• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Cece Sobarna, M.Hum

TOPONOMI DI TATAR SUNDA DIPAHING SAGAWAYAH DIGANTI

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1534870653.jpg [Potrét/Ilustasi: taufik rahayu]

TOPONOMI DI TATAR SUNDA

DIPAHING SAGAWAYAH DIGANTI

 

Ngaran tempat atawa toponimi di unggal wewengkon ngabogaan harti jeung tujuan nu teu sambarangan. Nurutkeun Guru Besar Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran Prof. Dr. Cece Sobarna, M.Hum., ngaran tempat jeung jalmana téh ngabogaan catetan sajarah, carita batin jeung mémori koléktif jalma nu hésé dipisahkeunana. Hartina, ngaran tempat téh teu meunang sagawayah diganti.***

 

Ngaganti ngaran tempat atawa jalan, apan ayeuna mah siga nu gampang pisan. Padahal nurutkeun Prof. Cece mah, ngaganti ngaran jalan téh loba tinimbangan jeung prosésna, ulah sagawayahna jeung sangeunahna, "Margi ari nami tempat mah aya patali sareng hubungan emosional antara tempat sareng jalmi nu nyalikanana," ceuk ieu dosén teureuh Bandung basa tepung jeung Manglé sababaraha waktu ka tukang.

Ngaran tempat, sok sanajan diganti ku ngaran pahlawan atawa hiji tokoh nu gedé jasana, ceuk kamandang Prof. Cece mah hal éta teu payus dilakonan, lantaran kadang-kadang ngaran lami tos kabujeng nyerep jeung nganteng dina haté jeung tatali batin masarakatna. "Nami jalan Kiaracondong contona, sok sanaos tos digentos janten nami Jalan Ibrahim Adjie, tapi masarakat tetep nyebatna Jalan Kiaracondong, kitu ogé jalan-jalan sanes di Bandung nu digentos ku nami tokoh, kasusna hampir sami," ceuk Prof. Cece nu kiwari nganjrek di wewengkon Kiaracondong, Bandung.

Ari tradisi ngaganti ngaran jalan ku ngaran tokoh biasana mah boga tujuan nu hadé, nyaéta sangkan éta tokoh leuwih dipikawanoh jeung hirup di masarakat. Ngan, sabenerna pikeun tetep ngahirupkeun jeung mikawanoh tokoh-tokoh téh bakal leuwih efektif lamun diwanohkeunana di lingkungan sakola atawa dijieun husus buku bacaeun masarakat umum ngeunaan catatan atawa carita sajarah perjuanganana.

"Upami keukeuh badé diabadikeun dina nami jalan, saéna mah dianggo nganamian jalan enggal atanapi gedung enggal, sanés ngangentos nami nu tos aya tur dipikawanoh ku masarakat, margi nami nu tos aya mah tos nganteng panineunganana." pokna deui.

 

Kurang Kareueus

 

Lian ti lobana ngaran jalan nu tuluy kalindih ku ngaran-ngaran tokoh, horéng kiwari mah ngaran-ngaran tempat di Tatar Sunda ogé loba nu mimiti kasilih ku ngaran-ngaran nu maké basa deungeun. "Ayeuna mah seueur nami tempat atanapi wewengkon nu kalah janten nganggo basa Inggris, padahal kirang kumaha kabeungharan basa Sunda, komo deui upami ditambih sareng basa Indonesia," ceuk Prof. Cece bangun nu manghariwangkeun.

Sababaraha ngaran tempat nu maké basa deungeun, misalna Green City View, Green Hill, Grand Panoramic, City Garden,  jeung réa-réa deui nu meleg-meleg maké basa deungeun. Aya ogé nu maké gabungan tempat asal basa Sunda jeung basa deungeun saperti Sweet Antapani, Cluster Cengkéh, Baturadén Technopark, jeung Capitol Dago Valley.

Lamun ditilik tina politik basa ogé, ceuyahna ngaran-ngaran basa deungeun lamun euweuh tarékah jinek pikeun ngungkulanana, lila-kalilaan mah tangtu waé basa Sunda jeung basa Indonesia téh baris kalindih ku basa deungeun. Nya ku hal ieu ogé, nurutkeun Prof. Cece, kareueus kana basa Sunda jeung basa Indonesia ogé bakal beuki nyirorot ti waktu ka waktu, basa deungeun teh geus mimiti jadi hal nu biasa jeung lumrah.

Ceuyahna ngaran deungeun téh nurutkeun Prof. Cece mah teu leupas tina sikep méntal masarakat nu masih kénéh boga anggapan yén naon waé nu jolna ti nagri deungeun téh teu weléh hadé, boga nilai positif jeung boga nilai jual luhur. Hal ieu, ceuk inyana deui, teu leupas tina  syndrome post-kolonial lantaran masarakat urang nu lila teuing dijajah nagri deungeun, tug nepi ka sagala nu jolna ti nagri deungeun diagung-agung jeung dipupujuhkeun, jadi wéh méh leungiteun jati dirina.

Cara ngungkulanana, ceuk Prof. Cece, taya deui  ti iwal kudu sagacangna nuwuhkeun sikep positif jeung kareueus kana basa sorangan ka masarakat, "Janten dikawitan tina maparin nami tempat atanapi kompleks téh, ayeuna mah ogé kedah ngagali martabat, harta, sareng basa sorangan," pokna tandes naker.

Lian ti éta, dina ngukungulanana ogé tangtu butuh peran nu daria jeung komprehensif ti pamaréntah jeung tokoh masarakat ngeunaan nilai jual basa sorangan. Kudu aya ogé édukasi nu bisa ngorabah mindset masarakat, ulah sapertos ayeuna nu kalah ngagung-ngagung basa deungeun, tapi kudu reueus tur nyaah kana basa sorangan.

Hal éta kudu sagancangna dilakonan ku pamaréntah, lantaran nu kasilih téh lain waé ngaran jalan, ngaran lembur, ngaran tempat, ngaran paimahan, tapi kiwari mah ngaran jalma ogé apan geus teu ngakar kana budaya sorangan, loba ngaran jalma nu jolna ti basa deungeun, padahal pituin Sunda.

“Badé kumaha urang Sunda ka payun? Ulah dugi ka jati kasilih ku junti dina sagala hal atuh. Nu dipikamelang téh nami Sunda bakal dugi ka icalna, padahal apan urang téh beunghar tur luhung ku budaya, aya basana, aya lemahna!" ceuk Prof. Cece bangun nu manghariwangkeun pisan.

 

Ngakar kana Alam

 

Ngaran hiji tempat biasana geus meunang mikiran kolot urang baheula, teu sambarangan jeung teu sagawayah. Kitu ogé dina méré ngaran budak, apan biasana geus meunang ngabubur beureum ngabubur bodas. Dina méré ngaran tempat, biasana kolot baheula dipatalikeun jeung lingkungan atawa jadi tanda nu nuduhkeun sajarah éta wewengkon, saperti Cartil atawa Caringintilu ngaran destinasi wisata nu populer di sabudeureun Bandung wétan.

"Kapungkurna di éta wewengkon téh aya caringin tilu tangkal. Malah basa keur budak mah  awal taun 70-an pami badé reup magrib téh sok ngahaja karumpul di buruan tanggah ningali kalong tingaraleut hiber ti béh kidul ka béh kalér, saur kolot mah harita nya éta ka wewengkon Caringintilu néangan kadaharan sarupaning bungbuahan. Malah harita mah bari ngawih ogé, ‘Kalongking kalongking bapa sia utah ngising’. Atuh kitu ogé di Sukabumi aya tempat nu namina Cibadak nu saurna kapungkurna di éta tempat téh seueur badakna," ceuk Prof. Cece nu ti mimiti taun 2015 nepi ka kiwari ngamimitian ngayakeun panalungtikan  Academic Leadership Grant (ALG) Unpad patali jeung toponimi di Pangandaran, Geopark Ciletuh-Pelabuhanratu Sukabumi, jeung di wewengkon Banyumas Jawa Tengah.

Ngaran-ngaran di tempat di daérah séjén ogé tangtu ngabogan carita sajarahna masing-masing. Ku tetep dipiara jeung dipupustina éta ngaran, hartina sarua jeung miara titinggal karuhun jeung catetan sajarah tempatna, "Margi ari nami téh janten titik pamiangan kanggo ngaguar langkung jero naon waé nu karandapan di éta daérah," pokna deui.

Di nagara deungeun nurutkeun Prof. Cece, saperti di Selandia Baru, aya ngaran tempat maké basa lokal tur panjang pisan, eta ngaran lokal teh jadi ngaran pangpanjangna sadunya, tapi sok sanajan kitu masarakatna tetep reueus. Ari di Tatar Sunda, ngaran-ngaran tempat biasana identik jeung unsur alam, utamana cai, ngaran-ngaran tutuwuhan, ngaran-ngaran sasatoan, jeung ngaran-ngaran Sunda séjénna. Aya oge nami tokoh, ngan teu seueur. Lian ti éta, toponimi unsur cai salian ti ci seueur ogé, saperti rawa (Rawabogo), leuwi (Leuwiliang), ranca (Rancaékék), jeung balong (Balonggedé).

"Nami tempat cai atawa ci mah kawilang paling dominan, malih aya ogé nu teras dikantetkeun sareng nami-nami tutuwuhan atanapi sasatoan, sapertos Cisalak, Cipeuteuy, Cibadak, Cikuya. Malah aya nu dikaitkeun sareng kaagamaan, saperti Cisantri di Pandeglang," pokna.

Lian ti raket patalina jeung unsur cai, tutuwuhan, jeung sasatoan, toponimi di tatar Sunda ogé raket patalina jeung kajadian nu jadi kasangtukangna, saperti ngaran Gua Santirah di Pangandaran nu asalna dicokot tina kajadian rajapati ronggéng nu ngaranna Santirah di éta guha. Kitu ogé di wilayah Sukabumi nu aya ngaran Pulau Kunti nu pernahna aya di kiduleun Sukabumi, hal éta ku lantaran cenah di éta pulo téh aya nu ngageugeuhna nyaéta jurig kuntilanak.

Dina éta kasempetan, Prof. Cece ogé ngawanti-wanti yén studi toponimi téh di batur mah dikaji kalawan daria ku lintas disiplin élmu, "Malih kiwari Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) tos ngadamel badan husus nu namina United Nations Group of Experts on Geographical Names (UNGEGN) nu gaduh pancén maparin rékomendasi nami hiji wewengkon. Janten nami tempat téh patali sareng identitas tur batin nu nyalikanana, janten dipahing diganti sambarangan, " ceuk Prof. Cece mungkas obrolan.*** (Taufik Rahayu)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: