• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carita Lucu

Untung

Kénging Uyaha R. Kifuat
Kintun kana Facebook

Unggal minggu sok bulak balik Jakarta-Bandung. Ti Bandung naék karéta api téh ti Stasiun Bandung ka Gambirkeun. Ari turun mah sok di stasiun Jatinegara, da kabeneran imah téh aya di daérah Jatinegara, Matraman, Jakarta Timur.

Genah naék kareta api mah, teu kudu macét jeung waktuna pasti pas. Teu cara naék beus Primajasa, nu sok ngarét da kapegat macét nu nepi ka mangjam-jamna. Lian ti éta, dina karéta mah leuwih lega jeung laluasa, aya ogé kantin jeung WC mun sakalieun lapar jeung mules.

Ongkos jeung tikétna ogé karéta jeung beus téh ampir sarua. Karéta ékonomi Argo Parahiangan 80 rébu, ari Primajasa ka Cililitankeun 75 rébu. Matak tara mikir dua kali, pasti milih kana karéta. Ngan pesen tikétna waé kudu ti anggalna kénéh, lamun pareng kabéakeun tikét mah, ngawayahnakeun waé naék beus.

Ari harita mah kabeneran pamajikan téh tos ti Bandung, balik ka Jakarta téh babarengan jeung kuring, kabeneran deuih karétana kosong, jadi bisa pesen ngadadak. Waktu dina karéta, biasa waé mimindengna mah saré. Nepi di daérah Purwakarta, lilir jeung teu kuat hayang kahampangan, geuwat waé nguliwed ka WC tukang, da kabagéan korsi téh rada béh tukang. Bérés kahampangan, gék diuk deui dina korsi, gap kana leungeun pamajikan, géléhé waé sirah téh ngagélé kana palebah taktakna.

Can ogé sababaraha menit, pamajikan téh ngagurinjal, leungeun kuring lalaunan dilésotkeun. Dikitukeun téh kuring kalah ngahajakeun, sirah ngagéléhé néangan tempat nu leuwih merenah. Pamajikan kalah beuki motah gugurinjalanana. Geuwat cengkat, rék protés ka pamajikan, ngan barang cengkat, gebeg téh. Geuning lain pamajikan.

Kuring gura-giru sasadu maké basa isarat, da lamun ku ngomong mah kuriak kadéngéeun ku pamajikan nu aya di jok hareup. Untungna éta wanoja téh bageur jeung bangun nu surti. Mun nepi ka ambek atawa nyarékan téh enyaan wiwirang di kolong cantangna téh. Ari panumpang nu aya gigireun, aya nu mengkek seuri, aya ogé bangun nu sirik.

Sanggeus pindah ka jok nu sakuduna didiukan ku kuring, nyampak pamajikan keur saré. Barang kuring diuk, sirahna biasa ngoloyong nyarandé kana taktak, leungeunna nyepengan leungeun kuring. Pitunduheun ngadadak leungit, éra jeung reuwas kareureuhnakeun. Untung ku hiji ku dua dipikir-pikir mah.

Waktu turun di Jatinegara, bongoh ti pamajikan kuring imut ka éta wanoja. Lain centil, tapi méré kodeu sakali deui ménta dihampura. Éta wanoja malik imut, sigana mah ngahampura matak kitu ogé. Ari ayeuna, geus aya tilu bulanna bulak balik naék Argo Parahiangan. Teu diparengkeun panggih deui jeung éta wanoja. Lain rék nanaon hayang panggih téh, rék sasadu ménta hampura deui.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: