• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Metik Hikmah tina Hijrah

Kénging F. Syarifuddin C.
Kintun kana Facebook

Alloh SWT ngadawuh dina Al Quran nu hartosna kirang langkung: "Yeuh jalma-jalma nu ariman! Naha maranéh hayang dituduhkeun ku Kami balantik nu bisa nyalametkeun maranéh tina siksa nu peurih? (Nyaéta) maranéh ariman ka Alloh ka RosulNa sarta jihad dina jalan Alloh ku harta katut jiwa maranéh. Tah éta téh anu leuwih hadé pikeun maranéh upama maranéh nyaraho mah." (Surat Ash Shaf: 10-11)
Taun anyar Islam atawa Taun Hijriyah nu dikawitan ku sasih Muharram, henteu leupas tina perjoangan Rosululloh katut kaom muslim dina nanjeurkeun agama Islam ku cara jihad fisabilillah atawa bajoang dina jalan Alloh SWT. Anapon jihad Rosululloh katut kaom muslim mangsa harita sakumaha nu kacatet dina taréh nyaéta peristiwa hijrah, pindah ti Mekah ka Madinah.
Teu hamham deui perjoangan kaom muslim dina hijrah téh salasawios buktos katoatan kana panggero Alloh sakumaha nu kaunggel dina ayat Alquran nu tos diserat di luhur.
Cindekna, Alloh maparin pituduh keur sing saha baé nu hayang balantik tur boga kauntungan nu nyalametkeun dirina tina siksa, nyaéta kedah panceg iman ka Alloh sareng RosulNa. Saparantos panceg, kaimanan téh kedah dibuktoskeun ku amal nu nyata nyaéta jihad atawa bajoang di jalan Alloh boh ku harta boh ku jiwa. Dina hijrah tos katara kumaha sépak terjang kaom muslim dina jihad boh ku harta boh ku jiwa. Nu matak payus upami sumanget jihad dina hijrah téh janten tatapakan perjoangan kaom muslim nu diabadikeun dina nami taun Islam. 

Mayunkeun Ngawangun Masjid
Sakumaha ka uninga ku urang sadayana nalika Rosululloh saw. sareng para sohabat nu katelah kaom muhajirin anjog ka lelewek Quba, anjeunna ngadegkeun heula masjid. Éta masjid dinamian masjid Quba. Nya ti masjid sumanget joang langkung ngagedur. Anapon nalika cunduk ka lelewek nu disebat Yastrib atanapi Madinah, nu pangpayunna ditataharkeun ku Rosululloh saw. ogé deui-deui masjid nu dugi ka kiwari angger ngajungkiring nu katelah Masjid Nabawi.
Saparantos ngadeg masjid, nembé anjeunna ngawanohkeun dua kaom nu sacara sosial budaya tangtosna aya béntenna. Nanging ku ajaran Islam diamprokkeun, ditepunglawungkeun kolbuna ku iman nu sakocoran. Éta dua kaom téh nyatana kaom muhajirin (nu parindah) sareng kaom anshor (nu nulungan), tegesna padumuk Madinah.
Teu ukur nepungkeun duduluran nu tumorojog tina kalbu, dina harti sina sarua akidahna, sahaté imanna, sina sama'na Islamna. Tegesna kaom muhajirin bisa ditarima ku kaom anshor kalayan haté nu wening malah saterasna sami-sami balantik dina jihad miharep rido Alloh SWT. Nanging Rosululloh ogé ngadamel kasaluyuan geusan ngawangun hirup kumbuh anu tingtrim jeung papada manusa sok sanajan béda akidah jeung kayakinan alatan benten ageman. Tegesna, Rosululloh ngadamel kasaluyuan sareng tokoh-tokoh Yahudi katut Nasroni pikeun hirup babarengan dina karukunan jeung katingtriman.
Katangen yén hijrahna Rosululloh kanggo ngawangun kaom anu leres-leres iman, takwa, meungkeut pageuh tali duduluran, silipikanyaah, jeung silitulungan. Rosululloh saw. hijrah sanés kanggo lumpat tina tanggung jawab ngayonan musuh kaom kafir Qurés nu tohtohan ngahalangan dawah anjeunna dugi kadiancam pati, nanging sawangsulna kanggo neraskeun jihad dugika kapetik hasilna kaala buahna.

Kabagjaan Hakiki
Dawuhan Alloh Swt.: "Jalma-jalma anu ariman jeung hijrah sarta jihad di jalan Alloh ku harta jeung jiwa maranéhna, éta leuwih luhur darajatna mungguh Alloh. Nya maranéhna téh jalma-jalma anu meunang kabagjaan. Pangéran ngabubungah maranéhna ku cara maparin rohmat karidoan jeung sawarga, maranéhna bakal meunang kasenangan anu langgeng di jero sawarga. Maranéhna langgeng di jero sawarga salawasna. Saéstuna mungguh Alloh aya ganjaran anu kacida gedéna." (Surat At Taubah ayat 20 - 22)
Kitu ganjaran pikeun jalm-jalma anu ariman sarta kaimananana dianggo modal balantik miharep karidoan Alloh ngalangkungan jihad téa, nyatana bajoang anu dina hal ieu ngalangkungan tarékah hijrah. Harta teu diowelkeun kanggo sarana bajoang di jalan Alloh nya kitu deui jiwa geusan ngayonan musuh.
Aranjeunna kénging darajat linuhung mungguhing Alloh tur baris kasinugrahan kabagjaan nu hakiki sanés kabagjaan pupulasan. Bréh wé katangen yén geuning harta anu hakékatna titipan ti Alloh téh sanés tujuan hirup sakumaha nu sok dipilampah ku urang kiwari. Tapi keur sarana jihad, bajoang geusan metik karidoan Alloh. Nya kitu deui jiwa, modal hirup urang sadayana sanés keur ngeunah-ngeunah ngahenang-ngahening di dunya nepi ka cul kana ibadah nu minangka pancén poko manusa diciptakeun ku Alloh, nanging sangkan jadi abdi atawa hamba Alloh nu mibanda pancén ibadah téa.


Tong Diengké-engké
Munasabah upami Alloh baris nuyun aranjeunna kana jalan Mantenna, margi aranjeunna kagolong kaom muhsin (nu midamel kasaéan). Alloh ngadawuh: "Jeung jalma-jalma anu geus jihad pikeun (néangan karidoan) Kami, Kami baris nuduhkeun ka maranéhna kana jalan Kami. Jeung saéstuna, Alloh nyarengan jalma-jalma anu migawé kahadéan." (QS Al Ankabut: 69)
Kitu uswah Rosululloh saw. katut para sohabatna dina jihad geusan miharep karidoan Alloh, nyatana teu weléh paboro-boro milari rido Alloh, paheula-heula kana jihad boh ku harta boh ku jiwa. Témahna Alloh maparin ganjaran, boh nu karasa langsung di dunya atuh jaga di ahérat insyaalloh hamo kaliwat.
Patarosanana, naha urang kiwari sami tos paboro-boro kana rido Alloh? Boa-boa kalah paboro-boro kana lampah nu teu dipikarido alatan tonggoy teuing néangan eusi boboko? Naha urang tos paheula-heula kana jihad ngabéla agama ku harta jeung jiwa? Boa-boa sawangsulna paheula-heula makmak-mekmek dudunya, hirup beuki betah nepi ka aya angkeuhan sieun nyanghareupan paéh, angot maot alatan bajoang toh pati jiwa raga geusan miharep rido Alloh mah. Geus waktuna umat Islam hijrah tina paradigma pamikitan anu heureut siga kitu. Islam ulah ukur diaku, tapi kudu dibéla ku cara ngalaksanakeun ajaranana sakumaha mistina. Tong diengké-engké bisi kaburu jadi bangké.

Pancegkeun Jarum Haté
Alloh ngawawadian urang sadayana: "Jeung geura infakkeun sawaréh tina naon baé perkara anu ku Kami geus dibikeun ka maranéh saméméh datang maot ka salahsaurang di antara maranéh, tuluy manéhanana nyarita (bangun kaduhung), 'Nun Gusti Pangéran abdi, saupami Gusti ngersakeun ngundurkeun (pimaoteun) abdi sakedap deui, tinangtos abdi tiasa sodakoh sareng abdi téh kalebet antawis jalma-jalma anu saroléh'." (QS Al Munafiqun: 10)
Kitu pidawuh Alloh nu mangrupi pangwawadi ka urang sadayana yén urang kedah leres-leres mehatikeun waktos, kasempetan nu aya kanggo paboro-boro kana rido Alloh sateuacan datang hiji mangsa anu taya kasempetan kanggo midamel naon baé. Nyatana sang ajal. Upami ajal tos norojol teras urang totorosol sangkan Alloh ngabedol deui, hamo tiasa. Apan dawuhanaNa ogé: "Jeung Alloh moal ngundurkeun (pimaoteun) salasaurang jalma upama mangsa ajalna geus tumiba. Sareng Alloh téh Mahataliti kana naon baé perkara anu ku maranéh dipigawé." (QS Al Munafiqun: 11)
Ku kituna munasabah upami urang sadayana salaku muslim ngagaduhan manajemén waktu nu rancingeus nalika ngahontal udagan milari rido Alloh sakumaha pangwawadi Gusti Alloh dina ayat nembé. Nalika mayunan pasualan, gancang ungkulan ku palakiah hijrah atanapi énggal ungkulan sakumaha nu tos dicontokeun ku Rosululoh saw. nalika mayunan musuh-musuh Islam, lain cineten bari nganaha-naha kana nasib. 

Margi kitu, hayu urang sami-sami metik hikmah tina hijrahna Rosulululloh saw. katut para sohabat. Margi hal éta téh kalebet balantik nu piuntungeun mungguh Alloh SWT, sakumaha nu digambarkeun ku Rosululloh saw. dina hadis: "Conto mumin téh siga nyiruan. Lamun barangdahar nu didaharna barang alus. Jeung lamun ngaluarkeun nu dikaluarkeunana ogé anu alus mangrupa madu anu amis jeung seger, malah bisa jadi ubar keur manusa. Jeung lamun eunteup sok sanajan dina régang anu regas, éta regang teu matak ruksak alatan dieunteupan manéhanana." Mugia ku dongkapna taun énggal 1 Muharram 1437 Hijriyah nu teu leupas tina sajarah hijrah Rosululloh saw. katut para sohabatna téh, urang tiasa metik hikmahna. Utamina, geusan ngawedelan iman nu diamalkeun ku jihad dina jalan Alloh boh ku harta boh ku jiwa nu sanés baé kanggo bekel di dunya, nanging ogé kanggo jaga di ahérat. Aamiin. *** 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: