• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Setiawan Hadi, M.Sc.Cs.

Téhnologi Nyeungitan Sunda di Mancanagara

Kénging Riki Nawawi
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1517218966.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Sunda téh salah sahiji séké sélér Indonésia anu mibanda budaya anu luhung. Kangaranan budaya moal bisa diganti ku harta. Nya kitu deui naskah atawa manuskrip lontar di antarana. Lontar Sunda sabagé anasir tina budaya mangrupa karya ilmiah kristalisasi kacerdasan karuhun. Jeung deuih teu kabéh séké sélér boh di Indonésia boh di mancangara mibanda kabeungharan kawas karuhun Sunda. Ngan, tangtuna, kumaha lamun lontar Sunda anu dipikareueus téh ruksak, kaduruk, atawa leungit? Meureun téks gagasanana ogé milu sirna. Upama kitu, kumaha atuh nungkulanana?

Sagala ogé aya waktuna. Iraha kudu nanjeur jeung iraha kudu ngahiang ti buana. Kitu deui jeung nasib lontar Sunda. “Peryogi tarékah daria anu kréatif tur inovatif kanggé ngamumulé naskah lontar,” ceuk Dr. Setiawan Hadi, M.Sc.Cs., dosén Program Studi Téknik Informatika Universitas Padjadjaran (Unpad) waktu ditepungan ku Manglé di kantorna di Gedung D PPBS rohang GLB 2.1, Unpad Jatinangor.

Salaku ahli informatika, Dr. Setiawan—kitu nénéhna—milu “hareudang”. Ieu Kepala Departemén Ilmu Komputer Fakultas Matematika dan Ilmu Pengetahuan Alam (FMIPA) Unpad kabawa melang ku nasib éta tutungkusan karuhun Sunda abad IV-VI Maséhi.

“Sim kuring terang kaayaan lontar Sunda kitu ti para dosén Sastra Sunda Unpad. Dr. Undang Ahmad Darsa, M.Hum di antawis dosén anu népakeun éta kamelang téh. Saurna, média éta naskah anu bahanna tina daun lontar téh umurna atos ratusan taun. Upami teu geura-geura diungkulan hawatos ku hiji ku dua,” ceuk ieu dosén teureuh Bandung bangun hariwang.

Kabupatén Garut, ciplesna di Kampung Ciburuy RT/RW 01/05, Désa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, aya hiji situs kabuyutan anu neundeun rébuan naskah lontar. Inyana ogé nyaho kana éta patilasan téh ti Dr. Undang. Éta filolog nyebutkeun Kabuyutan Ciburuy hiji-hijina deui mandala ti 73 mandala (lembaga pendidikan formal jaman karajaan di Sunda) anu masih kénéh éksis patilasanana nepi ka kiwari, boh wangunan balé-balé tempat nulisna boh naskah-naskahna.

Nya ti saprak lawung jeung para dosén Sastra Sunda Unpad, Dr. Setiawan daria hayang milu ngamumulé lontar Sunda téh, ku cara adumanis téknologi jeung budaya.

“Kapungkur sim kuring kantos diulem ka Fakultas Ilmu Budaya (FIB) Unpad taun 2014. Teras ditepangkeun ku dosén Sastra Sunda Unpad ka Prof. Jean Marc Ogir salaku dosén sareng Kepala Lab Universitas La Rochelle Perancis (ayeuna mah Prof. Jean Marc Ogir téh atos janten Réktor Universitas La Rochelle). Dina éta silaturahmi, katawis aranjeunna ngajak sim kuring saparakanca aub kana kagiatan kolaborasi penelitian internasional antawis Unpad sareng La Rochelle. Ti Unpad disuluran ku Program Studi Sastra Sunda sareng Téknik Informatika. Tapi, objék anu badé ditalungtikna masih acan museur. Sok sanaos kitu, sim kuring teras nampi éta ajakan da katangén aranjeunna daria,” pokna.

Nya ti dinya pisan, sanggeus layeut jeung Sastra Sunda Dr. Setiawan mimiti wanoh kana lontar téh. Atuh sabada klop jeung papada paheut antara Unpad jeung La Rochelle, genep poé sanggeusna inyana ditepungkeun deui jeung Prof. Jean-Christope Burie. Minangka wawakil La Rochelle, Prof. Jean-Christope Burie diperih pikeun matotoskeun objék anu ditalungtikna.

“Pertengahan Maret 2015 ngawitan ngalalakon téh. Di Gedung A lanté 3 FIB Unpad diayakeun sawala. Nu aub dina éta sawala nyaéta Dékan FIB Unpad Yuyu Yohana Risagarniwa, M.Ed., P.hD., sareng jajaranana, para dosén Sastra Sunda Unpad, sareng sim kuring saparakanca ti Téknik Informatika Unpad. Ku margi urang Perancis mah raresep kana hal-hal anu kuno, cindekna wangkongan sawala téh bras kana ngamumulé lontar Sunda anu aya di Kabuyutan Ciburuy,” ceuk ieu Doktor Informatika ITB, 2008 téh.

Universitas La Rochelle Perancis anu geus ti heula rukun gawé jeung Sastra Sunda Unpad, katangén geus nataharkeun ti anggalna kumaha wangun panalungtikanana. Nu muka lalangsé kitu téh nyaéta Prof. Dr. Cécé Sobarna, M.Hum. Guru Besar Sastra Sunda Unpad. Matak dina éta sawala, mitra gawéna ti Perancis Prof. Jean-Christope Burie medar wangun panalungtikan “Ancient Manuscripts Digitization and Indexation” anu didanaan ku Uni Eropa.

Éta panalungtikan anu diwancah AMADI Project mangrupa panalungtikan anu dikokolakeun ku Indonésia (Unpad, Jatinangor sareng Undiksa, Bali), Kamboja (Kamboja Institut of Technology), jeung Perancis (Universitas La Rochelle). Sanggeus tujuan panalungtikanana ngaleunjeur, ti danget éta Tim Amadi nyusun proposal.

“Gurat badag kagiatan AMADI téh nalungtik naskah lontar Sunda, Bali, sareng Kamboja. Penelitianana sanés mung ukur prosés scan sareng disimpen, tapi aya lajuning lakuna. Tarékahna nyaéta midamel program anu tiasa mempermudah pencarian kembali sacara komputer, boh maluruh kecap boh kosa kecap,” ceuk ieu Master of Science in Computer Science, lulusan University of New Brunswick, Canada, 1996.

Ku cara AMADI, hususna kalewang Dr. Setiawan kana lontar Sunda bakal kaubaran. Sok komo ceuk inyana ogé batur-batur mitra dosénna ti Program Studi Fisika Unpad jeung Fikom Unpad milu kataji. Hayang mantuan ngamumulé lontar Sunda Kabuyutan Ciburuy. “Janten, ku rukun gawé sabilulungan mah lontar Sunda Ciburuy bakal nambih reugreug,” ceuk ieu alumni S1 Matematika Ilmu Komputer UNPAD, 1991.

Dr. Setiawan engeuh yén lontar Kabuyutan Ciburuy téh poténsi gedé. Minangka titilar anu ngajén historis, lontar Sunda bakal réa anu ngadeugdeug. Kamandang ti inyana luyu jeung informasi ti Ujang Suryana Kuncén Kabuyutan Ciburuy. Réa wisatawan anu papada hayang nempo, nyagap, jeung motrét lontar. Antukna, aktivitas kitu ceuk filolog Sunda ti Unpad bakal mondokan umur lontar.

“AMADI ngayakeun mesin display di Balé Patamon Kabuyutan Ciburuy. Éta mesin atos dieusian rupa-rupa lontar hasil digitalisasi Tim AMADI. Janten, saupami aya wisatawan hoyong motrét naskah lontar cekap tiasa maluruh dina éta komputer,” pokna ngémbohan.

Ningali kaayaan sikap masarakat kitu ieu Asésor BAN PT teu ngarasa hémeng. Dalah urang mancanagara waé sarua kairut ku lontar Sunda. Nyaho kitu kaalaman ku Dr. Setiawan ku anjeun waktu ngadadarkeun kumaha “menarik”-na lontar Sunda dina acara International Conference on Document Analysis and Recognition (ICDAR 2017) di Kyoto, Jepang tanggal 11 Nopémber 2017 kalarung.

“Salah sawios widang ICDAR 2017 téh ngeunaan manuskrip. Lian ti lontar Sunda, naskah anu dipréséntasikeun dina konférénsi di antawisna manuskrip Romawi kuno, Jepang kuno, Cina kuno, Pérsia kuno, jsté. Nu ngiringan sawala kabuktosan seueur anu kataji ku lontar Sunda. Ku diangken kitu tos némbongkeun yén tutungkusan karuhun Sunda téh gaduh ajén anu luhung,” ceuk Dr. Setiawan nandeskeun.

Gawé AMADI Project dimimitian 16 Séptémber 2015. Nepi kiwari AMADI geus dua taun ngalalakon. Sok sanajan acan tutug ka anu dituju, harepan jeung sumanget awak-awak Tim AMADI teu pes jadi pareum. Tapi, ku niat anu wening nalungtik naskah lontar Sunda Ciburuy anu ngarébu téh dikeureuyeuh kalayan daria.  

“Tim AMADI Project ngabantos internasionalisasi Unpad di mancanagara. Atuh kanggé budaya Sunda hususna ogé sami. Ketak AMADI bakal teras diundakkeun kualitasna. Upami hasilna atos ngajanggélék, salah sawios targét AMADI nyaéta dijantenkeun HAKI-na Unpad. Mugi-mugi mangpaat kanggé masarakat,” ceuk ieu Reviewer Béasiswa LPDP mungkas obrolan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: