• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Sahya Anggara, Drs., M.Si.;

Nataharkeun Politikus
‘Gaya’ Tatar Sunda

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Sahya Anggara, nataharkeun politikus "gaya" Tatar Sunda [Potrét/Ilustasi: rudi]

Béda cai béda tampian. Kitu deui dina urusan politik. Masing-masing tempat kudu ngabogaan anu béda, lantaran nu diurus téh manusa nu boga ciri mandiri. Kumaha ari di Tatar Sunda Jawa Barat? Dr. Sahya Anggara, Drs., M.Si. Dekan Fisip, Universitas Islam Negeri (UIN) SGD Bandung bruk-brak ka Manglé.

Ngaléngkah kana alam démokrasi, loba nu hareugeueun! Nu asalna, loba ‘pamali’, robah jadi sarwa meunang. Kituna téh lantaran dasar-dasar dina ngalarapkeun politik gé loba nu méngpar tina aturan, kaasup megatkeun dasar-dasar nu jolna tina papagon agama. “Watés-watés kabébasan dina politik kedah ditalingakeun. Pangna kitu, FISIP UIN ogé gaduh udagan geusan nyitak regenerasi bangsa nu napakkeun niléy agama, niléy budaya jeung niléy modern, pangpangna dina kahirupan politik, démokrasi jeung pamaréntahan,” ceuk Dr. Sahya Anggara, Drs., M.Si. disela-sela wangkongan.

Ngobrol jeung ieu Doktor lulusan Universitas Padjadjaran téh, poé Salasa, 29 Désémber 2015 sawatara waktu ka tukang di Kampus FISIP UIN SGD Bandung, Jalan AH. Nasution No. 105 Bandung.

Pangpangna politikus tina hasil démokrasi, mémang sakuduna jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat sakumna. Ngan bisa kahontal angen-angen kitu, ceuk Dr. Sahya nu ogé Dosen Pascasarjana di Sekolah STIH Pertiba Bangka Belitung téh, upama aya ketak nu bener ti pribadi-pribadina. Lantaran kitu, ceuk ieu teureuh Majaléngka ogé, FISIP UIN SGD dipiharep bisa nataharkeun politisi gaya nu béda, hususna di Tatar Sunda Jawa Barat.

Ngokolakeun FISIP UIN nu ngadumaniskeun jeung niléy agama, ceuk Dr. Sahya mémang teu gampang. Pangpangna masih aya kénéh nu nganggap biasa-biasa. “Tapi, alhamdulillah, saatos pada terang kana visi jeung misina nu mémang keur dipikabutuh masarakat, ahirna loba instansi pamaréntah nu merelukeun kamandangna ti pihak  FISIP UIN,” pokna bari nyontokeun sababaraha daérah nu remen ngondang keur mekelan tata kelola di pamaréntahan daérahna di Jawa Barat. Kitu deui, ti pihak luar UIN, kaasup ti mancanagara, teu weléh ngajak gawé bareng keur babarengan neuleuman élmu sosial jeung politik UIN.

Pangpangna, niléy agama, dina alam démokrasi beuki dieu beuki dipikabutuh ku masarakat. Lantaran kitu, gaya FISIP UIN ogé, teu weléh nawarkeun anu béda. Hartina, ceuk ieu Doktor nu perenah jadi narasumber ‘Polemik pilkada langsung & tidak langsung’ di Kesbangpol, para politisi, politikus, atawa para aparatur di pamaréntahan, dina pancén gawéna, tetep ulah megatkeun niléy-niléy agama. ”Badé di partéy naon waé ogé, ulah megatkeun niléy-niléy agama,” pokna témbrés.

 

Ketak Démokrasi di Tatar Sunda

Tatar Sunda teu weléh ‘gugupay’. Adumanis alam, pasipatan masarakat jeung lobana sakola, jadi pangirut ti jauhna. Ti mangsa ka mangsa sémah ogé daratang. Teu arang, ahirna bubuara, bumetah di Tatar Parahiyangan. Sémah-sémah téh, teu sungkan pagiling-gisik jeung pribumi nu soméah hadé ka sémah. “Lantaran seueur paktor, upami hoyong ningal kumaha tumuwuhna démokrasi nu nengtremkeun di lemah cai urang, gambaranana aya di Jawa Barat,” ceuk ieu Dosen Pascasarjana UIN SGD Bandung.

Masarakat Jawa Barat dina milih pamingpin ogé mingkin dieu mingkin cerdas. Kituna téh, nu luyu jeung hasil karya éta calon pamingpin. Dina kaayaan kitu, tangtuna deui,  kamekaran démokrasi ogé bakal numuwuhkeun kasadaran ti pamingpinna sangkan bener-bener kudu jujur jeung amanah.

Kaayaan politik di Jawa Barat, mémang béda jeung teu weléh jadi rujukan nasional. Dina panitén ieu Doktor nu perenah jadi narasumber dina seminar ‘ Pertukaran Budaya Sabah Malaysia & Indonesia’, kituna téh, lantaran aya sababara pangaruh nu teu weléh napak dina kahirupan urang Tatar Sunda Jawa Barat. Nu kahiji, masarakatna nu mingkin cerdas dina milih pamingpin. Kadua, pangaruh budaya nu teu weléh mageran démokrasi, saperti numuwuhkeun politik santun. Katilu, masarakat Jawa Barat dina merankeun politik, lain keur adu kakuatan, tapi keur alat ngariksa diri. Kaopat, dalitna Sunda jeung Islam di Jawa Barat mawa pangaruh gedé keur larapna démokrasi.

Lantaran kitu, ceuk Dr. Sahya, kaayaan démokrasi keur milih pamingpin di Jawa Barat béda jeung daérah-daérah séjénna di Nusantara. “Di urang mah, kariceuwan politik ogé teu pati muncul. Margi, katingalna masarakat mingkin cerdas, teu lepat pilihan,” pokna gedé harepan.  Tapi sanajan kitu, dina kaayaan masarakat nu cerdas, pamingpin ogé bakal jadi ‘bom waktu’. Hartina, upama éta pamingpin haténa, ucapanana, pagawéanana codéka, atawa mungpang mungpung néangan untung, pasti masarakat ogé bakal gancang kuciwa. “Di lingkungan masarakat pamilih nu kaitung cerdas, salila éta pamingpin amanah, gangguan politik moal pati ngaruh. Sabalikna, upama pamingpin hianat, sok sanajan sacara politik bisa dibéla, angger bakal cilaka. Jadi pamingpin di urang mah, kantun amanah sareng kiat nahan gogoda. Insya Alloh,” pokna tandes.

 

Disiplin ti Leuleutik

Sahya Anggara, nu lahir 15 Méi 1967 téh, pituin Jerukleueut Majalengka. Upama ayeuna nanjung nyangking Doktor mancén Dekan FISIP di UIN SGD Bandung, Sahya gé teu poho ka bali geusan ngajadi. Sok reueus mun nyebutkeun dirina urang kampung téh, da mémang kaayaan pakampungan deuih nu ngalantarankeun dirina gedé sumanget jeung boga kaludeung. 

Sahya Anggara, keur budak mah teu kungsi ngimpi-ngimpi acan bakal jadi pamingpin fakultas di paguron luhur saperti UIN. Da puguh, sapopoéna gé harita mah, saperti umumna barudak lembur, kalan-kalan biasa ulin ka kebon atawa ka sawah, tapi tetep disiplin. Malahan keur leutik satutas SD mah, sepuhna teu ieu ngijinan sakola deui. Cenah, lebar biaya jeung barina ogé urang lembur mah moal jadi nanaon ieuh!.

Obrolan sepuhna (Bapa E. Kastari sareng Ijoh Khotijah) saperti kitu, ku Sahya harita gé henteu ieu diteureuy buleud. Lantaran percaya, yén jero-jerona mah, sangkan jadi pamecut ambéh mikir nu luhur. Buktina, Sahya ti mimiti SMP Raja Galuh Majalengka nepi ka MAN Pleret Cirebon SMA ogé, sepuhna mah angger teu weléh ngajurung du’a sangkan junun sakola. 

Lantaran Sahya mah pinter jeung teu weléh dipercaya jadi ketua OSIS, boh di SMP boh di MAN, atuh sumangetna ogé beuki ngagedur.  Nya saterusna mah, sanggeus lulus MAN, neruskeun ka Fakultas Syari’ah IAIN SGD Bandung (UIN ayeuna mah) bari dipercaya deui jadi Ketua Senat Mahasiswa.

Tekun kuliah jeung resep kana organisasi keur Sahya mawa barokah. Lantaran, sanggeus lulus kuliah nu saterusna diangkat PNS mancén Dosen di almamaterna, ieu carogé Iis Weni Nurhayati beuki logor keur tolab élmuna saterusna. Neruskeun téh ka Pascasarjana Unpad S2 jurusan Kebijakan Publik. Kitu deui nyangking doktor masih Unpad widang nu sarua.

Loba makalangan di dunya kampus jeung panalungtikan ka saban daérah di Nusantara, ahirna dipercaya nyangking Dekan FISIP UIN SGD Bandung ti taun 2012. Atuh lian ti nyangking Dekan, ogé ngadosenan di sababaraha paguron luhur, saperti di Universitas Islam Syekh Yusuf (UNIS) Tangerang, Universitas Majalengka, Universitas Islam Al Ihya (UNISA) Kuningan ogé di STIH Pertiba Bangka Belitung.

Beuki loba pangalaman jeung panalungtikan, atuh buku jeung karya ilmiahna sering dijadikeun rujukan. Di antarana waé, buku Perbandingan Administrasi Negara, Sistem Politik Indonesia, Kebijakan Publik, Administrasi Pembangunan jeung sajabana.

Kiwari mancén Dekan Fisip keur Dr. Sahya Anggara mah éstuning amanah. Lantaran kitu, dina ngokolakeunana, nu dipupujuhkeun téh gawé babarengan jeung numuwuhkeun FISIP geusan jadi kareueus balaréa. ”Alhamdulillah, parantos seueur ogé gawé bareng jeung paguron luhur, kalebet  ti mancanagara, saperti ti Malaysia, Australia, Jepang sareng nu sanésna,” pokna.  Lantaran kitu, FISIP UIN nu kiwari meunang raihan ISO 2001 jeung pusat studi ASEAN, bisa nyeungitan paguron-paguron di Nusantara.  *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: