• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Yus R. Ismail

TANGKAL BUAH APA

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook

Kuring keur di kantor basa narima béja téh. Apa teu damang. Téh Aisyah, lanceuk cikal kuring, anu nélépon.

“Omat nya, Bungsu kudu ka lembur!” ceuk Téh Aisyah lir anu penting tepi ka kudu maréntah kawas kitu. “Lamun arék bareng, ayeuna ditungguan di imah Tétéh.”

“Abdi nyusul waé, Téh. Masih aya padamelan anu kedah diréngsékeun.”

“Tapi omat nya, Bungsu kudu ka lembur!”

“Muhun, Téh, insya Alloh.”

Téh Aisyah, sarua jeung kuring, bumetah téh di Bandung. Sedeng lanceuk kuring anu tiluan deui, A Akbar jeung Téh Zénab di Jakarta, A Hélmi mah sigana geus betah di Banjarmasin, Kalimantan.

Saptu soré, tilu poé sabada Téh Aisyah ngabéjaan Apa teu damang, kuring mulang. Lanceuk kuring anu opatan geus araya di bumi Apa. Ngan Téh Aisyah anu sumping jeung carogéna, Kang Soléh. Lanceuk kuring anu séjén mah daratang sosoranganan. Bumi Apa anu ublug-ablag di Cinenggang, kampung sisi leuweung di Sumedang, masih karasa molongpong. Béda jeung lamun poé Lebaran, lanceuk-lanceuk kuring mudik, bumi Apa téh karasa ramé. Alo kuring waé apan aya welasna bari henteu daraék cicing.

Kabéh lanceuk kuring tangtu waé ngambek. “Manéh téh nganjrek henteu jauh ti Apa, tapi datang pangleuirna! Dasar, budak doraka!” ceuk A Hélmi. Kuring seuri maur, dianggap biasa waé, henteu ngabantah atawa ngalawan.

Apa nuju calik dina risbang basa kuring ka kamarna. Socana cahayaan basa neuteup ka kuring. Kuring nyaluuh dina sampéanana, nangkeup, bari ngucapkeun pangapunten elat datang. Tapi Apa bangun anu henteu ngadangueun. Apa ngusapan kana buuk, tonggong, tuluy nyium tarang kuring. Kajadian anu ahéng. Kajadian anu mampuh ngeureunkeun kekecapan pangapunten kuring anu saenyana saukur basa-basi. Enya, Apa ngusapan buuk, tonggong, komo nyium kana tarang kuring, kakara harita pisan kajadianana.

“Hampura Apa, Su. Apa anu salah, manéh anu bener,” saur Apa lir anu ngaharéwos.

“Perkawis naon, Apa?” ceuk kuring acan ngarti.

Tapi Apa henteu nyarios nanaon deui. Apa saukur neuteup témbok kamar.

**

Apa téh tos méh sapuluh taun pangsiun tina pagawé negri sipil. Enya ogé tos pangsiun, kagiatan Apa mah lir anu henteu ngurangan. Boga usaha jadi rékanan dinas pendidikan, ogé ngiringan jadi pengurus di partéy politik. Pemilu kamari mah malah nyalonkeun jadi DPRD tingkat kabupatén, enya ogé henteu kapilih. Enya ogé Mamah tos ngantunkeun méh lima taun kapengker, sumanget Apa mah lir nu henteu ngurangan.

Ngawitanana Apa mendakan daging saageung pepentul korék api dina gugusi luhur. Saur Apa, daging jadi téh didudut da paling ogé peurih saeutik. Nyatana daging nyentil téh meureun salahsahiji akar kangker mulutna. Getih ulawéran basa daging didudut. Apa reuwaseun, teras ngagorowok nyungkeun tulung.

Téh Aisyah anu pangheulana ngalongok Apa ka rumah sakit. Téh Aisyah anu ngawakilan kulawarga pikeun néken persetujuan oprasi pemotongan gugusi. Enya ogé ceuk dokter mah kangker téh geus sumebar, tapi oprasi téh katingalina mah matak ngareugreugkeun. Apa katingali seger sareng jagjag deui. Terasna mah Apa kedah kemoterapi rutin saminggu sakali. Tapi Apa alimeun. Apa langkung milih lalandong tradisional ku hérbal. Matakna ceuk dokter ka Téh Aisyah, “Lamun henteu kemoterapi, yuswa Bapa diprediksi paling ogé dua bulan deui.”

Kuring jeung lanceuk-lanceuk mulang poé mingguna. Salila di Cinenggang, Apa henteu nyarios nanaon ka anak-anakna. Unggal ditaros saukur neuteup minangka waleranana téh.

Enya ogé kitu, méh unggal dinten Apa ngadaweung di téras. Anjeunna calik dina sofa anu mayun ka buruan. Tara robih calikna téh dugi ka Mang Asip nyandak tuangeun sareng obat hérbal. Untungna téh aya Mang Asip jeung Bi Konah, ewe-salaki anu ti mangsa kuring budak geus babantu di bumi Apa, ngurus buruan, bébérés, pepelakan di kebon jeung balong.

Téh Aisyah kungsi naros ka Mang Asip, naha Apa kantos nyarioskeun naon waé? Mang Asip saukur ngahuleng terus gideug.

**

Téh Aisyah sareng Kang Soleh ngahaja datang ka kontrakan kuring pasosoré poé Juma’ah. Téh Aisyah miharep kuring ngaréncangan Apa. “Lantaran Apa ukur nyebut ngaran anjeun, Su. Saukur nyebut Bungsu,” saur Téh Aisyah.

“Tétéh téh kumaha. Saréréa ogé apan terang, Apa tos lami henteu resepeun ka abdi.” témbal Kuring.

“Tapi ayeuna mah saukur anjeun anu disebut, Su. Saukur Bungsu.”

Keur kitu, A Helmi nélépon. “Manéh kudu ngabaturan Apa. Manéh réa dosa ka Apa!” pokna garihal. “Tong mikirkeun pagawéan. Digantian gajih manéh unggal bulan ku Aa!”

Puguh waé teu resep kuring kana pokpokan A Helmi. Manéhna enya anu pangjugalana di antara palaputra Apa. Salain gawé di Perhutani, cenah ogé bisnis perkayuan. Tapi henteu sakuduna A Helmi ngomong garihal kitu. Enya, meureun pagawéan kuring anu dianggap paling henteu nyugemakeun. Kuring téh marketing di perusahaan percétakan leutik. Lanceuk kuring anu tiluan mah apan pagawé negri sipil. Kawijakan pamaréntah ti sapuluh taun katukang basa SBY jadi presiden, apan ngawowoy PNS. Gajihna terus nérékél, ditambahan tunjangan, sertifikasi jeung duka naon deui istilahna. Sedeng gajih swasta beuki murungkut digorogotan inflasi.

Kuring rék sapok-pokeun ngalawan lamun Téh Aisyah henteu buru-buru nangkeup mah. “Tong dianggap,” pokna bari cirambay. “Bungsu dipilih lain lantaran pagawéan jeung ngan anjeun anu acan kurenan. Tapi lantaran Apa saukur nyebut anjeun, Su. Saukur nyebut ngaran anjeun.”

**

Kuring téh anak bungsu Apa anu lamun ningali umur mah kaasup jauh jeung lanceuk-lanceuk séjénna. Kuring kakara opat taun lulus ti salah sahiji paguron di Yogyakarta. Umur kuring dua puluh tujuh taun. Sedeng Téh Zénab, pangais bungsu, ayeuna téh tilu puluh tujuh taun.

Pagétréngna kuring sareng Apa --lamun sababaraha kajadian téh bisa disebut pagétréng, dimimitian basa kuring arék asup kuliah. Kuring daptar ka jurusan Bahasa Jeung Sastra Indonesia. Ari Apa maksa sangkan kuring asup ka jurusan Ekonomi atawa jurusan Kehutanan.

“Jadi sarjana Ekonomi atawa Kehutanan mah leuwih ngajamin ka hareupna,” saur Apa. “Meungpeung Apa acan pangsiun, Apa bisa nguruskeun jadi PNS asal sarjana Ekonomi atawa Kehutanan.” Tapi kuring keukeuh kuliah di jurusan Bahasa Jeung Sastra sakumaha kahayang kuring ti keur SMU kénéh.

Pagétréng kadua kalina sabada kuring lulus kuliah. Apa ngajakan kuring itung-itungan. “Jalan tukang siga kieu téh enya méakeun duit leuwih ti saratus lima puluh juta, ka hareupna mah duka jadi sabaraha. Tapi  sajumlah kitu téh jadi leutik pikeun PNS jaman ayeuna mah,” saur Apa. “Tong sok munapék, hirup téh butuh duit. Lanceuk-lanceuk manéh gé lamun henteu kieu jalanna mah can puguh jareneng cara ayeuna. Apa bisa nyadiakeun duitna, nyaho jalan tukangna, batur mah can puguh nyarahoeun. Tapi ieu téh kudu digantian. Manéh bisa gampang nginjeum duit ka bank lamun SK geus kaluar. Lain Apa teu rido. Tapi ngarah manéh diajar, nanaon ogé aya tanggung jawabna.”

“Muhun, Apa ogé engkéna kedah tanggung jawab di ahérat,” témbal téh saukur némbal. Tangtu waé kuring henteu nyangka Apa bakal bendu. Bendu pisan. Nyarios panjang lébar, mapatahan, nyeukseukan, nyebut kuring kabalinger, bodo, teu ngarti, jeung duka naon deui.

Harita téh kuring keur persiapan miluan tés CPNS. Tapi tungtungna henteu miluan tés. Kuring ka Bandung, ngumbara bari sagawé-gawé. Sabada Mamah ngantunkeun, niat kuring geus buleud, mulang ka Cinenggang mah cukup sataun sakali ari Lebaran wungkul.

**

Kuring nyanggupan kana kahayang Téh Aisyah jeung lanceuk-lanceuk séjénna pikeun ngaréncangan Apa lain lantaran pagawéan kuring anu panghenteusapirana. Tapi lantaran aya kapanasaran, cenah Apa téh saukur nyebut ngaran kuring. Saukur nyebut ngaran kuring.

Méh saban poé, sabada pukul tujuh, Apa ngadaweung di téras. Apa calik dina sofa mayunan buruan. Resep panginten neuteup kekembangan, bakung bodas jeung beureum keur meujeuhna mangkak. Tepi ka ngong adan lohor Apa saukur neuteup kekembangan di buruan. Saha waé ogé tamu anu ngalongok henteu aya anu sanggup ngolo Apa pikeun nyarios.

Basa kuring datang, Apa saukur ngalieuk, imut saukur ngarenyu. Basa ngong adan lohor, Apa henteu nyarios nanaon enya ogé kuring sababaraha kali naros itu-ieu. Basa dibéyéng ka lebet bumi, di kamar, Apa neuteup deui ka kuring. “Manéh anu bener mah, Su. Apa anu salah,” saurna lir anu ngaharéwos, malikan deui kekecapanana anu ti heula.

“Perkawis naon, Apa?” ceuk kuring giak.

“Beuki deukeut téh ka tungtung umur, harta téh beuki karasa euweuh gunana. Manéh pasti reueus, Su. Sedeng Apa, beuki kaduhung.”

“Maksad Apa?”

Tapi Apa henteu nyarios nanaon deui. Nepi ka saminggu kuring nungguan Apa nyarios deui. Tapi saukur paneuteup sareng imut sarenyu anu ngayakinkeun kuring yén Apa miharep kuring henteu tebih ti anjeunna.

Poé kadalapan, nuju ngadaweung di téras, Apa ngalieuk ka kuring. “Hileud téh aya ku nyah-nyéh-nyoh ngadahar dangdaunan, saukur persiapan nungguan paéh,” saurna semu anu ngaharéwos. Kuring ngahuleng sakedapan, tapi weléh henteu ngarti naon maksudna anu disaurkeun Apa. Tapi basa kuring nuturkeun naon anu ditingali Apa, dina tangkal taleus hias aya harimumu ngagantung. Kamari-kamari meureun harimumu téh mangrupa hileud.  

“Tap hileud mah, isuk-pagéto ngalaman hirup anyar jadi kukupu,” saur Apa deui. “Apa hayang bisa metamorfosis cara hileud. Ngan kukupu anu bisa nyakséni éndahna patamanan.”

Kuring téh sarjana basa, diajar sastra ti mangsa lawas nepi ka mangsa ayeuna, tapi kuring henteu sanggup nangkep harti sagemblengna anu dicarioskeun Apa.

**

Hiji poé Apa palayeun dijajap ngagaleuh binih tangkal buah. Binih tangkal buah anu kakara tilu puluh sénti méter téh dipelakkeun di buruan. Kuring anu ngali taneuhna jeung melakeunana. Apa aya ku sumanget nyaksian kuring macul, ningali ku paneuteup anu kakara harita kuring bisa ngarasakeunana.

“Apa hayang ngarasakeun metamorfois jadi tangkal buah, Su,” saur Apa ngaharéwos. “Tangkal mah siga anu henteu hirup, tapi nyatana beuki kuat, jauh leuwih kuat batan urang. Piara tangkal buah téh, Apa hayang metamorfosis jadi tangkal buah.”

Imajinasi kuring henteu sanggup néwak anu aya dina émutan Apa. Kuring saukur ngarasakeun, Apa téh nuju diajar deui ningali, diajar deui ngadangu, diajar deui ngararasakeun. Tapi basa kuring yakin, arék nyoba-nyoba nepikeun naon anu kapikiran, Apa kabujeng henteu kiat. Apa geubis di jamban. Di jalan ka rumah sakit, dina lahunan kuring, Apa ngantunkeun.

Lanceuk-lanceuk kuring daratang. Poé kadua sabada Apa dikurebkeun, lanceuk-lanceuk kuring marulang.

“Alusna mah manéh ayeuna milu ka Aa ka Kalimantan,” ceuk A Helmi. “Aa rék muka usaha percetakan. Manéh anu kudu ngokolakeunana. Sabaraha waé modalna, ku Aa disadiakeun.”

Tapi kuring leuwih milih miara tangkal buah anu jangkungna kakara satuur. ***

Pamulihan, 16 Maret 2016 / 17 Februari 2017

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: