• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dikukuntit Karisi
Barudak Leungiteun
Panyalindungan

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Mahmud, Rektor UIN SGD Bandung [Potrét/Ilustasi: Lin RN]

Taya deui daérah nu bener-bener aman keur barudak. Sakola, pangajian, malah kulawarga, angger pikahariwangeun. Kitu kaayaan kiwari téh? Naha di mana atuh indung nu dipindung, bapa nu ngariksa kulawarga?

Mun mah di leuweung geledegan, atawa di nu hara-haraeun, pantes hariwang mun ngantep barudak sosorangan. Tapi, ieu mah, apan di lembur sorangan, di sakola, di pangajian, di pangulinan, jeung di tempat-tempat ramé, tapi tetep barudak téh dikukuntit ku karisi. “Mémang ayeuna seueur kajantenan barudak katideresa. Palakuna, lain ukur kolot, tapi deuih rumaja, malah barudak,” ceuk DraNina Sri Inayati Apt. M.Kes., muka wangkongan.

Warta-warta sungkawa ngeunaan barudak nu katideresa, teu sirikna datang silih genti. Rerep ieu jol ieu! Nu séjén kakara leler, pucunghul deui kasus séjénna. Barudak nu nu diculik, dipergasa, jeung sajabana, taya kendatna. Barudak nu lemah lir leungiteun panyalindungan.

Nilik kakayan kitu, mémang, ceuk Hj. Nina teu bisa diantep. Kajadian-kajadian nu matak muringkak bulu punduk, sawadina ditalingakeun ku balaréa. Cindekna, masarakat sabudeureunana,  kudu milu niténan marudak. “Peristiwa kawas kitu, tiasa kajantenan di mana waé, di sabudeureun urang,” ceuk ieu Sekretaris BP3AKB Provinsi Jawa Barat.

Kajadian-kajadian nu tumiba ka barudak, mingkin deui mingkin mahabu.  Tapi, ceuk Hj. Nina, lain taya tarékah ngungkulanana.  Nu écés, cenah, upaya pamaréntah ngungkulan pasulaan kitu téh geus ti béh ditu kénéh. “Upaya nyegah teu kirang-kirang, mung upami tetep masih seueur kénéh kajantenan, tangtasna ogé masing-masing pihak kedah langkung engeuh kana ieu pasualan,” pokna basa ngobrol di bumi pamatuhananan di Dago Bandung.

Dina ngungkulan éta pasualan,  pamaréntah ceuk Hj. Nina leuwih neueulkeun paniténna ka kulawarga. Apan, ti dinya huluwotana pasualan téh.  Kajadian-kajadian nu matak nyentarkeun haté, bibit-buitna mah ti kulawarga. “Boh palaku, kitu deui korban, andil kulawarga kacida angeungna,” pokna.

Atikan  kulawarga dina ngungkulan pasualan kawas kitu teu bisa ditawa-tawar.  Cindekna, masing-masing kulawarga,  ogé lingkungan sabudeureunana, kudu mampuh ‘manggihan galagat’ piteuhadeueun. “Intina mah, kedah langkung ati-ati, ulah kabobodo ku ningal pasipatan jalmi luarna wungkul,” pokna.

Hj. Nina nétélakeun, kajadian di Kota Bandung, sawatara waktu ka tukang, nu dipaténi  ku budak lalaki pantaranana, raket tumalina jeung kaayaan kulawarga masing-masing éta budak. Kitu téh, di antarana, balaukar kulawarga teu apal persis kana paripolah barudakna, boh keur diimah, boh di lingkungan babaturanana. “Padahal, indung téh kudu hadir di mana waé jeung iraha baé,” pokna.

Maksud Hj. Nina mah, tatali batin indung jeung anak kudu terus nganteng, sangkan budak boga kadali. Da, upama dina diri budak aya pihak nu diajénan, boh indungna boh bapana, ogé pihak nu deukeut ka dirina, tangtuna ogé kalakuan éta budak téh moal ngaberung teuing.

Geusan ngajaga kajadian nu teu dipiharep, atawa ditiung méméh hujan, ceuk paribasa mah,  pihak pamaréntah Propinsi Jawa Barat, geus nyieun satuan tugas nu disebut Motekar. Éta téh kecap basa Sunda. Mun ceuk kamus mah, " …témbong usahana, ihtiarna kana jalan bener, kapinteranana.“  Tapi, ari “Motekar” nu dipaké ku Balai Pemberdayaan Perempuan dan Perlidungan Anak Keluarga Berencana (BP3AKB) mah,  singgetan tina  motivator ketahanan Keluarga.  Éta téh para kader pemberdayaan masyarakat (KPM) di saban kalurahan atawa désa. Tangtu wé arinyana téh bagian ti masarakat desa/kalurahan nu boga pangaweruh jeung kadaék nalingakeun jeung mantuan masarakat ningkatkeun ajén hirupna.

Ari peran jeung pungsina, ceuk Hj. Nina, KPM téh di antarana, ngagancangkeun parobahan. Tangtu wé, dina harti mantuan kaum wanoja sangkan mampuh niténan pasualan-pasualan, sarta mampuh ogé keur ngungkulanana.

“Lian ti éta kader téh kedah janten médiator,  panyambung antara anggota kulawarga dina waktu aya kajadian pacéngkadan. Ku lantaran kitu, éta kader téh kudu boga kamampuh méré saran nu bisa ditarima ku éta anggota kulawara saupama aya pacéngkadan.

Peran séjénna,  ngatik masarakat, hartina téh bisa méré pangaweruh jeung saran-saran nu hadé nu bakal gedé mangpaatna keur kulawarga. Mampuh ngahudang kahayang pribadi jeung kelompok wanoja sangkan leuwih mangpaat di kulawarga.

Motekar jadi andelan kulawarga. Malah, éta ‘jurus’  ngabebenah masarakat téh, jadi Perda No. 9 Taun 2014 nu dikaluarkeun ku Pamaréntah Provinsi Jawa Barat. Ku lantaran kitu, larapna téh boga payung hukum anu jinek. Patugas nu aya dina Motekar, kaasup tanaga ‘pengerak’ désa. “Tangtos wé, kalebet jalma nu payus diturut,” pokna deui.

Nu boga kadaék ancrub dina “Motekar” moal gaplah, da aya inséntif. Patugas, saurang  téh narima  honor, Rp. 1.250.000,- perbulan, da saban désa/kalurahan téh saurang.  Ari dina taun 2016 mah ditambah antara duan atawa tiluan sadésa/kalurahan. Pancénna, nalingakeun kulawarga sarta milu ngungkulana mun éta kulawarga nandangan masalah.  *** 

 

Pola Asuh Anak

Warta-warta barudak jadi korban kaditeresa, teu weléh sirna. Kumaha ngungkulanana? Naha sistem atikan formal di urang masih lemah? Atawa pangaruh dunya luar nu geus teu walaka dibendungna?  “Urusan anak, ngabebenahna kudu dianggap leuwih penting. Lantaran kitu, pihak pamaréntah, kaamanan, akademisi atawa masarakat, kudu babarengan, kudu ngarasa boga tanggung jawab,” ceuk Prof. Dr. H. Mahmud, M.Si. Rektor UIN SGD Bandung waktu tepung dikantorna Jalan AH. Nasution Bandung.

Rupa-rupa katideresa nu nimpa anak di sababaraha daérah, kaasup nu pangdeukeutna di Bandung, mémang neudeun pasualan. Dina panitén ieu Rektor UIN, nu jadi akar masalahna mah aya dina pola atikan nu salila ieu teu dieusian ku pola asuhan anak. “Upama tilikan pendidikan, akarna mah, aya dina pola pendidikan nu mémang pola asuh anak can dianggap penting,” pokna méré harepan.

Hartina, upama salila ieu, para guru atawa kolotna di kulawarga saukur ngajarkeun nu sipatna talaran atawa bab fiqih, balukarna atikan barudak ogé moal saimbang. “Sangkan barudak kuat, guru atanapi di kulawarga henteu cekap ku talaran, tapi kudu jeung apal pola asuh nu samistina,” pokna deui.

Rupa-rupa palaku jeung korban katideresa, beuki dieu beuki mahabu. Sapertina waé nu matak ngagéhgérkeun téh kasus ‘pelecehan seksual’ ka 14 santri ku oknum ustad di Cicéndo Kota Bandung. Kitu deui, kasus-kasus séjénna di nimpa di daérah di Jawa Barat. Palebah dieu, Prof. Mahmud ogé miharep ka pamaréntah, pihak kaamanan, ogé ka sakumna masarakat sangkan pasualan anak ulah dianggap leutik, nu héabna kaéléhkeun ku kasus korupsi. Malahan upama méntal barudak ancur, lantaran meunang katideresa, hartina nagara ogé bisa ancur.

Lantaran kitu, pasualan atikan, hususna atikan kulawarga kudu ngadumaniskeun élmu talaran jeung pola asuh anak. “Supados murangkalih kiat, moal kaolo ku nu teu puguh, pola asuh anak, ti ayeuna kedah lebet ka sakola-sakola,” ceuk Prof. Mahmud teureuh Bekasi téh.  

Mentingkeun atikan ka barudak, dina ajaran Islam jadi kawajiban. ‘Quu anfuskum wa ahlikum naaro’. Malahan ti saméméhna ogé (pertikahan kénéh) apan kolot baheula ogé sok nitipkeun sangkan pilihan téh nu hadé bibitna, bébétna jeung bobotna. “Papatah Sunda nu sumpingna tina ajaran Islam, apan kacida luhurna. Tujuanana ogé sangkan ‘gen’ nu hadé téh, ka dituna mah tiasa mahing murangkalih tina rupa-rupa barabahaya,” pokna nutup obrolan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: