• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Patepung Di Balé Nyungcung

Kénging Ajat Sudrajat
Kintun kana Facebook

 Kuring nu keur kekedengan ngoréjat, balik ti pagawéan can kaburu ucul-ucul. Teuing mani ku tunduh ti kantor kénéh. Mana basa nepi ka imah gé ngadon blug, satengah ngabeubeutkeun manéh kana pangsaréan.

            Mun di luar henteu ngadéngé nu ngetrokan panto, kawasna tibra nepi ka soré. Kojéngkang muru panto bisi sémah penting, nu patula-patali jeung pagawéan. Kétang da ari ka semah mah boh ka saha-saha gé kudu diaku.

            Rarasaan téh asa dina pangimpian, nu ngajanteng di lawang panto seuri bari manggut.

            “Émut, kénéh ka abdi?” pokna bari ngasongkeun leungeun. Tuluy neuteup bangun conggah. Sajero pataréma leungeun, pikiran mah nginget-nginget saha ieu sémah, henteu talangké gancang diaku titah ka jero imah.

            “Abdi Dadan, raina Ceu Édah téa,” cenah nétélakeun. Édah téh enya baheula pamajikan kuring anu ngora, ayeuna mah kakara inget da geus lila pisan papisah jeung manéhna. Aya kana tilu puluh taun ka tukang. Mun enya téa mah ieu sémah téh Dadan adina Édah.

            “Kajurungan ku Ceu Édah, kedah nepangan Akang,” basa kuring ngahuleng, bangun hayang ngayakinkeun.

            “Euh, ieu téh Dadan?” cék kuring kakara sidik kana gérécék ngomongna, jeung galéhgéh asa henteu poho téh.

            “Reuwas, Akang kadatangan ku nu jauh bisi aya nanaon.”

            “Numawi, abdi nyucruk-nyucruk padumukan Akang, sindang heula ka Kang Hadi naroskeun. Nepangan téh taya sanés, aya nu badé dicarioskeun ngomongna anca.

            “Naha, aya naon Dan?” kuring panasaran.

            “Kieu, ieu téh Kang abdi pangna jauh-jauh nyumpingan ka dieu. Nyi Rima tos kauntun tipung, pareng aya jodona dihaturanan sumping dina waktosna ngawalian,” Cék Dadan mani capétang.

            Dadan, eureun ngomongna. Pikiran rus-ras ka mangsa ka tukang. Rumasa ka anak téh lurjeun komo ka anak ti nu kolot mah, pleng les nepi ka kiwari taya béjana.

            “Diantos nya Kang,” cék Dadan basa rék amitan sanggeus nyatetkeun nomer hapé kuring.

            “Enya,” cék kuring tuluy ngajajapkeun nepi ka buruan.

Saléosna sémah, aya rasa karunya jeung rumasa. Ka indung barudak, diri sorangan nu ngalajur napsu. Antukna kuring balik, gulak-giluk hirup nyorangan ku nu kolot jeung nu ngora pada nyaletréngan.

            Henteu kalis ku ngajurungan Emangna, heuleut dua poé Rima nelepon.

.           “Bapa, punten mung ngajurungan Pun Paman. Da abdi sesah badé nyuhunkeun cuti, paling tiasa gé engké duadinten sateuacana akad nikah,” cék Rima ti beulah ditu.

Enya tong salempang cék kuring dina HP.

            Naha jiga saha tangtungan budak téh ayeuna? Nu harita ditinggalkeun leutik kénéh. Ti ayeuna meureun kudu tatahar néangan duit, keur mauran waragad hajat salian rék ngawalian.

            Tapi keun baé, peupeuriheun milu ngatik ngadidik henteu, komo ngagedékeun mah sumawona, teu milu ngabayuan. Ayeuna pareng jodona ngarasa atoh, da mun seug ti baheula dijurungkeun ku Indungna, moal burung dirawu dipangku mikanyaah ka nu jadi anak.

            Heueuh awéwé nu mana atuda nu daék didua, basa kanyahoan ku nu ngora kuring boga pamajikan. Saméméh ka manéhna, teu sirikna gegejrét. Anteurkeun kuring ka kolot, bari sakalian susul ku surat talak. Kitu anu kedal ti nu ngora.

            Henteu bisa dipungpang kahayangna, disabaran mah kurang kumaha. Tapi batan pareum  kalah ngagedur amarahna. Henteu suka salaki midua haté cenah.

            Balik deui ka pamajikan anu kolot, teuing béja ti saha kaambeu kuring boga deui pamajikan. Malah nyahoeun boga anak, padahal cék rarasaan asa lantip. Jaba jauh, béda kota deuih.

            Ngan keuna ku paribasa, sabuni-bunina nu meuleum tarasi. Awal ahir tangtu kaangseu. Harita rék pepegatan jeung nu kolot beurat ogé keur kuring. Mun balik nya ka mana indit, aya karep rék milu nyiruruk saheulaanan ka Kang Hadi lanceuk nu panggedéna.

            Tangtu bakal digambréng, apan harita gé Kang Hadi nyahoeun kuring kawin deui,  gantawang nyarékan. Ari rék ngumaha ka dulur nu kadua Kang Héru, nya kitu deui malah aya semu-semu mupuas. Kurang kumaha nu jadi lanceuk mah ngélingan ka dulur cenah.

            Bati hareneg, balik ka lembur rék ngeusian imah titinggal kolot. Bebenah nitah Karja beberesih, nu sok ditutah-titah basa nuju jumeneng Ema jeung Bapa. Lésot ti pamajikan duanana gé, dibekelan sina maruka warung jeung konter HP. Hasilna itung-itung mekelan keur daharna sapopoé.

            Kahayang kuring mah, barudak téh ditepungkeun jeung dulurna. Supaya maranéhna henteu pareumeun obor. Ngan niat téh teu bisa ngawujud da ngan kahayang sorangan.

HP disada deui dibuka aya SMS ti Rima. Eusina ngingetan, ulah lali diantos dina waktuna akad nikah. Hariwangeun sok inggis bapana henteu datang. Moal atuh geulis piraku, Bapa téga ka hidep apan Bapa nu ngawalian. SMS dibales sangkan reugreug ka nu rék panganténan.

            Sabaraha taun henteu papanggih, rupana siga kuring? Atawa ngala ka Indungna? Baheula keur leutik kénéh can sidik dedeganana ngala ka saha-sahana. Popotongan kuring téh boh nu kolot, boh nu ngora,  bangun ngemu kaceuceub nu nyangkaruk dina haténa.

            Kituna téh ti saprak kuring katohyan midua haté téa. Keur kuring teu ngabibisani da bongan sorangan ditarima waé ku haté nu wening beresih. Rumasa geus dibarohongan ku kuring. Haté gegerejeg ku hayang jonghok jeung anak.

            Rék nepungan, éra parada kasalahan nyoko disorangan. Boa éta gé ngabéjaan téh bané baé butuh ku piwalieun, jaba meureun aya nu diirong kuring kudu mauran waragad hajat.

            Balik ti pagawéan, tuluy ka cai bari ngadagoan waktu asar. Gogoléran dina dipan. Ngahérang neuteup lalangit, nyipta budak nu rék réndéngan. Urang mana pisalakieunana, poho henteu nanyakeun basa Dadan nepungan. Ongkoh obrolan téh museur sok sieun bisi kuring henteu datang.

            Jas pesenan dianteurkeun ku pagawé tukang ngaput, kari nyetélkeun kamểja jeung pulas nu payus kana éta jas. Henteu kudu milih da geus dipapantes ku nu dipesenanana. Ngahaja penampilan diutamakeun, saha nu nyaho popotongan naksir deui ka kuring.

            Indit ti imah nyubuh, ambéh isuk kénéh anjog ka nu dituju. Datang téh moal ka imah da akad nikahna ngadon di balé nyungcung. Henteu hésé maluruh da kantorna di sisi jalan gedé. Sanggeus ngaliwatan pasar, katémbong plangna aya tulisan ngajeblag.

            Ngadak-ngadak angen mani ratug basa aya mobil asup ka pakarangan Balai Nikah. Nu tarumpakna tarurun, kuring ampir poho ka nu turun pangheulana, ari disidik-sidik geuning popotongan leumpang bari ngagondéng pipanganténeun.

            Gigireun ti kénca, dihapit ku lalaki jangkung. Kawasna salakina, ngahéab ogé haté téh boro tadina mah rék dilalanyah deui. Karék ayeuna bisa sidik ka budak, nu salila ieu dicullaurkeun. Geuning rupa mah sagambar jeung kuring. Dedegan jangkung leutik ngala ka Indung.

            Asa teu puguh rarasaan, rék ngawalian téh. Jantung ratug haté bet seseblakan pédah kakara kitu? Bisa ogé mereunan teu puguh rasa, tepung jeung anak dina mangsa dirapalan.

            Bus ka rohangan Balai Nikah, nu pangheulana ngabagéakeun téh Dadan. Angger sorana gérécék.

            “Kang, mangga calikna palih dieu,” cék Dadan diukna ngiser. Méré lolongkrang keur kuring diuk gigireun pangantén.

            “Nyai tah ieu, Bapa hidep téh,” kadéngé sora  Dadan ngabéjaan alona. Bluk Rima nyuuh dina lahunan.

            “Geus, geus, sabalikna Bapa nu tambélar,” cék kuring sok sieun suasana robah nu kuduna gumbira, hayoh juuh cimata. Padahal mah sarua karasa kasedih nyelek dina tikoro, dibangbalérkeun ku maca ték ijab qabul nu geus dibikeun ku petugas KUA.

            Di rohangan balé nyungcung, asa sundek jeung eungap. Padahal kénca katuhueun lawang angin plung plong, jandélana maruka. Bapa petugas jeung Lébé tos nganti calon pangantén lalaki.

            Sérédét haté, ditumbu ku ketug jantung asa tambah kerep. Basa rombongan pangantén lalaki daratang. Henteu salah téténjoan kitu kuring? Anu nanggeuy baki keur maskawin kawasna, sanajan heubeul pisan tara panggih. Geuning Nyi Tarsih popotongan kuring anu kolot.

            Lain baé kuring nu ngemu kahéran, basa paamprok teuteup jeung kuring manéhna gé katénjo bangun reuwaseun. Posisi diuk geus pahareup-hareup jeung piminantueun, kana tikoro karasa aya nu nyelek. Rét ka Nyi Tarsih kahayang mah nanya. Tapi létah asa pireu hésé rék kedal.

            Kuring léah, ngemu kadeudeuh ka calon minantu. Aya rasa kahariwang anu ngancik basa manéhna tungkul. Sajorélat pikiran hayang ngagupayan ka Nyi Tarsih. Bet terus rasa, manéhna gé diukna pindah ngadeukeutan kuring bangun aya nu rék dicaritakeun.

            “Jang,” cék kuring hareneg rét ka Nyi Tarsih nu diuk élékésékéng, bangun henteu ngeunah cicing. Nu keur ngaréndéng ditelek-telek haté tingsérését, asa sumarambah kana bayah ampir nyelek kana dada.

            Bréh kagambar réngkak polah barudak, lanceukna muntangan leungeun embung ditinggalkeun. Adina talélél keur meujeuhna kembang buruan.

            “Azam... cék kuring méh baé ngagorowok,” nu ngariung tingraringeuh. Ceg kana keterangan asal usul calon pangantén, kabaca Azam bin Sanusi, Rima binti Sanusi.

            “Astagpirullah halazim,” nu diuk ngaréndéng dirangkul ku kuring.

            “Tarsih... geuning piminantueun téh anak urang.”

            “Numawi abdi ti tadi gé bingung, hoyong ngawartosan ka Akang mung henteu pok,” Nyi Tarsih ngomongna semu ngaharéwos.

            “Hapunten, batalkeun baé pernikahan pun anak!” Cék kuring ka petugas nu geus tatan-tatan nungtun ijab qabul.

            Di balé nyungcung nu nepungkeun kuring, Azam ogé Rima. Sanajan akad nikah nu ayeuna batal, jalan hidep duaan keur ngambah kahirupan masih panjang. Hampura Bapa ka hidep téh henteu bisa nepungkeun ti saméméhna.

            Balé nyungcung karasa suwung, nu jarajap geus naraék kana mobil nu ngakutna, tinggal kuring limaan. Ku kuring diterangkeun ka Tarsih jeung ka Édah ieu barudak téh dulur sabapa. Maranéhna silih pelong jeung urut maruna. Bangun teu yakin nu karandapan ayeuna, nu baheula taya méré kasempetanbarudak rék ditepungkeun jeung dulurna.***

Rancakendal Rancaekek, Maret 2015

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (9)

Kang Darman Banten

Aya kituna nya, lalakon jelema di dunya mah ....

nana kartana

naha atuh nu jadi bapa teh asak riksa ti anggalna

Pipin Supriatna

Untung ramana masih aya nya....? Sigana aya yeuh carita kitu di pilemburan

Yusup Permana

Munggaran carita ieu asa emut kana novel 'Puputon' Ibu Aam Amilia. Masalah ngawayuh... héhéh... Kanggo nu maos ieu carpon tangtos aya pieunteungeun geusan laku hirup nu runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan sareng pasangan urang masing-masing..

adhitya

alur caritana alus pisan, ngagambarken kahirupan anu nyata di palemburan...

Muhammad Zid

Saeeeee tah....kanggo nu gaduh maksad rucah sareng aya sir bade miduakeun.....mugi tiasa emut yen sagala kalakuan urang bakal pendak boh di dunya atanapi aherat

bang kieung

Baruk !!...sayogi lah janten gegentos azam .

peri

Asa dina carpon wae...aheng pisan..

Toni Kandar

Geuningan jiga lalakon kuring. Lain salah bapa lain salah ema. Jalan hirup kuring jeung adi kudu kitu. Bapa jeung ema rujuk deui. Kuring jeung adi beda indung jadi tambah leuyeut paheuyeuk heuyeuk.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: