jadi mulek,  tuluy ngubeng siga anu diputerkeun.

            Buriaaal... Ti tengah kubengan, cai anu muter ngaburial, muncugug ngaluhuran. Beuki luhur... Beuki luhur... Malah séor sorana beuki atra saperti ngagolakna cai anu ditaheur. Tuluy turun deui, nyingray mancawura ka sabudeureun kubengan cai. Breh... Kasakseni ku mata buncelik, sanajan remeng-remeng belegbegna katara nyata. Hiji rupa hulu lauk nyanghareupan kuring duaan, sungutna calangap teu kurang ti sadeupa. Kumisna ting alacir oyag-oyagan, gedéna méh sarua jeung jeujeur anu dicekel. Panona moal kurang ti gedéna batok kalapa, hérang semu konéng bari gular-giler.

            Mireungeuh mahluk sarupa kitu, teu paduli jeujeur dileupaskeun, tuluy malik muru gawir. Kalacat unggah paheula-heula satengah ngorondang, leungeun papuket cacakar néangan pamuntangan. Tibuburanjat satékah polah hayang geura hanjat ka beulah luhur. Anjog katonggoh gancang hudang, méh saber-bereun lumpat.

            “Jaaang... tong ninggalkeun... dagoan Akang!” Rét ka handap, Kang Ojak masih roroésan, rét ka béh ditu, di tengah leuwi jirim éta mahluk masih ngajegir. Malah katara ayeuna mah sungutna atok-atokan, siga nu hayang barang hakan.

            “Asongkeun leungeun...!” Ceuk kuring bari nangkuban, panon mah tetep manco ka tengah leuwi. Nu atok-atokan tacan kénéh nyingkah, kumisna ting arulang siga anteneu radio. Gep... leungeun pataréma, kerewek cekelana pageuh pisan karasa embung lepasna. Teu antaparah dibedol sataker tanaga, geus di luhur cekelan leungeung kang Ojak leupas. Na... ari korepak belenyeng lumpat, teu paduli ka nu nulungan. “Si atah adol téh.” Haté ngageremet, bari belesat nuturkeun.

            Méh anjog ka Leuwikopo, lumpat téh rada ngendoran. Bitis jeung pingping karasa cangkeul, ambekan asa béak. Antukna ngalungsar patunjang tunjang. Kacapé, kasieun jeung kareuwas tacan leler. Bari mencetan bitis, biwir rék sapok-pokeun. Korosaaak... Korosaaak... Rét ka lebah sora, kang Ojak gé malikeun awakna mariksa tonggongeunana. Katara belegbegna tangkal waru, ngajegir di sisi gawir, condong ka wahangan. Mun teu salah, di dinya tadi kang Ojak ngalapak eupan.

            Korosaaak... Kalayaaang... Atra pisan katempona, teuing mahluk nanahaon. Ngagayabag teu napak lemah, datang tina dahan waru sing sarwa bodas. Beu... edaasss... geuning nyampeurkeun. Koréjat... Belenyeng lumpat, balik deui nyorang jalan asal. Teu wani nolih katukang, sanajan kang Ojak lumpatna bari jejeritan. Lantaran sora nu séjén milu nuturkeun, nyikikik cicirihilan. Éta meureun anu disebut kunti jurig tangkal waru téh.

            Kacapé geus teu ditolih, tuluy lumpat naker tanaga, paudag-udag jeung kang Ojak. Sora nu cicirihilan ngiles teu sakara-kara.

            “Eureun heula Jaang... eureun heula...!” Reg... sakedapan eureun, tuluy dongko bari mencetan bitis jeung pingping. Sugan ku cara kitu kacapé bisa ngurangan. Kang Ojak anggur nulak cangkéng, katara rénghap ranjug. Untung masih kénéh salamet ogé, padahal anu disorang jalan satapak luhureun gawir. Ka gigir rembet ku kebon awi, kawung jeung tutuwuhan leuweung séjénna, dipapaesan rungkun eurih, kaso, jeung kaliandra. Ari handapeun gawirrr... Har kapan leuwi nu tadi. Tayohna kang Ojak pikiranana sarua. Meh bareng ngarérét ka lebah leuwi... Berekbek... Buriaal... Buriaal... Séoorrr... Cai leuwi siga tadi. Teu nunggu muncugugna, da geus apal nu bakal kajadian satuluyna. Kang Ojak malikeun deui awakna, tapi lumpatna teu kebat.

            “Kaditu mah kun... kunti Jang!” Méh teu kadéngé sorana haroshos. Maksud rék lumpat mapay jalan satapak satuluyna. Na ari gorobass... Gajleng. Tina rungkun eurih aya nu luncat ngahalangan jalan. Nu kieu mah apal kuring gé, nya bedul téa. Saeutik bédana jeung nu biasa, ieu mah buluna bodas, sihungna panjang melengkung, seuseukeutna manco ka hareup, matana beureum, hurung nandakeun kaceuceub.

            Segor... Segor... si bedul nyangéréng. Ke heulaanan kudu disasaak mah. Tapi rék balik deui sieun dipegat kunti, kalebak nyampak siluman leuwi, ari hareupeun si bedul geus nungguan. Hiji-hijina jalan ukur norobos rembetna kebon. Teu mikir deui kuring jeung kang Ojak luncat. Tanaga sésa dikerahkeun, lumpat kukurubutan di nu bala. Cucuk, rungga, tikait, tisoledat, titajong, geus teu dirasa. Malah kang Ojak mah kadéngé gedukna neunggar tangkal. Upama tibeurang, tada teuing katara buncunurna. Éstuning tunggul diparud catang dirumpak, nu dipalar salamet tina bahaya.

            Teuing sabaraha lila kuring jeung kang Ojak lumpat, teuing ka beulah mana kuring duaan lumampah. Anjog ka sisi kebon teu sirikna ngorondang, geus taya tangan pangawasa. Rada bungah mimiti manggih tempat datar jeung lega. Teu pati poék teuing deuih. Teu pulah pilih tempat brek kuring jeung kang Ojak diuk. Suku cangegang nanghunyar lega, awak doyong, sirah tungkul, leungeun ngalupra.

            “Tobaat...! Bari ngarahuh kang Ojak ngagubragkeun awakna. Tayohna hayang ngagolér. Dasar mangsa keur katiban sial. Ngeek...! teu apal timana datangna. Atawa sugan geus aya ti tadina. Awak kang Ojak ngarumpak anak ucing. Pantes kitu tea mah, dina kaayaan peuting anu poék. Ditambah kacapé, kareuwas, jeung kasieun. Jaba awak geus teu puguh rasa, nyeri, peurih, jeung carangkeul. Antukna amarah kang Ojak kahudang. Meupeus ngeuyang mahala anak ucing. Ngan sakeupeul, kedewek ditéwak, belewer dibalangkeun. Gupraak... anak ucing muragna ajeg.

            “Kasebelan siah, nyaho aing keur ripuh, mun ngeunah diteureuy buleud ku aing.” Sanajan dina kaayan geus teu daya, kang Ojak masih kénéh mampuh susumbar. Panon anak ucing katara nyorot sakolépat-sakolépat.

            “Nyingkah kadituh... Bisi kaidek deui ku aing, karah molotot. Awak ngan sakeupeul kumawani peupeuleukeuk.” Kang Ojak tutuluyan.

            Puriding anak ucing buluna carengkat, awakna melengkung. Matana neuteup seukeut ka kang Ojak. Lain kalah surti anggur ngaronghéap, amarahna beuki naék asa ditangtang. Kojéngkang kang Ojak hudang, laju nyampeurkeun anak ucing anu beuki muriding. Suku kang Ojak ngangkat, siga Ronaldo rék nyepak bola. Habek... nenggel pisan kana awakna.

            Kuring anu ti tadi nyerangkeun bati hookeun, wallahu kang Ojak anu milampahna. Sabab anak ucing anu ditajong teu rongrét-rongrét. Angger panceg dina tempatna. Loood... Loood... anak ucing awakna ngagedéan. Ngajurung kuring jeung kang Ojak lumpat anu ka sakieu kalina. Tepung sababaraha léngkah, jirim ucing tuluy nyampak hareupeun, lod deui awakna ngagedéan. Balik deui, megatan deui bari tuluy ngagedéan deui. Panganggeusan jirim anak ucing ngajanggélék sagedé munding. Ahirna teuing kumaha, lantaran renghap laas tanaga béak. Nuturkeun kang Ojak anu ngagubrag leuwih tiheula, kapiuhan teu walakaya.***

Ide tina pangalaman sareng bapa Nandan Suhanda 2013, Wiujeng leleson mangsa pansiun

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Dadang

waas asa pangalaman kuring keur leutik sok diajak ku aki ngala lauk ti peuting di Citarum wewengkon Cihampelas Cililin....ngan teu kungsi diudag jurig...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: