• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Hadi AKS

Batu Hyang

Kénging Hadi AKS
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1511954939.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Batu hyang ngadungkuk ti baheula, geus ratusan taun. Kitu ceuk kolot-kolot anu ngadongéng. Éta batu buhun anu dianggap sakral diturunkeun ti kahyangan téh perenahna aya di luhur pasir, tonggoheun lembur Cihérang, tebéh kulon. Gédéngeunana aya tangkal kiara payung nu linduk niungan. Lamun seug disidik-sidik mah kawas sirah wayang. Alus pisan. Batuna mucunghul satengahna ti jero taneuh, tuluy kawas aya gegelungan, tangkal kiara téa. Jadi papaés pamandangan anu dipikaagul ku urang dinya. Nu matak kaharti upama diriksa dipiara ku maranéhna turun-tumurun. Paku lembur cenah, nu jadi paneteg lemah. Mawa tingtrim jeung raharja ka urang dinya. Jadi tempat pangjugjugan baé tuluyna mah. Nu hayang arulin kitu baé aya, ngadon niis di luhur pasir. Nu nyiar ubar ogé loba. Malah aya nu sok bari mawa sasajén. Ngusapan batu, tuluy ménta ubar ka Buyut Hyang nu dipercaya ngageugeuh di dinya. Kitu lumangsung puluhan taun.

Tepi ka hiji waktu….

Urang Cihérang ngarasa keueung. Saréréa asa ujug-ujug dikepung pati. Sieun maot beurang peuting, sanggeus nénjo batu ngadangong, cungkaeut di luhur pasir. Éta batu nu ngadungkuk sagedé imah téh kawas mencrong seukeut, gular-giler ngarah nyawa saréréa. Kari sagulutukeun, éta batu bakal ngadurugdug. Ngalindih ngancurkeun imah jeung naon-naon nu aya di lembur handapeunana.

Peuting harita karasa keueungna, bubuhan keur nedeng usum hujan jeung angin gegelebugan. Ti soré kénéh loba nu lajag-léjég teu ngeunah cicing. Samar polah. Lengo deui lengo deui nénjoan batu nu ngadangong di luhur pasir. Moal boa taneuh bakal urug, atawa ku tanaga angin nu sakitu bedas ngaguruhna, éta batu bakal ngagulutuk. Neunggaran saban suhunan. Ngagéncét maranéhna nu harita hak-heuk ngangkat éta batu tina tempatna. Kakeueung nyaliara ngalimpudan pilemburan. Baris awéwé mah loba nu ngungsi dadak-dadakan ka lembur séjén, marawa budak, nyingkahan mamala. Nu araya euweuh nu wani cicing, sumawona saré di jero imah. Katurug-turug peuting harita listrik bet pareum. Lembur medem cakueum, nambahan kalewang.

Teu kacipta bakal kitu ahirna. Lembur nu tadina sepi tingtrim téh tuluy ngaburial sakaligus. Ti barang perkara batu ali ujug-ujug jadi kacapangan balaréa, mimiti aya nu wani nyabit-nyabit batu hyang. Majar harta karun, bahan pibatueun nu bakal mahal hargana. Atuh tuluy jelegur baé, batu hyang jadi bukur catur di mana-mana. Loba nu tuluy mapantes ngawawaas. Meujeuhna keurna jadi bahan pibatueun petingan ogé da kapan batu lungsuran ti langit, nu baheula diturunkeun ka bumi. Batu ti para déwa meureunan. Batu météor boa. Pantes lamun isuk-isuk katojo ku cahya panonpoé, sok kawas aya cahya nu ngaburicak. Ngandung bahan logam kawasna. Kacipta ahéngna lamun geus jadi batu ali. Tangtu leuwih alus tibatan bacan, kalimaya, giok, pirus, atawa rubby. Kitu jadi bahan wangkongan saréréa. Tepi ka ahirna jol aya Babah Engkong ti Jakarta nu niat hayang meuli éta batu, ku harga anu teu kacipta, bisa tepi ka satengah milyar cenah! Malah rék dibeuli jeung pasir-pasirna asal urang Cihérang nyaluyuan. Nya ieu nu tuluy jadi bahan pacéngkadan téh. Pagedukna dua kapentingan. Nu silo ku duit jeung nu hayang miara katingtriman. Dog-dag antara nu yakin jadi piduiteun jeung anu nganggap ukur kalangkang heulang.

“Ceuk kolot urang, éta téh batu buhun nu geus ratusan taun ngadungkuk di dinya di mumunggang. Paku lembur éta téh. Ulah digunasika!”

“Lamun ukur ngadungkuk di mumunggang, naha aya mangpaatna keur urang? Naha henteu sabalikna, lamun éta batu dijual ku urang ka si Babah anu geus puguh wanieun meuli sakitu mahalna, jadi paneteg karaharjaan saréréa?”

“Ulah salancar mikirna! Omongan kolot mah tara sagawayah! Amanatna kudu diturut. Urang gé kapan nyaho, di dinya aya Buyut Hyang nu nuguran. Kuring mah yakin, teteg tingtrimna lembur urang téh ku sabab aya éta batu buhun jeung tangkal kiara!”

“Nya heug sual kayakinan mah! Tapi urang teu cukup ku ngagugulung baé amanat karuhun. Urang perlu waragad pikeun ngawangun ieu lembur. Tuh, masjid kapan bangkar teu anggeus-anggeus? Jalan jeung pamandian umum sarua kudu dibangun! Atuh urang-urang saha teu perlu ku duit sangkan bisa barang dahar?”

“Enya, tapi ulah ku cara ngagunasika tatali paranti! Ieuh, lain pédah pamali baé. Lamun éta batu dijual, tangtu bakal diancurkeun kapan? Naha teu kapikir lamun pasirna bakal urug, sarta urang meunang mamala? Naha geus euweuh kajembaran pikiran urang, kaiklasan miara alam sakitu lilana?” 

“Kieu baé ceuk kuring mah. Éta batu ayana di mumunggang, di tanah wakap ti Haji Gojali keur urang dieu. Boh Ki Haji boh rahayat, geus pada panuju lamun éta batu dijual. Heug baé ceuk kuring mah. Ngan sarua jeung pamikiran Ki Haji, tangkal kiarana mah ulah dituar. Tah, kumaha ceuk nu séjén? Naha urang rék hayoh baé dog-dag papaséaan?”

“Heup! Kieu, kuring hayang nanya. Mana ahli batu? Cing tétélakeun sing jéntré! Naha enya dina éta jero batu hyang téh aya ‘pibatueun’ nu cenah hargana mahal? Batu naon? Sabaraha kintaleun atawa sabaraha ton-eun lobana lamun ku urang diala? Kumaha ngalana?”

“Naha maké kudu hayang apal naon-naonna? Ari nu rék meulina geus wanieun mah pék téh teuing!” 

“Nya hayang tétéla wé! Ongkoh cenah lain meuli batu gulutukan. Tapi kudu diancurkeun heula ku urang. Manéhna gé pasti balitungan atuh. Moal daékeun meuli ucing di jero karung!”

“Kieu lamun kudu dicaritakeun mah. Kuring saenyana anu nawarkeun éta batu ka Babah Engkong téh. Harita manéhna geuning kungsi ka dieu, mariksa éta batu. Kuring geus taun-taun jadi ahli batu téh. Ti baréto gé geus apal. Batu nu nyimpen ‘pibatueun’ mah béda karasana. Béda urat-uratna. Malah ku nyampa ‘kulitna’ gé kuring mah yakin, éta batu ngandung harta karun. Di jerona aya pibatueun nu can aya saméméhna. Batu ahéng nu can aya dikieuna. Ceuk dina barimpi mah batu ‘guruminda’ ngaranna. Batu ti kahiyangan. Teu kacipta ku kuring gé, naha ngagurilap atawa ngempur hurung lamun geus jadi batu ali. Bisa jadi leuwih alus tibatan batu Nyi Roro Kidul ti Wonosobo atawa batu Sigori ti Nias. Nu puguh keur si Babah Engkong mah nya piduiteun pisan. Batu modél kitu anu sok pada néangan téh. Boa jadi sabaraha milyar ké ku manéhna mah!”

“Batu Guruminda?”

“Batu ti kahiyangan?”

“Beuh, kacipta hurung cahayaan lamun geus jadi batu ali!”

“Paingan, ari isuk-isuk katojo cahya panonpoé sok katénjo kawas aya nu tingburicak, nya euy!”

“Tuluy kumaha urang kudu ngalana?”

“Babari lamun kabéhan geus sapuk mah!”

“Enya carana kumaha?”

“Éta batu ukur satengahna nu mucunghul ka luar. Ku urang kudu dikali heula. Diangkat. Engké kakara diancurkeun ku dinamit. Moal bencar sakabéhna lamun sabagianana mebes kénéh ka jero taneuh. Jeung moal rebah ukur didagoran ku linggis, kampak atawa baliung. Nu matak kudu ku dinamit. Tah lamun geus ancur, urang kakara bakal manggihan urat-urat, kembang-kembang, bagian-bagian anu bakal jadi bahan pibatu-alieun.”

“Hayu, urang kali wé ari puguh pimilikeun mah!”

“Panuju! Dékah mah asal jadi duit!”

“Sapuk! Karuhun-karuhun, urang-urang, lah!”

“Heug, ari saréréa geus lolong mah!”

Der jelema salelembur ngali éta batu buhun di mumunggang. Batu panugur lembur, nu ngadungkuk ti baheula. Kaayaanana gé wuwuh ahéng. Akar kiara pajuranteng meulitan éta batu. Nu matak aya ogé nu nyebut batu karut. Da enya kawas anu dikarut ku karuhun. Kawas ngahaja diriksa dipiara sangkan angger kitu kaayaanana. Kitu kira-kira lamun dipapantes dina implengan. Nu puguh nénjo kaayaan alamiahna mah, nya pantes baé rék kabeulit ku akar kiara ogé, da ngajega tangkal kiara teu jauh ti dinya. Kiara payung nu sarua geus kahot umurna.   

Jalma-jalma hak-heuk haliwu ayeuh-ayeuhan. Nu ngulangkeun pacul, garpuh, linggis, jeung sajabana. Nu suhud ngagecruk aya, nu bari ngocomang nyaritakeun batu baé aya. Diwawaas, dicipta-cipta, bakal sabaraha ton-eun maranéhna bisa ngajual pibatueun. Mangka batu ahéng nu can aya dikieuna. Meujeuhna lamun si Babah Engkong wanieun naksir tepi ka satengah milyareun téh, da puguh batu sakitu gedéna ngajungkiring. Nu matak saruhud naker digarawéna. Baluligir baé lolobana mah teu dibaju. Ngarah katémbong dariana, atawa sangkan karasa sugemana lamun engké geus hasil nu diangen-angen….batu guruminda! Késangna ngalucur tinggurilap katojo panonpoé. Kawas cahya nu cenah sok katémbong ngaburicak ti lebah dinya. Kawas harepan maranéhna nu ujug-ujug hurung dina lulurung jajantung.

Ari batu nu dikalina, batu hyang nu ngajungkiring, ajeg kénéh dina tempatna. Bangun jempling teu hayang cacarita, tapi nguyung nyaksian manusa nu ngagunasika dirina. Keur nu sidik mah, nu daék nemen-nemen nengetan, boa bakal katenjo riukna éta batu. Atawa malah kadéngé sorana. Sora batu nu teu nyawaan. Haréwos ahéng ti mahluk anu dikaniaya.

“Akar nu mareulitna piceunan!”

“Enya, tilasan akar kiarana da kawas nu nyarekelan!”

“Ku ragaji mesin, bisi teu rebah ku bedog mah!”

Akar kiara nu pajuranteng meulitan batu tuluy ditilasan dikadékan. Bedog, koléwang, kampak, baliung, patinggurilap nilasan akar. Ragaji mesin ngagerung kawas ngarumpungkeun ramo, lir maragatkeun leungeun nu deudeuh ngarangkul éta batu saban waktu. Naha atuh sanggeus paragat akar nu laleutik, bréh katénjo ku saréréa, aya akar nu leuwih badag, ngaringkel kawas nyangcang éta batu. Saréréa ngarénghap. Lamun éta akar diteukteuk, tangkal kiara bakal rungkad. Mangka kapan geus sapuk, kiara mah moal dituar.

“Ulah baluweng, euy! Kapalang geus kieu mah. Urang runtuhkeun baé sakalian tangkal kiarana!” Teu aya nu mondah. Kabéhan panuju.

Akar diparagatkeun. Tangkal kiara nu sok katénjo mayung di éta mumunggang, dirubuhkeun. Sora runtuhna lain ngagurubag cara ilaharna. Tapi kawas aya gumuruh nu ahéng. Aya sora nu ngagerung matak keueung. Di antara nu nyaksian aya nu ngarénghap, najan jempling teu ngomong naon-naon. Lain ukur iuh-iuh di mumunggang éta kiara téh, tapi raket jeung kaéndahan éta lembur. Malah jeung kapercayaan. Ceuk kokolot lembur, aya karuhun cenah nu tugur di dinya, dina tangkal kiara. Ki Buyut Hyang. Keur nu kawénéhan mah saban cur hujan Ki Buyut sok tanggah ka langit bari nandékeun gentong kabuyutan. Nalika gentongna geus pinuh ku cai langit, Ki Buyut seuri bari ngucurkeun cai ka landeuh, ka palebah pilemburan.

Mumunggang jadi pangling. Lénglang leungiteun kiara payung.

Liwat lingsir ngulon, batu kakara anggeus dikali sakurilingna. Akar nu mareulitna geus kabéh paragat. Tuluy diangkat lalaunan tina tempatna. Jalma-jalma tinggorowok ngaluarkeun tanaga. Silih tunjuk, silih paréntah. Nu ngangkat ngajungjungkeun maké kai, maké beusi, nu nunjel ku awi, rupa-rupa. Rempugan bari patingberegég pada-pada ngembat tanaga paméakan.

“Rambati rata hayuuuuu…!” Batu obah lalaunan. Gorowok deui. Batu ngangkat kajungjungkeun. Tepi ka ahirna...jleg! Batu nu sakitu gedéna bisa kaangkat ka tempat nu dipikahayang. Kaluar ti jero taneuh. Ngadungkuk. Ahéng pisan katénjona, kawas ujug-ujug celenggeu, ngabedega hareupeun saréréa. Kaayaanana jadi nonggérak ayeuna mah, némbér, bubuhan geus henteu mebes kana taneuh. Saréréa surak bakat ku bungah. Pating rarénghap. Kari saléngkah deui. Ngadinamit. Dinamit sagedé-gedé bitis beunang nyiapkeun, laju dialungkeun hiji-hiji.

Jelegur! Batu angger teteg ngadungkuk.

Jelegur! Batu buhun teu daék ancur.

Jelegur! Batu hyang kawas ngabelentrang.

…….

 

Nya peuting harita antebna kakeueung. Pati kawas ronghok ngadodoho ngepung lembur. Beuki peuting hujan beuki ngagebrét, dibarung angin gegelebugan nebak suhunan jeung tatangkalan. Bréh deui kacipta kaayaan tadi beurang. Sanggeus dog-dag barempug di imah kokolot lembur, urang dinya ahirna rempugan kerja bakti. Euweuh deui nu bisa dipilampah, iwal ti kudu nyieun hahalang. Nyieun bénténg handapeun éta batu, sangkan bisa katahan kahalangan lamun téa ngagulutuk. Tapi ahirna saréréa sadrah, naon hartina éta hahalang, da puguh batu sakitu gedéna, bari némbér dina puncak mumunggang. Jaba lénglang taya tangkal nu mindingan gelebug angin. Lamun téa éta batu ngagésér ku angin atawa ku hujan, tuluy ngagulutuk, geus moal aya nu bisa ngahalangan. Bakal ngagulusur rohaka, ngaguruh atawa ngagerung narajang puluhan suhunan imah handapeunana.

Kakeueung éta nu ayeuna hirup tur ngepung pikiran saréréa.

Lembur medem cakueum. Listrik can aya tanda-tanda rék hurung deui, boa tuluy pareum sapeupeuting. Téténjoan poék mongkléng sakuriling. Ukur cahya lilin tingkaretit di saban imah. Sawaréh aya nu marasang lantéra, renclang di luhureun téras. Nu ngaronda kancag-kincig ngaroris kaayaan. Tinggorowok ngabéjaan sangkan saréréa caringcing, ulah aya nu saré. Da jeung enyana saréréa euweuh nu wani cicing di jero imah, sumawona bisa saré. Dariuk di saban téras padahal angin sakitu ngagelebugna jeung hujan ngagebrét taya reureuhna. Di sawatara suhunan nu nenggang handapeun mumunggang, aya nu ngajaranteng maraké payung. Nyorot-nyorotkeun sénter ka lebah batu hyang. Ngahaja dibéré papancén ku saréréa, minangka juru telik anu niténan batu bisi ngagulusur. Dina kaayaan kitu bet aya nu nambahan kalewang. Mang Suha nu kabéjakeun gering ti kamari, peuting éta beuki ripuh katénjona. Awakna nyongkab ngagibrig. Sasar ngacaprak bari tutunjuk ka lebah mumunggang. Puguh baé nu narungkulan silih rérét beuki keueung. Boa enya éta batu buhun bakal ragrag peuting éta, niwaskeun maranéhna salelembur.

Keur kitu angin kadéngé ngaguruh leuwih tarik. Béda karasana, kawas rék nurunkeun mamala. Saréréa cengkat, tinggorowok bari lumpat ka jalan, nénjo ka lebah mumunggang.

“Tangiiiiiiii….!”

“Caringciiiiing…!”

“Saréréa waspadaaaaa…!”

“Tangtayungan, ya Alloh!”

“Tulungan abdi, Gusti!”

“Allooohu Akbar!”

Maranéhna ngaranggahkeun leungeun bari madep ka tebéh kulon. Ngan éta nu bisa dipilampah, muntang ka Gusti. Tapi saréréa dirungkup ku rasa dosa. Karumasa nu kakara harita ngancikna. Batu hyang nu sakitu badagna, diangkat ku napsu saréréa. Tangkal kiara nu sakitu kahotna, dirubuhkeun ku kasarakahan saréréa. Meujeuhna lamun éta batu ayeuna rék nyieun wawales. Batu hyang anu hudang jeung amarah. Batu Babah nu ngadangong jadi bayangan. Tangtu ngagulutuk narajang suhunan, ninggangan sirah maranéhna saurang-saurang.

Basa angin beuki tarik ngaguruh neumbagan batu, ceuk maranéhna tangtu kasurung lalaunan. Angin kapan sakitu rosana neunggaran. Moal henteu bakal ngised lalaunan najan teu sidik katénjo obahna. Saréréa ngadégdég bari pasrah, detik éta maranéhna bakal ditinggang balai. Nu matak ahéng, maranéhna bet terus narangtung jarempling bari neuteup ka lebah mumunggang. Kawas hayang pada nyaksian ragragna éta batu. Lir hayang tiwas babarengan. Hayang leupas tina ancaman pati nu ngadodoho beurang peuting. Keur kitu kadéngé sada aya nu ngadorokdok ti lebah mumunggang. Sora tangkal kai runtuh.

“Allooohu Akbar!”

“Tuluuuuung!”

Saréréa peureum bari manteng pasrah ka Nu Maha Agung. Éta tangkal nu runtuh tangtu lantaran kalindih ku batu. Batu hyang nu ayeuna keur ngagulusur ka landeuhkeun. Saréréa ngadégdég. Leungeun malakal maot kawas beuki deukeut ngaranggeum. Tapi batu nu ditungguan henteu jol baé narajang. Ukur sora angin ngaguruh. Gumelebug sapeupeuting.

Isukna, saréréa rajeg deui neuteup ka mumunggang. Ngajarengjen kawas patung. Hélok jeung kebek ku rasa ahéng. Sidik pisan éta batu ngadangong kénéh. Kawas sirah karuhun. Siga beungeut Babah Engkong. Mencrong ka landeuh. Biheung isuk atawa pagéto bakal ninggang maranéhna….***

                                                                                     

                                                                        Lembang, Novémber 2017

 

 

 

              

 

 

 

 

           

               

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: