• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pulitisi Wanoja Ulah Ukur ‘Pangbibita’

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Hj. Wien Yoyo [Potrét/Ilustasi: ]

Dina Pemilu 2019 nu bakal datang, kawijakan ‘afirmatif’ nyalonkeun kaum wanoja keur wakil rayat (legislatif), geus kaopat kalina. Ti mimiti medalna aturan UU Pemilu nomer 12 taun 2003, UU pemilu 2008, 2012 nepi ka ayeuna UU nomer 7 taun 2017 nu jadi rujukan pemilu 2019, tetep sakurang-kurangna 30 persen keur jatah kaum wanoja di législatif, tetep jadi rujukan. Tapi dalah kitu, kawijakan ‘afirmatif’, nurutkeun panitén élmu politik Fisip UI, Sri Budi Eko Wardani dina tulisanana, singhoréng dijero partéy mah, henteu ieuh dijadikeun wujud tanggung jawab nu samustina. Da, buktina mah, loba caleg wanoja lir jadi ‘pangbibita’ keur ngala loba sora.

Karep jeung kaludeng wanoja nu harayang miang ka Senayan tangtu kudu luyu jeung kamampuhna. Lantaran, saterusna mah bakal nalingakeun pamaréntahan sarta bajoang keur kapentingan masarakat, hususna nu diwakilanana. Pangna kitu deuih, nurutkeun Hj. Wien Yoyo, Ketua Pasundan Istri (PASI) Pusat, kaum wanoja, boh keur calon DPR-RI, DPR-D boh keur calon DPD-RI, tangtu kudu nu payus jadi wakil rayatna. “Hartosna, calon wakil wanoja kanggo législatif ogé, sanés kanggo pamancing wungkul, namung nu leres-leres mampuh ningalikeun kapadulianana, kalebet caleg wanoja ti Jawa Barat,” saurna basa tepung disela-sela kagiatan PASI di Kantor Manglé Jalan Pangkur No. 15 Bandung waktu ka tukang.

Ngemban pancén wakil rayat lain joré-joré. Ka dituna mah lian ti ngemban pancén nagara téh, ogé deuih bakal mawa harepan masarakat. Hartina, wanoja nu rék diasongkeun ku partéy ogé misti nu bener-bener nu panghadéna. “Calon wakil rayat ti kaum wanoja, kantenan sanés kanggo pangbibita keur meunang loba sora. Margi kitu, nu badé nyalonkeun atanapi nu dicalonkeun ku partéyna ogé, saperti di Jawa Barat, nya kedah nu leres-leres nu mampuh, wanoh, ogé nu leres-leres nyaah ka wilayahna,” saur Hj. Wien Yoyo nu kantos ogé mancén Ketua I PASI Jawa Barat téh.  

Dina émprona, nu hayang dipilih, tangtu kudu némbongkeun karep, kamampuhan jeung ketakna nu kaijir pantes jadi utusan nu miang ka Senayan. Atuh ti ayeuna mula ogé, wanoja nu rék nyalonkeun deuih, misti titén kana pakarepanana. Upami panitén Hj. Wien kawas kitu, lantaran umumna, rayat mah aya kénéh nu cangcaya ka wakilna. “Caleg-caleg wanoja, kantenan sanés saukur puraga tamba kadengda. Pangna kitu, diasongkeun téh kedah nu calon jadi, sanés saukur kanggo pangbibita téa,” ceuk ieu inohong wanoja Sunda nu ogé Wakil Ketua PERIK (Persatuan Istri Purnawirawan) témbrés.

 

Nanjeurkeun Hak Wanoja

 

Hak wanoja bagian hak asasi manusa. Nanjeurkeun hak asasi wanoja, sarua jeung nanjeurkeun hak asasi manusa. Sabalikna, mun hak wanoja katideresa, hartina ogé aya sabagian manusa nu katideresa hak-hakna. Kitu deui, loba nu percaya, nanjeurkeun hak jeung kawajiban téh di antarana, bisa ngaliwatan dunya pulitik. Lantaran di dinya huluwotanna kakawasaan geusan matéahkeun wewenang keur kahirupan balaréa, kalebet nasib kaum wanoja. Atuh, kaludeungna wanoja ancrub kana widang pulitik gé, ceuk Hj. Wien sawadina kudu keur némbongkeun perjoangan jeung kapadulianana dina rupa-rupa pasualan wanoja salila ieu.

Rayat ogé bakal percaya, yén masing-masing caleg boga patékadan anu sarua, babakti ka lemah cai sangkan kahirupan bisa leuwih walagri. Angen-angen kawas kitu, bakal katangén sabada arinyana boga wewenang ngalaksanakeun pancén gawéna.
Lobana nu hayang babakti, kaasup kaum wanoja nu boga karep ancrub jadi caleg, keur rahayat mah kacida bungahna. Lantaran, ku cara kitu, aya harepan kahirupan sareng nasib kaum wanoja ogé bakal leuwih hadé batan saméméhna.
Lir dina hiji kulawarga, mun aya pihak séjén nu mikanyaah éta kulawarga, sakumna anggota kulawarga bakal bungah. Kitu deui, nu boga kawajiban nalingakeun jeung mikanyaah éta anggota kulawarga ogé bakal bungah. Da, ku cara kitu, nu boga karep mikanyaah, bakal aya harepan hirup nu leuwih raharja.

Ukuranana pangabdian, jinek, demi kapentingan balaréa. Hartina, saha waé nu boga karep babakti ka bangsa katut nagara, bakal ngaheulakeun kapentingan balaréa batan kapentingan-kapentingan séjénna. Palebah dieu, luyu jeung panitén Hj. Wien, perjoangan kaum wanoja jeung  panghormatan kana hak asasi kaum hawa, jinek ngabutuhkeun tanggung jawab sakumna pihak, kaasup kana kawijakan nu bakal diperjoangan ku pihak législatif.

Kasadaran sakumna pihak kana-hak wanoja kacida pereluna. Lantaran, mémang dina kanyataanan mah, can saperti dina tiori téa. Palebah dieu, ngaliwatan lembaga politik, dipiharep rupa-rupa kahéngkéran wanoja hususna, bisa diungkulan. Ku kituna, bajuang keur nanjeurkeun hak-hak kaum wanoja, jinek butuh cara nu jinek ti sakumna pihak, kaasup ti kaum wanoja nu boga karep ludeung rék nyalonkeun wakil rayat.

Geusan nguatan karep kaum wanoja dina rupa-rupa widang, butuh léngkah-léngkah anu jinek. Tangtu wé, loba pakalangaan nu bisa diasupan ku kaum hawa geusan nguatan jaringanana. Di antarana kana widang pulitik téa. Ngan nya kitu, ceuk inohong wanoja nu perenah mancén Ketua PASI Jabar 10 taun téh, sanggeus ancrub kana pulitik nu ilaharna jadi loba kasibukan, tetep ari ka purwadaksina ulah jadi pohoan. “Kiprah naon waé, pami tos nanjung mah, nu utami ulah hilap ka purwadaksina. Atuh dina politikna ogé, sapertos kitu. Saparantosna kénging rojongan ti rahayatna, pami nu tara hilap ka purwadaksina mah, apan kanyaahna ogé bakal teras nganteng,” pokna ngingetan.     

 

Ngukur Kakuatan

 

Peran wanoja di ieu bangsa payus jadi kareueus. Lantaran kitu, dina dunya politik ogé, poténsi kapilihna kaum wanoja jadi wakil rayat payus jadi perhatian. Anggapan kitu deuih, lantaran paktor pamilih wanoja nu beuki dieu beuki nambahan. Dina catetan Puskapol UI sababaraha taun ka tukang, saperti dina Pemilu 2009, beubeunangan sora caleg wanoja nepi angka 22,45 persen (16 juta sora), sedengkeun di taun pemilu 2014 ngaronjat jadi 23 persen.

Namung kitu, nu jadi mariang ka senayan masih kawatesanan aturan di partéyna sorangan. Saperti numutkeun panalungtikan Riset Formappi (2013), singhoréng angkana leutik pisan caleg wanoja nu ditempatkeun diposisi kahiji, nu dianggap calon jadi. Minangka gambaran, dina pemilu 2014, caleg wanoja nu ditempatkeun di urutan kahiji aya 140 urang tina 2.465 kabéh caleg wanoja  (5.7 persen). Sedengkeun panglobana ditempatkeun dina nomer urut tilu (25,7 persen) jeung nomer urut genep (19,9 persen). Hartina, nomer hiji nu dianggap nomer jadi, henteu ieuh keur jatah caleg wanoja.

“Nya kitu téa, kapayunna mah caleg wanoja, komo di Jawa Barat mah, teu kénging saukur janten pangbibita wungkul. Hartosna, kedah aya di posisi nomer hiji nu dianggap nomer jadi téa,” ceuk Hj. Wien deui.

Ketak wanoja di dunya pulitik, lain saukur puraga tamba kadengda, pédah kauger jatah 30 persen. Tapi ancrubna wanoja mémang geus jadi hak politik warga negara keur némbongkeun kiprahna dina kapentingan bangsa ngaliwatan partéy pulitik. Lantaran kitu, ka hareup, sawadina ku lobana caleg wanoja, lain saukur keur ngaronjatkeun jumlah ‘keterpilihan éléktoral’ wungkul.

Karep kaum wanoja ngamajukeun bangsa ngaliwatan pulitik deuih, sawadina katara jeung karasa ku sakumna masarakat. Nu pangpayusna jadi tempatna, nyaéta ngaliwatan lembaga législatif téa. Sok sanajan kudu diaku, ketak kaum wanoja dina ieu widang gé héngkér kénéh. Pangna kitu, ajén wanoja di parlemén mangsa datang, butuh ‘kapasitas’ jeung kualitas, sangkan bener-bener mampuh ningkatkeun ajén-inajén dina rupa-rupa widang kapentingan, boh nu patali jeung kapentingan nasional boh nu patali jeung kapentingan pangwangunan di daérah.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: