• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Wahyu Nungtun Élmu

Kénging Muhlas, S.Ag. M.Hum
Kintun kana Facebook

Pamahaman umum, kecap élmu loba pisan hartina, gumantung dina ngalarapkeunana, utamana pikeun jalma-jalma nu miharep ngahontal sagala nu jadi udaganana. Mun tani hayang mukti tangtuna maké élmu tani, mun dagang hayang untung tangtuna ku élmu dagang, mun pajabat hayang adil tur amanah geus pasti maké élmu kapamimpinan, mun ahli profési hayang leuwih nanjeur tur sohor éta ogé sarua maké élmu nu luyu jeung profésina, jeung élmu lian-lianna. Singketna, élmu bakal mawa kalancaran dina ngudag tujuan.

Lian ti élmu, manusa ogé boga kayakinan nu teu bisa dimomorékeun keur dijadikeun pituduh dina ngahontal cita citana, nyaéta wahyu/kitab suci pidawuh nu Maha Agung.

Anapon nu leuwih husus mah, élmu téh sok dihartikeun pangaweruh anu geus disusun kalawan sistematis, nu bisa dilarapkeun kalawan universal, jeung bisa dipertanggungjawabkeun sacara ilmiah/akademik. Kawengku ku aturan anu geus tangtu/metodologi,  boh éta rumpun élmu nu sosial humaniora atawa rumpun élmu nu fisik alamiah. Ku alatan élmuna, manusa jadi pamingpin di alam dunya sangkan bisa ngokolakeun, ngatur, tur ngaraharjakeun umat lianna.

Loba pisan kamonésan jalma ku lantaran élmuna nu ngabuahkeun téhnologi, boh dina widang sandang pangan tur papan, telekomunikasi, transfortasi, militér, hiburan jeung sajabana. Nepi ka lampah manusa bisa leuwih babari tur hampang dina hirupna. Élmu anu ngawujud dina téhnologi boga tujuan keur ngaladénan ka manusia sangkan hirupna genah tumaninah.

Dina prak-prakanana, saperti élmu téhnologi geus ngabuahkeun kamajuan keur kahirupan manusa di sisi séjén, tapi di sisi séjén deui élmu jeung téhnologi geus mawa balukar kurang hadé. Da, mimitina mah téhnologi éstuning keur nyubadanan kahayang manusa, tapi geuning lila-lila mah jalma geus ampir dikadalikeun ku élmu jeung téhnologi, malahan loba pisan nu geus mawa masalah tur ngancam kana kahirupan manusa.

Sababaraha conto nu bisa dibandungan di antarana; téhnologi industri ngabalukarkeun polusi hawa, lingkungan jeung sosial, téhnologi militer geus ngabalukarkeun peperangan jeung musnahna kahirupan lantaran aya bom nuklir. Téhnologi komunikasi geus ngabalukarkeun gampang asupna budaya luar anu teu payus pikeun bangsana sorangan. Téhnologi transfortasi ogé ngabalukarkeun gancangna arus lalu lintas internasional anu sok dipaké keur kapentingan golongan nu boga maksud hasud, jeung sajabana. Pangna kitu, sangkan élmu jeung téhnologi henteu ngadatangkeun kamudorotan, atuh manusa kudu mampuh ngungkulanana.

Élmu jeung téhnologi, saukur boga kakuatan keur nganalisis, cara mikir logis, hirup jadi gampang tur praktis. Kitu deui élmu jeung téhnologi teu bisa nepungkeun hakékat kabungah, tujuan hirup di dunya, aturan hirup kumbuh jeung papada, jeung hukum-hukum dina kasakralan nu sifatna spiritual karohanian. Pangna kitu, nu bisa ngajawab pasualan ieu, iwal ti wahyu atawa kitab suci téa. Ku pituduh wahyu, manusia jadi apal harti  jeung hakikat ‘kabungah’, kakuduan hirup di dunya nu salamet, jeung apal kana perkara nu kudu, ulah, teu nanaon, leuwih hadé dilaksanakeun, leuwih hadé ulah dilaksanakeun (wajib-waram-sunah-makruh-jeung mubah). Kajinekan kitu, ngalantarankeun wahyu atawa kitab suci kudu diperankeun keur nungtun élmu jeung téhnologi nu terus mekar kalawan napak dina kamaslahatan keur karaharjaan manusa.

Dina tilikan épistemologi (falsafah nu ngaguar kana sumber élmu pangaweruh), wahyu jeung élmu téh, bagéan tina sumber pangaweruh. Alkitab/wahyu téh sumber pengatahuan nu dumasar kana intuisi haté nu kebek ku kayakinan hasil tina olah batin. Jalma anu mampuh narima wahyu/kitab suci éta jalma anu boga ajén rohani/spiritual nu luhur tur jadi pilihan Pangéran nu Maha Agung. Sedengkeun élmu dina harti husus nu ngabuahkeun téhnologi téh, sumber pengatahuan nu dumasar kana hasil pangalaman panca indera kalawan dibantu ku analisis akal hasil ujicoba. Élmu jeung téhnologi bisa kacangking ku saha baé asal daék diajarna tur katepi ku uteukna. Anapon iber atawa béja tina wahyu/kitab suci perelu pamahaman jeung tafsiran nu taliti, sangkan maksudna luyu jeung kaayaan jeung pangabutuh manusa dina jamanna. Lantaran kalimah-kalimahna lian ti ku basa nu jelas ogé ngandung kalimah nu pinuh ku siloka/métaforis.

Ku margi kitu, jalma nu mampuh ngama’naan wahyu, kaasup nu bener-bener nu masagi kanyahona tur boga ajén hirup nu luhung. Gambaranana, béja tina élmu jeung téhnologi kalimah jeung basana écés, jelas kalawan gampang ngahartinakeunana, sedengkeun wahyu kalimahna perlu tafsiran tur teu sagawayah nu mampuh nafsirkeunana.

Ku lantaran basa dina élmu téhnologi leuwih gampang ngahartikeunana tinimbang dina wahyu, mangkana élmu jeung téhnologi leuwih gancang majuna jeung gampang mekarna dina widang-widang nu luyu jeung pangabutuh manusa. Kitu deui, hirup manusa moal bisa lepas tina rékayasa élmu jeung téhnologi, anu sagemlengna geus mawa kana parobahan kahirupan manusa. Malah ku alatan kamonésan élmu jeung téhnologi, hirup manusa lir nu gumantung jeung diatur ku téhnologi.

Élmu jeung téhnologi geus méré jalan kahirupan, tapi nu méré jalan hirup kabagjaan mah jalan wahyu téa. Pangna kitu, sangkan hirup nu rancagé, mangka wahyu jeung élmu tehnologi sawadina kudu diadumaniskeun, nyaéta wahyu keur nungtun élmu. Laparna, antara wahyu jeung élmu téhnologi kudu ditempatkeun kalawan merenah. Wahyu kudu mayungan, nungtun tur ngadalikeun kamotekaran jeung kamajuan élmu téhnologi. Lantaran wahyu geus kauji ti jaman ka jaman mampuh nyalametkeun kahirupan jalma. Malahan wahyu nu bisa méré harepan kabagjaan manusa ka hareupna. Sok sanajan élmu téhnologi bisa méré jalan hirup jadi hampang, tapi mindeng ngabalukarkeun manusa jadi katalian hirupna, ngaruksak tatanan kamanusaan, teu bisa méré kabungah, nu aya malahan jadi balukar pegatna harepan.

Margi kitu, salah sahiji cara sangkan hirup genah, merenah, tumaninah bari bungah, teu aya deui iwal urang ngalarapkeun élmu téhnologi diluyukeun jeung papagon wahyu. Hartina, wahyu jadikeun sumber keur ngamekarkeun élmu téhnologi. Sabab geus jinek, yén sumanget jeung ciri wahyu nu utama nyaéta sangkan manusa bagja tur tengtrem keur dunya nu parat jaga ka ahérat.*** 

*) Ketua Jurusan Aqidah dan Filsafat Islam UIN SGD Bandung

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: