• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sapedah

Kénging Ajat Sudrajat
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1441779770.jpg [Potrét/Ilustasi: agus m]

LAMUN pareng paamprok di jalan jeung nu sarua tumpak sepédah, Juandi sok ngarasa reugreug. Lain kuring wungkul geuning, nu lian gé aya nu kana sepédah téh, gerentesna bari ngaboséh. Ngan meureun bédana batur mah ukur sakali-kalieun tumpakna, sedengkeun manéhna mah unggal poé. éta gé lain teu hayang buar-biur kawas batur tumpak motor. Kungsi diajar di lapang tukangeun imahna. Tapi nya-kitu ari diajar geus kolot mah, kurang kawani, padahal harita geus eungkeut-eungkeut kana bisa. Tapi basa rék, ngajaran ka jalan gedé nabrak tukang baso, tanggunganana nepi ka bahé Atuh Juandi sanduk-sanduk, jaba ngagantian mangkok anu pareupeus. Ti harita tara pirajeunan deui tumpak motor. 

“Juandi tumpak sepédah baé, engké leumpang égang geura.” Cék Uho batur sakolana keur di SD. Manéhna bangun rék balik, nungtun motorna. Juandi nyahoeun adat Uho cawadan, matak ku manéhna tara diwaro. Juandi tonggoy wé nungtun sepédah nepi ka lawang pager imahna. Uho nu ngajanteng teu dilayanan. 
Sepédah keur manéhna lain ngan ukur kendaraan paragi ka kantor, tapi aya carita anu moal bisa dipopohokeun. Teuing taun sabaraha dibeulina, da basa karék asup ka SD ogé geus nyampak. Inget basa bapana aya kénéh, manéhna sok diajak nyiar endog ka sakur nu baroga meri. Juandi anjeucleu diuk diboncéng mawa ciréng wadah endog. Mun seug inget ka dinya haténa sok ngarakacak. Atuda udar-ider dagang téh nepi ka kiwari terus dipaju henteu dilésotkeun. Pangna nepi ka bisa digawé gé, éta cukang lantaranana. 
“Bisi rék ngajual sepédah aya nu butuheun.” Cék Uho basa Juandi keur ngukey nyetél pélek. 
“Moal, lebar,” témbal Juandi bangun keuheul. 
“Geus lain jamanna tumpak sepédah mah.” Uho ngécé. 
“Kumaha urang, rék jaman rék lain, nu penting nepi ka tujuan tur salamet,” témbalna. 
“Payu dua juta tah Juandi mun dijual mah. Ladangna paké uang muka keur ngiridit motor. Bisi butuh motor urut, aya di babaturan kuring. Ieu gé yeuh cacak urut, hadé pan,” cék Uho reueus, bari ngalak-ngilik motorna. 
“Lain teu butuh ku barang Ho. Kuring mah tumpak sepédah gé cukup, genah awak hararampang.” 
“Keur nanahaon atuh ladang usaha, ari teu dipaké mah!” Cék Uho nyetater motor, biur indit, teu nolih ka nu keur ngoprék ngomékeun sepédah. 
Saléosna Uho Nyi Ramsih pamajikanana norojol ti dapur, kakara bérés ngagéroh endog asin kulubeun. 
“Naon deui Uho téh Kang?” 
“Nawaran, bisi rék meuli motor.” 
“Butuh ku paleuleuwihna meureun. Kawantu legag-legig euweuh gawé manéhna mah,” Cék Nyi Ramsih bari nutupkeun panto. Sanajan teu maliré, tapi ari mindeng-mindeng teuing mah, caritaan Uho téh sok matak nyeri kana haténa. Unggal poé Juandi indit ti imahna matuh, pukul tujuh. Kurang leuwih sajam di jalan geus nepi. Juandi tara kungsi kabeurangan, malah manéhna nu sok datang pangisukna. Ku kitu téana mah tanggung jawab kana tugasna salaku penjaga. Réngsé bébérés di jero, laju sasapu di buruan, kurad-koréd jukut nu jaradi dina sela-sela paving blok. Pikeun manéhna jadi pagawé najan ukur pasapon ogé ngarasa sukur. Balikna bisa ngamangpaatkeun sésa waktu nu aya. Lian ti dagang endog, neruskeun tapak lacak kolotna. Usum panén sepédah dipaké ngojég ségon. 
Pa Kamli nu ngajeujeuhkeun manéhna jadi pagawé, apaleun kénéh keur leutikna, sok ngingintil ka bapana nganteuran endog saminggu sakali ka bojona, keur kuéh jualeun. Da muka toko kuéh di imahna. Mangpaat sepédah téh karasa nepi ka boga anggapan éta barang aya barokah pikeun kahirupan manéhanana. 
Pukul dalapan karyawan mimiti daratang, tempat parkir mobil motor ngajalajar, di antara jajaran éta nyelepét sepédah manéhna pangtungtungna di juru. Ngahaja ambéh gampang mun dununganana nitah. geus pada nyaho tara nitah maké motor mun rék motocopy atawa kaperluan nu séjénna, kari clak. Jeung enyana dununganana nitah manéh-na motocopy. 
Keur jongjon ngaboséh, Uho ngalaksonan mani tarik. Juandi reuwaseun. Uho seuseurian jeung ngajorowok. 
“Wilujeng égang engké mun nepi ka imah,” pokna. Teuing tas ti mana Uho téh da mindeng papanggih jeung Juandi di jalan. Balikna ngahaja reureuh. Narik napas ngumpulkeun tanaga, nyuplak topi dipaké ngageberan awak nu cipruk. Lebah tonggong karasaeun bajuna rapet jeung kulit, jibreg lir nu dibanjur. Jol, tukang coét leumpang ka lebah dinya. Gék diuk dina balé-balé pos ronda gigireun Juandi. 
“Punten badé ngiring reureuh.” 
“Mangga,” Juandi ngiser méré tempat. 
“Ujang téh ngahaja baé sesepédahan?” Cék tukang coét. 
“Sanés, wangsul didamel.” 
“Euh, saé séhat naék sepédah mah.” 
“Tos pajeng sabaraha hiji icalan téh Pa?” Cék Juandi, manéhna malik nanya. 
“Numawi teu acan hiji-hiji acan,” témbalna bari nyusut késang dina tarang ku tonggong leungeunna. 
Manéhna ngahelas, basa tukang coét indit. Batur mah geuning néangan keur dahar téh leuwih ripuh ti manéhna. Dagang coét can karuhan payu unggal poé. Sedengkeun manéhna, leutik-leutik gé jadi pagawé, aya arep-arepeun ari bulan ngora. geus rada seger, clak deui kana sepédah. Najan dipoyokan ku Uho tara diasupkeun kana haté. Ti bubudak lampahna goréng, kabawa tepi ka kolot teu robah. Mun saruana mah matak gur ger paséa. 
Kakara gé tepi ka sakola, terus mikeun potocopian ka tatausaha, Pa Kamli ngageroan, nitah manéhna asup ka ruanganana. Juandi reuwaseun, da tara ti sasari. Biasana lamun rék nitah sok langsung pok, tara manggil ka jero. Teu talangké Juandi ngiclik tukangeun Kamli bari ratug inggis aya nanaon, sieun salila ngalaksanakeun tugas matak piambekeun atasan. Komo ieu aya di jero dititah diuk pahareup-hareup. Juandi teu wasaeun cengkat bawaning ku ajrih. 
“Bapa leungiteun motor Honda warna beureum,” cék dununganana. Meg manéhna reuwaseun. 
“Tong reuwas kajadianana lain di dieu.” 
“Nuju di parkir di mana Pa?” Cék Juandi, ngemplong. 
“Ku budak di tempat kos babaturanana, jongjon ngob-rol, motor cul di buruan, ditéang geus euweuh.” 
“Tos sabaraha dinten kajadianana?” 
“Opat poé.” 
“Geuning tos lami.” 
“Enya, susuganan atuh pareng manggihan.” 
Ka luar ti ruangan Pa Kamli, Juandi nyarandé kana témbok. Manéhna asa kungsi nénjo ngan teu nelek-nelek plat nomorna, warnana beureum. Kétang bisa baé platna geus diganti. Aya sotéh sangkaan ka dinya, ku asa babari paribasa kapihapéan ku babaturan. 
geus burit balikna Juandi téh, da loba pisan bérésaneun. Basa ngaliwat ka imah Uho, mani ramé ku jalma ngarogrog. Kadéngé anu hohoak. 
“Moal salah, nu urang gé ku manéh!” 
“Heueuh ari sugan téh enya jual-beuli motor kéhéd!” 
Juandi eureun, terus nyarandékeun sepédahna dina tangkal. Jelema jelema téh keur nunjuk rorék Uho. Awakna bararéd, tapak nyiksa kawasna. Manéhna nyempod di juru. 
Buriak nu keur ngarogrog nyingray, basa datang Pa RT. Juandi ngaléos. Terus nungtun sepédahna ka nu rada jauh ti dinya. Katénjo Uho ditaékkeun kana mobil tahanan. Ngolébat seuri ngécé Uho. Nongtoréng dina ceulina.
“Wilujeng égang,” cenah. 
Mun kongang mah Juandi hayang males ngécé, Wilu-jeng tumpak mobil tahanan. Tapi Juandi henteu tégaeun. Kalah haténa ngarakacak. Mobil tahanan beuki lila beuki jauh. Perbawa bangreung, sepédahna diboséh beuki tarik, padahal imahna geus kaliwatan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

usman sulaiman

ngiring bingah mangle masih nanjerkeun atikan basa dugi ka kiwari.#hayu urang mumule basa sunda

Muhammad Almmas

Lamun caritana di ringkes jadinya kumaha?

Rani sumaryani

Ieu carpon unsur intrinsikna naon nya.

ramlan

sae dina jaman tos modrn masih aya nu kedah diemutan sapertos mang juandi

aang muharam

teu kenging kufur nikmat...maksimalkeun nu aya wae..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: