• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kudéta

Kénging Setia Rahmawati
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1441763988.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Di hiji leuweung harita keur génjlong ku nu teu pararuguh. Loba sasatoan anu patingharewos. Sakabéh sato bangun anu rarewaseun. Geus rupa-rupa ekspresi sasatoan. Sabenerna keur aya naon di éta leuweung? Kuring ogé teu apal, kuring tacan ngadéngé nanaon.

            Lain kuring teu hayang nyaho, ngan keur nunungguan aya nu méré nyaho baé. Narah teuing kuring udar-ider néangan informasi, da kuring mah lain sato nu sok kepo.

Cara biasana, kuring diuk dina handapeun tangkal caringin. Keur ngeunah-ngeunah diuk, monyet nyamperkun kuring. Pok wé nyarita “Uncal, geus apal béja?”

            “Béja naon?” ceuk kuring olohok teu ngarti.

            “Katinggaleun jaman maneh mah?” monyet nepak kuring ku cangkang cau.

            “Da kuring mah teu apal atuh Nyet” kuring rada semu ambek ka Monyet, Monyet saukur seuri tur ngaharewos ka kuring, kuring reuwas sareuwas-reuwasna. “Nu bener maneh Nyet sato-sato sejen rék ngudéta Singa raja ieu leuweung?” kuring mastikeun informasi anu karék ku kuring déngé.

            “Ulah tarik-tarik ari nyarita téh,” ceuk Monyet bari ngabekem kuring, tuluy pok deui manehna, “Bener. Ieu rencana rék di laksanakeun tilu poé deui”

            Kuring ngan saukur neleg ciduh, tikoro asa garing. Sakabeh sato rék ngudéta Singa jeung wadiabalana. Asa pamohalan bisa, pikir kuring bari indit néangan kadaharana nu bisa didahar.

            ***

            Dua poé kana mangsana kudéta sakabéh sato di éta leweung rurusuhan nataharkeun sagala anu dipibutuh. Cara nyieun sepanduk, nyieun naskah-naskah orasi, nyiapkeun teatrikal pikeun nyindir anu miboga kalungguhan dina pamarentahan Singa, nepi ka dahar sahabekna, bisi isukan jadi mogok makan minangka wangun protes rakyat.

            Kuring jeung sawatara sato di dieu jadi pihak netral, ukur rék lalajo baé kumaha éta kudéta téh bisa lumangsung. Da nurutkeun kuring mah asa teu asup akal sanajan urang salaku sato mah teu boga akal ogé.

Kuring mah mikirna aya oknum-oknum anu mangfaatkeun sato-sato sejenna pikeun ngudéta Singa pikeun kapentingan maranehna. Ieu mah ukur mangrupa hipotesis kuring jeung sawatara sato. Duka bener duka henteu? Ceuk kuring ogé sato mah teu boga akal, mun salah nya hampura waé ngaranna ogé sato.

***

Kuring jeung kaum netral nempo sato-sato satengah leuweung geus karumpul darémo kana teu saluyuna pamarentahan Raja Singa jeung wadiabalana.

“Turunkeun raja Singa!” sok Munding anu nyekel speaker, panghareupna. Maranehna darémo di hareupeun karajaan Singa.

“Urang kudu ulah takluk kana pamaréntahan rezim komunis! Sanajan uarang rayat leutik ulah sieun ku jalma-jalma anu miboga kalungguhan di pamaréntahan! Kakuatan rayat leuwih luhung!” munding sumanget nyarita orasina.

Nu darémo téh bangun nu laluasa ngalakukeun sagalana. Tepi ka ngabeuleum ban sagala. Harita di jéro karajaan rada rariweh kudu kumaha nyanghareupan anu darémo di luar.

“Taya cara séjén, Kuring kudu nyarita sorangan ka maranehanana?” ceuk Singa méré kaputusan.

“Raja tong nyarita langsung! Bahaya. Pan aya kuring salaku jubir karajaan,” ceuk Gorila méré pamadégan ka Raja lantaran langsung nyanghareupan anu darémo mah bahaya.

“Teu bisa, kuring kuduna nyarita sorangan, ieu teu bisa diwakilkeun” raja Singa keukeuh.

“Bener, Raja, bahaya! Kumaha mun urang geroan wartawan di ieu leuweung pikeun nyiarkeun dina tivi ngeunaan tanggapan Raja,” ceuk Gajah ngasongkeun idé.

“Ulah, leuwih bahaya wartawan mah. Nya mun maranehna bener. Tapi mun ngapropokasi kumaha?” Ceuk Buaya bari gogodeg.

“Kumaha ceuk maneh Patih?” tanya raja ka patih Maung anu ngarénjag da keur ngalamun néangan cara.

“Leuwih hadé mah ngomong langsung ngan ulah kaluar ti karajaan,” ceuk Maung méré sawangan.

Raja ngarasa meunang cara pikeun garéngsékeun ieu pasualan. Ieu putusan bakal dilaksanakeun bada magrib. Da ayeuna mah keur meumeujeuhna aremosi kitu. Moal bener nyaritana ogé.

***

Bada magrib raja kaluar ti tingkat dua karajaan, ngagunakeun speaker raja nyarita ka sakabeh rayat ieu leuweung.

“Kuring apal naon nu ku hidep dipikahayang. Pamaréntahan kuring sakieu mah alus, mentingkeun rayat,” ceuk raja Singa ngawalan nyaritana.

“Hei sakadang Raja. Réa pajabat di pamaréntahan anjeun sawenang-wenang ka urang salaku rayat leutik, ngadon marénta upeti,” ceuk Munding salaku jubir rayat.

”Kuring ngarasa sakitu mah masih wajar mun dibandingkeun jeung pamarentahan manusa mah,” ceuk Raja wijaksana.

“Maksudna Raja kumaha?” ceuk Kuda nempas, da teu ngarti.

“Nya dibandingkeun jeung pamarentahan manusa anu akalna katutup ku napsu. Maranehna nyokot duit rayat ku cara korupsi, paparebut korsi, kakuasaan, maén awéwé, paréa-réa omong pasualan leutik digegedékeun. Wakil rakyatna deuih réa nu silih tincak, silih jungkelkeun, jeung teu inget kana tugasna sakalu wakil rayat,” ceuk raja tetep nyarita ku wibawana.

“Wajarna di mana?” celetuk Sapi anu kerung tanda rada mikir

“Nya wajar mun kitu téh, da Kuring jeung sakabeh wadiabalad kuring mah sato anu teu boga akal. Béda jeung manusa boga akal tapi akalna teu dipaké. Geus bubar ayeuna mah! Carapé ti isuk gogorowokan baé!” ceuk raja anu nyulusuo deui ka karaton.

Anu darémo indit baralik ka imahna sewang-sewangan bari mikir. Aya benerna omongan raja téh. Maranehna ngarasa percumah darémo, marebutkeun paisan kosong. Kuring ogé saluyu jeung pamadegan raja. Di dunya sato mah sakabéh hal ogé wajar teu bisa disaruakeun jeung manusa. Béda jeung manusa anu ayeuna kalah beuki dieu kalah beuki kawas sato. Nya duka bener duka henteu mah. Da kuring mah ngan saukur Uncal rayat leutik ti ieu leuweung.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: