• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Imah Kosong

Kénging Komala Sutha
Kintun kana Facebook

Ceuli rancung-rancung ngadédéngékeun. Teu nyalahan, datangna ti dapur Bu Haji Yayah. Sora cungkring beusi dikuntrang-kontréng kana katél, bangun keur aya nu gogoréréngan atawa nu malik-malikkeun kaolahan dina jero katél. Teu nyalahan, sakali deui dicoba ceuli direbing-rebingkeun. Bener, bangun keur aya kagiatan masak di dapur.

Naha saha nu keur aya di dapur imah nu wangunanna ngaréndéng pisan jeung dapur kuring? Sakanyaho, tadi beurang kuring tepung jeung Bu Yayah di tepas hareup imahna. Keur ngonci imah. Pakéanna geus rapih. Maké gamis héjo pucuk cau, ditiung pulas sarua tapi kekembangan bodas laleutik. Rék meuting di Cililin cenah. Di anak lalakina nu ngan hiji-hijina.

Kaharti ku kituna mah, saprék ditinggalkeun maot ku Pa Haji Misbah, tangtu ngarasa keueung sosoranganan di imah nu sakitu ublug-ablagna. Mangka leuwih ti sataun kituna téh. Sakali-kali aya nu maturan, incu lalakina. Tapi tara lila, ukur sapeuting dua peuting, malum masih jajaka, rada sanggeukeun meuting di imah nu aya pasisian.

            “Keur naon ngotok ngowo di dapur jam sakieu, Nyaiiii!”

            Kuring ngaranjug. Reuwas kacida. Kang Ano ngajengjen dina lawang.

            “Eu... dieu geura, Kang…” kuring méré kodeu bari ngangkatkeun curuk jeung jempol, nitah salaki ngadeukeutan. “Tah dangukeun coba ku Akang, bisi wé abi nu salah dédéngéan!”

            Teu loba koméntar, salaki nurutan. Milu neueulkeun ceuli kana bata. Nu kunsrang-konsréng atra kadéngé. Sorana teu jauh siga nu tadi.

            “Piraku Bu Haji Yayah pirajeuneun masak wayah kieu?” tarang salaki kerung bari neuteup kuring. “Atawa meureun keur aya anak-anak téréna ti Jakarta sugan... matak jadi paciweuh peuting-peuting kieu!”

            “Mun anak-anak téréna aya kadieu… meureun ti tatadi gé kadéngé sora mobilna, atawa gujrud ngawarangkong!”

            “Meureun ngawangkongna dina jero haté...” ceuk salaki ditungtungan ku ngahéhéh. “Geus lah, mikiran teuing nu masak teungah peuting, mending urang ka enggon deui!”

            “Tapi Kang…”

            “Meunggeus!” salaki ngabetot leungeun kuring sangkan nuturkeun.

            Isukna tabuh salapan tepung jeung Bu Haji Yayah.

            “Janten Bu Haji téh ngawengi di Cililin?” kuring nyelok.

            “Enya…”

            “Ari wengi di bumi Bu Haji aya jalmi?” kuring nyelok deui.

            Bu Haji geuwat gideug. “Jalma saha atuh, Nyi… pan nyorangan.”

            Kuring molohok.

            “Ari kitu kumaha?” Bu Haji malik mencrong ka kuring.

            “Eu… henteu.” kuring nyalénggorkeun wangkongan. “Ari putra-putra almarhum Pa Haji Misbah asa tos lami teu kadieu nya?”

            “Nyéta…” Bu Haji kalah carinakdak, geuwat wé kuring ngasongkeun citéh manis nu ngahaja disuguhkeun. Jadi asa dosa geus ngabalukarkeun Bu Haji sedih. Ku kituna mah karunya. Tiheula waktu salakina jumeneng kénéh, anak-anak téréna nu ngaranjrék di Jakarta, sok remen ngalongokan. Rébo ku babawaan, boh paké boh kadaharan, malah duitna ngeupeulan.

Tapi ti saprak Pa Haji teu aya mah, langka daratang. Ti harita Bu Haji sok huleng jentul sorangan di tepas. Pikeun ngusir kasimpé, sok ngajak tatanggana maturan ari peuting. Tapi tatanggana langka nu daraékeun. Pedah mindeng ngadenge béja remen nempo nu pikakeungeun di imah Bu Haji, babakuna mah mun nu boga imah miang ka Cililin ka imah anak lalaki hiji-hijina.

            Sanggeus Bu Haji ngaléos, kuring jadi mikiran caritaan batur. Ngeunaan imah éta nu geus ditatawarkeun ka balaréa, samalah dimumurah. Bu Haji ngararancang pindah ka Cililin, dumuk di imah anakna. Pangpangna mah hayang diriung ku anak minantu incu jeung dulur-dulurna. Di dieu mah lieuk deungeun lieuk lain.

            “Bu Haji meuting di Cililin?” Imas, tatangga nu imahna pahareup-hareup pisan jeung imah Bu Haji, hariweusweus ka kuring, isuk kénéh, bari mawa béja nu saenyana geus lain rusiah. Unggal Bu Haji miang ka Cililin, ningalkeun imah kosong, sok aya waé nu kawénéhan ngadéngékeun sora-sora nu anéh. “Apaaan peuting téh... aya kana tabuh sawelasana nya, Imas rék mariksa motor di luar bisi aya nu maling…”

            “Ari kitu?” kuring kerung.

            “Waktu panon museur ka imah Bu Haji, tina hordéng nu ipis… katara tipi keur hurung!” ceuk Imas. Kuring gé nyaho, hordéng hareup imah Bu Haji, sakapeung sok teu disérélékkeun nu kandelna, jadi ngan kaén nu ipisna wungkul. Poho, kitu ceuk Bu Haji mun kuring ngingetan. Malum geus kolot, umurna ampir geneppuluh tilu taun. Tangtu ti luar bisa atra ngilikan kajero najan ti kajauhan. Komo imah Imas, pahareup-hareup pisan, ukur kahalangan ku wates gang nu heureut.  

“Imas téh kajero deui wé, tuluy nginget-nginget deui, yén Bu Haji burit-burit miang ka Cililin, malah bébéja ka Imas tur mihapékeun nalingakeun imah. Geus kitu, kajurung ku rasa panasaran, Imas jeung salaki noong tina jero kaca, teu kaluar tepas ah… da keueung héhéh… bener pisan Ceu… tipi téh hurung wé, asa piraku deuih mun burit Bu Haji poho mareuman, lantaran mun enya poho mah… ti burit gé tipina ku Imas meureun kabandungan hurung. Bener teu Ceu?”

            Kuring ngaenyakeun.

            “Tapi aya sababaraha menit ti harita… tipi téh jol pareum, Ceu... tuluy teu lila hurung deui, tuluy pareum deui…”

            Kuring molohok ayeuna mah. Daksakala bulu punduk cengkat sakitu isuk-isuk kénéh. Wangkongan Imas tuluy kababawa tepika burit, mangka salaki geus dua poé miang ka dayeuh, geusan nuluykeun hanca pagawéan di proyék dulurna.

            Kuring nyorangan di imah. Budak nu geus jajaka leuwih resep ngariung di imah lanceuk lantaran aya batur ngawangkong, budak lanceuk sapantar, sakolana gé di SMA nu sarua. Ti burit dipeupeujeuhan sangkan ulah meuting, tapi tepika tabuh sapuluh can mulang kénéh. Teu ngarasakeun indung mah keur nyorang kakeueung. Tadina mah tara kieu. Najan awéwé, kuring lain jalma borangan. Liwat makam gé wani sosoranganan. Salaki remen ka dayeuh, geus biasa ditinggalkeun. Budak gé langka meuting di imah. Tapi peuting ieu….

            Pangpangna sangeus beuki loba jalma nu nyacapangkeun imah Bu Haji nu remen ditinggalkeun. Diantep kosong. Keur mah eukeur saha atuh jalma nu daék dititah nungguan éta imah bari teu diburuhan. Najan diburuhan ogé, sigana can tangtu aya nu haateun.

            Suku diléngkahkeun ka dapur. Ceuli rancung waktu mireng sora ti wangunan gigireun dapur kuring. Dapur Bu Haji. Sora nu keur mulak-malik asakeun dina katél atra deui ngajelenging kana ceuli. Geuwat suku diléngkahkeun gagancangan kaluar ti jero dapur. Karék ge tepika lawang kamar, ari jeprét téh pareum lampu. Gustiiiii, daksakala hayang ngocéak. Ku dikersakeunna téh. Ieu deuih tara-tara punduk beuki tingpuringkak. Inget béja tatangga, inget wangkongan Imas, inget sora nu keur kunsrang-konsréng, inget…

            “Mamaaahhhh… aliran! Geuwat kadieu wé ceuk Uwa meuting di dieu bisi keueung mah!” sora budak dina hapé waktu diteueulkeun kana ceuli. Hadena neundeun hapé ti tatadi gé ngahaja dipésakan, bari ngadadagoan telepon ti bapana.

            “Tapi geus peuting atuh, Jang…” kuring humar-hemir.

            “Can tabuh duawelas... atawa Ujang mapagkeun kadinya nya, dagoan atuh…” ceuk budak, tina sorana aya rasa kahariwang ka nu jadi indung.

            “Ulaaahhh…” geuwat neundeun hapé kana pésak daster. Upuy apay, muka lawang panto. Suku nokéran sandal-sendal nu patulayah di tepas. Sarampasan karampa ku suku. Rurusuhan muru buruan. Poék, tapi ti hareupeun imah Imas nempo budak, kalah asup kana lawang pager imah Bu Haji Yayah. Digeroan sababaraha kali teu ngawaro. Kuring nyampeurkeun. Budak geus muka konci imah kosong éta. Hmmm, tayohna meureun Bu Haji mihapé konci ka budak kuring nu keur meujeuhna begér. Pikiran dirubung ku rupa-rupa. Boa-boa budak téh ngampihan kabohohna di jero ti burit kénéh. Rasa keueug nu tadina ngagugulung kasieuhkeun ku rasa keuheul ka budak. Paingan teu daék maturan di imah. Ari bieu nitah kuring buru-buru ka imah lanceuk, rék naon atuh?

            Sababaraha jongjongan kuring ngajega hareupeun lawang panto nu nutup deui sanggeus budak asup kajero. Ceuli diteueulkeun kana panto, ngadédéngékeun paguneman budak jeung kabogohna. Tapi simpé. Ngan teu kungsi lila aya sora nu kunsrang-konsréng.   Tuluy simpé deui. Rey, buku punduk cengkat. Awak daksakala ngeleper.

            “Mamaaaahhh…” sora ti tukangeun kuring. “Mamah keur naon di dinya?”

            Kuring soak, tuluy satekah polah malikkeun awak nu geus  ngoprot ku késang. Budak nangtung di luar pageur imah Bu Haji. Panon dibelél-belél. Najan poék, sidik… bener Agus, budak kuring. Gagancangan kuring nyampeurkeun. Gabrug kana awak budak.

            “Kunaon ari si Mamah?” budak ngagebig-gebig awak kuring. “Hayu atuh ka imah Uwa téh… pan saur Ujang gé antosan badé dipapagkeun!”

            Kuring teu mampuh nyarita. Ras inget ka budak nu asup ka jero imah Bu Haji jeung sora nu kusrang-kosréng, teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. *** 

Cililin, 2 Juli 2014

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: