• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kamandang Mitra Mangle

Mangé Sawidak Taun

Kénging Abdullah Mustappa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1511950343.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Manglé panceg 60 taun téh ninggang dina parobahan jaman anu pohara jeung teu gampang dituturkeunana. Populéran mah disarebeutna téh jaman now. Nu ngalalakonna ogé génerasi milénial. Rék teu disebut pohara kumaha lantaran sabada mahabuna internét sagala rupa, kaasup kabiasaan jelema dina hirupna sapopoé, robah. Euweuh anu nyangka saméméhna yén kabiasaan urang dina balanja upamana, anu ilaharna kudu jeung ingkigna ka pasar atawa ka toko, ayeuna mah cukup ku ngutak-ngutik ramo. Leuwih gampang, bisa bari diuk atawa lalangkarakan, tungguan sakeudeung naon-naon anu dipikahayang téh bakal datang sorangan.

Naon anu robah téh deuih kabiasaan maca, anu di lebah dieu aya patalina jeung Manglé. Salila ieu anu disebut majalah, surat kabar atawa buku téh ilaharna dicitak jeung dijilid. Hartina puguh wangun pisikna. Ari sanggeus aya internét sagala rupa jadi sarwa éléktronik, cohagna jirimna ngan aya dina wangwangan. Nu ngaranna telepon sélulér téa, nu ngaranna tablét téa, sanajan bungkeuleukeunana mah leutik jeung hampang nepi ka teu matak riged mun dibawa ka mamana, tapi jeroanana mah bisa nyimpen sagala rupa. Poto, lagu-lagu, pilem bisa didedetkeun ka dinya. Kaasup buku, majalah jeung koran. Rék maca naon waé henteu kudu pakupis jeung ngalétakan heula curuk. Sanajan karasana leuwih gampang tapi sabenerna mah henteu leuwih murah.

Geus loba koran jeung majalah anu kapaksa kudu tutup ku ayana média internét téh. Tapi béda jeung supir taksi jeung angkot anu bisa kénéh protés ku ayana angkutan onlén, ari nu ulukutekna dina widang pérs atawa média citak mah ngan semet teu bisa kumaha. Kudu kumaha deui atuh nyanghareupanana? Lain waé di urang média citak anu tingjarungkel téh, di nagara-nagara batur gé sarua. Lamun koran pantar “Wall Street Journal” waé kudu nutup édisina anu nyebar di Asia jeung Éropah, nya komo deui nu séjén. Salila puluhan taun lilana WSJ téh jadi padoman kaom bisnis. Naék turunna saham di pasar bursa katut kamungkinan gulak-gilekna ékonomi saalam dunya, sumber inpormasina aya di dinya. Sanggeus ayana internét, sagala rupana geus nyampak dina smartphone, malah leuwih gancang kamonitorna, jeung nu kapidangkeun di dinya téh leuwih haneut.

Majalah Manglé salila sawidak taun téh lolobana mah beuratna téh kana piksi. Apan dina sajeroning sakitu lilana téh bandérana ogé Manglé mah majalah panglipur. Sumbangsih Manglé anu tagen dina piksi téa mémang geus diaku, kaasup dina widang sastra. Mun dipatalikeun jeung kamekaran sastra Sunda ti harita nepi ka ayeuna, gurat lalampahan Manglé téh geus kacida kandelna.

Dina nyanghareupan mahabuna internét ayeuna, naha aya pangaruhna ka Manglé? Tangtu waé, sanajan bisa jadi karasana leuwih reuhreuy. Papadaning kitu, tetep kudu taki-taki lantaran pajamanan mesin citak nu ditaratas ku Gutenberg ayeuna bisa disebutkeun keur maju kana sariak layung. Média citak, boh koran boh majalah kitu deui buku, daék teu daék kudu ngagandéng média onlén. Bisa jadi ayeuna mah réa kénéh anu butuh ku média citak anu puguh bungkeuleukanana, lantaran henteu gampang ngarobah kabiasaan maca koran anu dibébér-bébér. Tapi jumlahna pasti bakal terus beuki ngurangan.

Geus rupa-rupa tarékah ti nu ngokolakeun média citak pikeun manjangkeun umurna. Koran anu tadina cukup ku ngamuat tulisan, boh berita boh opini, anu ringkes terus dikeureuyeuh dirobah ku cara ngamuat tulisan-tulisan anu leuwih panjang. Salasahiji héngkérna média onlén téh mémang di dinya. Eusina raringkes teuing jeung mindeng ngabuntut kangkong. Tapi ka dieunakeun aya sababaraha média onlén anu geus ngahanca ka dinya. Dina CNN Indonésia upamana mindeng kabaca tulisan-tulisan ngeunaan hiji topik anu panjang, malah aya kalana leuwih lengkep batan anu aya dina média citak.

Kumaha ari Manglé? Sabenerna geus rada ti béh ditu kénéh Manglé ogé dibarengan ku média onlénna. Hanjakal anu ngurusna henteu pati daria. Di dinya gé katémbong yén ngurus média onlén téh sanajan saréatna siga babari tapi sabenerna mah teu gampang. Kaayaan saperti kitu téh lain ngan karandapan ku Manglé wungkul. Média-média citak nu séjén gé, anu cék saréatna boh modalna boh tanagana leuwih punjul tapi ari luhlahna mah teu jauh bédana.

Dina mangsa-mangsa awal maceuhna internét, kungsi ceuyah nu ngaranna e-paper. Koran dina wangun digital. Koran nu asalna dina pormat citak téh sagemblengna dipidangkeun di dinya, kaasup dina lebah mukaan lambaranana. Dina mangsa-mangsa anyaranana mah enya pada ngabagéakeun. Tapi kabandunganana mah pormat modél kitu téh kurang dipikaresep, salian mémang henteu praktis téh deuih.

Di sagigireun éta, aya ogé anu perlu dibandungan kalawan gemet. Kasempetan pikeun maca téh waktuna beuki dieu beuki kacocéng ku aktipitas sapopoé. Dina jaman now saperti kiwari, geus teu umum nu ngaranna jam kerja antara jam 8 isuk-isuk nepi ka jam 4 soré téh. Geus lain saeutik pagawé jaman ayeuna anu kudu indit subuh datang deui ka imah bada Isa. Pikeun anu kahirupan sapopoéna saperti kitu, iraha waktuna pikeun maca koran atawa majalah?

Nyanghareupan robahna pajamanan sakumaha anu ayeuna keur kaalaman, pikeun réngréngan nu sapopoéna ngokolakeun Manglé mah tangtu wé kudu diperhatikeun kalawan enya-enya. Lantaran lamun henteu dipaliré bakal gedé pangaruhna ka nu macana.

Lantaran masalahna henteu gampang téa, teu cukup ku ayana modal jeung tanaga, kuda-kudana ogé tangtu kudu ajeg. Lain hiji dua média anu ceuk sarétna mah henteu kurang modal jaba anu ngagarapna ogé munasabah, tapi hasil gawéna henteu meunang aprésiasi ti masarakat sakumaha anu dipiharep saméméhna. Visi ngeunaan média téh kacida pentingna. Lain sakadar dina eusina tapi ogé dina lebah palakiah ngokolakeunana (manajeménna).

Dina pajamanan saperti ayeuna mah geus hésé ngukur bédana pangaresep antara urang Sunda jeung nu lain urang Sunda téh. Lain dina lahiriahna wungkul deuih tapi kaasup urusan séjénna, upamana waé dina perkara pangabeuki jeung udagan hirupna.

Majalah Manglé, dina nincak umur anu geus panjeg 60 taun téa sigana geus munasabah lamun naratas ngaleukeunan ngira-ngira atawa ngalelebah naon waé kira-kirana anu jadi udagan hirup urang Sunda ka hareupna. Babakuna generasi nonomanana, atawa generasi milénialna téa. Salasahiji ciri génerasi milénial ayeuna téh di antarana cenah apolitis. Henteu pati kataji kana urusan-urusan politik anu pormal. Kaasup henteu pati kabita ku hayang jeneng sakumaha kailaharan nu jadi udagan génerasi saméméhna. Karep kana maca gé umumna mah kurang, lantaran geus ngarasa cukup ku mencrong média onlén. Naha génerasi milénial Sunda gé sarua kitu deuih?

Cindekna, perkara anu ayeuna keur disanghareupan ku anu sapopoéna ngokolakeun Manglé téh lain ngan sakadar mertahankeun sangkan majalahna bisa mayeng terbit unggal minggu, tapi kudu dibarengan ku ayana tarékah-tarékah séjén. Salasahijina anu keur nampeu di hareupeun nya éta ngeunaan poténsi tanaga-tanaga anu mibanda wawasan jeung visi pikahareupeun. Génerasi milénial Sunda téh bakal ka mana udaganana. Babakuna nu aya pakuat-pakaitna jeung literasi. Wanda basa gé kaasup di dinya. Data ngeunaan éta kacida pentingna supaya dina maparah analisisna bakal henteu méncog teuing.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: