• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kamandang Mitra Mangle

Pangalaman jeung “Manglé”

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1511950969.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Alhamdulillah, “Manglé” panceg 60 (genep puluh taun). Muga saterusna nanjung apanjang apunjung, mawa maslahat jeung mangpaat keur masarakat, hususna basa, sastra, budaya Sunda.

Boga lalakon pribadi ngeunaan “Manglé” téh, ti beh ditu mula.Jauh samemeh kasebut jadi pangarang tur réa karya dimuat dina “Manglé”.

Keur kelas 5 Sakola Rakyat (SD ayeuna), taun 1959, mimiti sok maca “Manglé. Lain meuli atawa langganan, da di Limbangan ukur aya agén koran “Pikiran Rakjat”wungkul.  Tapi ngolo nginjeum ka Néng Wai, babaturan sakelas. Anjeunna téh réréhan kénéh Pa Oeton Muhtar, nu ngadegkeun “Manglé” taun  1957. Linggihna di Enggah Jua, raka istri Pa Oeton. Unggal bulan, Enggah Jua sok dikintunan “Manglé”. Tah lamun kapanggih Neng Wai ngéngélék “Manglé” ka sakola, sok di”rayu”supaya méré nginjeum. Sakapeung léah méré nginjeum di bawa ka imah. Asal ulah liwat ti sapeuting. Sakapeung ukur méré nginjeum saharita di sakola. Atuh kapaksa, bari diajar   téh, maling-maling maca “Manglé”. Untung, harita bangku pangdiukan jangkung. Dihandapna aya paranti neundeun buku. Nya  kaitung laluasa  maca “Manglé” najan bari rada culang-cileung sieun dijiwir ku guru  ogé.

Harita deuih meunang béja, Pa Oeton Muhtar (1908-1982), nu ngadegkeun majalah  Sunda “Manglé” (1957),  bumi sepuhna  di Warungdalem atawa Monggor, béh kuloneun alun-alun Limbangan. Natangga jeung Radén Candrapraja, bujangga pangarang “Wawacan Rusiah Nu Geulis” (1929), putara Haji Abdussalam nu nganggit “Wawacan Rengganis” (1919).

Kabéh dieunakeun, sanggeus wanoh pisan, Pa Oeton nyaurkeun,  jenengan Radén Candrapraja, ku anjeunna “diadaptasi” jadi “Tjandrahayat” (Candrahayat). Ngalap “berkah”. Sawatara karya Candrahayat nu kungsi mashur, di antarana “Nyi Sutirah” atawa “Carmad”, “Pondok Jodo didoho”, jsb, nu kungsi pada mikaresep nepi ka “Manglé payu pisan (taun 1960-an).

Beuki ngabaju kana “Manglé” ,sanggeus sakola d Garut. Neruskeun ka Sekolah  Pendidikan Guru (SPG) Negri,(ayeuna jadi SMA 11 Garut), taun 1964.

Unggal bulan ngahajakeun meulian “Manglé”. Dibélaan ngaduakeun huap, ceuk paribasa. Nepi ka “telat” apal kana rasa baso, sabab tara boga duit keur jajan.Boga duit sautak-saeutik digadangkeun keur meuli “Manglé”katut buku-buku séjénna.

Eusi “Manglé” antara taun 1963-1967, deukeut-deukeut ka “nyastra”. Réa ngamuat  carita-pondok nu ngandung ajen sastra, sajak, jeung ései ngeunaan sastra. Malah aya rubrik “Leuleuleuyang”, pikeun ngamuat tulisan resénsi atawa kritik kana carpon/sajak nu dimuat dina “Manglé”. Harita mimiti katembong tulisan kritik atawa sawangan karya Duduh Durahman (1939-2008).

Para pangarang carpon jeung sajak dina “Manglé” harita, di antarana Wahyu Wibisana, Dudu Prawiraatmaja, Yus Rusyana, Ami Raksanagara, Surachman R.M. Min Resmana (1939-1988) nu kasebut pangarang entragan anyar.  Nu entragan heubeulna, di antarana Syarif Amin, Ki Umbara, Pa Sursa, Kurdi Natamiharja, Tjaraka, M.A. Salmun jsb.

Kataji pisan ku karya-karya éta pangarang entragan anyar. Nepi aya nu terus nyéngcélak nepi ka ayeuna. Sangkilang geus satengah abad kaliwat. Upamana baé “Di Handapeun Jukut Reumis” (Yus Rusyana), “Sasak Cisaladah” (Dudu Prawiraatmaja), “Layung Layung  Langit” (Wahyu Wibisana), “Panonpoé  Surupna di Cirengit” (Wahyu Wibisana), “Hasanah” (Wahyu Wibisana), jrrd. Aya sabagian karya “abadi” Wahyu Wibisana (1935-2014) nu dimuat  dina buku kumpulan carponna “Hiji Waktu nu Dipasinikeun” (éditor Dadan Sutisna & Déa Lugiena, 2017). Di antarana “Déhém” jeung  “Kawung Ratu”.

Karya-karya Ki Umbara di antarana “Kasilib”, “Teu Tulus Paéh Nundutan”, “Ki Bantal Wulung”, Syarif Amin “Handapeun Dapuran Awi” (kasinugrahan Hadiah Sastra Manglé, 1963), Tjaraka “Gotong Royong”, jsb.

Taun 1966, Mh.Rustandi Kartakusumah (1924-2002), kaselir jadi Girang Rumpaka (Pamingpin Redaksi) Manglé. Beuki réa ngamuat karya-karya anak-anak didikna. Kayaning Aam Amilia, Adang S., Ningrum Julaéha, Suhana Darmatin, Mamur Danasasmita, jsb. Salian ti Adang S nu mindeng nulis carpon maké latarkasang tentara atawa perang, nu séjénna mah réa nulis carita romantis mangsa rumaja. Kawas Aam Amilia nulis carpon “Di Cindulang Aya Kembang” (kasinugrahan hadiah sastra “Moh Ambri” ti Paguyuban Pangarang Sastra Sunda, 1967), “Campaka Mangkak Kembangan”, jsb. Kitu deui Suhana Darmatin nulis carpon “Degung Ngungkung Luhur Panggung”. Mh.Rustandi Kartakusumah ku anjeun, nulis carita nyambung “Mércédés 90” (dibukukeun ku Kiblat Buku Utama, 1992), nu matak geunjleung . Oplah Mangle ngajaul nepi ka ampir saratus rébu éksemplar. Bari réa kénéh nu teu kabagéan.

Sanggeus Mh.Rustandi Kartakusumah marén, redaksi Mangle nu aya kénéh (Aam Amilia jeung Adang S), diwewegan ku Us Tiarsa R (taun 1968). Harita kuring mimiti sok ngirim naskah ka Manglé, dimimitian ku naskah “Ha Ha Ha” jeung Pangalaman Para Mitra. Terus nyoba-nyoba nulis sajak jeung carpon. Sajak aya sababaraha hiji nu dimuat. Tapi carpon mah lebeng. Ngawani-wani nanyakeun kaa Us Tiarsa nu geus nyobat ti taun 1967 kénéh. Malah babarengan opatan : kuring, Us Tiarsa R, Yayat Hendayana, jeung Rachmat M Sas Karana (1942-2000). Kabéh geus  “baroga ngaran” dina widang sastra. Ngan kuring “anak bawang”kénéh pisan.

Barang ditanya soal nasib carpon téa, Us Tiarsa ngajawab :

“Ku akang moal waka dimuat. Akang hayang Usep nulis carpon nu leuwih  alus ti éta. Sabab akang hayang Usép jadi sastrawan. Lain sakadar nulis carpon tamba.”

Pépéling Us Tiarsa kitu, diregepkeun pisan. Malah diamalkeun. Kuring soson-soson nulis carpon. Karék katompérnakeun taun 1969 aya hiji nu dimuat. Alhasil,sanajan nyobat dalit sahakan sainum ogé jeung Us Tiarsa, dina soal ajén inajén karya  mah taya kompromi.

Ti harita kuring mancegkeun tékad rék jadi panulis carpon. Sanajan mimiti nulis mah karya sajak. Alhamdulillah, kumpulan carpon kuring “Sanggeus Panonpoé Tunggang Gunung” (2009), kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé 2010. Us Tiarsa “méntor” kuring, karék kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé taun 2011 keur kumpulan  carponna “Halis Pasir” (2010), bareng jeung kuring nu kasinugrahan deui Rancagé pikeun jasa kana basa jeung sastra Sunda.

Mun diutang-itung, pangalaman kuring jeung Manglé, boh ti mimiti maca, boh sanggeus mindeng nulis , aya kana 58 taunna. Ampir saumur jeung Manglena sorangan nu ayeuna 60 taun.

Ngahaturkeun rewu nuhun ka sakur jalma nu karasa  “mantuan” karir kapangarangan kuring ngaliwatan Majalah Manglé, pangpangna ka Pa Oeton jeung Ibu Endén (Rochamina Sudarmika), katut redaktur, staf sarta sakur personal nu ilubiung di Manglé, ti baheula nepi ka danget ieu pisan. Muga jadi amal soléh, dina raraga  ngalaksanakeun paréntah Alloh SWT “ta-awanu alal birri wattaqwa”. Pék gawé bareng dina kahadéan  katut takwa (Q.S. Al Maidah :2).***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: