• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Mamal J

Nu Daratang Maturan

Kintun kana Facebook

Tos méh sataun nganjrek di dieu. Apa sareng Mamah mah jarang ameng, talibra baé handapeun caringin. Tétéh sareng uwa duka ka mana. Padahal harita angkat sareng samobil. Sok aya kétang sakapeung, ngawurkeun kembang bari babacaan. Sapertos basa tos lebaran kamari, Tétéh sareng uwa sarumping nganggo acuk sareng tiung sarwa hideung. Duanana ngajingjing karinjang eusi kembang. Wur… Kananga jeung siksikan daun pandan mancawura.

            “Teras ka palih ditu, Téh!” uwa nunjuk ka caket gawir nu handapna makplak kebon entéh.

            “Sumuhun, Wa,” sora Tétéh semu dareuda. Teu lami katingal murubut cisocana.

            “Entos, Téh,” Uwa ngarerema Tétéh bari anjeuna gé nyusutan nu ngembeng na socana ku saputangan.

Saatos babacaan, duanana caralik dina luhur batu nu teu tebih ti sisi jalan. Neuteup ka lebah abdi nu ngajanteng di kebon entéh. Teu katingalieun bangunna mah da taya riuk-riuk ngagentraan. Kitu ogé ka Apa sareng Mamah, Tétéh sareng uwa neuteup ka lebah tangkal caringin nu ngarampidak, padahal Apa sareng Mamah ngajanteng di dinya.

Méh satengah jam Tétéh sareng uwa ngalongok, teras aruih deui. Mang Daman supir uwa, ngantosan peutaseun jalan. Uwa dituyun ku Tétéh lebet kana mobil nu teras ngabiur ka tonggohkeun.

Mimitina mah asa karesel di dieu téh, teu aya batur ameng. Saprak ningali Si Mamang éta asa resep. Duka saha atuh, nyoléndang sarung, sirahna maké kupluk. Sok katingali lebah tanjakan, mulung roko nu dialungkeun ku nu ngaliwat. Socana mureleng, mun nu ngaliwat teu maliré. Si Mamang leuleumpangan lebah tanjakan. Aya nu tingjarerit. Teuing saha da sorana mah ti landeuh.

Si Mamang mah mun aya nu tingjarerit téh bangun nu sugemaeun. Nyéréngéh pikasieuneun. Abdi sakapeung sok noong handapeun ruyuk nu rembet ku jukut. Bréh katingali mobil nangkarak, panumpangna duka kumaha. Abdi mah sok teu wasa ningalina ogé da sok sieun.  Komo mun tos ningali seueur jalmi hég aya pulisi sagala, duka aya naon teu ngartos. Abdi mah sok tuluy nyumput di pengkereun Apa sareng Mamah..

***

Tempat ameng abdi mah di kebon entéh. Resep paragi lulumpatan. Pami tos kesel, metikan kembang babadotan nu reuteum di sisi jalan atawa ngudag-ngudag kukupu nu haliber saban soré.

Sakapeung sok diajar tétérékélan kana tangkal Kihujan nu ngajajar mager kebon entéh. Tapi naha bet tiasa ngalayang. Muhun, abdi tiasa ngalayang. Awak mani asa harampang. Anjeucleu na puncer tangkal atawa ucang-ucang na dahan nu laér bari ningalian nu lalar liwat di jalan.

Hiji mangsa mah aya mobil kolbak ngaliwat, nu tarumpakna barudak sapantaran abdi, nganggé seragam. Mani resep katingalina, éak-éakan sarusurakan. Abdi luncat tina tangkal kana kolbak, tapi kalah ka labuh da mobil mani nyemprung ka tonggohkeun saatos supirna ngalungkeun roko sabatang. Disanggap pisan ku Si Mamang.

Ongkohna labuh ti nu luhur, tapi teu karasa nyeri. Belenyéh Si Mamang ngajak seuri bari gugupay. Alim ah, émut kasauran Apa sareng Mamah, teu kénging nyaketan nu teu wawuh, bilih diculik saurna. Tapi Si Mamang éta mah katingalina bageur. Sok cicing na handapeun tangkal nu iuh bari ngalepus udud, pésakna merekis ku roko meunang mulungan di sisi jalan. Mun usum hujan mah katingali sok calik handapeun rungkun. Diharudum sarung. Duka ti mimiti iraha aya di dinya, sareng duka urang mana Si Mamang téh, abdi teu terang.

Pasosoré kamari, langit lénglang taya pihujaneun. Kapal ngaliwat di langit nu luhur, hérang ngaborélak. Emut nuju di lembur, mun arameng jeung babaturan hég aya kapal hiber, sok tingcorowok,

“Kapaaaaaal ukeun aciiiiis………” réang bari tanggah ka luhur.

“Ukeun acis! Ukeun acis!” bari lulumpatan.

Kapal leungit nyulusup kana méga nu semu hideung. Tos kitu mah anteng deui arameng di buruan. Abdi mah sareng babaturan tiluan caralik émok dina térlas, ngadon énclak. Batu leutik laleucir campur siki salak minangka kaulinan.

Réréncangan pameget maraén bal di buruan. Kantos hiji waktos mah dicarékan ku Bi Hotim nu buruanana dianggo méngbal. Harita kaca bumina peupeus kaséntér bal. Barudak pameget kalah lalumpatan nyarumut. Atuh Bi Hotim meupeus keuyang ka nu araya. Abdi gé kénging kacarékan da kaparengan ameng di dinya. Lega tuda buruan Bi Hotim mah, iuh deuih ku tangkal kérsén. Raoseun dianggo ameng téh.

Ayeuna mah duka di marana réréncanganna gé tara katingal deui. Hoyong pisan pependak sareng réréncangan, sareng guru, sareng Téh Nia nu sok ngawuruk ngaos. Sareng sadayana wéh nu sok abring-abringan uih sakola.

Emut ka Téh Nia, anjeunna kacida leukeun ngawuruk abdi sareng réréncangan. Ngaos téh matuh tos netepan magrib. Ngariung di madrasah. Hanca abdi mah alif-alifan kénéh, tutunjukna nyéré daun kalapa atawa ku keretas kénging Téh Nia nilep-nilep, dicungcungkeun keretas téh. Duka kumaha ngadamelna da pokona raoseun dianggo tutunjukna. Eta tuda ku nyéré mah sok ical baé, atawa ngahaja dipotongkeun ku réréncangan nu sok hareureuy. Ku keretas mah rada awét meueusan, da sok diselapkeun dina Juz Ama.

Mun pareng hujan, uih ngaos téh sok dipapagkeun ku Mamah, dipayungan bari ngelék tas nu abdi. Abdi mah ngaosna dugi ka isa. Bada isa Téh Nia ngawuruk Tétéh sareng balad-baladna dugi ka tabuh dalapan. Tétéh mah uihna sok sareng Apa, da madrasah sareng masigit téh pagigir-gigir. Sok ngabring sareng bapa-bapa nu aruih ti masigit. Apan bapa-bapa gé sok tolab heula dugi ka tabuh dalapanan. Sanaos tebih bari jalanna hieum gé tara sieun Tétéh mah da uihna gé ngalabring.

Abdi mah ngalabring kitu téh upami uih sakola. Sok marapah sareng réréncangan, janten teu karaos capé. Pami haus kantun eueut da abdi mah sok mekel kempis. Tara patos jajan da emam gé dibekelan sangu ku Mamah kana misting. Resep pisan upami jam istirahat, aremam bari silih raosan réncang sangu.

            “Emamna teu kenging bari hareureuy!” Bu Guru ngelol tina panto.

            “Uhun, Bu,” sadayana rempeg.

Bu guru nu tos ka luar kalah lebet deui ka kelas, teras nyempeurkeun ka abdi.

            “Néli emam sareng naon?”

            “Sareng ieu Bu!” ngacungkun goréng jaér.

            “Euleuh goréng lauk, sing raos nya,” Bu Guru gumujeng bari ngusapan mastaka.

            “Tilas emamna engké bérésan deui nya, pan méjana dianggo belajar deui. Tong hilap wawasuh panangan.”

            “Uhun Bu,” rempeg bari ngosom, neraskeun deui hanca ngahuap.

Ni’mat pisan emam téh. Bu guru mah teras kaluar kelas. Isin badé nawisan téh, hég jigana moal kersaeun bu guruna gé.

Ayeuna mah sangkilang tos lami teu emam asa teu karaos lapar, duka kunaon.

Duh, pami tos émut nuju ameng di lembur sareng mangsa sakola, teu karaos cisoca ngeclak. Kumejot hoyong uih, tapi teu terang jalan. Asa hésé pisan ngantunkeun ieu patempatan téh da sakurilingna dipager ku halimun nu teu tiasa ditembus. Pami panonpoé nyorot ti wétan, katingali halimun nyingray. Tapi ari disampeurkeun kalah poék ngandelan, ngahalangan jalan. Sakapeung kararos linglung, asa nuju dikerem ku carangka halimun nu ageung.

***

Ayeuna mah ameng sorangan waé, ukur ningalikeun Si Mamang ti katebihan. Apa sareng Mamah mah tara ngaréncangan. Pami disampeurkeun ka tempat obona paling imut bari ngusapan, tara nyarios nanaon. Sakapeung hoyong nangis sing tarik, tapi hésé. Ukur cisoca nu gareclakan. Duka kunaon Apa sareng Mamah jadi tara nyarios, boa bendu kitu? Enya jigana mah bendu pédah harita basa badé angkat ka Subang ngalongok Enin téa, Apa sareng Mamah ngahulag abdi ngiring.

Bilih kakantun hanca ngaos, saurna.

            “Néli mah antosan di bumi sareng Bi Nina, nya?” saur Apa rada ngolo.

            “Alim, hoyong ngiring!” bari baeud rék sahinghingeun ceurik.

            “Ngké uihna dipangmésérkeun cocooan,” Mamah ngolo.

            “Alim, hoyong pendak sareng Enin!” abdi ngajorowok bari lolongséran na ubin.

            “Moal diajakan, moal diajakaaaaan….” Tétéh kalah ngaléléwé teras ngajebian. Abdi mah nging wé ceurik satarikna.

            “Hus nging kitu, Téh!” Mamah molototan Tétéh nu kalah seuseurian.

Bi Nina, rayina Mamah, ngais abdi.

            “Ngké urang ka pasar malem sareng Ibi, yu?”

            “Aliiiiiiiim…” abdi keukeuh, ka pasar malem mah paling gé naék korsél. Ah, bosen. Kabayang pami ngiring mah resep. Bakal jalan-jalan ka kebon danas, sok aramis danas ti kebon Enin mah.

            “Atuh kakantun hanca ngaos, Néng?” saur Apa

            “Wiiioooooooooos…!”

            “Yey, Néli mah ni teu beunang dicaram,” Mamah katingal keuheuleun.

Abdi jejeritan mingkin tarik, “Ngiriiiiiiing…. Pokona ngiriiiiiing!”

Ahirna mah Apa sareng Mamah ngéléhan.

Teteh nu tadina moal diajak ogé ahirna mah diajak da bakal sisirikan upami abdi diajak, hég Tétéh henteu.

Mamah calikna di payun, kéncaeun Apa. Di jok pengker, Uwa calikna di tengah, da abdi sareng Tétéh mah sok resep caket jandéla. Sajajalan resep heureuy sareng Tétéh. Uwa mah nundutan waé padamelanana téh.

            “Téh, tingali tatangkalan lalumpatan,” abdi nunjuk ka luar jandéla kaca mobil.

Tétéh ogé ningal ka luar tina jandéla kaca.

            “Ih, Enéng. Maenya tatangkalan lalumpatan,” Tétéh mésem

            “Cobi, tatangkalan atawa mobil nu lumpat téh?” Apa tumaros

Abdi ngahuleng sakedap teras ngabarakatak. Uwa nu nuju nundutan reuwaseun, gugah teras luak-lieuk bari nyusutan késang nu renung na taarna.

Sapanjang jalan nu kaliwatan éndah pisan. Pasawahan nu héjo ngémploh ngampar sapertos permadani. Kaselang ku kebon sampeu, sayuran, teras kebon entéh.

Jalan katingal leucir saatos hujan. Lebah tanjakan, duka palih mana, mobil mogok. Apa katingal ngoprot késang bari teras nyetater mobil. Tapi angger teu daékeun waé hirup. Mamah kutuk gendeng.

            “Da ceuk Mamah gé meujeuhna ganti mobil téh. Hayoh waé dikukut mobil butut téh!”

            “Ih ieu mah ari nanaon téh sok tara sabaran. Ké heula atuh, urang distater deui,” Apa némbalan. Apa sareng Mamah kalah hog hag. Uwa mah katingal babacaan. Tétéh kalah merenyéng hoyong pipis. Antukna Teteh turun sareng uwa, badé ngiring kahampangan ka warung nu aya di sisi jalan. Abdi mah ngahéphép wé.

Duka kumaha ka dituna, mobil karasa mundur. Apa katingal tipepereket nyepeng setir mobil. Mamah jejeritan waktu mobil mundur teu katahan. Ti dinya tos wé abdi mah teu émut nanaon. Titingalian janten poék, basa beunta abdi tos aya di kebon entéh ieu nu sakurilingna dipager ku halimun.

***

Sonten kamari mah teu hujan. Si Mamang katingali deui ngelepus udud di tengah jalan. Muhun di tengah jalan, teu sieun-sieuneun katabrak. Ti katebihan aya beus nyemprung. Klaksonna disada terus. Si Mamang nyéréngéh, pikasieuneun. Galéong….. galéong….. beus gagaléongan. Jebréd! Neunggar gawir dua kali. Nu tingjarerit teu pararuguh sorana, katingali nu maracleng tina kaca jandéla beus.

Abi hoyong ningali, tapi sieun. Teu lami nu tadina teu empés-empés tinggalolér baloboran getih jol garugah. Luak-lieuk niténan sabudeureun. Ku abdi digupayan, diajak ameng sasarengan.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: