• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Aam Amilia

Geuning Mulih Rurusuhan

Kénging Aam Amilia
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1511910514.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

DINA kaca méja rias aya kalangkang diri. Nyobaan nyieun sagurat imut. Kalah nu kagambar téh cipanon ngeyembeng dina kongkolak. Asa kasuat-suat ku kacapi  suling Cianjuran ti patamanan. Untuyan kembang malati nu ngarumbay dina taktak, lalaunan digiwarkeun ka tukang. Karasa tungtungna nepak tonggong.  Seungitna nyelesep kana ati. Boro tadina mah ditolak sapadamayan basa jururias rék ngongkoyangkeun untuyan malati dina lebah dinya. Asa geus teu merenah, umur sakieu kakolotan, didangdanan kawas barudak ngora. Tapi geuning bet mawa diri kana rasa kagagas. Seungitna nu leleb, bodasna nu nyacas, wangunna mencenit. Sesebutan keur sorangan, mangsa rumaja. Cenah kuring mencenit siga malati. Cenah kuring bodas kawas malati. 

Dina kaca méja rias aya kalangkang diri. Nyoba deui nyieun sagurat imut. Aya imut séjén ngalangkangan jero dada. Imut manéhna kasimbutan ku halimun. Cenah katresna nu langgeng mah, lamun henteu laksana ka balé nyungcung. Tapi cenah ogé katresna nu nyampay dina ati, moal kawagu ku waktu, moal laas kasarad  jaman. Bakal ngagurat natrat dina jalan-jalan liliwatan kahirupan. Éndahna cinta ngagedur dina lamunan. Manisna asmara nyampayna dina wangwangan. Horéng waktu kaliwatan teu karasa. Mangsa jeung mangsa siliudag teu katara.

"Enung, nuhun tos kiat ngayonan adat pun adi."  Sora dahuan, asa ngajelengéng kénéh dina ceuli. Harita ukur imut minangka némbalan. Kecap anu ditepikeun ku sababaraha urang. Cenah kuring téh tahan uji nyanghareupan adat salaki. Nu matak poé ieu maranéhna hayangeun ngareuah-reuah, taun kasalawé pernika han kuring, ku pésta nu rada rohaka. Sanajan kéképéhan nolak, henteu kudu kikieuan, tapi maranéhna keukeuh peuteukeuh hayang pésta. Narima sotéh pédah cenah sakalian mestakeun milangkala tepungtaun Mamih, mitoha kuring.

Méh kabéh sobat-sobat diondang. Maké balandongan sagala. Buruan bumi mitoha disulap jadi patamanan nu éndah. Diwuwuhan saung-saung ditiungan fitrase bodas. Kateringna gé hayang nomer hiji, nu keur meujeuhna kajojo.       

Dina kaca méja rias aya kalangkang diri. Aya ramo nu nyampay dina taktak. Dilieuk, nyéréngéh. Salaki. Cék saréréa manéhna téh raspati, Arjuna di patama nan haté para wanoja. Cenah kuring gedé milik. Putra panengah Pandawa téh kapimilik ku kuring, malati ti pasisian. Moal aya nu sanggup ngawawaas rajétna haté salila welasan taun. Méh taya mojang lenjang teu kabandang, randa hérang teu kaiwat. Jengléngan diri kuring nu cenah boga rupa nandingan Dewi Sinta, jeung Drupadi, taya hartina. Ti taun ka taun nu geulis piligenti ngeusian haté salaki. Tapi kuring geus teu ngarasa deui raheut. Taya nu surti yén kuring boga pamuntangan. Cék manéhna, Geulis, hujan gé aya raatna.

"Kang Sunar tos nyaur, urang kaluar," pokna. Tapi terus ngaléos deui.

Keteg jantung ngarandeg, basa ngadéngé ngaran Sunar. Ngaran nu teu weléh nyantél dina jajantung. Ngaran nu sanggup mépéndé haté tina karudet mikiran kalakuan salaki. Sorana nu halimpu asa ayun ambing indung, miwarang tibra sina lila kana nyaring. Tibra haté téh, sanajan sarébu béja silung ditiupkeun ti unggal madhab. Béwara yén salaki geus ganti deui gandéngan. Taya rasa nu ngahéab, najan cenah salaki aya di hotél, keur paduduaan jeung nu dénok, jeung nu montok, jeung nu lenjang, jeung nu hérang. Sora Kang Sunar, lir cikahuripan nu mareuman sagala kahareneg.

"Sing sabar, Geulis," haréwosna, hiji mangsa.

Naha atuh ari salaki teu kawas Kang Sunar? Cacak dipasihan cocobi sakitu beuratna, angger satia satuhu kana sumpah, di payuneun Gusti Allah. Cenah jangji satia satuhu. Moal jalir kana jangji, moal cidra kana subaya.  Jangji satia salaki téh ngan saumur jagong, horéng. Apan Kang Sunar mah taun-taun nungguan goarna orok, teu kungsi pisan. Tapi anggur beuki nyaah ka garwana. Sanajan pada ngahatéan, ngukut budak, milari deui pigarwaeun, da sidik garwana nu gabug. Pokna gé, lain dosa pamajikan. Geulis. Naha Akang kudu baha kana takdir ti Anjeunna. Komo teuing dirina, kabita ningal batur ngais orok, ningal batur ngagorah ngadongéng lucuna budak. Cacak Akang lalaki, kacida hayangna aya nu nyebut Apa. Tapi da lain salah Euceuna, pokna.

Ngan peuting harita, basa rérés nyaksian seminar di kantor, manéhna nyegruk di hareupeun. Sorana dumareuda, naha cenah ari salaki kuring sakitu sagalana geus boga, bet kitu. Beurat beunghar, pamajikan geulis, satia, jaba jeneng cekel gawé. Anak boga dua, sajodo. Kurang naon? Bet masih kénéh gupuy-gapay kumareum bing nyungsi nu rancunit, ngalanglang nu lenjang, nyaliksik nu geulis. Kuring teu némbalan. Leungeunna diusapan, angger nyampay na lahunan. Méh baé bobor karahayuan, cacak taya iman nu ngabénténgan haté duaan. Bareng istigfar, dina kulawuna peuting.

Teu kateguh naon maksudna manéhna ngajakan milu ulubiung dina Panglawu ngan Seni Tradisional. Sabaraha taun kaliwat, manéhna nu usul ka pingpinan, sangkan nyadiakeun anggaran pikeun ngabina seni tradisional.  Pédah nyaksian renungna generasi ngora anu micinta kasenian Sunda warisan karuhun. Sapan tesna maranéhna dihiap, sawadina dibayuan. Usulan ditarima. Manéhna ka ditu ka dieu, nyungsi pakumpulan nu raresep kana seni. Panglawungan nanjung, saja lan jeung nanjungna kadeudeuh.  Sanajan dihuripkeun ukur ku haréwos, tapi kanyaah téh meulit muhit. Cintana mekelan kakuatan dina diri, nepi ka bisa ngabangbalérkeun kalakuan salaki anu beuki  kadungsang-dungsang dina keukeupan angkarana asmara.                                           

Jentréng kacapi jeung gelik suling beuki atra, kadéngé ti patamanan. Ah, lagu Lampuyangan, Saléndroan, karesep manéhna. Karesep kuring. Eta duriat kana késétan rebabna. Ti tadi gé pan geus kadéngé. Ti mimiti Laras Pélog, terus kana Sorog. Lebah Saléndro, nguniang haté téh. Sora panembang asa nyosoéh batin.     

 

Unggal poé dilanglangan, sapoé saratus kali

Bari mawa kekembangan, kekembangan nu sareungit

kembang eros jeung malati jeung kembang campaka susu.

Sugan aya kadar awak, nu manis keresa nampi

 

Cék manéhna kuring téh kembang malati. Cék manéhna kuring téh kembang ati, nu sanggup nyiptakeun sajatining asih. Lain Akang teu nyaho di temahwadi, Geulis. Kumaha ieu rasa hésé ngabangbalérkeunana. Nyana-nyana rék disapirakeun mah, baréto téh moal ngéléhan. Rék geuwat waé dipetik kembang ati nu geus nyayang dina haté Akang ti rumaja mula," pokna, dina tulisan.

Tiluan sosobatan, Kang Sunar, salaki jeung Kang Giwang. Tiluanana neundeun haté ka kuring. Kawasna nu duaan téh ngéléhan. Salaki kuring, putrana bos saréréa, nu unggul. Teu wasa ngaléngkahan putra dunungan. Padahal dina dada geus nanceb ngaran Kang Sunar. Sorana nu halimpu, dedeganana nu gagah. Tapi buleudan panonna bangun pinuh kaasih. Imutna nu sok ngageterkeun haté. Kabéh disidem dina haté nu pangjerona. Basa datang panglamar ti sepuhna salaki, kuring teu bisa baha, da Ema sareng Apa bingaheun pisan.

Salaki norojol deui. Ayeuna mah nungtun leungeun, ngajak kuring ka luar. Basa anjog ka patamanan, haté rumandeg. Naha Kang Sunar keresa jadi MC? Maké nyérédét haté téh. Geus teu aya haté deui kitu ka kuring?  Geus janglar ayeuna mah bisa mopohokeun kuring? Jeung naha salaki make milih Kang Sunar? Apan aya kapilanceukan salaki nu séjén, tur biasa nga-MC-an. Naha maké manéhna? Jeung naha ngan ukur lebah acara milangkala poé pernikahan kuring? Da cenah lebah milangkala kalahiran ibuna mah ku nu séjén.

Kahayang mah Kang Sunar nolak. Da piraku kuat nempo kuring papangantén mindo. Atawa pedah geus taya kabeubeurat nanaon? Nu keprok handaruan, tapi kalah nambahan sebér kana haté. Geuning éta mani tatag manéhna pidato. Sugan téh moal kuateun. Naon atuh hartina sok ngupahan lamun diri marojéngja. Naon atuh hartina haréwos deudeuh unggal rék saré. Wilujeng bobo, Geulis, candak Akang 'na impénan, pokna, najan dina tulisan. Naon hartosna, ari rék laas ku jaman mah. Ka saha kuring ngadoni, mun pareng salaki ngobral pasini, ka sababaraha wanoja deui.

Apan harita kuring kungsi balaka. Salaki kanyahoan rék kawin deui. Bareng pisan jeung manéhna meunang penghargaan ti nagara, pédah geus gedé jasana ngabina kasenian tradisional di Tatar Sunda. Kuring  gé kudu nyaksian, salaku papada karyawan di ieu kantor. Haté ngentab. Lain, lain mikiran salaki nu rék kawin deui, tapi ngahéab nénjo manéhna ngaréndéng jeung pamajikanana, narima piagem penghargaan jeung hadiahna.

Kawas sasari ukur dina sms, balaka téh. Manéhna malesan, sing percanten, Geulis gé aya dina haté Akang. Sing percanten? Maké seuri sorangan. Maké kudu sirik da maranéhna mah salaki pamajikan nu sah. Hakna, nu bogana. Kuring nu teu boga cedo. Kasadaran téh datang sorangan norojol tina sanubari, nerejel nyuaykeun sagala kadugalan. Norobos angen-angen nu ngajaul. Cék kuring dina tulisan, hapunten anu kasuhun. Urang tutup lalakon urang duaan. Keun lalangsé haté sina lungsur nutupan ieu panggung sandiwara. Meungpeung urang teu kantos mangprung. Meungpeung kaimanan nyarengan kénéh urang.

Pileuleuyan, cék haté sotéh, da leungeun geus teu wasa nulis deui. Teuing sabaraha usum, tara aya deui aksara ngelemeng dina HP kuring. Tara aya deui haréwos ngawilujengkeun bobo, ngawilujengkeun emam. Tara aya kecap ngalengis, nitipkeun haténa sangkan ulah dipopohokeun ku kuring.   Bareng jeung lekasanana ieu carita, salaki rada euih-euih tina karesepna, sanajan can eureun pisan. Tapi aya kakuatan dina haté, moal nyeri. Moal kabawa ku rajétna haté, komo tepi ka hayang ngudar gelung, ménta dianteurkeun ka Ema sareng Bapa di pasisian.

Lain, lain pédah salaki beurat beunghar. Lantaranana aya kayakinan dina diri, Kang Sunar moal miharep kuring najan diri lalagasan. Kasatiaan kana ucap jangji dina poé panganténan jeung garwana, geus dibuktikeun. Keur naon maké kudu ngoléséd ti salaki? Da teu hayang dipihukum ku nu séjén mah. Cék adi beuteung, rék méakkeun kasabaran Ceuceu téh? Dijawab ku unggeuk. Unggeuk nu pinuh ku kapalsuan.  Salawé taun lain sakeudeung, Geulis, miara kasabaran, karidoan jeung kasatiaan, keur salaki anu can eureun ngaberung karesep sorangan, cék lanceuk salaki. Ieu gé dijawab ku unggeuk.

Kacapi suling dipérénan, diganti ku gamelan. Sababaraha kawih dihaleuangkeun Gamelan dikebojirokeun, basa Mamih sareng Apa digéndéng ka luar. Pangantén istri nu yuswana geus 60 taun téh pada ngabagéakeun. Anak minantu, incu-incu guligah bungah. Panon néangan nu saurang. Keur rabul ngantay nu sasalaman ngawilujengkeun, panon eunteup ka nu indit. Katara tonggongna, ngagedig. Aya kénéh keris nyalagréng dina cangkéngna. Ka mana bangun rusuh? Ku hayang ngageroan. Ulah, ulah indit. Jeung saha kuring di dieu? Apan anjeun nu ngupahan unggal waktu. Naha atuh anjeun make nitah salaki, ngolo kuring. Apan cék anjeun,  olo pamajikan sina narima kahayang kulawarga méstakeun taun kasalawé pernikahan téh, basa nyaho yén kuring nolak. Keur naon atuh rumahtangga awét rajét maké dipéstakeun?

Asa rumanggieung awak téh. Panon dibolotot-bolototkeun, ngarep-ngarep manéhna balik deui. Lebeng. Dadaku hayang ka cai, ka salaki ngaharéwos, kuring ménta dianteurkeun ku pembantu ka kamar. Gék diuk dina biwir ranjang. Kadéngé sora gamelan mirig jurukawih ngahaleuangkeun lagu Kembang Tanjung Panineungan, karesep Apa, mitoha pameget. HP diteuteup. Maké hayang nelepon, hayang nyarita yén kuring mah teu hayang direuah-reuah kawas kieu téh. Rumasa ku kaayaan, ngabobodo manéh. Sms waé kitu. Api-api nanyakeun teu sareng Euceuna? Ah, basa basi, cenah meureun. Tanyakeun waé kitu, aya di mana? Salaki néangan. Kumaha engké, lamun némbalan mah.

Hayang ngajéntrékeun yén teusing ngarasa bagja dipéstakeun téh. Bagja kénéh basa paduduaan diuk handapeun tangkal, di Kebon Binatang,  ngawaskeun manuk nu macokan parab. Bagja kénéh basa leumpang paduduaan sapanjang jalan ka pasir. Aya angin nu ngahiliwir  ngaharéwoskeun kadeudeuh urang duaan. Bagja kénéh basa ngabandungan barudak Panglawungan, latihan Cianjuran. Aya wirahma katineung dina unggal laguna. Bagja kénéh nyaksian kabungah barudak yatim, basa milu ngabagikeun sidqoh di Panti Asuhan.               

HP ngageter, satengah digabrug. Aya aksara ngelemeng. Gusti. Ti manéhna.

"Hapunten Akang wangsul rurusuhan," cenah. ***

 

 

Kairing pangwilujeng milangkala Manglé nu ka-60

Panglawungan 13, Cijaura Indah, Nopember 2017

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

encu

carita sae pisan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: