• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Mohamad Zaini Alif., S.Sn.,M.Ds

NGAJAK BARUDAK SUNDA DEUKEUT KA ALAMNA

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1534870272.JPG [Potrét/Ilustasi: taufik rahayu]

Miang tina pangalaman hirupna keur leutik nu kacida dalitna jeung kaulinan barudak. Dr. Mohamad Zaini Alif., S.Sn.,M.Ds, pengkuh nalungtik kaulinan barudak. Lain waé kaulinan nu aya di tatar Sunda, tapi ogé nu aya di Nusantara jeung mancanagara. Kumaha pamanggih jeung tarekahna ngeunaan kaulinan barudak nu jaman kiwari nu mingkin kasilih ku kaulinan-kaulinan modern? Zaini medar lalakonna.

 

***

 

Ngawangkong ngeunaan kaulinan barudak jeung Dr. Mohamad Zaini Alif., S.Sn.,M.Ds téh dina sela-sela acara Fokus Grup Discution (FGD) Bidang Permainan Rakyat. Ieu kagiatan téh diayakeun dina raraga nyusun pokok pikiran kebudayaan daérah Disbudpar Kota Bandung rukun gawé jeung Fakultas Ilmu Budaya (FIB) Universitas Padjadjaran (Unpad), Zaini kapeto panitia jadi salah sahiji panyatur pikeun medar pamanggihna ngeunaan kaulinan barudak babarengan Dr. Teddi Muhtadin, M.Hum jeung Taufik Ampera, M.Hum.

Perkara kaulinan barudak atawa kaulinan tradisional, nurutkeun Zaini mah, inyana kungsi ngilu icikibung nyusun undang-undang kabudayaan di Jakarta, awalna loba nu adurenyom jeung rarang-rorong, seueur pisan padungdengan ngeunaan kaulinan barudak, “Saur nu sapalih ngarah kana widang garapan kabudayaan, saur nu sapalih mah ngarah kana widang pendidikan, ari saur nu sapalihna deui mah, kaulinan barudak téh ngarahna kana hiji tarékah pikeun ngalawan hégémoni deungeun,” ceuk Zaini muka wangkongan jeung Manglé.

Hal éta, ceuk inyana deui. Kadieunakeun lain waé jadi padungdengan di puseur, tapi di provinsi ogé tetela sarua. Di Dewan Kebudayaan Jawa Barat misalna, aya sababaraha anggapan yén kaulinan barudak téh ngan saukur dianggap hiji kagiatan barudak nu miceunanan waktu. “Ari kecap ulin mung aya di Indonesia nu pihartoseunana caket-caket kana kaheureuyan téh, da upami ningal di nagri deungeun mah, sapertos di Belanda sareng di Jepang misalna, kecap ‘bermain’ sanés identik sareng hiji padamelan nu teu aya paédahna, tapi langkung caket kana alat peraga. Ulin ogé di nagri deungeun mah langkung nyoko kana natahakeun atanapi nurutan kagiatan sepuhna, sapertos pipilotan, mamasinisan, kokokian, sareng nu sanesna,” ceuk Zaini nu kataji ku kaulinan barudak ti keur SMP kénéh.

Lamun di Jepang jeung nagri deungeun séjénna mah, ceuk Zaini deui, barudak ulin téh dijurungkeun. Ngan, apan séjén deui jeung nu kajadian di urang ayeuna. Ari di urang mah, lamun barudak loba ulin téh sok kalah tuluy dicarékan atawa dicaram. Kaulinan barudak ogé di nagri deungeun mah mimitina dijadikeun dasar-dasar olah raga, nu tuluy ngaronjat atawa mekar jadi olah raga rékréasi, mun geus kitu karék waé mikiran olah raga préstasi.

“Pami di urang mah biasana sok gurung-gusuh hoyong engal-engal meunang préstasi, padahal tangtos aya tahapan nu kédah dilakonan supados nété tarajé nincak hambalan. Nembé wanoh kana nu namina olah raga, langsung dipiwarang voli, maénbal, badminton, atanapi nu sanésna,” ceuk Zaini doktor lulusan ti Fakultas Seni Rupa dan Desain ITB dibarung mesem.

Kaulinan engkle atanapi sondah misalna, di Brazil mah dianggo kanggo tahap awal ngalatih kakuatan suku. Matak tong anéh lamun pamaén-pamaén bola (maenbal) di Brazil jarago, bisa jadi lantaran ti keur leutikna kénéh dilatih ngaliwatan kaulinan tradisional sondah. “Di Brazil mung aya sondah sarupa, séjén deui sareng di urang nu aya sondah raja, sondah kincir, sondah kapal sareng seueur deui variasi sondah-sondah sanésna. Saur urang Brazil harita, ‘beunghar pisan cenah nagara urang mah,’ nu mawi sondah kincir mah saurna badé dilarapkeun ogé di Brazil, margi gerakana langkung mundel ti nu biasa. Tah, kitu perkawis sondah di nu sanés mah, kaulinan barudak téh ditataharkeun kanggo mayunan teknologi sareng gempuran ti nagri deungeun.”

Kaulinan barudak nu aya di Indonesia mah, kaasup pangbeungharna oge lamun dibandingkeun jeung kaulinan barudak di nagri deungeun. Lamun di Jepang aya 800 kaulinan, di Cina 600 kaulinan, di Finlandia 100 kaulinan, ari di Indonesia mah apan aya kana 2600 kaulinan barudak.

“Waktos urang luar nagri ngadangu sim kuring nyebatkeun kaulinan barudak nu aya di Indonesia aya 2600-na, sadayana ngaradeg maparin aprésiasi. Mung, sabada aya patarosan susulan, sim kuring rada tungkul, kumargi narosna téh, ‘aya sabaraha musium kaulinan barudak nu diwangunna?’ sareng ‘aya sabaraha kaulinan barudak nu diaplikasikeun di sakola-sakola?’, seunggah ngalawerna, da apan di urang mah teu aya pisan,” ceuk Zaini bangun nu manghanjakalkeun.

Lamun di Finlandia kaulian barudak aya 100, tapi ampir 80%-na tos lebet atawa terintegrasi ka sakola-sakola, musium, pariwisata, sareng lembaga-lembaga séjénna, “Hartosna di nu sanés mah sakedik tapi mundel, 100 kaulinan barudak, 80-na hirup sareng huripna. Di Jawa Barat waé tos aya 360 kaulinan barudak, hartosna ampir tilu tikelna ti kaulinan barudak nu aya di Finlandia,” pokna deui.

 

Pasualan nu Ngagejedkeun

 

Sababaraha pasualan patali jeung nyirorotna kaulinan barudak di masarakat, ceuk Zaini nu jadi panaratas ngadegna Kampung Bolang (kampung kaulinan barudak di lemburna di Subang) jeung Komunitas Hong di Dago Bandung, kaulinan teu leupat tina sabaraha hal saperti; langkana data kaulinan barudak, lantaran nalika Zaini di lapangan, loba pisan kapanggih kasus nu hayang nurunkeun atawa ngajarkeun kaulinan barudak, tapi pohoeun kana kakawihana atawa kana gerakanana. Euweuhna tempat kaulinan barudak ogé jadi hiji bangbaluh, “Upami di Jepang mah aya tempat khusus kaulinan barudak, séjén deui sareng di urang. Rajeun aya taman bermain, aya kembangan, dipageran, atuh murangkalihna sésah badé mijahna,” ceuk Zaini bangun nu manghanjakalkeun, “nanging, hal ieu sanés ngagul-ngagul naon nu aya di nagri deungeun, tapi pamugi waé hal ieu tiasa ngainspirasi sareng dilarapkeun ogé di urang,” pokna pinuh pangharepan.

Lian ti éta, geus mimiti langkana bahan baku pikeun kaulinan barudak ogé jadi hiji bangbaluh. Lantaran sababaraha kaulinan barudak butuh bahan baku nu kudu langsung dipetik atawa diala ti alam saperti hayang ngulinkeun gogolékan, daun sampeu nu segerna lamun di kota Bandung mah ayana di Cimenyan (luar kota Bandung).

“Di pasar-pasar di kota Bandung seueur pastina daun sampeu, tapi apan nu diperyogikeunana ogé daun sampeu seger kanggo gogolékan, sanes daun sampeu kanggo sayureun. Kitu ogé pami peryogi bahan baku-bahan baku sanésna kanggo kaulinan barudak sapertos daun jambu, daun kalapa, gebog, awi sareng nu sanésna, tos ngawitan sésah ayeuna mah,” ceuk Zaini deui.

Tapi sok sanajan kitu, pikeun masarakat kota atawa nu hésé pikeun ngamangpaatkeun bahan baku utama, aya ogé sababaraha masarakat nu motékar ngamangpaatkeun bahan nu aya di lingkungan, aya prosés transisional kana kaulinan barudak tina bahan-bahan tradisional kana bahan-bahan modern, “Sapertos sababaraha kaulinan nu digentos nganggo aqua, rorodaan tina awi kapungur mah, kiwari digentos nganggo aqua ditambihan sendal jepit,” ceuk ieu carogé Mia Rosmiati., S.Sn nu kiwari boga budak dua awéwé wungkul, Zanetta Queena Sunda jeung Zaheera Bellana Sunda.

 

Euyeub ku Ajen-inajen Filosifis

 

Kaulinan barudak, nurutkeun Zaini bisa ogé ditingali tina jihad konteks jeung tujuanana, naha kaulinan barudak téh aya balukarna  kana ngaronjatkeun karancagéan jeung kamotékaran dirina?  Naha bisa ogé jadi salah sahiji tarékah pikeun ngawangun tur ngawewegan karakter dirina? Ceuk Zaini mah, kaulinan barudak téh bisa nepi ka kituna.

“Sapertos kaulinan pérépét jéngkol, apan dina enas-enasna mah kalawan teu togmol éta téh ngadidik tim work atanapi kerjasama babarengan. Tina kaulinan pérépét jéngkol, apan urang téh jadi bagian babarengan sareng babaturan urang. Babaturan urang ngaitkeun sukuna ka urang, kitu ogé urang ngaitkeun suku ka manéhna, hartosna urang ngawiatkeun satengah awak ka babaturan, kitu oge sabalikna. Dina waktosna ngaléngkah atanapi ngaclog, kedah sasarengan, dina leumpangna sasarengan, kedah nuturkeun ritme sadayana. Ku hal ieu, kalawan teu togmol, barudak téh tos diajar rasa tanggung jawab sareng kumaha carana rukun gawé nu leres,” ceuk Zaini deui.

Dina kaulinan barudak, barudak bisa diajar pikeun mikawanoh dirina, saperti dina paciwit-ciwit lutung upamana, ‘paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka luhur ...’ , dina palebah éta, barudak nyiwit ka batur bari manéhna sorangan ngarasakeun ogé nyerina diciwit batur. Hal éta téh gaduh tujuan pikeun ngalati émosi jeung émpati barudak. Leuwih jauhna ti éta, aya ogé konteks papanggih jeung babaturan, berinteraksi jeung bababaturan, jeung nu paling utama bisa nambah babaturan.

Tina kaulinan barudak, bisa ogé barudak diajar leuwih raket mikawanoh alam jeung lingkunganana, saperti lamun pareng aya angin gedé, barudak dekul nyieun kolécér, lamun aya cai ditahan ku patpat gulipat, aya taneuh wer dikiihan jadi kakawahan, tuluy dikumpulkeun jadi kukuéhan dijajarkeun jeung dijualan ka babaturan maké duduitan tina daun, aya prosés ekonomi ogé di dinya. “Ku hal éta, barudak jadi wanoh kana alamna, taneuhna, caina, udarana, jeung tangtuna ka dirina. Malih lamun diteuleuman langkung jero, sabada konteks éta muncul, murangkalih bakal tiasa mikawanoh ogé ka Pangeranna, tapi wanoh di dieu langkung caket kana konteks-konteks atanapi sipat-sipat ketuhanan, kumaha kudu jujur, nilai-nilai ketuhanan versi anak-anak,” ceuk ieu dosen ISBI Bandung nu kungsi ngaprak ka Malaysia, Filipina, Cina, Jepang , Mesir, jeung Brazil téh mungkas wangkongan.*** (Taufik Rahayu)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: