• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kota Ayar Gedébagé
Antara Pangharepan jeung Kahariwang

Kénging Ayie Sundana
Kintun kana Facebook
Mangle
Reuteumna belekok dina haur, lir ngajak urang dinya tetep bumetah di lemburna [Potrét/Ilustasi: AS]

Mun ayeuna ngalanglang wewengkon gedébage, bisa jadi geus loba nu mimiti robah. Apan, ka tukang-tukang mah, pasawahan upluk-aplak, jadi harepan para patani nyumponan pangabutuh hirupna. Arinyana, teu kudu jauh lumaku mun hayang meunang pangasilan, da akri riab ka sawah metakeun rupa-rupa tarékah.

Ayeuna, lain bihari. Geus loba nu robah lebah dinya téh. Totondén matak hariwang urang lembur sabudeureunana, geus nembrak. Moal aya sawah, moal aya deui ngaleutna manuk belekok unggal soré euntreup na tangkal awi, tapi caahna lembur mah moal bisa disinglar.

Ari keur nyegah caah,  Pemkot. Bandung boga program dangka pondok dangka ‘menengah’. Tarékah nyingkahan caah dangka panjang, Pemkot. Bandung  nataharkeun situ jieunan atawa talaga buatan di Gedébagé.

“Dina ngungkulan caah teu tiasa sagawayah. Jakarta waé peryogi waktos anu lami,” ceuk Kang Emil sebutan dalit walikota Bandung Ridwan Kamil.

Emil nétélakeun, dina ngungkulan pasualan dangka pondok, pihakna geus nyebarkeun “pasukan ungu” pikeun ngabersihan gorong-gorong. Lian ti éta ogé pamaréntah nyieun liang biopori sarta “sumur seserepan”  tarékah ieu mémang moal bisa dipaké keur nyingkahan caah, tapi copélna ngurangan rasiko caahna. Pikeun dangka tengah-tengah, Pemkot Bandung geus nataharkeun situ di Gedébagé. Dumasar kana hasil panalungtikan, pikeun nampung mudalna cai caah butuh dua situ anu masing-masing legana kurang leuwih 7 hektar.

“Lokasina di pengkerun Pertamina sareng Gelora BLA. Situ ieu téh aset, lebet di DPKAD (Dinas Pengelolaan Keuangan dan Aset Daérah), parantos ditataharkeun anggaranana,” pokna.

Éta situ, ceuk Pa Wali, diwangun kalayan meunang bantuan salah sahiji pengembang anu boga karep ngawangun di wewengkon Gedébagé kalayan nyadiakeun lahan keur pisitueun.

“Sésana diupayakeun ti Pemkot. Memang awalna sadaya situ téh diupayakeun ti pihak pamaréntah kota Bandung, tapi sabada aya lobi, Sumarecon (pihak pengembang) sanggup nyiapkeun lahanna,” ceuk Emil deui.

Wali Kota Bandung mémang geus nataharkeun pikeun ngarobah kawasan Gedébagé jadi Teknopolis. Malah mah aya rencana rék mindahkeun pamaréntahan kota Bandung ka Gedébagé.

Nurutkeun  Emil, pangwangunan Gedébagé Teknopolis téh nyaéta salah sahiji tarékah pikeun nyingkahan wilayah Gedébagé dikawasa ku developer anu engkéna malah ngalobaan padumukan jeung real estate.
Hal ieu jelas jauh tina konsep Walikota anu hayang Gedébagé jadi hiji wilayah ekonomi husus anu dilengkepan ku sagala rupa fasilitas saperti perkantoran, tempat rekreasi, kaasup padumukan.
"Upami henteu diwangun  Bandung Teknopolis, Gedébagé malah tiasa janten Antapani jilid 2 atanapi Margahayu jilid 2, eusina mung perumahan." pokna.
Lulusan University of California, Berkeley, Amerika Serikat, ieu téh ngeceskeun upama Gedébagé ngan saukur dieusian ku padumukan warga, bakal jadi beban kota anu kiwari dipuseurkeun di wilayah tengah sarta moal bisa kabagi deui. Ku kituna konsepna kudu dikonci, ulah kumaha developer, tapi kumaha pamaréntah.
Pangwangunan wilayah Gedébagé anu pernahna di wétaneun Kota Bandung  bakal “ngababad” jeung ngaleungitkeun ratusan héktar pasawahan anu kiwari masih kénéh aya nu ngagarap. Hartina, masarakat sabudeureun Gedébagé anu lolobana patani bisa jadi bakal loba nu ngaligeuh.

Nurutkeun Ridwan Kamil, Kota Bandung moal salawasna ngandelkeun sektor tatanén. "Bandung sanés (kota) pertanian deui. Sanésna sim kuring teu resep, tapi Bandung téh masarakatna 2,6 juta, anak –incuna urang engkéna badé di mana dumukna?" pokna malik nanya.
Proyek Bandung Teknopolis ditataharkeun ti bulan April 2015. Proyek ‘skala kota terpadu’ ti Summarecon Bandung Gedébagé bakal ngadeg dilahan nu legana 300 ha.
Pihak pengembang, Summarecon, bakal ngawangun perumahan (landed residential) jeung puseur bisnis (ruko, mal, hotel, jsb).

Bandung Teknopolis téh nyaéta hiji wilayah modern anu boga konsep ngajadikeun komplek perkantoran, perumahan, jeung tempat rekreasi anu dihijikeun dina hiji area. Malah disebut-sebut bakal jadi “silicon valley” Indonesia. Kurang leuwih  800 hektar geus ditataharkeun ku Pemkot Bandung.
Kahareupna pausahaan-pausahaan IT sohor, saperti Twitter, RIM, Facebook, nepi ka Kaskus bisa boga kantor jeung ngayakeun riset di tempat ieu.

Pangwangunan Bandung Teknopolis masih jadi sabiwir hiji di masarakat. Bakal jadi tanda tanya gedé di lingkungan masarakat utamana dina perkara  saha anu diuntungkeun dina proyek pangwangunan kawasan Gedébagé ieu.
Lahan lega ieu bakal diwangun ku dalapan stakeholder, mimiti ti Pemkot Bandung, Pemprov Jabar, jeung para pengembang anu salah sahijina nyaéta PT. Sumarecon Agung Tbk.

Founder Komunitas Aleut Rizky Wiryawan nétélakeun, konsep smart jeung creative anu dibawa ku pamarentahan Ridwan Kamil-Oded M Danial téh pikeun ngirut para investor.
Loba nu hariwang,  proyek kawas kitu téh, nguntungkeun investor, tapi  bisa jadi masarakat sabudeureunana mah, jadi ukur “nu lalajo”, teu ngararasakeun hasil pangwangunan nu aya di deukeut lemburna.

Wali Kota Bandung Ridwan Kamil nandeskeun teu hariwang ku ayana  proyek éta téh,  sabab pihaknya tetep niténan lingkungan sabudeureunana.

Gedébagé tempat “parkir cai”, wewengkon poténsi caah. Upama Teknopolis diwangun, loba nu hariwang, cai caah  nyebar ka wilayah disabudeureunana.

"Dina pangwangunan Teknopolis bakal diwangun dua situ. Jadi, teu kedah hariwang kumargi pangwangunan Teknopolis ieu pasti bakal saimbang sareng isu lingkungan," ceuk Emil,

Nurutkeun Emil, dua situ raksasa ieu téh masing-masing legana 30 héktar. Fungsi situ ieu téh tujuanana pikeun nyingkahan jeung ngadalikeun caah sarta sakaligus dijadikeun cadangan cai nginum.

Bandung Teknopolis  Gedébagé nurutkeun Ridwan Kamil,  bakal kauntungan. Salah sahijina nyaéta kamekaran ékonomi nu bakal ngaronjat sabab bisa ngirut investor.

 

Tabir Bandung

Sabada ngagelar gempungan jeung warga dikantor kacamatan Gedébagé, Walikota Bandung ngécéskeun yén di wewengkon Gedébagé lian ti proyék pangwangunan  situ jeung masjid ‘terapung’, bakal aya seserepan cai. Tujuanana, nyingkahan rupa-rupa pasualan nu patalina jeung caah. Pamaréntah kota Bandung geus nataharkeun  program seserepan cai.  Dina lahan nu geus ditangtukeun ku Pemkot, bakal diwangun tilu ‘reservoir raksasa’.
"Ukuranna saukuran dreum anu aya di depo pertamina, disimpen dilebet taneuh nu jerona 30 métér" pokna.
Ku cara kitu, caah nu datangna ti parapatan Gedébagé jeung pasar bakal abus ka panampungan cai. Éngkéna, reservoir raksasa téh bakal  nyimpen cadangan cai anu keur rupa-rupa kabutuh masarakat.
"Dina usum halodo seserepan cai ieu tiasa dijantenkeun cadangan cai sareng dikonversi janten cai beresih nu bisa dikonsumsi ku warga," pokna.
Proyek reservoir kawas kitu, digarap ku tim ahli ITB, Professor Rusnandi jeung ahli ti Belanda. Ngaran proyék seserepan cai ieu téh nyaéta Tabungan Air Bandung (Tabir Bandung).
"Mudah-mudahan ka payunna pasualan caah tiasa disingkahan atanapi dikirangan. Teknologi ieu téh asli ide putra bangsa, Profesor Rusnandi," pokna reueus. *** (AS)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: