• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sagagang Kembang Anyelir

Kénging Tety S. Nataprawira
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1461746613.jpg [Potrét/Ilustasi: agus m]

Rada reuwas basa manéhna ‘curhat’ téh. Obrolanana bet bras kana kahayangna boga salaki. Umurna mah sahandapeun Si Bungsu anak Ki Sobat téh, tapi geus kungsi ngalaman laki rabi, ngan gagal. Kitu cék Bapana ka kuring.

Karasa jeung kabandungan  pisan, kumaha dagdag-dégdégna  basa manéhna ngawulaan, sabot kuring ngéndong di imahna. Nyadiakeun kaperluan dahar nginum jeung sapuratina, malah tempat tidur gé dipangmérésankeun. Teu bina, asa dikaulaan ku anak sorangan.

Balik reunian harita téh. Diajakan ngéndong di imah Ki Sobat, da sono kénéh cenah, jeung pédah kuring ti luar kota. Ari pamajikanana, keur nungguan indungna gering. Di imahna ngan tiluan, manéhna, anakna nu anyar pipisahan jeung salakina, katut incuna. Aya pembantu wéh saurang di tukang.

Rada ragab puguh dikawulaan ku anakna téh. Tapi  budak téh kalah ngajak ngobrol bangun teu asa-asaeun. Malah maké nyaritakeun hayang boga deui salaki ka nu saumur kuring. Pokna téh kapok cenah kawin ka nu ngora mah, sok nganyenyeri.

“Lamun nikah ka Um mah, pasti rumah tangga abdi téh tenang.” Pokna, teu euleum-euleum.

Ki Sobat, karak apaleun harita yén kuring ngaduda. Padahal ditinggalkeun ku jenatna téh, geus aya kana lima taunna. Nya kitu téa wé, da arang langka aya béja, kasilep ku kariweuhan séwang-séwang lamun lain ngahaja reunian mah.    

Kuring jadi baluweng, lantaran teu kapikiran sacongo buuk gé mun kuring kudu  boga pamajikan deui. Komo ka anak Ki Sobat deuih, nu umurna apan jauh tanah ka langit. Kukituna mah, pédah éta cenah kuring téh awét ngora.

Narajangkeun kuring sorangan, teu atoh teusing disebut awét ngora téh. Barina gé rék dipaké agul kumaha kaayaan batan sakieu. Imah nyiruruk di anak, ka mamana teu weléh nyékér. Najan anak rentul baroga mobil gé da lain akuan. Maranéhna papada loba kaperluan séwang-séwangan. Geus puguh dina teu bogana, dalah najan beunghar gé da kuring mah henteu kaasup lalaki nu gampang resep ka awéwé.

Cacak baheula gé, boga pamajikan ka jenatna téh meunang ngarérémokeun kolot, ka mojang geulis putrana kapi uwa. Pédah harita nu jadi indung hariwangeun pisan, umur kuring geus nincak tilu puluhan,  geus boga gawé jeung geus karunghal ku dua adi, can hayang rarabi. Teuing kumaha da asa taya kawani, sumawona gunta-ganti kabogoh.  

Kawin ka indung barudak,  sanggeus wawanohan tilu bulan. Ditepungkeun dua kali bari hadéna ituna nu rada agrésip. Mun papada kemba mah matak lapur.

Da puguh geus didalangan ku kolot,  jeung geus jodona wé meureun, pruk wéh kawin. Salila sapuluh taun rarabi, dipercaya boga budak tilu.

Salila rumahtangga, tara ieuh aya pacogrégan. Kuring sok ngayunkeun waé kahayang manéhna. Geus nyaah, jeung kabiruyungan aya milikna.

Hanjakal jodo téh kapegat pati, sanggeus saparapat abad ngahiji. Pamajikan tilar dunya.

Basa keur jagjag kénéh, indung budak geus tarapti. Ngabagikeun kaboga ka barudak. Budak tilu diimahan kabéh, langsung disértipikatan. Kuring satuju wé. Tapi sabada jenatna tilar dunya, kakara karasa, ari kuring rék cicing di mana? Cék Si Bungsu, anak nu awéwé hiji-hijina, Bapa mah sareng abdi waé, pokna.

Sanajan resmina Si Bungsu anu ngaku rék ngurusanan, tapi lanceuk-lanceukna gé papada hayang ngurus. Antukna, di unggal imah barudak, kuring boga kamar sorangan. Ari geus sono ka incu, di nu saurang saminggu, kitu waé mapay.

“Naha Kang Ganda rék kikituan waé?” cék adi hiji waktu, nitah kuring boga pamajikan deui. Tapi sabada lima taun Si Jenat ninggalkeun téh, asa teu kapikiran rék kawin deui. Waruga Si Jenat ngalangkang kénéh dina kongkolak panon. Asa aya kénéh gigireun.

Sok ngarasa dosa lamun aya nu nawaran kawin deui téh. Sanajan sok keukeuh pada nyarebutkeun Ganda mah awét ngora ieuh, cenah.

Henteu jadi reueus pada nyarebut awét ngora awét kasép ogé, ngan rada rumasa, da nénjo babaturan mah enyaan geus katénjo sariga aki-aki, umur can genep puluh taun gé. Angot nu leuwih ti sakitu mah.

Pikeun kuring henteu jadi reueus, henteu jadi agulkeuneun. Meureun pédah kuring mah lain tipeu lalaki nu resep heureuy ka awéwé, sok komo disebut beuki mah. Loba nu nanyakeun ka kuring, naon cenah resépna. Kuring teu bisa ngajawab da puguh teu boga resép nu husus.

“ Naha Ganda sok olah raga?” cék babaturan naranyakeun.

“Nya osok olah raga mah, sahayuna wé kitu gé.” témbal téh, ku kuring diterangkeun yén hirup kuring mah basajan. Pada ngageuhgeuykeun pédah buuk hideung kénéh kabéh.

“Ngan panon ruksak.” témbal téh. Lantaranana mah nya resep maca. Ti keur budak kutu buku. Éta meureun nu matak hirup kuring basajan téh, lantaran kabrangbrangkeun ku resep maca.

Ayeuna kaayaan kuring nu pajar awét ngora téh, bet asa jadi sabab baluweng. Basa anak Ki Sobat, randa anyar tur budak kénéh, maké naksir kuring. Heuy deuh, naksir? Asa jadi géér ceuk barudak téa mah. Tuda enya, Si Geulis teu percayaeun umur kuring geus 60 taun. Keukeuh nyebutkeun, paling gé 49 atawa 50 taun cenah. Cilakana, Néng Randa téh anak Ki Sobat. Asa araranéh mun kuring jadi minantu babaturan, pantesna mah bébésanan.

“Sugan ari gaduh salaki ka sepuh tapi awét anom sapertos Um mah, abdi diogo.” pokna bari ngadilak, ngahudangkeun kapanasaran.

Ngan baé lantaran kuring teu kaasup lalaki tukang heureuy, sok komo perayu mah. Ngadéngé manéhna balaka kitu téh kuring kalah ngabetem.

Malah isukna, isuk-isuk kuring balik, teu bébéja ka nu boga imah mah. Hp ngahaja dipareuman, sieun disusulan.

Ki Sobat maluruh ka anak, da ka marina geus dibéré nomer telepon barudak. “Naha bet kabur?” cenah.

Kuring ménta dihampura.

“Puguh aya béja ngadadak, di sms ku alo, Ki Lanceuk ka rumah sakit. Atuh garudas-garidus balik. Hampura pisan nya, teu wani ngageuingkeun heula didinya,“ kitu dadaku téh. Di walonan kitu téh Ki Sobat percayaeun. Da teu tatanya katutuluyan.

Ngan kuring ayeuna bet jadi bingung, mikiran pok-pokan anak Ki Sobat nu kaciri daria. Karunya, jeung bet jadi katempo waé saincak paripolahna téh. Peuting isukna ti saprak balik ka imah Si Bungsu, kuring teu bisa saré. Guligah gulinggasahan. Kacipta waé anu ku kuring dipangkaburkeun. Mana teuing kuciwaeunana.

Tungtungna tadi wakca ka Si Bungsu. Budak dititah ihtiar, kumaha carana mareuman seuneu asmara dina éta haté anak Ki Sobat.

Si Bungsu kalahka seuri. Bari merhatikeun kuring ti luhur sirah tepi ka tungtung suku, manéhna bangun bungah naker némbalan.

“Tuda Bapa mah awét anom,” pokna.

“Saha nu nyangka yuswa Bapa tos kepala genep?”

“Naha Bapa bet alim?” cenah tuluyna, nyeleksek.

“Atuda moal bina asa ka hidep wé meureun. “ témbal téh. Jeung asa piraku kudu boga mitoha ka Ki Sobat. Cék haté.

Sajeroning kitu, ngolébat pamulu Si Jenat, bangun anu nyeungseurikeun. Kolébat deui anak Ki Sobat nu bangun kacida miharepna. Ah, naha kuring geus mimiti kapincut kitu?

Enya, kuring geus lila ditinggalkeun ku pamajikan. Salila lima taun asa geus bisa hirup sorangan. Tapi naha  geuning kekecapan budak téh kadéngé waé?

“Pami nikah ka Um mah, hirup abdi pasti tenang, sugan ku sepuh mah diogo, moal dinyenyeri.” cenah kitu pokpokanana.

Enya, sorangan gé pasti aya nu parigel ngurus, sapopoé moal kudu nguriling mapay anak, moal meureun cinekul waé kana buku, pikeun mindahkeun rasa sono jeung hanaang, ka nu sakuduna jadi papasangan. Lalaki jeung awéwé. Aya kénéh kitu jodo kuring dina umur sakieu? Karasa angen rumahuh, tapi bet aya nu haneut dina jeroeun dada. Dada lalaki nu keur hanaang. Rumasa.

Panon ngarérét kana lukisan nu ngagantung dina témbok ruang tamu imah Si Bungsu. Lukisan kembang anyelir, dina wadah tina hoé, sagagang. Anyelir kayas nu daunna héjo jeung gagangna sapulas. Bet asa kakara kaperhatikeun ayeuna. Éta lukisan éndah pisan. Dina sagagang kembangna aya dua, ngan kembang anu hiji geus murag, pites. Ngagolér handapeun karanjangna. Tilu lambar daunna muruluk.

Kuring karak sadar, éta téh lukisan kameumeut Si Jenat, dirawatan ku Si Bungsu.

Haté jadi ngarakacak.  Naha enya kuring ayeuna rék téga, ngayunkeun kahayang anak Ki Sobat? Nu pokpokanana geus mimiti ngélékéték haté kuring. Ngaharéwosan saban sénti urat getih kalalakian kuring. Tepungan waé kitu Bapana?

Pan euweuh nu nyaram? Euweuh ogé nu ngahalangan. Barudak bangun rék raridoeun. Piraku Ki Sobat teu mikeun?

Sok komo lamun ngingetkeun kana saré’at mah, ngarah kuring teu kagémbang ku gogoda nu teu diidinan ku papagon hirup dina agama, asa mending ditedunan waé kahayang anak Ki Sobat téh.

Sabil, panon bet karasa haneut. Ningali sagagang kembang anyelir dina lukisan kameumeut manéhna, nu kungsi jadi beubeulahan nyawa kuring.  ***

Sukabumi, kagegelan keur Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (4)

iwan herlino

Duh ieu carita meni nyerep kana ati... sae pisan kang. Sim kuring sakapeung sok hayang seuri (nyeungseurikeun diri pribadi), pedah kantos nyobian nulis carpon. Ari dibaca deui teh kalimah2 na asa teu runut. Heuheuy, urang Sunda pituin kudu diajar deui basana sorangan. Kacida... Haturnuhun kang, mugya tiasa janten "penggugah" kanggo urang Sunda pikeun ngamumule basa Sunda.

sudarno

Kabayang resepna geus aki-aki aya keneh nu naksir, randa anyar deuih wuiih pasti pelem, meni hoyong

Cep

Sae

Datip

Sae pisan ieu carpon...ngagulak gileuk bahasa-na matak kayungyun...wilujeung ahh...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: