• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

NGAWEWEGAN GEOPARK KARST CITATAH SANGKAN KAJOJO KA MANCANAGARA

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1534868525.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Wewengkon Karst Citatah nu aya di Padalarang, Kabupatén Bandung Barat, horéng mibanda poténsi wisata jeung kaéndahan alam pinunjul. Ngan hanjakalna, ieu wewengkon nu boga objek wisata situs purbakala Guha Pawon jeung Stone Garden Geopark téh kurang kaékspos tur ngan saukur jadi liliwatan.***

 

Poé Sabtu tanggal 7 Juli 2018 mah, wewengkon Guha Pawon nu pernahna di Balé Riung, Padalarang, Kabupaten Bandung Barat, béda ti sasarina. Rebun-rebun kénéh geus jul-jol jalma nu rék ngabandungan pedaran ti Tim Pengabdian pada Masarakat (PPM HIU) Universitas Padjadjaran. Dina éta acara téh baris dipedar ngeunaan pentingna folklor jadi sumber daya toponomi di Karst Citatah nu baris ngarojong kana kapentingan pariwisata di éta tempat.

Hadir dina ieu kagiatan pengabdian ka masarakat téh, Guru Besar Linguistik Universitas Padjadjaran, Prof. Cece Sobarna, M.Hum. nu ngokojoan sakaligus jadi pangjejer utama nu ngaguar ngeunaan toponomi, wawakil ti Fakultas Ilmu Budaya Unpad, Asri Soraya, M.Hum., Taufik Rahayu, M.Hum., nu nepikeun materi ngeunaan adumanis folklor jeung pariwisata, jeung Salehudin Fauzi, S.Hum., nu nepikeun matéri nulis jeung média sosial pikeun promosi tempat wisata. Para pamilon kagiatan, di antarana ti komonitas penggerak pemandu wisata lokal Dialogsenja, Forum Pemuda Peduli Kras Citatah (FP2KC), Citatah Rescue Team (CRT), pegiat kampung inspirasi Baksol MoveOn, Paguyuban Penca Silat Indonesia (PPSI), Pokdarwis Guha Pawon, jeung masarakat sabudeureun Citatah.

Wewengkon Karst Citatah, ceuk Prof. Cece dina bubuka acara, boga poténsi gedé jadi objék wisata nu kajojo ku balaréa, lantaran ku kaéndahan alam jeung potensi wisatana nu aya di ieu tempat. Lamun ieu wewengkon geopark dikokolakeun kalawan enya-enya, tangtuna baris bisa ngirut wisawatan-wisatawan nu datang, boh wisawatawan lokal boh wisawatan mancanegara.

“Nanging salami ieu mah wewengkon Karst Citatah téh kadang-kadang mung saukur janten liliwatan. Seuseueurna mah panalungtikan atawa perhatian téh langkung museur ka Geopark Ciletuh-Pelabuhanratu nu aya di  Sukabumi, padahal geuning di Citatah ogé aya geopark Citatah nu sami-sami ngagaduhan poténsi saé upami dikokolakeun kalawan leres-leres mah,” ceuk Prof. Cece nu museurkeun panalungtikanana patali jeung toponomi nu aya di Jabar Selatan jeung Jawa Tengah.

Patali jeung toponomi, Prof. Cece nandeskeun yén asal-usul ngaran-ngaran nu aya di tempat wisata saperti  di Karst Citatah ieu penting pisan didokumentasikeun, lantaran carita toponomina bisa dipaké modal pikeun mekarkeun pariwisata, “Nami tempat téh janten gapura munggaran kanggo langkung mikawanoh éta tempat. Margi, dina hiji nami tempat, biasana ngagaduhan carita sajarah nu tangtos waé lebar upami dugi ka leungit atanapi dimomorékeun. Tina nami tempat ogé tiasa kapaluruh pituduh-pituduh jeung katerangan ngeunaan kapunjulan atanapi kahéngkéran éta tempat,” pokna bangun nu manghariwangkeun.

Di nagara deungeun mah, ngaran tempat atawa toponomi téh ceuk Prof. Cece deui, bisa jadi hiji branding nu kawentar ka sakuliah dunya, siga ngaran tempat Frisian Flag nu mangrupa ngaran hiji tempat nu aya di Belanda nu kawéntar ngahasilkeun susu panghadéna di dunya. Frisian Flag atawa susu bendera téh apan di urang ogé pada mikaresep jeung jadi mérek susu kawentar saalam dunya.

“Di urang ogé saleresna aya nami tempat nu tos ngagaduhan branding, nyaéta Cibaduyut nu tos kakoncara ka manca nagara janten tempat atanapi puseur sapatu nu punjul. Horéng nganggo nami lokal ogé teu mangaruhan kana kualitas, malah janten kareueus nami lokal tiasa go internasional,” ceuk ieu guru besar widang linguistik bangun nu reueus.

Ari ayeuna, ceuk Prof. Cece deui, ku lantaran pangaruh globalisasi jeung moderintas, ngaran-ngaran tempat téh geus mimiti rarobah maké ngaran deungeun, siga Taman Batu nu robah jadi Stone Garden, teu nanaon ceuk Prof. Cece deui ari tujuanana pikeun ngaglobalkeun hiji tempat mah, asal ulah nepi ka ngaleungitkeun identitas lokal, sajarah, jeung caritana. Sok sanajan nu daratang téh umumna mah hayang ningali lokalitas hiji tempat.

“Di Pangandaran, kawentar aya tempat wisata Green Canyon, horéng éta téh aya nami lokalna, ari nami lokalna téh nyaéta Cukang Taneuh, mung nami lokalna janten kirang populer,” ceuk Prof. Cece bangun nu manghajakalkeun, “ari di wewengkon luar Indonesia atanapi daérah tapel wates, ngagentos nami tempat toponomi téh dipahing pisan ku margi pami identitas lokalna ical, nu dipikamelang téh baris diiwat atanapi  diklaim ku nagara séjén. Kasusna sapertos pulo Sipadan sareng Ligitan, boa-boa salah sahijina kumargi nami pulona nu teu ngakar kana budaya lokal,” ceuk Prof. Cece deui.

 

Ngaronjatkeun Wisata di Citatah

 

Patali toponomi jeung pariwisata, horéng di Citatah ogé aya ngaran-ngaran tempat nu poténsial ngabogaan carita sajarahna séwang-séwangan, saperti ngaran-ngaran lembur Tagog Munding, Cisitu, Cimerang, jeung nu séjénna. Nurutkeun Prof. Cece, éta tempat moal asal jeung sagawayah dingaranan Tagog Munding, pasti baheula aya hubunganana jeung munding, kitu ogé Cisitu nu pasti patali jeung situ, jeung Cimerang nu pasti aya hubunganana jeung arateul atawa nu mérang-mérang.

“Ku kituna, para nonoman sareng masarakat, kedah saenggalna ngadokumentasikeun sareng nyatetkeun carita-carita sajarah nu patali sareng nami-nami tempat, margi toponomi nami tempat ogé tiasa dijantenkeun pangirut kanggo wisatawan,” ceuk ieu pupuhu Program Doktor Ilmu Sastra di Fakultas Ilmu Budaya Unpad ngawanti-wanti.

Hiji guide wisatawan ogé, ceuk Prof. Cece deui, sakuduna boga pangaweruh lokal ngeunaan folklor carita masarakat sabudeureun, lantaran engkéna pangaweruh éta bisa dipaké pikeun nérangkeun ka wisatawan nu datang ngeunaan asal-muasal ngaran éta tempat. Guide ogé salila nganteur-nganteur wisatawan, teu bisa ngabetem, tapi kudu teras ngalalakonkeun pangaweruh-pangaweruh lokal nu jadi ciri mandiri di éta tempat wisata.

“Malih kanggo wisatawan mancanagara mah, aya nu ngurus sawah atanapi ngala gula kawung ogé, hal éta tiasa dijantenkeun bahan kanggo diterangkeun, komo deui sareng folklor carita masarakat ngeunaan tempat wisata éta, tangtosna bakal narik arinyana,” pokna deui.

Pikeun leuwih ngawewegan wisata nu aya di Citatah, Prof. Cece ogé kahareupna baris ngadatangkeun ahli husus pariwisata ka Citatah, kitu ogé dina mekelan masarakat ku pangaweruh basa asing, “Ka payunna baris disumpingkeun ogé ahli ti jurusan Sastra Inggris  atanapi basa asing sanésna, ku margi tangtos peryogi pisan penguatan tina sisi basa asing, margi ka tempat wisata téh ayeuna mah tos jul-jol wisatawan asing, upami guide atanapi warga nu aya disabudeureun tempat wisatana teu ngartos basa Inggris, tangtos janten hiji pausalan,” ceuk Prof. Cece deui.

 

Folklor di Citatah

 

Ari nurutkeun sékjen FP2KC MH. Anang Hadiat, wewengkon Karst Citatah nu ngembat ti Rajamandala nepi ka Padalarang téh aya patalina jeung legenda Sangkuriang nu teu laksana kawin ka Dayang Sumbi. Wewengkon Citatah téh jadi dapur tempat diayakeunana hajatna Sangkuriang. Ngaran-ngaran tempat nu aya di Citatah téh aya hubunganana jeung legenda ngamukna Sangkuriang atawa leuwih sohor ku carita ‘Amuk Sangkuriang’.

Nurutkeun Anang, ambekna Sangkuriang nu teu tulus kawin téh lain ngan saukur najong parahu jeung ngungudag Dayang Sumbi, tapi ogé ngubrak-ngabrik tempat hajat jeung dapurna, nu kabeneran aya di daérah Citatah.

“Seueur nami toponomi nu patali sareng legenda Sangkuriang  murang-maring di Citatah, sapertos Guha Pawon nu hartosna dapurna waktos tatahar kanggo nikah, Pasir Leuit, Pasir Pabéasan, Gunung Hawu, Pasir Kancahnangkub, Pasir Bendé, Guha Ketuk, Pasir Manik, Cibukur, Karang Pangantén, Gunung Masigit, nu sadayana aya hubunganana sareng tataharna rék nikah Sangkuriang sareng Dayang Sumbi, malih Gunung Masigit mah saurna badé dianggo tempat akadna,” ceuk Anang panjang lebar.

Teu cukup ka kitu, sabada direncanakeun ijab qobul di Gunung Masigit nu bolay, kaambek Sangkuriang nu ngungudag Dayang Sumbi ku cara luluncatan ogé nurutkeun Anang deui tuluy jadi ngaran wahangan Ciluncat, tina Sangkuriang nu luluncatan ngungudag Dayang Sumbi. Sabada capé ngudag-ngudag nu teu kasusul waé, tuluy Sangkuriang ngaso. Tempat ngasona sangkuriang, tuluy dingarana Rancamoyan.

Di dérahah Citatah ogé, salian ti raket patalina jeung lalakon Sangkuriang, aya ogé titinggal artefak laut purba atawa peradaban prasejarah zaman neolitikum nu kungsi ditalungtik ku sabaraha ahli arkeolog. Lian ti éta, nurutkeun Anang deui, di daérah Stone Garden ogé, aya patilasan Pangeran Santri/ Raden Paku Haji ti karajaan Sumedang Larang nu bisa dipaké wisata religi. “Salian ti ka Guha Pawon sareng Stone Garden, seueur ogé nu sarumping ka Karst Citatah téh tujuanana teras jarah ka makam Pangeran Santri atanapi Raden Paku Haji,” pokna mungkas obrolan.***

 

Katgam:

 

  1. Prof. Dr. Cece Sobarna, M.Hum. (kenca), pangjejer utama nu ngaguar ngeunaan pentingna toponomi pikeun pariwisata (Foto: Ridho Abdillah)
  2. Pamilon Pengabdian pada Masarakat (PPM HIU) Universitas Padjadjaran “Folklor sebagai Sumber Daya Toponimi untuk Menunjang Pariwisata” (Foto: Ridho Abdillah)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: