• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon Asep Rahayu

Carpon - Peuting Munggaran

Kénging Asep Rahayu
Kintun kana Facebook

Peuting éta lembur geunjleung, Néng Kasih putra Haji Ohim leungit, si Ujang anak Kang Udin ogé ngilu leungit.

Tarawéh peuting munggaran harita téh basa Kang Udin jeung anakna balik norobos kebon juragan Gandi bari marawa sénter. Lain euweuh deui jalan da puguh jalan désa mah anyar disemén meunang gotong-royong sabada Kang Barna kapilih jadi lurah. Ngan édas muterna rada jauh. Tapi da lain Kang Udin wungkul anu kitu téh, nu lian ogé sarua. Komo barudak mah mun rék ngaraji ka masigit sok ngahajakeun ngalaliwat ka dinya.

Basa keur jongjon laleumpang, kadéngéeun aya nu humarurung. Kang Udin rungah-ringeuh bari nyebrot-nyebrotkeun sénterna ka unggal madhab. Langit poék, tatangkalan hararieum mun teu éra ku anakna kang Udin geus ngabecir.

“Tong nyényéréd waé, Sujang. Ieu bapa rék labuh!” cenah morongos ka anakna.

“Puguh sieun Ujang mah bapa. Éta aya nu humarurung. Boa-boa kunti!” ceuk anakna bari nyenyekel sarung bapana.

“Aya jalmi di dinya...” ceuk nu humarurung pegat-pegat.

Kang Udin jeung anakna ngarandeg.

“Bapa sieun, bapa...” anakna tipepereket nyekel leungeun Kang Udin

“Tulungan abdi...” cenah haroshos.

“Jurig bapa, juriiig...”

Kang Udin sabil, haténa nitah ningali nu ménta tulung, tapi kasieun ngalimpudan hulu.

“Hayu bapa uih, énggal...” ceuk anakna bari ngagugujrag kang Udin anu kalah ka ngahuleng.

“Astagpiruloh. Cicing sujang! Piraku urang sieun ku jurig. Sok ngadu’a kainyah.”

“Allohumma lakasumtu... wabika...”

“Na ari manéh, éta mah du’a buka puasa!” Kang Udin muncereng.

“Hayu urang téangan. Urang mah manusa, tong sieun ku jurig!” Kang Udin neger-negerkeun manéh.

Anakna ditungtun semu digusur da merod bari méwék.

“Sok ta’ud. Apal ta’ud?”

“Ap.. apal...”

“Sok atuh. Sing tarik!”

“Alohuma bariklana.. pimarojaktana...”

“Gusti! Éta mah do’a dahar sujang!” Kang Udin nyentak.

Lampu sénter disebrot-sebrotkeun deui. Gebeg! Bulu punduk Kang Udin narangtung, beungeutna ngadadak pias, késang renung saawak-awak.

“Bapa...naha sarung baseuh?” ceuk anakna bari ngaleupaskeun leungeunna tina sarung bapana.

“Euh...bau hangseur ah!” anakna ngejat.

Kang Udin ngayekyek méh cingogo.

“Bapa! Itu naon na handapeun tangkal nangka. Oyag-oyagan. Tuh merong ka uing!” ceuk anakna bari meungpeunan beungeutna.

“Tulungan abdi...” cenah ngahelas.

Kang Udin ngaringeuh sadar basa kacagap sarungna jibrug. Kawanina ngadadak hudang, manéhna ngarasa hina mun nepi ka sieun ku ngaranna jurig.

“Sujang, tuturkeun bapa!” cenah bari cengkat, panonna seukeut neuteup tangkal nangka.

Bari ruyrey manéhna terus ngangsrog ngadeukeutan sora anu haroshos. Beuki deukeut beuki atra aya awéwé ngalungsar handapeun tangkal nangka buukna awut-awutan bajuna rangsak teu puguh rupa.

“Tulungan abdi...” cenah leslesan.

Kang Udin ta’ud.

“Ari manéh, manusa?”

“Abdi Kasih, putra Haji Ohim...”

“Hah! Néng Kasih? Naha?” Kang Udin teu kebat ningali nu ngalungsar ngulahék.

Bari titatarajong kang Udin lumpat sakalumpat-lampét muru lembur bari jojorowokan. Atuh rabul jalma-jalma ka laluar ti imahna séwang-séwangan ngadon ngariung Kang Udin anu walahwah weuleuhweuh bangun nu owah.

Sanggeus tenang Kang Udin nyaritakeun papanggihanana. Haji Ohim anu milu ngabandungan ngusap dadana méh kapiuhan ngadéngé anakna teu walakaya di kebon musuhna.

Haji Ohim tuluy dibarawa ka rumah sakit di dayeuh, sedengkeun Mang Sarja pangebonna dituturkeun ku urang lembur muru kebon juragan Gandi.

Euweuh nanaon, euweuh sasaha. Nu matak hélok si Ujang ogé euweuh, padahal tadi ku bapana dititah tunggu, ilang euweuh urut-urutna acan. Kang Udin ngajoprak teu éling-éling, reuwas anakna ngilu leungit teuing ka mana.

Peuting éta lembur geunjleung, Néng Kasih putra Haji Ohim leungit, si Ujang anak Kang Udin ogé ngilu leungit.

Kebon, sawah, balong, walungan, rungkun-rungkun jeung tempat-tempat nu nyamuni taya nu kaliwat kabéh digalaksak, disingkaban, dikoréhan, diteuleuman weléh teu katimu. Néng Kasih jeung si Ujang leungit lir diteureuy  bumi.

Urang lembur gulinggasahan. Kasubuhnakeun basa tahrim mimiti kadéngé ti masigit, basa ibu-ibu mimiti tatahar keur nyadiakeun saur pikeun nu paruasa isukan teu kapaliré aya sababaraha jelema teuing ti mana jolna tingkelemet lantip pisan arasup ka lembur.

Lurah Barna lajag-léjég bari muril-muril kumisna, panonna neuteup seukeut hiji-hiji jalma anu keur dariuk di téras imahna. Pikiranana ngulibek, piambekeun nyedek minuhan dadana. Asa can kungsi aya kajadian ahéng kawas kieu di lemburna.

“Bener nu manggihan néng Kasih tadi peuting téh manéh, Udin?” cenah teugeug.

“Muhun,” Kang Udin unggeuk.

“Bener teu bohong, aya saksina?”

“Demi Alloh Kang! Keur naon abdi bohong nepi ka kudu kaleungitan anak,” cenah teu kurang teugeugna.

“Barina ogé lain tuluy dibawa Néng Kasihna ku manéh Udin, ngadon ditinggalkeun jeung budak. Belegug téh dibéakkeun ku sorangan.”

Kang Udin ngaheruk. Manéhna rumasa bodo, tapi ari kudu mawa Néng Kasih anu sakitu kaayaanana mah asa teu sanggup. Matak nepi ka ninggalkeun si Ujang ogé sina tunggu bakat ku ngarasa tanggung jawab. Tapi naha ayeuna manéhna nu disalahkeun?

“Calukan Cép Danu ka dieu, Ulis!” Lurah Barna maréntah.

Nu lain tinglalieuk. Tingparelong teu ngarti. Cép Danu anak juragan Gandi rek disaur? Naon urusanana asa teu nyambung.

“Urusan naon maké nyalukan Cép Danu sagala Barna?” Mang Sarja nanya.

“Ih ari mamang. Apan cép Danu téh di dayeuhna buka prakték jadi konsultan. Mamang nyaho konsultan teu?”

Mang Sarja gideug, nu lain ogé sarua.

“Euh dasar udik teu nyaho dikonsultan-konsultan acan! Ari konsultan téh tempat urang tatanya.”

“Jadi bisa nanyakeun naon waé?” Dalimin panasaran.

“Nya heueuh!”

“Oh, siga bah Darma jenatna?”

“Heueuh. Malah cép Danu mah leuwih sakti da nu sok naranyana ogé lain jelema joré-joré kawas urang. Tapi para gegedén. Juragan wungkul.”

Nu araya di dinya tingpolohok teu nyangka.

Teu lila Cép Danu datang papakéanana nécis percis urang dayeuh bari jeung sareungit. Nu araya nyingray méré jalan. Manéhna asup kana riungan.

Teu diengkékeun deui, Lurah Barna langsung metot Cép Danu ngajak ngobrol paduduaan di rohang tamu daria pisan.

“Regepkeun ku sararéa,” ceuk Lurah Barna.

“Ieu kajadian lain sembarangan. Aya patula-patalina jeung masalah karamat!”

“Karamat?!” ceuk nu hadir méh bareng.

“Néng Kasih teu kahaja tos kahampangan dina luhureun makam karamat!”

“Euweuh makam karamat di dieu mah ti baheula ogé, Barna!” ceuk haji Ohim nu kakara jol, morongos.

“Tadi cép Danu tos ngimpleng....”

“Ti iraha si Danu jadi dukun!” Haji Ohim mingkin murka

“Sanés dukun Wa Haji. Konsultan!”ceuk kang Udin.

“Naon urusanana konsultan pajak ilubiung kana masalah ieu!”

“Tenang Wa Haji. Upami Uwa teu tenang, Néng Kasih moal tiasa mulih deui...”

“Ari si Ujang?”

“Lamun Néng Kasih mulih, si Sujang ogé mantog!” Lurah Barna molotot ka Kang Udin

“Teu kaharti Barna! Pokona mun anak Uwa teu kapanggih poé ieu, pulisi bakal ngajorag ka dieu!” ceuk Haji Ohim bari ngagejlig ninggalkeun riungan.

Kang Udin jeung nu lianna naluturkeun ka laluar, ninggalkeun Lurah Barna jeung Cép Danu anu ngadadak sarepa.

“Ari encép sok lalawora. Kumaha tah mun geus kieu? Kaayaan jadi runyem, Wa Haji rék lapor pulisi,” ceuk Lurah Barna.

“Anéh! Ku abdi téh tos dikubur, dirarata. Tapi naha bet bisa ka luar?”

“Ayeuna di mana Néng Kasih jeung si Ujangna?”

“Duka!”

“Hah? Duka!” Lurah Barna kuat ka molohok.

“Duka kumaha ari Encép?”

“Muhun, duka da abdi mah ngan nguburkeun wungkul.”

“Ari nu kapanggih ku si Udin saha?”

Lurah Barna mingkin koleng, kalakuan Cép Danu sobatna anu geus ngabiayaan kompanyeu manéhna nepi ka kapilih jadi lurah matak ngabahayakeun posisina.

“Urang téang ka kuburanana atuh ayeuna.”

“Ké Kang. Nu apal tempat ngubur Néng Kasih mah si Badeur.”

“Har cenah tadi Encép nu nguburna?”

“Nu kalotor kitu mah atuh lain urusan abdi, Kang. Piraku kudu ku sorangan ngali kuburanana, bararaid teuing...”

“Jadi saha atuh anu nguburna?”

“Si Badeur!”

Kang Barna ngahuleng. Haténa mentegeg ngarasa teu dihargaan. Manéhna teu panuju ku kaputusan Cép Danu anu geus nyanyahoanan ngalibetkeun nu lian bari teu bébéja heula.

“Teu kedah hariwang, Kang. Si Badeur mah bisa dipercaya. Apan nu nabrak calon salaki Néng Kasih di dayeuh harita si Badeur, nepi ka ayeuna taya nu nyaho.”

“Ayeuna mana si Badeurna?” Lurah Barna teugeug.

“Tenang atuh, Kang. Kabéh gé bakal bérés. Percaya ka abdi,” cenah bari ngabetrikkeun cingirna.

Cép Danu nelepon si Badeur. Teu lila nu ditelepon ngurunyung, tuluy tiluanana rerencepan muru kuburan Néng Kasih.

“Moal aya nu nuturkeun?”

“Moal! Lembur aman, Cép. Warga keur tinglaliud di buruan imah Wa Haji,” ceuk si Badeur.

Tiluan kukurusukan nyasaran rungkun muru ka hiji tempat layon Néng Kasih dikuburkeun.

“Jadi anu ngalakukeun sakabéh rencana urang téh si Badeur?” Lurah Barna ngaharéwos.

“Leres, Kang. Jadi mun aya nanaon urang moal kababawa,” ceuk Cép Danu daria.

Kang Barna ngarénghap jero naker. Enya pinter geuning Cép Danu téh abong lulusan sakola luhur ti dayeuh, otakna moncér.

Coba wé salian ti sakola manéhna mah bisa meunangkeun anak pangusaha garmén di dayeuhna téh nepi ka jadi pamajikanana. Atuh beuki beunghar tah boga mitoha pangusaha. Duit keur Cép Danu mah lain masalah. Apan manéhna jadi lurah ogé ku jasana cép Danu anu ngamodalan bébéakan waktu pilkadés.

“Urang jadikeun lembur urang maju Kang, siga lembur nu séjén. Urang nyieun perumahan, mol, toko, pabrik. Mun Akang jadi lurah sagalana bakal gampang sabab Akang anu ngawasa lembur ieu,” ceuk cép Danu harita. 

“Teu sagampang kitu Cép. Aya anu dipikolot di ieu lembur. Omonganana leuwih didéngé batan omongan lurah.”

“Haji Ohim!”

“Leres pisan, Cép. Salian dipikaajrih téh panan tanahna panglegana di lembur ieu mah, tuang rama ogé kawon.”

“Moal engké mah. Pun bapa jeung mitoha abdi nu bakal ngawasa tanah di ieu lembur.”

“Carana?”

“Maké kakawasaan lurah, tanah-tanah di lembur ieu bisa pindah tangan.”

Kurah Barna unggeuk-unggeukan.

“Saha nu bakal nolak mun lemburna jadi maju. Bayangkeun, Kang. Tanah béh wétan anu lolobana milik Haji Ohim urang sulap jadi pabrik sabab di dinya aya sababaraha cinyusu nu bisa jadi modal nyieun pabrik, beulah kulonna jadi perumahan, pertokoan, mol...”

Paroman Lurah Barna ngadadak béngras.

“Kabayang pan piuntungeunana?” Cép Danu ngagakgak.

“Tapi Haji Ohim kumaha? Anjeunna pasti moal cicing.”

”Gampil éta mah. Keun urusan abdi.”

Lurah Barna ngahuleng.

“Urang ala mamarasna, Kang.”

“Maksadna?”

“Euh ieu mah kudu dibérélékeun waé. Ka dieu!”

Lurah Barna ngadeukeutan cép Danu. Geus diharéwosan mah Lurah Barna unggeuk-unggeukan bari seuri ngangkat jempolna.

Sajorélat Cép Danu ningali si Ujang keur leumpang ngadigleu mawa kérésék.

“Sujang!” Cép Danu nyalukan si Ujang, Lurah Barna reuwaseun.

“Geus ti mana ari manéh?” Cép Danu nanya.

“Ti Wa Haji,” cenah bari cungar-cengir.

“Lain leungit manéh téh?”

“Henteu,” cenah bari lumpat.

Lurah Barna jeung cép Danu silih pelong.

“Tah palih dieu tempatna téh, Cép,” ceuk si Badeur bari nuduhkeun gundukan taneuh anyar nu ditutupan ku dangdaunan.

“Buru-buru bongkar, Deur!” Lurah Barna maréntah.

Si Badeur buru-buru ngabongkar kuburan. Dangdaunanana disinglar-singlarkeun, taneuhna mimiti dikali ku bedog bawana. Lurah Barna teu sabar, manéhna ogé milu ngoréhan taneuh ku leungeunna.

“Sok atuh bantuan Cép, ngarah gancang!”

“Wah matak kalotor atuh, Kang...”

“Apan ieu teh keur kasalametan urang lin? Sok sok tong hayang ngeunahna waé,” Lurah Barna nyentak.

Sanajan kalékéd teu burung mantuan. Cép Danu milu ngoréhan taneuh kuburan anu anyar kénéh digundukkeun.

Goréhél téh aya mayit awéwé anu beungeutna geus ruksak, awakna pinuh ku tatu, buligir.

Cép Danu jeung Lurah Barna hareugeueun, leungeunna hideng nungkup irungna. Bau mayit téh cacakan karék sababaraha jam mah ceuk pikirna.

“Néng Kasih lain, Cép?” ceuk sora haji Ohim deukeut pisan.

Lurah Barna jeung cép Danu ngaranjug lain dikieuna. Maranéhna ngalalieuk. Awakna ngadadak ngagibrig paranas tiris. Sakuriling bungking geus ditingkeur ku pulisi nu samagréng pakarangna.

“Nuhun, Deur.”

“Sami-sami Wa Haji. Abdi gé nuhun kana kasaéan Uwa anu parantos nulungan pun anak anu keur sakarat di rumah sakit.”***

 

Hoyong neuleuman ieu carpon? Mangga aos timbanganana kenging saderek Yus R Ismail; http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1534905330 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: