• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Yus R. Ismail

Anu Ngagedur Luhur Bubur

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook

Unggal ngaduk bubur, Asri ningali pameunteu Apa ngalangkang dina pelendung sangu éncér. Sabada bitu, pameunteu Apa ogé ngahiang ngajadi hawa panas. Apa lir amarah anu taya anggeusna, angger melendung, angger ngaburakeun hawa panas. Meureun saukur lamun seuneu dipareuman eureunna téh.

Pameunteu Ema enya henteu katingali dina kalangkang pelendung-pelendung bubur téh. Tapi Asri ngarasakeun ayana Ema dina hawa panas anu ngahéab nebak beungeutna.

Sainget Asri, rasa kawas kitu téh dimimitian tujuh taun katukang sabada manéhna lulus SMK. Pasosoré bandar cau cunihin téh datang natamu, uplek ngobrol sareng Apa nepi ka magrib. Peutingna Apa ngageroan Asri, ngajak ngabadamikeun akad nikah bari sukuran manéhna jeung Pa Sutardi, bandar cau umur lima puluh lima taun anu tadi soré namu.

Tangtu waé Asri reuwas. Manéhna nolak sapajodogan. Manéhna masih hayang ngalaman gawé di kota. Atawa nuluykeun sakola lamun kasubadanan mah. Tapi Apa bendu. Amarahna henteu kawadahan. Apa nyeukseukan laklak dasar.

“Lamun anjeun hayang ngalaman gawé, komo nuluykeun sakola, saenyana bisa diobrolkeun, Geulis,” saur Ema isukna.

“Sanés saukur éta, Ma. Pa Sutardi téh apan tos kagungan istri. Tilu deuih. Kumaha lamun... “

“Apa téh ménta tulung ka hidep, Geulis. Apa téh kajiret hutang...”

Tangtu waé Asri kuciwa. Naha Apa anu kabeulit ku hutang tapi manéhna anu dikorbankeun? Ema ogé asa saruana. Ema henteu deui jadi tempat panyalindungan. Lamun Asri henteu lunta nuturkeun Ceu Wawang, lanceuk sabrayna anu gawé di Bandung, tangtuna Ema bakal terus ngolo sangkan manéhna daék dipihukum ku bandar cau cetuk huis téa.

**

 

Salila dua taun ngumbara di Bandung, saban Asri mulang, Apa jeung Ema ngabagéakeun ku rasa sono. Pacéngkadan basa Asri kabur alatan nolak dipihukum Sutardi bandar cau, teu aya tapak-tapakna acan, teu geuneuk maleukmeuk.

Tapi basa mulang kamari, basa obrolan ngaléok kana rumah tangga, Asri ngarasa raheut; anu kungsi ngagurat na jero haténa téh karasa peurih deui.

“Asri, Geulis, umur anjeun téh ayeuna dua puluh taun,” saur Ema. “Geus waktuna pikeun rumahtangga. Tingali wé ka sakuriling lembur, babaturan anjeun mah geus marangku budak. Ema gé jeung Apa geus hayang ngasuh incu.”

“Entong tungkul teuing kana pagawéan.” Apa nuluykeun. “Kasab néang rejeki mah bagéan salaki.” 

Asri baeud. Ceuk pikirna, Apa jeung Ema masih boga harepan pikeun ngarérémokeun manéhna ka bandar cau riab anak malah geus incuan sagala. Asri teu némbal najan sakemék. Papatah saterusna ngeunaan pentingna rumahtangga pikeun anu geus manjing umur, saukur ngaliwat kana ceulina.

Isukna, subuh-subuh, najan peré téh saminggu, Asri amitan deui ka Bandung.

**

 

Asri leumpang sapanjang jalan lembur bari rarasaanana mah henteu puguh. Ngambek, asa diteungteuingan. Tapi ogé henteu puguh, ngambek ku naon jeung diteungteuinganan pédah naon? Enya, da dina haté anu pangjerona mah, Asri ngaku, naon anu diucapkeun Ema téh enya pisan. Di lemburna, di Rancaoray anu jauh ka sisi jalan raya, awéwé dua puluh taun rata-rata geus marangku budak dua atawa tilu urang.  

Rancaoray téh lembur mencil di sisi leuweung Kareumbi. Butuh waktu tilu jam leuwih pikeun badarat ka sisi jalan raya di handapeun Cadas Pangéran. Enya ogé ayeuna mah réa ojég, tapi urang Rancaoray mah mimindengna badarat jalan motong ka pakebonan.

Keur urang Rancaoray, Asri kaasup budak awéwé anu mahiwal. Lulus SD barudak Rancaoray mah réréana henteu nuluykeun sakola. Maranéhna leuwih milih ngabantuan kolotna tani di kebon, di sawah, ngurus sapi peres, atawa gawé di kandang hayam anu beuki jlug-jleg di sabudeureun lembur.

Sataun dua taun sabada lulus SD, pangpangna barudak awéwé, mimiti aya anu rumahtangga. Lamun aya anu nuluykeun sakola ka SMP, méh kabéh barudak awéwé di Rancaoray mah geus garumeulis néangan pisalakieun. Kolot ogé apan hariwangeun lamun nepi ka umur dua puluh taun budakna acan manggih jodo.

Asri mah mahiwal lantaran hayang nuluykeun sakola ka SMK. Lulus SMP saenyana Apa ngajurung Asri pikeun gawé di kandang hayam. Tangtu waé tujuanna mah ngarah Asri bisa sagancangna mantuan kasusah kolot. Jeung pangpangna ngarah deukeut jodona. Tapi Asri hayang nuluykeun ka SMK.

“SMK mah ayana di kota kacamatan atawa kabupatén. Lamun henteu di Tanjungsari, nya kudu di Sumedang sakolana. Apa mah teu boga béayana pikeun mayar ka sakola, indekos jeung sapopoéna,” saur Apa harita.

“Ibu Bidan kantos nawisan ka Asri, upami Asri hoyong sakola ka SMK, Asri tiasa mondok di Panti Anak di Tanjungsari,” ceuk Asri sumanget. “Apa sareng Ema mah henteu kedah nyayogikeun béaya nanaon deui. Apa sareng Ema mah cekap ngahadep ka Ibu Bidan, carioskeun kahoyong Asri neraskeun sakola ka SMK. Ibu Bidan gaduh kenalan di Panti Anak téa.”

Ku sakitu ogé Asri téh kaasup mahiwal pikeun barudak Rancaoray mah. Tacan kungsi aya barudak Rancaoray anu sumanget hayang neruskeun sakola ka SMK, nungtun kolotna anu umumna henteu apal nanaon, pikeun néangan béja carana sangkan bisa sakola haratis.

**

 

Salila genep taun ngumbara di Bandung, Asri sababaraha kali pindah kasab. Kungsi gawé di Rumah Makan Sunda, jongko bubur, ngajaga warnét, Rumah Makan Padang, jeung toko kuéh. Hasilna, salain pikeun kaperluan sorangan, ogé pikeun mantuan béaya sakola adi-adina. Seragam sakola, buku, sapatu, tas, saban mulang ogé Asri sok mekel.

Ema sareng Apa tangtu waé bagja ningali Asri mandiri kawas kitu. Asri téh jadi kaagul lamun keur reureuh di kebon atawa di pangajian saméméh ajengan sumping. Tapi enya ogé jadi anu dipiagul, Asri teh angger jadi budak anu dipikahariwang. Lain waé jodona anu bangun acan mikir-mikir, tapi ogé kalakuanna anu mahiwal.

Genep bulan katukang, gétréngna jeung Apa henteu bisa diperuhkeun ku basa Ema anu leuleuy. Mimitina mah basa Asri mulang bébéja ngabismillahan usaha sorangan. Asri téh hayang dipangdu’akeun, da cenah usaha sorangan mah béda hawana, béda halangan-harunganana.

“Asri téh asa tos wareg kasab di batur, Apa, Ema,” ceuk Asri ngamimitian, sabada isya basa keur ngumpul di tengah imah. “Asri ayeuna téh ngawitan icalan bubur rempah, bubur anu pagalo sareng bungbu rempah-rempah. Resép rusiahna mah tos nimu, apan aya sataunna Asri damel di jongko bubur rempah. Du’akeun Asri, mugi tiasa janten pengusaha, Apa, Ema.”

Tangtu waé Asri henteu nyangka Apa bakal ngabudalkeun amarahna. Amarah anu bangun geus disidem ti jauhna.

“Manéh téh enya-enya budak anu kabalinger! Pinter kabalinger!” saur Apa bari sorana semu ditahan. “Mindeng Apa téh nahan diri nempo kalakuan manéh. Tapi ayeuna mah geus kaleuleuwihi. Pantrangan! Pamali pikeun kulawarga urang, pikeun urang lembur Rancaoray, pikeun jual-beuli Nyai Sri! Manéh hayang disupata ku karuhun?”

Asri ngembang kadu. Bakat ku teu nyangka. Bakat ku reuwas jeung henteu kabayang najan satungtung buuk. Keur leutik enya Asri kungsi apal aya pamali di lemburna. Pamali nyésakeun sangu dina piring, pamali ngadagangkeun paré anu disebut Nyai Sri téa. Tapi apan éta mah baheula. Pamali nyésakeun sangu dina piring mah bisa kaharti kénéh. Ari pamali ngadagangkeun paré, béas, atawa sangu, pamanggih Asri saukur kabodoan karuhunna anu meureun kungsi bangkar basa balantik kadaharan tina paré. Asri saukur molohok basa Apa ngabamblam ngeunaan pamali balantik Nyai Sri.

**

 

Isukna Asri ka Bandung deui. Dibaturan ku Ujang, adi sabrayna anu geus dua taun lulus SMP, Asri ngamimitian dagang bubur rempah. Mimitina dagang maké roda nguriling perumahan-perumahan. Ujang anu ngadorong roda, Asri anu ngaladangan. Maju ka genep bulan mangkal di hareupeun imah tipe 22 anu dikontrakna. 

“Bubur urang téh geus ngawitan katelah, Téh. Tadi aya nu mésér, saurna tos sababaraha dinten ngantosan urang ngalangkung,” ceuk Ujang. “Saurna, kedahna upami urang badé mangkal ngawartosan heula ku napelkeun béwara dina témbok, atawa ngadamel spanduk.” 

Asri imut. Aya bagja jeung reueus dina dadana. Sanggeus hésé-capé ngokolakeun anu leuwih ripuh batan gawé di batur, usaha bubur rempahna mimiti karasa aya kamajuan. Mimiti aya langganan, mimiti aya anu mesen, mimiti aya anu ngahaja balanja bubur pikeun oléh-oléh.

Tapi saban ngadonan bubur, haté Asri mah beuki ngarakacak. Rarasaanana beuki henteu pararuguh. Dagangna mimiti malaweung. Sakali mangsa mah kungsi peré sagala bari alesanna teu puguh. Ujang henteu ngartieun. Komo basa kontrakan imah anu ngan sabulan sakali, cenah moal dituluykeun.

“Naha kunaon, Téh?” ceuk Ujang baluweng.

“Urang mulang heula, Jang. Satungtung Ema sareng Apa, enya Uwa manéh, henteu doa, haté Tétéh henteu bisa tenang,” ceuk Asri. “Roda, kompor, langseng, jeung sakumplitna, jual waé ka anu boga imah. Cenah Si Ibu téh hayang nuluykeun dagang bubur.”

Ujang tangtu waé kuciwa. Tapi henteu bisa kukumaha. Ongkoh deui manéhna ngarti kana kasusah lanceuk sabrayna. Sanggeus réngsé mah urus-urus sagalana, isuk-isuk maranéhna mulang naék beus jurusan Cirebon.

“Télépon Ema, Jang. Wartoskeun, Tétéh mulang ayeuna,” ceuk Asri.

Ujang nelepon Ema. Kitu salila dagang bubur mah, lamun aya kaperluan téh, sok Ujang anu nélépon kolot Asri.

“Assalamualaikum, ieu sareng Ujang, Wa. Ujang sareng Téh Asri, ayeuna nuju di jalan, nuju dina beus, badé uih,” ceuk Ujang semu ngagorowok, da puguh kasaweur ku sora beus.

Ema henteu némbal. Sanggeus hp ditutup, Ema neuteup ka Apa.

“Asri jeung Ujang mulang, ayeuna keur di jalan,” saur Ema.

Apa saukur molohok. Reuwaseun ngadéngé béja kawas kitu. Rét kana dus sadua-dua di gigireun korsi diukna, dus pinuh ku bungbu-bungbuan. Sora beus mungguh ngguruh.

“Pa, atuh urang ogé kedah uih deui, nya?” ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

yusep

upami tiasa mah, carpon na update unggal dinten, wios carpon anu tos heubeul pisan ge, hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: