• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Furqon, MA.,Ph.D;

Ngatik Ulah Ukur Nyarita

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Ngajurung atikan karakter nu dadasar agama jeung budaya [Potrét/Ilustasi: rudi]

Teu cukup minterkeun otakna ngatik mah. Nu teu éléh pentingna téh ahlak jeung kalakuanana. Cindekna, ngatik téh kudu jadi cukang lantaran manusa masagi! Ngan, kumaha carana? Prof. Furqon, MA.,Ph.D. Rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) nepikeun pamanggihna ka Manglé.

Loba nu percaya geusan nyorang hirup jeung huripna téh, di antarana ngaliwatan dunya atikan. Da, ti dinya mimitina aya parobahan cara mikir jeung paripolah téh. Ngan, tangtuna, atikan mah kudu tuluy-tumuluy ti leuleutik nepi ka iraha waé. “Tangtos ngatik téh teu cekap ku omongan atawa papatah, tapi kedah dibuktoskeun ku conto nyata atanapi ku paripolah anu tuladeun,” ceuk Prof. Furqon, MA.,P.hD., Rektor UPI muka wangkongan.

Ngobrol téh pabeubeurang méméh lohor di Gedong Isola UPI Bandung. Di dinya, ieu Rektor teureuh Pangandaran téh ngantorna. Dina hawa padataran Bandung pakaléran nu seger, Pa Rektor ngokolakeun dunya atikan, ngatik calon guru nu engkéna baris jadi tuturus kahirupan di masarakat.

Upama Prof. Furqon percaya, dunya atikan téh bisa jadi cukang lantaran karaharjaan, mémang dumasar kana pangaweruh nu diulik ti leuleutikna. Apan, ceuk kahirupan urang lembur gé, élmu tungtut dunya siar. Tah, kahirupan masarakat nu kawas kitu, nu ogé kaalaman keur mangsa budak mah. “UPI gé nuju ngarancang kurikulum atikan nu ngagaduhan ciri mandiri, medal tina ajén-inajén agama sareng kaaripan lokal,” pokna dibarung mésem

Sabada ngalanglang mancanagara, apan inyana gé loba papanggihan. Kituna téh da remen ubral-obrol jeung rupa-rupa sélér bangsa di mancanagara. Pangalaman kitu, keur inyana mah, nambahan luang pangalaman, dibarung jeung rasa gedé haté. “Sakumaha majuna nagara, tetep sabagian mah ngarasa teu sugema,” pokna.

Sakapeung, hirup mah sok pasangka-sangka. Saperti di urang, apan sok nganggap nu dumuk di nagri maju mah sarenang. Tapi, tangtu wé moal kitu kabéh, da kahirupan mah teu sakelir. Saperti urang Amerika, ceuk ieu doktor alumni University of Pittsburgh Amerika téh, teu jarang nu ngarasa teu sugema ku kaayaan. “Malah, pokna téh, ulah nyonto urang Amerika,” ceuk Prof. Furqon nyontokeun kekecapan urang Amerika.

Icikibung dina dunya atikan, ceuk ieu pangarang buku ‘Statistik Terapan untuk Penelitian’,  kudu mampuh nyurahan  kaayaan masarakat. Najan, boh guru boh dosen ngajarna téh di rohangan kelas, tapi teu bisa ukur niténan kaayaan sabudeureun kelas. Naon waé nu kaalaman jeung karandapan ku masarakat, kudu jadi bagian garapan gawé guru dina milu ngungkulanana.

Kiwari, memang, butuh conto anu hadé. Butuh  tuladeun ti pihak-pihak nu payus diturutan atawa ditulad ku balaréa. Lantaran paripolah  nu picontoeun téh baris jadi pangjurung kana paripolah hadé masarakat.

Urusan kahirupan, mémang teu sakelir. Aya nu ngarasa sugema, aya ogé nu sabalikna. Ari keur guru, nu kumaha-kumaha ogé kudu jadi bagian nu payus dititénan jeung ditalingakeun. “Margi, pangajar mah kedah seueur ngupingkeun sareng milarian solusina,” pokna.

 

Ngatik Binarung Rasa

Upama Prof. Furqon gedé katineungna kana dunya atikan, mémang ti dinya pamianganana. Apan, keur leutik gé ngahaja ku sepuhna téh sina sakola di PGA, sina jadi guru agama. Ngan, ari Furqon, kahayangna téh teu ngan ukur jadi guru agama di SD. Malah, boga angen-angen hayang sakola ka Timur Tengah sagala, saperti nu sok kadéngé jeung kabandungan ku dirina.

Lulus PGA, milih kuliah ogé ka UPI Bandung. Kituna téh, lungsur-langsar, nepi ka ahirna mah bisa sakola ka luar nagri sagala ka Amerika. Adumanis dunya atikan barat jeung timur, namper jadi kahayang jeung kayakinan, yén cara ngatik keur bangsa sorangan téh kudu maké padika nu ngakar jeung jiwa masarakatna.

Dina angen-angen ieu guru besar UPI téh, atikan di urang, di antarana téh kudu didadasaran ku agama jeung budaya. Bangsa urang nu ‘religius’ sarta kahirupanana dalit jeung budaya, atuh pasipatanana gé moal jauh tina pangaruh agama jeung budaya téa. Ku lantaran kitu, ngalarapkeun atikan karakter gé ulah leupas tina dadasar agama jeung budaya.

Keur kapentingan kitu, ieu carogé Nunung Sobarningsih  téh, remen miluan kagiatan-kagiatan nu intina keur nataharkeun padika atikan di UPI. Nyiar pangalaman kitu téh, remen ngalanglang mancanagara saperti ka Mesir, Amerika, jeung sajabana.

Ancrub kana dunya atikan, inyana percaya, ngatik téh teu butuh ku carita wungkul. Malah, mun guru ukur matahan, bari jeung teu nyontoan hadé, moal nerap ka nu diatikna gé. Kitu deui, barudak di imah, butuh conto ti kolotna sangkan barudak puguh nu dipicontona.

Ngatik barudak,  teu cukup di sakola wungkul. Apan, aya tilu tempat nu mangaruhan barudak téh, nyaéta rumah tangga, sakola, jeung lingkungan pangulinanana. Nu tilu bieu, ceuk ieu rama Aisyah Mayuliani, Elva Fitriani sareng Radian Furqon téh, teu bisa dilalaworakeun, lantaran masing-masing gé milu mangaruhan jeung milu nangtukeun hadé-goréngna hasil atikan.

Najan atikan teu bisa ngandelkeun salah sahiji pihak, guru mah, ceuk alumni sarjana IKIP taun 1982 téh, kudu leuwih ngarasa boga tanggung jawab dina ngatik murid-muridna. “Ulah ngan sakadar ngalaksanakeun kawajiban,” pokna.

Tumali jeung cara guru ngatik murid-muridna, ieu teureuh Pangandaran mah,  ras ka mangsa ka tukang, waktu keur budak kénéh di lembur. Saperti guru ngaji, apan mapatahanana téh tanpa pamrih, teu ieu ngarep-ngarep buruhan ti barudak. Mama ajengan atawa ustad dina ngatik téh teu weléh dibarung ku rasa héman. “Ku cara kitu, tatali batin barudak atanapi santrina ka guru téh nganteng lir budak ka kolotna,” pokna.

 

Miang tina Basajan

Prof. Furqon, pituin Pangandaran. Ti leuleutik gé matuhna téh di pakidulan Ciamis, deukeut ka basisir Pangandaran. Atuh, kahirupan keur budak gé raket pisan jeung alam.

Najan jolna ti kulawarga  nu boga kamampuh ‘leuwih’ ti masarakat umumna, Furqon mah dibiasakeun basajan jeung mandiri. Boga duit gé ukur keur jajan sapereluna, saperti umumna barudak tatanggana. Lian ti kitu, deuih dibiasakeun mandiri. Geura wé, sanggeus sakola mah, nyeuseuh pakéan sorangan téh tara ku batur, tara ku indung, tara meunang dipangnyeuseuhkeun ku ‘pembantu’ deuih.

Ari ulin barudak harita, nu kaalaman ku Furqon mah, ukur kitu wé, arulin barudak palemburan nu luyu jeung alamna. Kitu ogé ari balik ti sakola antara sakola jeung imah, sok sumpang-simpang heula, ngadon ula-ala bubuahan atawa ngahaja ukur kokojayan di walungan.

Lian ti kitu, dihucuhkeun kana nyiar pangaweruh agama téh. Kudu daék ngaji boh di madrasah boh di imah. Atuh, mun peuting reup magrib téh kudu gancang tatahar ngaji. Ngan, ari keur Furqon mah, deukeut ka pangajian téh, ma’lum ramana ku anjeun nu biasa ngawurukan di madrosah téh.

Barudak séjénna, aya nu ti lembur séjén. Mun balik ngaji téh kudu nyeungeut obor keur nyaangan jajalaneun. Ngabandungan babaturanana kawas kitu, Furqon gé nambahan sumanget. Sok timbul kadaékna nyiar élmu, lantaran ningal batur nu jauh-jauh rék ngahaja ngaraji ka lemburna.

Sanggeus sakola di PGA, angger wé kudu bunta-bantu pagawéan kolot. Saperti harita, waktu ramana jadi bandar kopra, inyana gé biasa mantuan rupa-rupa pagawéan kolotna, kaasup kudu milu naékkan kalapa bari nyorén bedog nigasan manggar kalapa atawa mesék kalapa. “Kantos sakali mangsa mah, sampéan katingang bedog nepi ka tatu,” pokna mulangkeun panineungan.

Mun hayang boga duit, kapaksa kudu daék barang gawé. Enya dibéré téa mah ku kolot, apan ukur keur bekel sakola, ukur keur jajan. Lian ti dinya mah lapur! Ku lantaran kitu, upama  hayang boga duit leuwih, kapaksa  kudu daék néangan sorangan. Furqon gé sok  ngala suluh kawas barudak séjénna, suluh jualeun. Ngajualna, lain ka batur tapi ka ramana!

Suluh sabangsaning pangpung jeung cocongoan tatangkalan, dipundakan ti leuweung, terus dikumpulkeun. Geus kitu mah, dikibik. Tah, haregana, harita mah, Rp 35 sakibik. Teu kaasup gedé, tapi keur ukuran harita mah, duit sakitu téh bisa keur rupa-rupa kapereluan, kaasup keur meuli alat-alat sakola. *** 

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

ajat sudrajat

Sae, kitu pisan. Ngatik murangkalih memang aya elmuna, kedah sabar sareng ihlas. Kiatkeun niat karana Alloh, nyiapkeun calon-calon pamingpin di masarakat sareng sirung-sirung pikahareupeun umat Islam. Hatur nuhun

Dadang Ahmad Suriamihardja

Alhamdulillah, wangkongan sareng pituin urang Purbahayu, Pangandaran, Prof Furqon, MA, PhD, teh jetre kaala eusina, ngalangkang imajinasina anu teu kaundeur saharita. Geuning ngatik murid teh kedah dipapaesan ku rasa heman, nanjeurkeun percaya diri, nyiapkeun tuturus, nungtun niatna ka anu aman. Hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: