• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Risnawati

JERUK BALI

Kintun kana Facebook

Basa di sakola aya nu méré binih jeruk bali téh, deuh kacida atohna. Teu sirikna ajrag-ajragan. Meunang hayang ti baréto.

Aya dua bibit méréna téh. Nu hiji dipelakkeun di buruan sakola, nu hiji deui mah dibawa. Ngahaja teu dibawa duanana, lantaran bingung keur tempat melakna. Buruan tukang  geus pinuh ku rupa-rupa tatangkalan, aya rambutan, jambu batu, salam, malah nepi ka cau manggala ogé melak. Da éta méh teu hésé lamun sakalina hayang puas-pais atawa nimbel. Ari kerep teuing mah melakna, meureun tutuwuhan bakal hésé  nyeunghapna.

Éta ogé untung baé aya kénéh tempat rada lowong anu nampeu kana jandéla kamar tidur. Dahan rambutanna anyar ditutuhan, jadi rada ngaliglag. Meujeuhna mun diceceban jeruk satangkal baé mah. Ku salaki dipelakkeun di dinya. Resep da geus aya pentilan sababaraha siki dina unggal pucuk dahanna anu sagedé régang kénéh. Lamun noong tina jandéla kamar téh, ujug-ujug bréh baé si tangkal jeruk Bali-na katempo. Matak reugreug kana haté.

Perkara jeruk bali, keur kuring mah aya sajarahna. Teu ujug-ujug resep kitu baé. Malah kétah lain resep wungkul, hayang boga tangkalna ogé geus jadi “obsési” keur kuring mah. Mimitina mah baheula, jaman keur sakola di SD. Kuring boga kapiua, anu kaasup beunghar, sarta bumina téh deukeut ka sakolaan kuring. Tah di buruan bumina téh aya tangkal jeruk anu buahna baradag pisan. Harita mah can apal yén éta tangkal jeruk téh dingaranan jeruk Bali.

Rarasaan, sadésa kuring mah ngan Ua-Uana anu kagungan tangkal jeruk modél kitu téh. Da batur mah baroga ogé tangkal jeruk, buahna laleutik kumaha lumrahna ukuran buah jeruk.  Lamun ngaliwat ka bumi Ua, boh indit sakola boh balikna, mani sok kabitaaaa pisan. Komo lamun si kulit jerukna geus karonéng mah, deuh mani sok ngaruy. Teu kabayang sagedé kumaha jerona éta jeruk jeung jiga kumaha rasana, da puguh can kungsi ngasaan téa.

Demi Ua téa, pan ti heula ogé geus disebutkeun ukur kapi, lain Ua pituin rakana Umi atawa Abi. Kuring teu pati deukeut, malah nété ka bumina ogé teu sirikna sataun sakali. Usum lebaran wungkul, ngabring sakulawarga. Cacakan kaliwatan unggal poé éta téh. Malah mun pareng kuring ngaliwat, teras Ua istri nuju aya payuneun bumina, ih da tara aya haok lambatna nyambat kuring nyimpang. Ukur naros kitu waé. Jeung hiji deui, anjeunna téh kacida korétna.

Jadi, cindekna mah, salila genep taun sakola di SD, teu sirikna unggal poé kuring sok ngabayangkeun jeruk Bali. Jiga kumaha jerona, baradag atawa biasa baé lalembut kangkotanana. Jiga kumaha rasana, naha haseum, amis kareueut, atawa amis seger. Bati ngaruy baé dina haté mun neuteup buah jeruk bali anu kulitna geus semu konéng. Tangtu geus asak mana geus konéng ogé. Kitu pamikir kuring harita.

Kungsi balaka ka Umi hayang ngasaan jeruk bali Ua. Kalah digebés. Pamali ulah sok caréraman kana barang batur, saurna. Jep wéh. Tapi neureuyan ciduh mah asa beuki remen waé, uanggal ngaliwat ka payuneun bumi Ua.

Seubeuh ngadahar jeruk bali téh sabada boga pangala sorangan. Kungsi keur kuliah ngasaan basa aya kagiatan kampus di Ciwidéy. Resep pisan. Amis jaba kangkotanna baradag. Malah mun dahar jeruk Bali téh kuring mah aya ritualna sagala. Jeruk Bali meunang mesék téh ditunda guluntungan dina piring. Heug nyadiakeun elap. Tuluy sila. Si jeruk tara dibeulahan kangkotanna ku péso, tapi dikorowot waé ku leungeun. Nepi ka sok cikruh leungeun téh ku cai jeruk. Tuluy digogotan nepi ka caina ulawéran kana pipi. Mun geus baraseuh pisan, kakara dielap. Deuh resep pisan.

Lian ti ku rasana, katajina ku jeruk Bali téh ku kakuatan anu ditémbongkeunana. Geura wé, dahan anu sakitu laleutikna –baheula jeruk bali di buruan bumi Ua tangkalna leutik – tapi bisa nahan buah anu sakitu baradagna. Resep nempo buah anu baradag tinggulantung dina dahan anu ceuk ijiran kuring mah teu imbang jeung buah.

Dina sawangan kuring, jeruk Bali téh nyimbolkeun hiji kakuatan. Lamun keur ngarasa leuseuh béak sumanget, sok ujug-ujug inget baé kana jeruk Bali. Kana kakuatanna enggoning nanggeuy bangbaluh anu leuwih badag. Piraku kudu éléh ku jeruk?

Ngagedur deui tah sumanget téh. Asa teu asup akal. Tapi da kitu buktina. Antara kuring jeung jeruk Bali, lir aya tatali batin anu kacida dalitna. Bisa jadi lantaran geus jadi obsési ti leuleutik, nepi ka gedé kababawa.

Éta sababna kuring nguruhit ka salaki hayang dipangmelakkeun jeruk Bali di buruan tukang. Hanjakalna, pan tadi téa buruanna geus heurin usik pisan. Lamun dibukbak téh asa lebar da loba tangkal anu penting ceuk kuring mah. Jaba baruahanna aralus deuih unggal usum ogé. Komo buah manalagi mah jiga anu teu manggih usum, buahan téh méh sapanjang taun.  Béak buah, bijil deui kembang. Kitu jeung kitu wé. Ari dipelak dina sela-selana, moal bener da kaiuhan ku tangkal séjén. Kitu hujah salaki téh.

Tapi niat kuring teu ngendoran. Geus kuat tékad hayang boga tangkal jeruk Bali. Heug lamun buahan téh deuk dibagikeun ka tatangga atawa saha waé sakur nu hayang. Moal ieuh dikorétkeun. Malah ka nu ngaliwat ogé, mun kaciri ulatna kabitaeun, rék dibéré.

Sakitu niat geus kuat, teu diparengkeun waé melak sakadang jeruk téh. Tatanya mah tatanya ka babaturan di mana binih jeruk Bali anu alus sarta buahna aramis. Loba nu nuduhkeun tempatna mah, ngan teu kaburu waé ngadatanganana. Nepi ka hiji waktu, babaturan deukeut di sakola nyebutkeun, cenah keur nyangkok jeruk Bali. Ké mun geus akaran rék méré. Leuh éta mah bungahna…..hésé nyiar babandinganana. Padahal nyangkokna ogé kakara der.

Kuring dibawa ulin ka balongna, anu dina sisina aya tangkal jeruk bali téa. Bari nguseup jeung botram kayidna mah. Enya baé, aya tilu tangkal baradag. Buahna mani rimbil baradag. Leuh éta mah pogotna kuring neuteup tangkal jeruk. Haté kabita nempo meuhpeuyna. Gusti éta dahan laleutik tangka tingpelendoy kana beungeut cai dibeungbeuratan ku buah.

Aya sababaraha cangkokan. Malah aya nu geus barijil akarna. Ké cenah mun geus cur hujan, bisa diala, méh alus dipelakkeunana. Haté kacida bungangangna. Kahayang téh asa geus deukeut kalaksanakeunana.

Nepi ka cur hujan, malah tuluy manjang, tapi urusan cangkokan jeruk can aya hiliwirna kénéh. Lahlahan ditanyakeun. Kalah hahampuraan, singhoréng éta téh cangkokan meunang panyawahna. Basa mimiti cur hujan geus diala ku anu nyangkokna. Duh, handeueul lain dikieuna.

Matak basa di sakola aya nu méré téh, atoh lain pupulasan. Unggal isuk ditoong tina jandéla kamar. Buahna beuki ngagedéan baé. Aya hiji anu ti heula gedéna. Dahanna anu sagedé régang, mimiti melendoy kabawa ku buah. Deuh asa lucu katempona.

Balik sakola mah sok ngahaja ditempo dideukeutan. Buah anu ngagedéan téh sok diusapan. Asa reueus, lantaran kahayang téréh kalaksanakeun. Dahanna anu beuki melendoy sok dijampéan, sina kuat sina kuat, ulah nepi ka potong. Sanggeus melendoyna beuki handap, ku kuring disangsangkeun kana tangkal sampeu, ditalian ku rapia. Lamun keur di sakola, pikiran téh asa ngait waé kana tangkal jeruk, sieun buahna aya nu metik. Atuda mani handap, jaba tangkalna sisi jalan liliwatan tatangga. Sieun dirawél ku budak.

Kitu deui anu di buruan sakola, basa dipelak téh geus aya buahan. Tangkalna mah sarua baé jeung anu dibawa ka imah. Sarua deuih buahna ogé ngagedéan. Ngan anu di sakola mah asa téréh ngagedéanna téh. Wangunna rada monyong ka cupat. Tékstur kulitna ogé beuki kaciri waé mirip jeruk Bali. Warna kulitna ogé teu ngagedod teuing. Dahanna anu leutik téh beuki melenoy, buahna méh ngangsar kana taneuh. Matak resep nempona.

Nu di buruan tukang mah sabalikna. Hésé pisan ngagedéanana buah jeruk téh. Jeung buleud, taya sari-sari monyong. Kulitna lemes sarta warna héjona kolot teuing rarasaan mah. Kuring beuki remen baé ngilik-ngilik buahna bari kebek ku pangharepan hiji waktu éta sakadang jeruk bakal ngagedéan sarta wangunna mirip jeung nu di buruan sakola.

****

Sabada dua minggu ngerem manéh di imah, kakara ayeuna “ngalongok” deui buah jeruk téh. Bari moyan. Pentilna mani leubeut barijil teu sirikna dina unggal pucuk. Buah anu pangheulana ogé beuki ngagedéan baé, malah dahanna nu leutik beuki melenoy sari-sari moal kuat nanggeuy beuratna. Haté bet nyérését, paur beletok potong. Da geuning mani sakitu héngkérna éta dahan. Bet ras ka diri sorangan, nu rarasaan mah méh peunggas, teu kuat nangankeun momot nu sakieu beuratna.

Tangkal jeruk téh diteuteup antep-antepan. Titinggal salaki anu panganggeusan. Enya, apan dua minggu ka tukang téh manéhna miheulaan mulang. Dua taun deui ka pangsiun, kalah miheulaan pangsiun salilana. Serangan jantung. Dadak-dadakan. Saha nu teu asa diheulang?

“Jeruk Bali, Bu?” ceuk hiji sora. Ranjug! Méhméhan ngajengkang bakat ku reuwas.  Dirérét asalna sora. Mang Kahdi tatangga kuloneun imah. Geus biasa manéhna mah sok ngaliwat ka buruan tukang, motong jalan mun deuk ulin ka imah adina nu pernahna wétaneun imah kuring. Leuwih deukeut, batan kudu ngaliwat ka jalan gedé mah.

Manéhna melong. Aya sorot sedih dina teuteupna. Tangtu milu sedih nempo kaayaan kuring nu badis wé tos hudang gering. Rewag-rewig awak kuru beungeut kanyos.

Kuring ngabalieur. “Enya, meunang melak jenatna…” témbal téh alon.

Manéhna nuluykeun léngkahna, reg deukeut tangkal jeruk. Melong tangkal jeruk sababaraha jongjonan, tuluy dongko. Buah anu pangbadagna téa dicekel, tuluy diilikan. Geus kitu metik daun jerukna, diwejek tuluy diambeuan.

“Sanés jeruk Bali geuning ieu mah…” cenah.

Kuring ngarénjag deui!

“Piraku lain? Sidik ceuk nu méréna ogé bibit jeruk Bali…” cekéng téh rada keuheul.

“Sanés kieu jeruk Bali mah, Bu. Ieu mah jeruk bibit anyar, naon geuning disebatna téh, sankis sankis kitu. Tah enya, sankis. Geura buahna moal ngaageungan deui, tuh kulitna kalah ngonéngan cirining tos badé asak.”

Buah jeruk téh digilirkeun ka palebah kuring. Témbong di sababaraha tempat warna héjo kolotna mimiti ngagoraan. Can konéng, kakara  wiang-wiang wungkul.

“Mang Kahdi yakin?” kuring angger teu percaya. Aya nu ngahelob dina haté. Bet asa dibobodo ténjo. Salila ieu kuring nyonto kategeran kana dahan jeruk Bali anu ceuk pangrasa kuring mah jadi simbul hiji kakuatan, ari heug geuning nyalahan. Diri ngarasa kailangan daya, ngadadak teu sanggup nahan bangbaluh anu tumiba. Dahan anu ahir-ahir ieu beuki melenoy na haté kuring, asa-asa rék peunggas saharita.

“Yakin pisan. Abdi gaduh tangkalna di buruan, aya sababaraha tangkal. Bibit pamasihan. Dikinten téh jeruk Bali, singhoréng sanés. Tapi da ieu ogé raos pisan buahna, amis kareueut. Héjo kénéh ogé kulitna tos amis. Sareng resep ku leubeutna…” témbalna bari ngalésotkeun buah jeruk lalaunan. Barang buah jeruk lésot, dahan leutikna tangka ngemplad, matak paur beletok potong. Kuring tangka muringis nempokeunana.

“Tong hariwang potong, Bu, da tos diukur kakuatanana. Najan dahanna alit, jiga teu imbang sareng buah, tapi da ku Gusti ogé parantos dimeujeuhnakeun. Naon anu ceuk paningal urang teu imbang, mungguh Gusti mah tos dicekapkeun takeranana. Mana buahna dikersakeun saageung kitu ogé ku margi bakal sanggup ditanggeuy ku dahanna…” ceuk Mang Kahdi bari seuri.

Kuring teu némbal. Panon nanceb kana buah jeruk nu asa beuki ngangsar waé ngadeukeutan taneuh. Dahanna oyag-oyagan, tapi angger tagen nanggeuy momotna. Singhoréng lain jeruk Bali baé geuning anu nyimbulkeun kakauatan téh. Enya, kabéh gé geus aya timbanganana! ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: