• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Siluman Oray Kembar

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook

Ti baheulana éta tempat di sebut Labuhan Bulan, panonoban jurig, aya ogé anu nyebutkeun tempat karajaan siluman. Sabab sering kawénéhankeun lamun wanci peuting sok aya mahluk jiga manusa, tapi ngaharelung jangkung badag, kadang-kadang aya ogé anu mirupakeun awéwé, ngariringkik maké pakéan bodas kumalayang bari cicirihilan.

Dina hiji waktu mah aya kajadian anu matak ibur, saurang pamuda ngadadak eueuleuweuhan kawas anu owah. Sanggeus di ubaran, manéhna nyaritakeun tas liwat ka palebah dinya, cénah di tukangeun imah kosong téa aya anu ngabelegedeg jangkung hideung, babarakatakan nyeungseurikeun.

Ti saprak kajadian harita, éta tempat jadi beuki sangar, teu aya deui anu wanieun ngulampreng ka palebah dinya wanci peuting, antukna éta tempat dilurkeun teu aya anu ngurus. Kaayaannana kumuh, barala, jukut ngajejembrung di mana-mana, rungkun salak harieum di unggal juru, tangkal hiris ngabalaan sapanjang solokan, buruan bécék, di jero imah ramat ting garantung di unggal lalangit, hateupna balocor, kekebul ngampar minuhan ubin. Ku titingalian ogé ieu imah geueuman pikasieuneun.

Pantesan teu aya anu daékeun meuli ogé, lain ku sungil-sungil teuing, tapi teu aya pisan pikaresepeunnana, ieu ogé, wani meuli sotéh pédah karunya ka nu ngajualna keur ka musibahan. Sedeng ari batur mah teu aya anu wanieun nawar-nawar acan.

Supaya tempat bisa mirupa, jadi pikaresepeun, ngahaja nitah anu garawé sangkan ngabébérés éta patempatan. Tapi sanggeus sababaraha jongjongan, anu di garawé tingkelepek lalieureun, késang badag tinggorolong, jantungna ting sareblak, sakabéh anu gawé ngarasakeun kajadian anu sarupa. Ningali kajadian kitu, anu garawé di titah eureun heula.

“Ku naraon atuh ieu téh? bet maké gering babarengan, lain salah kadaharan mah?” tumanya ka nu garawe pédah saréréa ngadadak lieur.

“Pami tina tuangeun nya Akang ogé kedah ngaraoskeun, apan tuang téh sasarengan,” salah sa urang pagawé méré kajelasan anu asup kana akal.

“Enya, ari kadinya na mah, da akang mah teu ngarasa kukumaha.”

“Muhun Kang, sareng deui tadi téh nuju lieur bet aya titingalian, bruh-bréh ningali oray arageung, aya dua, anu hiji mah héjo, anu hiji deui rupana bodas, duka kumaha tah saur Akang, naha riwan atanapi aya anu ngageugeuh di ieu patempatan?”

“Teuing atuh, Akang can bisa nangtukeun, ayeuna mah eureunan waé heula di garawéna, bisi enya aya anu ngopénan.” Nu garawé dititah areureun heula, isukan atawa pagéto lamun geus ka panggih rusiahna, karék di titah garawé deui.

“Iraha atuh kedah ngawitan damel deui?” salah saurang nu gawé tumanya.

“Isukan dibéjaan ieuh, ayeuna mah rék di tarékahan heula bisi enya aya jurig nyiliwuri,” saenyana émang rék di téangan heula kasang tukangna, sabab ieu tempat téh pan karék meunang meuli. Can apal bener kana kaayaannana.

Wanci sareupna, ngahaja ngadurukan di buruan imah kosong, meuleum pangpung anu patulayah sisi solokan, sanggeus rada ruhay bruk meuleum apel jin sajewol, seungitna nyambuang ka sabudeureun patempatan. Ari tengah peuting aya anu gegedor kana panto, barang dibukakeun horéng tatangga imah kosong téa, hariweusweus, ngajak ningali tempat, rurusuhan.

Barang srog ka nu di tuju, kasampak aya jalma duaan keur nagog pipireun bénténg, keteyep nyampeurkeun, maksudna rék ngadeukeutan anu duaan. Can ogé tatanya, ti palebah buruan imah kosong ramé ku nu dalokdak, sada anu keur ngudar imah, sora séng brang-bréng-brong, sora anu nyungkalkeun paku pating dorokdok. Tapi di sidik-sidik mah bet teu aya nanaon, teu aya ucing-ucing acan, ngan ceg waéh kana sénter, burisat cahya lampu sénter nyaangan pakarangan, teu katingali anu matak anéh. Sora-sora anu ramé dalekdok ngadadak jempling.

“Kang, naon éta téh?” anu tadi néang tumanya bari ngadégdég kawas anu lilinieun.

“Nya duka teuing, pan ku urang di sénteran teu katingali nanaon, sora anu ramé ari di sampeurkeun mah ngadadak leungit,” teu di béjakeun papanjangan bisi sarieuneun.

“Naha nya, pan sa umur abdi tatanggaan ogé teu acan pernah aya kajadian modél kieu, tos sapuluh taun Abdi ngadegkeun rompok tatanggaan sareng bumi kosong ieu téh”. Tatangga pang deukeutna cumarita bari hayuh waé gogodeg, jeung kekecrék, kawas anu kakara panggih jeung kajadian modél kitu.

“Tong teuing dipikasieun, pasti anu rék parindah, sabab éta tempat geus ka pimilik ku Akang, maranéhna ngartieun meureun, jadi méméh di usir miheulaan parindah,” antukna dijelaskeun saeutik tamba harémengeun.

“Oh muhun jigana mah, éta jurig sarieuneun ku Akang,” saurang tatangga milu mairan obrolan.

“Enya kitu, keun waé tong di ganggu, jung waé marulang, moal matak nanaon iyeuh,” saréréa anu aya di dinya di titah mulang.

Tapi waktu saréréa geus aya deui di luareun éta tempat, anu dalékdok téh ramé deui, sada aya anu ngagebugan tampir, sada anu ngomé kaléng, sora anu ngudar suhunan pating dorokdok ting beledog. Teu ieuh jadi pamikiran, terus waé mulang rék neruskeun saré anu ka ganggu, batur sarua mulang ka imahna masing-masing, ngan anu pangdeukeutna katingali rada bingbang, beungeutna masih kaciri pias loba ka sieun.

Datang ka imah bet pitunduheun téh jadi leungit, nya terus waé ka cai ngadon abdas rék solat tahajud, saréngséna solat terus wiridan ngamalkeun élmu panemu anu salila ieu jadi amalan sajeroning rumingkang. Kira-kira sa jam sila, aya anu araranéh, jeblug, sada sora anu nubruk panto, beledog, sora anu malédog témbok, brug, dina lalangit aya anu ngagebrug sada karung murag.

Teu pati lila aya angin ngahius tarik di jero enggon, di barung melengsing seungit kembang kantil minuhan sabudeureun roangan, toke dina suhunan noroktok teu eureun-eureun. Belesat, jleg di hareupeun aya anu ngajanggélék wanoja geulis sakembaran, anu sa urang maké papakéan sing sarwa bodas, anu sa urang deui mah maké pakéan warna hejo, dua nana oge gareulis tur ngora kénéh. Awakna satangtungan, beungeutna sa rimbag, rambutna sarua pada-pada ngarumbay panjang.

“Saha aranjeun, jeung urang mana, maké kumawani datang ka hareupeun anu keur wiridan, lamun rék maksud jahat mending jung mulang deui ka tempat asal aranjeun.”

“Hapunten sim Kuring duaan parantos tumorojog nepangan Akang, teu gaduh niat jahat, ieu mah ngahaja seja nepangan, réhna sim Kuring duaan téh anu nyicingan patempatan kagungan Salira.” Nu baju bodas, anu cumarita nerang keun ka ayaan manéhna duaan.

“Oh jadi aranjeun anu ngageugeuh labuhan bulan di imah kosong, paingan jalma-jalma sok loba anu nyaritakeun sungilna éta tempat, aya naon maksud aranjeun pangna datang nepungan Akang?”

“Abdi duaan seja pamit, réhna tos waktosna kedah ngalih ti éta tempat, néang kahirupan di tempat énggal”, mojang kembar téh horéng rék pamit. Jadi asa boga dosa ngalindih tempat cicingna.

“Duh hampura teuing Nyai anu Gareulis, Aranjeun kudu ngalih milari tempat énggal, alatan diri Akang.”

“Teu sawios Akang, da ti biharina tos aya béja, cénah hiji mangsa mah karajaan Sim Kuring bakal ka andih ku Salira, kalayan teu kéngingeun ngalawan atanapi ngaganggu Salira.”

“Sabenerna teu aya maksud pikeun ngandih, ngan kaleresan éta tempat bet ka pimilik ku diri Akang, kalayan moal mungkin bangsa siluman tiasa hirup bareng dina tempat anu sami. Sakali deui Akang ménta di hampura.”

“Muhun teu sawios, da Salira mah henteu ngandih, ieu mah tos aya dina tutulisan ti béh dituna. Atuh Sim Kuring duaan lunta sotéh pédah anu badé ngalinggihannana salira Akang.” Eta dua siluman cumarita adab naker, bageur, soméah murah imut, jeung geulisna mani moronyoy matak geregeteun anu ningali.

“Dupi saleresna, saha atuh aranjeun téh?” ku panasaran hayang apal ngeunaan dirina.

“Sim Kuring Ratu Siluman oray bodas, sareng ieu pun adi, Ratu Siluman oray héjo, ari nami mah teu kedah di sebatkeun, cekap kitu waé.”

“Bagja temen Akang tiasa tepung jeung diri aranjeun, dua wanoja anu kacida geulisna, daréhdéh pinuh mamanis. Keur akang mah, rék bangsa siluman, rék bangsa jin, rék papada manusa, anu penting bisa silih ajénan, hirup saliring dumadi.”

“Hatur nuhun Akang, kana pangangkenna, kana kasaéannana, wilujeng kantun,” les, tas ngucap kitu éta dua wanoja geulis téh ngiles duka kamana.

Poé isukna, wanci sareupna, anu ka beneran malem jumaah kaliwon, ibur salelembur, tinggorowok bari silih tunjuk ka awang-awang. Horéng tina palebah tempat labuhan bulan téa, aya anu ngabelesat dua jirim paranjang, ngagebay siga oray, sagedé-gedé tangkal jambé, awakna ngagebray hurung. Oray warna héjo ngabelesat ka wétankeun jiga muru walungan Cijolang, sedeng anu ngagebray bodas ngabelesat ka kidulkeun. Cénah ceuk anu nganyahoankeun di béh ditu na, éta siluman oray bodas nyirorot ka palebah kabuyutan di Situmandala. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

iwan pedro

waas maos deui mangle....bacaan kapungkur nuju alit keneh...ayeuna pendak deui.....

shep

Duh mani sae lalakon teh .... hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: